SUNDANA
SURAT SUNDA
24:35
dina
Dangdanggula
Eddy
Nugraha
---
Allahu
nurusamaawaati wal ardhi,
matsalu nuurihii kamiskaatin fiiha misbah,
almisbahu fii jujaazah,
al
jujazatun kaannaha kaukabun durriyyun,
yuukadu min sajaratin mubaaraakatin
zaituunnatin
laa tsarkiyah wa laa garbiyah,
---
Gusti teh
sunda langit jeung bumi
Misal
cahya sundana Pangeran
Lir
lolongkrang anu tembong
Dijerona
aya lampu
Lampu nu
dikacaan yakti
Kacana
mungkul mubyar
Lir
bentang nu mancur
Dihurungkeun
tina tangkal
Zaitun nu dihibaran
berkah jati
Teu ti
kulon ti wetan.
---
yuukadu
zaituha yudiiu wa lau lam tamsashu naarun,
nuurun
alaa nuurin,
yahdillahu li nuurihii manyasaaau
wa yadribullahu amtsaala linnas,
wallahu bi
kulli syaiin aliim.
---
Minyakna
eta tangkal sayakti
Geus
mancur caang nyaangan pisan
Najan
seuneu henteu antel
Nya Nur
sajati ning Nur
Gusti
nungtun kana nurGusti
Nu
dikersakeunana
Ka jalma
nya estu
Gusti
ngadamel perlambang
Tur nya
pangeran kana sagala rupi
Nyata
Uninga pisan.
*) Sunda =1) basa sunda, 2) cahaya/cahya/nur
Naon
maksud sundana ieu ayat ngeunaan Sunda teh? Jeung kumaha nyatana da cumah ukur
ngaheueuhan mungkul mah?
I.PANGANTEUR
Saperti
biasa lamun urang nutur nutur pamanggih batur bakal barieukeun ku loba loba
beda beda faham warna warna pamanggih.