PUASA II

Puasa Lain lapar hanaang mungkul...
Tapi... Nahan nafsu ameh pengkuh pancuh (takwa)…

Atuh teu kudu bari teu dahar teu nginum teu sahwat...
Asal pengkuh pancuh we?

...Enya ngan rek bisa kumaha nu bangga bangga..
ku roko kopi ku bujur ku eusi peujit geus teu kuat.

Na teu apal…euy?

Asalna nafsu teh tina eusi peujit…
bisa nahan eusi peujit moal kawisaya nafsu.....
Cobaan geura teu kaasupan tuluy….
Moal kudu cape cape pengkuh pancuh nahan nafsu…
sabab moal boga boga acan
Maneh sorangan ge moal aya.

Ngan dimana bisa ngatur ngamurba wisesa:
iraha asup iraha kaluar tina/kana peujit

PUASA


Puasa euy puasa.
Geus Lila teuing hirup sab nyatu sato dahar tangkal
make sahwat tuluy kabawa rarasaan gede angkeuh jadi maneh.

Duruk euy duruk sing jadi sir lantaran sari ras lantaran rasa,
Lain waktu lain wayah mah pantang rus ras
Rusa rasa dirasa rasa nu temah na samar rasa.

Tahan euy tahan.
Geus merenah mah euy ngeunah.
Gulang guling boga sari tingkah polah sab rumasa.

Tapi kade euy kade
puasa mah ngan milik jalma kuat.

IQRA

Ngilo nengetan ku kamatihan kamampuhan 
asma nu nyipta nu ngamurba 
ngauban nu usik malik 
ti kawit sakeclak getih; 

Tenget yen sadaya kanyataan 
purbawisesana nu maha mulya, 
nyaah asih na nu maha agung. 

Nu masihan terang 
ngalangkungan clik putih clak herang 
kasucian rasa nu medal na kereteg,
...emh Paingan.
Pamugi wae 
sadaya nu atos tiasa mancur na tangtung 
dina paneda nu usik malik 
kanyataan nugrahana nu ngauban 
murti embun embunan nu teras natrat leleran Hyang.
Rebu rebu nuhun, nun.