SESEBUTAN DEWEK

Kuring lalaki/awewe/kolot/ budak
kumaha kaayaan kurung.
kakuringan kuring aya mo sirna
ngurungan kuring
sab kuring boga kurung keneh.

Cadu teuing kakuringan kuring
hirup dijero kurung batur-
can tangtu sasereg awak
kitu oge,..
kakuringan kuring aya di kurung batur
-moal ngeunah

Kurung maneh keur maneh
kurung kuring keur kuring
ngeunah muka ngeunah miceun
ngeunah make ngeunah molah
da sakurungna sakurungna
moal rek silih injeuman.

Ngan kuring mah moal lana
engke mun lengit kurung
moal aya kuring.

Matak lamun keur asa teu boga kurung
teu nalipak ka kurung
nu ngajadikeun ayana kuring
tara aya basa kuring.

Paling ngaabdi abdi mun panggih jeung gusti
padewek dewek mun panggih jeung silaing
jisim jirim nyaritakeun lahir jeung batin
adi akang anak bapa incu aki nyaritakeun papasangan
aing sia kami dia mun pareng disada abar abaran
bari meunang ngaran sapanjang jalan.

ABU LAHAB ‘SEUNEU/BEUREUM’ DI URANG AYEUNA, GEUS MANGGIHAN ENCAN?



Abu Lahab teh sesebutan/jujuluk goreng/kecap metaphore keur pamanna Sayidina Muhammad, ‘notorious’ Abdul Uzza bin Abdul Muthalib, nu jadi lulugu lampah nyebarkeun hurungna durukan kagorengan nu lir lelentaban rek ngaduruk batur, ngan ahirna kasundut kaduruk kalentab sorangan (Abu sundana Bapa, Lahab hartina seuneu ngalentab; ‘father of flame’).

Harta bandana ieu ‘seuneu nafsu’ teu guna, cape gawena teu mangrupa, kempreng, huam dangiang, hirup euweuh pihargaeuna taya piladangeunana. Tuluy, sorangana kaduruk naraka siksa diri pribadi. Kitu oge lampah nu sok mapanas nyundutan ngadongsok ngipasan kagorengan, ngaliarkeun taleus ateul, ngadu ngadu rajawisuna, asup kana babasan nu nyiru rombengeun, ceuli lentaheun, biwir teu diwengku, nyuluhan handaru batur. Hurung ruksak henteu hurip sab kabehanana eta lampah teh nyangreud nalian nyiksa sorangan.

-----
(Kinanti)


Nyalindung ka Maha Agung, Maha Mulya Maha suci, Allah nu maha uninga, tina poek sasar diri, alatan gogoda setan, nu nyiruruk nyiriwuri.
Kalawan asma Hyang Agung, marengan lampah sayakti, nu janten marga lantaran, sadaya usik ngajadi, nyaah asih taya kendat, nganteur mahluk nu kumelip.

Al Lahab (seuneu)
Surat ka 111 - 5 ayat