MORO MALAIKAT

Tibatan moro bagong (karunya satona) moro jurig (kateuteuari) moro nu gaib gaib (loba tipu tipu jeung mopohokeun nu nyata nyata aya, euweuh deuleueunana sab sok kagelo ku nu euweuh euweuh) Mening moro malaikat, puguh puguh euy!!

Waah kawas heueuh we wani wani, mana euradna kumaha ngeuradna ari taeun teh?? 
Kieu geura dongeng kampungna nu urang mimitian heula ku adeg adeg nu jadi pamianganana ameh engke puguh juntrungna puguh tuturkeuneunana. 

ADEG ADEG 

TUJUH OLEH OLEH RAMADHAN (I):


BEKEL KEUR NU GEUS DADAEKANAN BOBOR SHIAMNA NGABOCORKEUN DEUI NAFSUNA LEBARAN NGALELEBAR MANEH TURUN META NGENCAR DEUI DIKANAFSUAN KAJELEMAAN.


Puasa Saumur Umur Lebaran Unggal Usik, Cacarita Jeung Allah Nanya Ka Allah, Metuna Pituduh/Papasten Metana Kamatihan/Kamampuhan, Moro Malaikat, Kembang Wijaya Kusumah, Kitab Nu Teu Dikekelek, Ulikan Karahayuan/salam.


1. PUASA (SHAUM) SAUMUR UMUR


AL-Qur’an nyebutkeun yen nu kaasup mareunang ampunan ‘forgiveness’ jeung pahala ganjaran nu gede ‘great recompense’ ‘magfiratan wa ajran adhim’ teh nyaeta ‘shaiman wa shaimat’ nu puasa boh lalaki boh awewe teu dibeda beda (surat Al Ahzab 33:35).


Ana kitu, ngeunaan puasa, yen nu meunang ampunan jeung kaalusan/ganjaran nu gede harita dina tangtung teh lain ka anu geus pernah puasa, pernah puasa baheula, pernah bulan kamari puasa, pernah puasa keur cageur/kuat. Oge lain, karek tadi, karek bieu puasa eureun nahan napsu. Jeung deui, tangtu ampunan jeung ganjaran nu gede harita teh lain kanu karek arek puasa, hayang puasa. Komo nu tara puasa, teu bisa puasa teu daek puasa. Singgetna ganjaran jeung ampunan teh lain keur nu teu puasa geus bocor dikanafsuan bobor shaumna tapi keur saha bae boh lalaki boh awewe nu puasa keur puasa ‘shaiman wa shaimat’. (Bocor=miis, bijil, tembus, teu kawadahan/kahalangan/kajaga; Bobor= gagal/eleh/eureun).

Jadi tangtu lamun hayang terus meunang ‘magfiratan wa ajran adhim’ ampunan jeung ganjaran nu gede teh kudu tuluy puasa, tutuluyan aya di alam shaum, manjing puasa satutuluyna saendeng endeng. Matak aya waja nu semp(l)ak babasan di lembur lembur caritaan kolot kolot kahot:


“Euy, sing bisa puasa saumur umur ……ameh bisa lebaran unggal usik…resep jeung ngeunah geura “


Waaah maenya?