BAGBAGAN KASUMEDANGAN (II): KAPAJAJARANAN?


ONJOYNA ULIKAN KASUMEDANGAN

Saperti nu disebutkeun di bagian saencana yen KASUMEDANGAN mangrupakeun ulikan ulikan nu lengkep ngeunaan elmu elmu ka pajajaranan kaasup kasumedangan lokal memeh sumedang larang jadi puseur nagara. Ku sabab eta loba nu diajar kasumedangan:

1)      Leuwih gampang dina diajar atawa neuleuman leuwih jero ngeunaan ulikan ulikan kapajajaranan nu mimitina atawa pernah mekar samemehna di luar sumedang larang kayaning misalna wae ulikan jadi sasaka sakawayana, kanyataan ngeunaan ratu galuh, sasaka ujung kulon jrrd  ku cara teu kudu upruk aprak heula cukup metakeun kasumedangan.

2)      Dina kuduna kaditu ge, ka daerah asalna / nu pangheulana manggihan eta elmu, tempat pernah mekarna elmu, ukur ngakurkeun/ngasakeun/nganuhunkeun atawa teu kudu meulina ti awal mula deui. Misalna wae, dina inditna ka pulo sari wahanten girang ujung kulon sanghyang sirah, memehna ka Agrabinta ngadongkang ka sindangbarang pakeun manggihan deui rintisan SUNDA JATI (Tarumanagara/Salakanagara/Sunda) ge geus boga referensi nu lengkep tina kasumedangan memehna ameh teu salah madep nu engke diadumaniskeun jeung purbatisti purbajatina Galuh nu jadi tuturus ngajenglengna Pajajaran.

3)      Apaleun kana asul usul na elmu/ulikan. sebut wae diantarana, najan ulikan tilem/ngahyang/kasampurnaan bisa kahontal ku kasiliwangian/kasumedangan jeung oge ku cara Islam tapi nu diajar tilem pasti apaleun yen nu mendakan ngawitan di sunda ngeunaan eta ulikan teh luluhur agung Sang Seuweu Karma Batara Kuli Kuli ti Saung Galah Kuningan-. Kahontalna teh saparantos masieup  inovasi inovasi ulikan ramana, Sang Sempak waja  nu nyaean jalan jalan jalma nu dina paehna menta bantuan sato (munding). Sedengkeun, cara paeh make bantuan munding salah sahiji metoda teknik nu memehna disebarkeun ku salah sawios luluhur Galuh ka nusantara – nu diantarana aya nu dipake ku jalma jalma  pakeun jadi/nyieun alam ‘kasorgaanana’ sorangan samemeh dunya ieu rusak/kiamat qubra- najan watang ageungna mah metu ngalangkungan Sang Wretikandayun.  Loba teknik-teknik jeung panta-pantana cara ninggalkeun alam dunya -panggorengna nu paeh kasarad-pang ponclotna tilem. Tilem   satuluyna disampurnakeun teknik teknikna diantawisna ku Rahyang Wastu Kancana ku Sri Baduga sareng nu sanesna generasi generasi saatosna - Tingali kabeungharan ulikan kasumedangan ka 33, Salah sahiji prinsip/tips ulikan diantarana geus  nerap di lembur lembur yen lamun ka kabuyutan rengganis (dayeuh luhur) sumedang tempat nu tilem teu meunang make/mawa batik  (tingali:  naha teu meunang make/mawa batik ka dayeuh luhur) lain pedah ngewa ka jawa/cirebon/batik -nu nyebut kitu mah ukur ula ilu ngabeo jalma bodo nu resep baceo.

SURAT AL ‘ADIYAT (nu tarik melesat) dina Maskumambang

KINANTI

Nyalindung ka Maha Agung,
Maha mulya Maha Suci,
Allah nu Maha Uninga,
Tina poek sasar diri,
Alatan gogoda setan,
Nu nyiruruk nyiriwuri.


Kalayan asma Hyang Agung,
Marengan lampah sayakti,
Nu jadi marga lantaran,
Sadaya usik ngajadi,
Nyaah asih taya kendat,
Nganteur mahluk nu kumelip.


MASKUMAMBANG



1. Wal ‘aadiyaati dabhaa 2. Falmuuriyaati qadhaa


Demi kuda perang nu lumpatna tarik
Ngahegak hos hosan
nu talapokna mun nitih
Bijil geni tingburinyay

BAGBAGAN KASUMEDANGAN (I)



ADEG ADEG

‘Tong jauh jauh euy,…ka sumedang geura, Puseurna elmu sunda mah aya di dinya’  mangrupakeun caritaan daria oge kadang bari heureuy kawas caritaan nu teu siga siga nu sok remen kadenge puluhan taun ka tukang lamun ruang riung jeung batur batur nu keur raresep ngabahas ngeunaan waja waja nu tos semplak warisan kaluhungan luluhur luluhur nu agung agung. Enyana mah gening, pamanggih kitu teh aya benerna tapi bari ayeuna mah loba salahna.  

Aya benerna sabab baheulana Sumedang teh, di ahir jaman sumedang larang,  pernah mangrupakeun puseur dayeuh karajaan nu kapilih neruskeun Pajajaran sanggeus pakuan (pajajaran) burak. Jadi, munasabah mun nu ngarana di puseur dayeuh kumpul  inohong inohong ti sakuliah nagri pajajaran nu nepingajarkeun elmu panemuna, salah sahiji  pusat atikan/‘binayapanti’na harita pernah aya mekar di daerah WARU Sumedang. Satuluyna,  dina geus semplak nu jadi wajana dibeungkeutkeun kana hiji realm nu katelah KASUMEDANGAN nu masieup kasumedangan ‘local’ versi samemehna nu jadi warisan  pakeun kabeungharan seuweu siwina. Bakating ku warna warna jeung euyeubna kasumedangan nepikeun ka nu osok nererusajarkeuna ge tara tarapis dina kabeh ulikan kasumedangan tapi biasana manjing ngan dina pokona nepikeun ka bisa nuduhkeun ngajarkeun anu laina.

Loba salahna, nyaeta sabab eta mah baheula ayeuna mah wallahu alam hartina barang can tangtu/geus teu tangtu, ngan nu pasti aya mah tapak tapakna urut urutna patilasan patilasana nu warna warna. Ku kajadian  kasauran pamuk sumedang larang baheula ‘nu nuturkeun aing, cadu ngawula ka menak’ nya para satmata para budimana bubar nyebar deui ka masing masing padikana. Sumedang larangna ge malah tuluy kaereh deungeun.

Sumedang ayeuna mah ukur sagede kabupaten nu sok dipoyok/dilebarkeun lain larang,  alus, mahal, mulya, jarang lantaran ‘outstanding’, ‘haram’ diganggu, teu bisa dibuka/kapanggih/diasupan/diganggu sagawayah deui tapi cenah ge ukur sumedang nu ngarangrangan. Kamulyaanana maruragan kaditu kadieu kamana mana nu aya tinggal regang/rangrangna mungkul, paling paling tempatna ukur jadi  daerah ‘penyangga’, liliwatan lamun rek ka tanah ukur jeung puseur dayeuh. Najan sugan wae dina nepikeun ka tinggal regangna ge ari engkena tuluy dihujanan dipupukan deui mah lila lila daunan deui buahan deui hejo lemboh deui mulya larang deui.