I
PANGANTEUR
Caritaan ngeunaan salaka/sasaka domas teh –lengkepna: lalayang salaka domas atawa Payung sasaka domas - umumna aya dina pantun popular tuturunan ‘Mundinglaya Dikusumah’. Pantun nu nyaritakeun usaha hiji satria Pajajaran kasebut Mundinglaya nu kudu meunangkeun jeung mawa pusaka mangrupa (la)layang atawa payung, nyaeta sasaka/salaka domas, ti(sa)jabaning langit dina waktu nagara susah butuh solusi inovasi/cara anyar pakeun karaharjaan kasalametan kamakmuran. Sab bisa balik deui ka nagara bari hasil/sukses mawa sasaka ku cara maehan jongrang kalapitung & guriang tujuh-ngarana katambahan jadi Mundinglaya dikusumah.
Ieu pantun saliwat mah siga sabangsaning carita komik fiksi hayalan keur budak karya Hans Christian Andersen nu ukur mangrupa ‘happy ending story’. Tapi, keur urang urang lembur nu masih keneh make-nerusajarkeun kasundaan mah, pilihan kecap, ngaran nu boga lalakon, ngaran pusaka, proses manggihan-meunangkeun eta pusaka jeung hal hal lain dina eta pantun teh mangrupakeun rekayasa ide, guritan, pasieup, nu ngahaja sangkan eusina ngagambarkeun hiji ulikan enya enya ngeunaan kasundaan nu kudu (jeung bisa) diturut teruskeun ku urang sunda ayeuna: Aya barang kanyataanana, metodana empiris pakeun nuturneruskeunana, puguh guna mangfaatna.
Malah ngeunaan ieu ulikan kasundaan nu dicaritakeun dina pantun diluhur teh aya, ‘ngahajakeun dijieun model’ nu sawarna, di langit nu biasa-buana panca tengah. Kayaning, sebut wae dua diantarana, 1) di kabuyutan kanekes -sasaka domas atawa sasaka pada ageung/sasaka pusaka buana- jeung 2) di kabuyutan sasaka domas di Bogor.