MAUNG SILIWANGI: KAMATIHAN KAMAMPUHAN TINA HIJI KAPERCEKAAN NU DIMITOSKEUN KU BEO

PANGANTEUR

I

Maung Siliwangi dina ieu tulisan dimaksudkeun kana, saperti enya enyana caritaan sakakala, para pamuk senapati Prabu Siliwangi nu dareuheus jeung jaradug katut wadya baladna nu diahir karir mantena ngiring sirna ti jalma rea bari satuluyna lamun kabeneran pareng paamprok jeung ngadatangan/didatangkeun ka jelema ayeuna tariasa mangrupakeun maung.

Sedengkeun maung didieu lain ngeunaan maung ceuk tukang kirata nu ngahartikeun kecap maung sakadaekna jadi kecap wancahan, misalna, maung-manusa unggul, maung- jelema burung atawa maung - nu (datang/rek dikawinkeun) ngan carekna mamawa irung mungkul, tapi maung didieu mah dinu harti nu saenyana nyaeta sato harimau/macan di sunda. Ensiklopedi Sunda nyebutkeun basa latina nyaeta Panthera Tigris Sundaica.

Sab sato maungna sorangan geus jarang kapanggih, malah geus dianggap punah, caritaan urang urang lembur mah ngeunaan maung teh leuwih nyoko kana hal elmu/ulikan jalma baheula nu pokona museur ka wewesena Sang Siliwangi sareng wadya baladna nu masih keneh natrat aya djaman ayeuna malah dipake jeung diterus ajarkeun, diatarana, ngeunaan nu aya hubungan jeung maung – karawas/jaradi maung.