KAPRIBADIAN


Ulikan ngeunaan kapribadian mah 
Ulikan nu teu butuh batur, 
Butuh soteh ku nu ngabaturan. 
 
Nyaeta,...
Dina ngulik neuleuman ngalampahkeun kahadean 
Kayaning migawe kautamaan,
Milampah kasucian, 
Ngadegkeun tangtungan 
jrrd jrrd 
Najan sorangan sosoranganan ge 
Ulah luntur, ulah laas, 
Cadu unggut, pantang gedag. 
 
Ngan lamun seug loba batu batur najan lain babaturan, 
Komo mun sabatur batur, ngabaturan 
Pada pada bisa saalam ku manehanana dina ageman 
Meureun atoh meureun bungah 
Kahadean loba nu make 
Kapake dipake ku loba loba 
Da kitu bawana.

MURBAWISESA di sorangan


Cenah ge, 
Hayang nyaho kaalusan hiji jalma 
Tanyakeun ka balad ka baturna, 
Hayang nyaho kagorenganana 
Tanyakeun ka musuhna. 

Kitu oge ngeunaan maneh ku batur batur 
Alus goreng teh kumaha karesep kangewa nu ngukurna. 
Matak ingkeun bae, Ngewaeun ngadagleg di manehna 
Resepeun ngeunah di manehna; 

Ngeunah luginana keur samaneheun 
Kudu bisa murbawisesa sorangan 
Merad di kamutlakan 
Samutlakna samutlakna 
Kongas kasebut manjing ratu agung raja wisesa di sorangan. 

Poma ulah hayang di batur, 
Cumah, .......
Ukur kacape cape 
Sab Moal beunang pisan Moal ucul pisan.

TUMARIMA dina langit leungit euweuh

Taun  taun ngajalujur langit udageun 
Ku kahayang kadaek kaembung, 
Windu windu  ngajarumat jagat nu kasorang 
Ku panarima suka jeung henteu. 

Dina langit leungit euweuh 
Suwung pakeun jadi harepan, 
Dina jagat panas poek tiis eungap 
Taya kamarasan pakeun ngaub. 

Ku perbawa perbuka 
Gening kapanggih, 

Bentang bulan cangra ti peuting 
Surya mubyar ti beurang teh,
Bawana kahayang panarima. 
Nyatana, ...
kahayang nu tumarima. 

BRAY!

Surat Wanci Haneut Moyan dina Dangdanggula

Sagala puji kagungan gusti, Nu ngaraksa ngariksa saniskara, Nu nyaah asihna temen, Murba balitung tangtung,
Nya mung ka gusti abdi ngabdi, Miwah neda tulungna, Tuduhkeun kulanun, Jalan lempeng kenging ni’mat, Sanes jalan anu sasab sasar diri, Tur danget kabenduan.

1. PANGANTEUR

Cenah ge, Ieu surat  ngajantenkeun Sang Al Amin takbir,  sabab tos lami teu murti wahyu dugikeun ka dienye batur batur “ tah ayeuna mah euy….. gening geus ditinggalkeun gustina’. padahal ukur can parengna sab gening tara kendat diauban dituduhkeun dicekapan ti samemeh memeh ( 6-8).

Keur urang mah ayeuna kudu tibalik: kudu heula atawa sing daek heula lampah nu 3 ameh meunang ngalaman nu 3 deui. Naha? bisi urang mah pareng yatim (kabeh ge bakal yatim) ngarasa euweuh nu ngauban, pareng poek asa euweuh nu nuduhkeun, pareng butuh asa euweuh nu nyukupan. Batur ukur nepi ka moyok ukur nepi ka karunya. Nya lampah nu 3 diahir surat keur jadi tumbalna keur jadi palakiahna.

Nu 3 ieu teh dilembur mah enya enya jadi target atikan /itikad/angen angen/du’a kolot kolot keur barudakna harayang pisan bisa ningal barudakna teu sakama kama sakawenang wenang ka jalma susah (yatim); tara sengit keras lampah laku kanu butuh tulung-menta tulung ka manehna. Jeung bisa nembrakeun ni’mat nu aya dimanehna sorangan ka batur batur jeung ka dirina sorangan. Ari ni’mat teh pan ‘nambah’ nya nambahna kudu nepikeun ka nembrak meh puguh sykuranana da enya sykuraneun. Hartina harayangeun/ngarestokeun pisan supaya barudakna barisa daraek nulung kanu butuh nalang kanu susah nuduhkeun ka saluhureun nungtun kasahandapeun nyaangan kanu poekeun babarengan jeung sasama bakti diri ka nu maha suci. Nu dipamrih supaya engke karasaeun ku/dimana maranehna geus yatim, boga kapoek boga kabutuh teh bakal aya tulungna ti gustina sorangan nu teu weleh ngabaturan najan henteu ti baturna.

