TUANG NGAHAKAN POHACI, NEDA EUSI BEUTEUNG DAHAR NYATU MANJING SUNAN. MURTI HYANG KU LEBOKEUN ! AMBU-ING AMBU-ING (I)

Teu kudu ahli basa kabeh nu sok keneh make basa sunda tangtu apal yen sawatara kecap kecap diluhur urusanana/aya hubungana jeung hakaneun (tuangeun, dahareun) nu diasupkeun kana beuteung (patuangan, padaharan). 

Najan keur kalolobaana nyaho jeung makena teh ukur dina urusan basa lemes keur kasorangan atawa ka batur: tuang jeung neda, dahar basa loma, lebok hakan nyatu basa cohag-kasar, dua kecap panungtung biasana dipake keur sato.

Tapi tangtu saeutik nu apal, daek nitenan, yen pilihan kecap tur makena kecap kecap nu nyaritakeun barang hakan teh nunjukeun leberna kanyaho urang sunda –paling henteu luluhurna baheula- nu bisa ngajelaskeun lain wae:

(1) Urusan bangke, gizi, roh nu jadi eusi beuteung. tapi nyambung kana
(2) Urusan kajelemaan ‘myself’ kamanehan nafs anfus nyawa,
(3) Urusan tuah jeung panyakit diri di kajelemaan, malah tepi kana
(4) urusan teknik sasajian kanu teu boga badan/jasad/jisim/awak kasebut nu gaib-gaib,
(5) Asal usul kajelemaan ,
(6) Mrogram maneh nepikeun ka nyampurnakeunana. 
Nu singgetna, bisa kagambarkeun ngaliwatan pilihan kecap kampung dina judul diluhur. 

Matak keur seuweu siwina nu teu sawekel marantena digegedekeun pisan kadieunakeun sangkan daek remen puasa (euren henteu dahar teu nyatu teu nafsuan ngosongan patuangan padaharan) shalat (neda neneda menta mrogram do’a) jeung zakat (nyampurnakeun meresihan ku miceunan mikeun mere ngaleupaskeun sanggeus cukup, ngising ge disebutna miceun) make metoda meunang hese cape karuhun ngimpor ti Arab disaring diteleban enya enya sangkan kapiceun ain-na malah manjing rabbaniyyun tedak para hyang.

Waah maenya?

Kieu geura urang bukakeun saeutik lalangsena: