BANDERA AREK PAEH DINA KITAB SUNDA (I)




Bangkong dikongkorong kujang
Ka cai kundang cameti
Kole mah buah hanggasa
Wenang  ngomong bari leumpang
Da hirup katungkul ku pati
Paeh nyaho di mangsa
Hirup katungkul ku pati
Paeh nyaho di mangsa


Harti kecap: sunda: cahaya/nur, kitab sunda: kitab mangrupa cahya, bandera: tanda, ciri, ilat-ilat. 

I. PAEH NYAHO DI MANGSA ATAWA PAEH TEU NYAHO DI MANGSA?


Keur jaman sakola keneh, dihiji imah dilembur tangtung tulisan diluhur kungsi kapanggih,  malah kapanggihna teh ditempelkeun dina tembok rohangan tengah tempat ngumpul sanak kadang. keur nu daratang ti kota, ieu tulisan kacida pisan narik ‘perhatian’. Sabab kawas kekecapan dangah bari  salah nulis tapi wani ditempel mangrupa kai ukiran ditengah imah-bari nu boga imah katingalina jalma ngarti. Tapi cenah yakin henteu salah nulis: ‘Ngahaja ditempelkeun sugan sugan anak incu sanak kadang jeung nu daratang laina aya nu panasaran hayangeun nyaho maksudna’. Maksud nu boga imah enya pisan hasilna, najan teu tiap nu datang, loba nu nanya nu hayang nyaho maksudna utamana mah bagian ahirna nyaeta:

Hirup katungkul ku pati - Paeh nyaho di mangsa. Naha bet kitu?

SUNDANA SURAT SUNDA (I)



SUNDANA SURAT SUNDA
24:35
dina Dangdanggula
Eddy Nugraha

---
Allahu nurusamaawaati wal ardhi,
 matsalu nuurihii kamiskaatin fiiha misbah,
 almisbahu fii jujaazah,
al jujazatun kaannaha kaukabun durriyyun,
 yuukadu min sajaratin mubaaraakatin zaituunnatin
 laa tsarkiyah wa laa garbiyah,
---

Gusti teh sunda langit jeung bumi
Misal cahya sundana Pangeran
Lir lolongkrang anu tembong
Dijerona aya lampu
Lampu nu dikacaan yakti
Kacana mungkul mubyar
Lir bentang nu mancur
Dihurungkeun tina tangkal
Zaitun nu dihibaran berkah jati
Teu ti kulon ti wetan.

---
yuukadu zaituha yudiiu wa lau lam tamsashu naarun, 
nuurun alaa nuurin,
 yahdillahu li nuurihii manyasaaau
 wa yadribullahu amtsaala linnas,
wallahu bi kulli syaiin aliim.
---

Minyakna eta tangkal sayakti
Geus mancur caang nyaangan pisan
Najan seuneu henteu antel
Nya Nur sajati ning Nur
Gusti nungtun kana nurGusti
Nu dikersakeunana
Ka jalma nya estu
Gusti ngadamel perlambang
Tur nya pangeran kana sagala rupi
Nyata Uninga pisan.

*) Sunda =1) basa sunda, 2) cahaya/cahya/nur

Naon maksud sundana ieu ayat ngeunaan Sunda teh? Jeung kumaha nyatana da cumah ukur ngaheueuhan mungkul mah?

I.PANGANTEUR

Saperti biasa lamun urang nutur nutur pamanggih batur bakal barieukeun ku loba loba beda beda faham warna warna pamanggih.