Matak nyareatanana kolot kolot wijaksana di lembur mah: ngolo budak sing daraek shalat dhuha ti leuleutik kolot mah tinggal memener shalat isyana. Naha? cenah ge geus kagok ongkoh kolot can wareg ku ngeunahna dhuha wanci gumebyarna langit kumaha merenahkeun maneh sanggeus isya dina wanci sepi jempling henang hening. Pikiraneun keur nu enya enya dina ngudag hakekat yatim meh wanoh ka kamuhammadan dina amprok jeung nu ngadangdanggula sanggeus wareg napakan asmarandana.

2. SURAT DHUHA (dina Dangdanggula)

Nyalindung ka maha agung, maha mulya maha suci, Allah nu maha uninga, tina poek sasar diri, alatan gogoda setan, nu nyiruruk nyiriwuri.
Kalawan asma Hyang Agung, marengan lampah sayakti, nu janten marga lantaran, sadaya usik ngajadi, nyaah asih taya kendat, nganteur mahluk nu kumelip.

1.Wad dhuhaa  2. Wal laili idzaa sajjaa  3. Maa wadda aka rabbuka wa maa qalaa  4. Wa lal aakhiratu khairul laka minal uulaa  5. Wa la saufa yu’tiika rabbuka fa tardhaa

Demi mangsa gumebyarna langit
Wanci haneut moyan saniskara
Jeung peuting nalika simpe
Teu pisan ngantep nundung
Pangeran anjeun teh ka diri
Sok sumawona ngewa
Sab diahir timu
Leuwih alus batan mula
Tur pangeran bakal masihan ka diri
Tug awak teh sugema

6. Alam yazidka yatiiman fa aawaa  7. Wa wazadaka dhaallan fa hadaa 8. Wa wazadaka aailan fa agnaa

Lain kapareng anjeun teh yatim
Nya mantena nu nangtayungana
Ngauban awak sakabeh
Tur dina pareng  bingung
Samar lampah geusan ngajadi
Mantena nu nyaangan
Nuduhkeun tangtung
Jeung  keur pareng kakurangan
Nya mantena sasaka tanggeuhan diri
Nu nedunan nyukupan

9. Fa ammal yatiima falaa taqhar 10. Wa amma saaila falaa tanhar 11. Wa ammaa bi ni’mati rabbika fa haddits.

Kusabab eta  ka jalma yatim
Poma tong lampah sakama kama
Sakawenang wenang  dewek
Tur kanu butuh tulung
Mementa ti awak pangasih
Tong  mere keras
Sengit lampah laku
Jeung kana ni’mat pangeran
Nu dipasihkeun geusan diri murti ngajadi
Tembrakeun tong pegat

Marebutkeun bener

Tangtu biasana jeung lumrahna malah geus kuduna kitu
Salila benerna ngan saukur keur sorangan sorangana.

Jadi ulah aneh ulah embung
Da engke lamun benerna geus keur sakabehna mah,
Tangtu cicing cicing moal sieun direbut
Moal kudu diparebutkeun moal marebutkeun
Da naon lebarkeuneunana kabeh pada boga pada sarua.

Tingali we nu geus pada pada ngarasa sa-bener
Jongjon marake babarengan.
Mun henteu mah moal eureun eureun moal repeh repeh.

Matak hayu euy sing tapis urang bebener benerna teh
Meh kaharti karasa kabukti ku urang urang yen enya gening
Eta teh bener!

BRAY.

SABAR

Cenah ge .....
Mun meunang kasenangan lumrahna nganggap geus dimulyakeun diganjar dirahmat jrrd jrrd,
Mun meunang kasusahan ganggap keur dicoba dihukuman asa teu diasih diteungteuinganan jrrd jrrd,

Komo mun senang/susahna tutuluyan.

Ngan nyaeta, nu dipamrih saenyana lain obah obah ning pangrasa nganggap kitu nganggap kieu asa dikitu asa dikieu pedah susah pedah senang. Tapi kudu sabar (kuat/wekel). Boh keur senang boh keur susah. Sabar ku susah sabar ku senang.

Jeung deui ari ku susah kudu sabar mah geus puguh,
Ngan utama pisan upama bisa sabar wekel ku senang.

BRAY