IEDUL FITRI DI SUNDA JADI BOBORAN SHIAM JEUNG LEBARAN.... NAHA EUY? MANA NU ENYANA? (I)

PANGANTEUR


Baheula mah sab lebaran sok di lembur kecap Boboran shiam teh paling sering kadenge/kaucapkeun ku kolot kolot -jeung ti nu leuwih ngora ka nu leuwih kolot- lamun keur silaturahmi dina poean lebaran, sasalaman bari aris deudeuh nyarariosna raos lentong sareng anteb rengkuh dadasar tata titi jalmi berbudi:

"wilujeng boboran siam ….teh ceuceu/ akang /ayi /uwa/ mang/ mbi/ nden/ agan/ cep…. neda hapunten tina samudaya kalepatan…..-sok rajeun ditambahan kukecap arab saeutik- ‘minal aidin wal faidzin’.

Ari kecap lebaran, sering kadenge/kacaritakeun utamana jadi obralan barudak/babaturan/’satingkat’ nu nandaan poe anggeusan puasa ramadhan bari libur sakola/gawe, mudik, ngahiji jeung dulur dulur sanak kadang, kadaharan loba, ulin kaditu kadieu. Kecap Lebaran asa boga rasa kecap nu loma; ”Lebaran rek kamana wae euy? “; ”lebaran kamari mah teu seubeuh euy libur ukur 2 poe”; “lebaran ka 2 urang panggih di anu nya” jrrd jrrd...arang kadenge kaucapkeun dilembur mah make basa sunda nyebut ‘wilujeng lebaran’. Tuluyna lebaran teh jadi kecap nasional –lain disunda wae- ‘selamat berlebaran’, ‘selamat hari raya lebaran’ ‘selamat libur lebaran’ ‘hadiah lebaran’ ‘jalur lebaran’ jrrd.. bari tara kadenge/kaucapkeun ‘selamat hari raya boboran siam’.

Sedengkeun kecap Idul Fitri ukur kadenge/kabaca dina buku agama, dina kalender, da’wah ustad/kiai/ajengan, jeung obrolan urang masjid. Cenah poe anggeusan puasa ramadhan teh poe balik ka fitrah, poe balik ka kasucian/wiwitan, poe kamenangan/unggul juritan jrrd jrrd. Bari asa ‘tojaiyah’ jeung saru ongkoh rek/keur dahar loba, hajatan, kariaan jeung ulin, teu puasa deui, sahwat deui, ongkoh jadi poe wiwitan lubar dosa siga orok deui; poean geus meunang hasil puasa bari enggeus/eukeur/aya dina poe fitrah poe suci tapi keukeuh raresep keneh ngadoakeun “taqobalallahu…jst” naha lain samemehna puasa ameh dina idul fitri tinggal ngarasakeun hasilna teu kudu dido’akeun deui. Hayoh deuih, ngadongeng/nitah puasa syawal jrrd jrrd padahal keur ‘hari raya’. Ingetan teh harita mah ukur…..”ah da kitu meureun pagawean ‘guru/ustad/kiai/ajengan/urang masjid’ mah beukina ngingetan umat meh teu kamalinaan teuing sukan sukan di poe lebaran”.

Kadieunakeun, sanggeus ngasaan cicing di lembur batur terus rame dunya maya biasa urang irang nyebut/ ngucapkeun/ nuliskeun ‘happy / enjoy eid mubarak’ ka batur batur nu lain sunda/Indonesia.

Beda beda kitu teh teu ieuh riweuh, 'EGP weeh…...' Nu penting mah akur jeung batur. Hayangna lebaran ngilu; hoyongna boboran mangga; iedul fitri wae jadi; rek menta maaf ngeunah da beuki; rek nga/didoakeun nuhun da butuh; rek saukur mere ‘greeting’ baeu; munjungan kudu, jarah lebaran guna, dibere/disuguhan dahar loba nepi ka kamerkaan sering, kariaan ulin kaditu kadieu jeung make baju alus/ anyar resep; nganggap wae poe wiwitan keun, poe kasucian/kajayaan heug ari enya mah caritaan agama teh lain ngabibita nyingsieunan mungkul.

Ngan ayeuna loba alo jeung suan katut barudak liana nu teu apal sundana jadi natanyakeun kumaha beda saruana? naon maksudna? nanahaaon disunda mah bet jadi boboran jeung lebaran? – teu saeutik nu aaraban/babaratan teu beukieun kecap/cara sundana. Matakna urang tuliskeun meh sakali dodongengna –teu cape ngabudah, jeung di upload seja nurutan batur batur nu sok raresep ngabejaan bulu tuur pedah keur usumna bari untung sok loba/aya wae nu ngomean jeung nambahan.