IBADAH JEUNG PAMUSRIKAN, DIMANA LEBAH LEBAHNA ? (2)

Kalam Kasundaan No 43: 
II. PAMUSRIKAN

Kaayeunakeun kusabab ‘misah’na cara nganepikeun ngeunaan hal ”sagala ge ulah iwalti nu aya titahanana/tuduhna; Sagala ge meunang iwalti nu diulahkeun/dicaram” (tingali: eddy nugraha, Ibadah jeung pamusrikan patohidan, dimana lebah lebahna bag I), loba kapanggih dina kahirupan sapopoe utamana lamun urang keur susundaan kayaning: manggihan neangan ngulik ngaekspresikeun nganepikeun ngaapresiasi numuwuhkeun nyeungitan milampah nu aya hubungana jeun kasundaan boh budaya boh, utamana, kapribadian ulikan elmu sunda (kitu oge kana ‘modernitas’ nu dibawa ku ‘munding bule’) sok dinafikeun ku disingsieunan jeung di/kabebegigan ku caritaan nu dipahingkeun tina pamahaman ibadah ritual formal/’sareat’ nyaeta utamana pamusrikan/ ibadah Lain ka maha suci Allah swt atawa bid’ah migawe nu euweuh tuduhna/titahanana (kaidah ka hiji) nu ngajadikeun aya, lamun teu kasebut loba, urang sunda nukeur susundaan jadi:

· Ngajauhan ‘masjid/sareat’, ngewa/anti/teu paduli kana islam atawa misahkeun maneh tina kaislaman mopohokeun yen sababna islam ditarima/dipake baheula ku luluhur teh sab sareatna pangparatan hakekat bari teu kudu jadi arab/tetep nyunda/teu kudu anti ‘modernitas’, matak tara/tong daek nurut kana fiqih-fiqih (pamahaman jalma dina ngahartikeun agama) nu lain pangparatan hakekat, kudu wae ninggang hakekat/kanyataanana tara ngandelkeun cenah (tingali eddy nugraha: Naon sabab islam dipake di sunda, na teu boga cecekelan sorangan?). Sabalikna, aya nu

· Embung, sieun atawa susulumputan milampah kasundaan da nyaeta sok/bisi/ngajaga tina dicap/dianggap musrik jeung milampah bid’ah poyokaneun/kamarginalkeun ku ‘urang masjid/sareat’ jadi we jati diri nu enya ngeunaan ulikan kasundaan teh hese neanganana da nyumput tara nembrak atawa kasundaan jadi barang aneh sab geus lila tara dipake sab sieun jeung embung tea mimitina nepikeun ka hese nyusudna salaku ulikan. Ari pareng aya/bijil nembrak, remen pasariwut jeung nu sada sunda tapi sundel da poekeun rumpu rampa keneh pikir jeung atina jajauheun kana moncorong gumiwang caang sampurna piker ucap jeung lampahna salaku nu tug tutuhu tumut turut ka maha suci, kawas nu sada islam padahal eusleum jajauheun tina aslamtu numawa kasalametan karahayuan kaharmonisan kasampurnaan najan ngakuna mah (ukur tepi ka ngaku) abdi/tukang ibadah ka Allah-Kawas nu siga ‘educated’ luhung elmu padahal setan logika mungkul.

Sabenerna mah teu kudu aya dua kajadian diluhur, tapi memang kudu enya enya jeung ati ati pisan ulah nepikeun ka tigebrus kana pamusrikan jeung bid’ah.

Matak ayeuna urang semplakeun deui waja tina ageman teh boh dina ngalakukeun ibada ‘formal’, dina susundaan, dina naon wae lampah dunya nepikeun ka paehna kudu jadi ibadah bakti diri tutuhu ka maha suci lain ka salian ti eta ulah milampah nu dicegahna. Nepikeun ka lembut lembutna oge, dina ngerejet mireungeuh miharsa ulah asup kana pamusrikan sabab eta teh dosa nu pangede gedena jeung euweuh ampuna saencan ditinggalkeun/teu dilakonan deui/taubat (balik deui) ka ngan ibadah ngabdi bakti diri tug tutuhu ka nu maha suci (tauhid). Jeung lamun geus musrik teh kacida pisan sasar sasabna (Awewe, 4:116).

IBADAH JEUNG PAMUSRIKAN, DIMANA LEBAH LEBAHNA ? (I)

Kalam Kasundaan No 43: 
1. IBADAH

Ibadah hartina ngabdi tumut turut bakti tug tutuhu ka nu mahasuci Allah swt lain ka salian ti eta. Tangtu geus pada dikanyahokeun, sakabeh ajaran ti para ‘ambiya’ (jalmi jalmi nu ngadugikeun beja/ajaran ti pangeran, lain ti hawa nafsuna) dimana wae ayana naon wae sesebutana, kacatet dina Mushaff Utsmani, ngabogaan cecekelan yen ayana/diciptakeuna jelema jeung sakabeh mahluk teh pakeun/euweuh deui salian ti ibadah, nyatana ngabdi bakti tug tutuhu tumut turut ka nu maha suci Pangeran nu ngamurbeng (Allah/Hyang/God kumaha wae nyebutna asal alus –asma al husna) ‘wa maa khalaqtul jinna wal insa illa liya’buduuni’ (Angin puyuh (51):56). Jeung nya ibadah ka Hyang Maha Agung iyeu (lain ka salian ti eta) nu disebut shiratal mustaqim - jalan hirup nu lempeng bener menceger tur meunang ni’mat ‘wa ani buduunii haada shiraatum-mustaqiim’ (yaasiin (36): 61) najan beda beda teu kudu sarua sareatna/jalana/metodana.

Kusabab usik malik hirup jeung sakabehna keur ibadah ka Maha Suci, nya atuh tara/teu meunang sekuler, misah misah, atawa beda beda: Ulah ari shalat (ngado’a) karana Allah, puasa (ngeureunan/nahan nafsu kajelemaan) karana Allah sedengkeun ari kawin karana bogoh, dudunya sab butuh keur hirup, dahar karana beuki jeung lapar, kiih ngising sab kabelet hayang kahampangan kabeuratan, dibaju sab tiris sab resep, nulis nyarita saukur hayang. Ulah susundaan hakekatna sab karana luluhur atawa pedah jadi urang sunda; iislaman sab dititah ku indung bapa atawa ku ustad/kiai tapi kudu kabehanana sab jeung keur ibadah tug tutuhu ka nu maha suci.