Bangkong dikongkorong
kujang
Ka cai kundang cameti
Kole mah buah
hanggasa
Wenang ngomong bari leumpang
Da hirup katungkul ku
pati
Paeh nyaho di mangsa
Hirup katungkul ku
pati
Paeh nyaho di mangsa
Harti kecap: sunda: cahaya/nur, kitab sunda: kitab mangrupa
cahya, bandera: tanda, ciri, ilat-ilat.
I. PAEH NYAHO DI MANGSA
ATAWA PAEH TEU NYAHO DI MANGSA?
Keur jaman sakola keneh, dihiji imah
dilembur tangtung tulisan diluhur kungsi kapanggih, malah kapanggihna teh ditempelkeun dina tembok
rohangan tengah tempat ngumpul sanak kadang. keur nu daratang ti kota, ieu tulisan
kacida pisan narik ‘perhatian’. Sabab kawas kekecapan dangah bari salah nulis tapi wani ditempel mangrupa kai
ukiran ditengah imah-bari nu boga imah katingalina jalma ngarti. Tapi cenah yakin
henteu salah nulis: ‘Ngahaja ditempelkeun sugan sugan anak incu sanak kadang
jeung nu daratang laina aya nu panasaran hayangeun nyaho maksudna’. Maksud nu
boga imah enya pisan hasilna, najan teu tiap nu datang, loba nu nanya nu hayang
nyaho maksudna utamana mah bagian ahirna nyaeta:
Hirup katungkul ku pati - Paeh nyaho di mangsa. Naha bet kitu?