HAKANEUN jeung KUBURAN KAMI (2)

IV

Hakaneun nu asalna tina sato jeung tutuwuhan teh, asupna kana awak mantuan jelema jadi ngagedean, mere tanaga, bisa boga kahayang, mikir usik malik jeung rupa-rupa kamampuh hirup nu dina singketna dina basa di lembur mah hakaneun (sato jeung tutuwuhan) teh ibadah ka jelema sangkan jelema bisa hirup ibadah ka Allah. Jadi sasat maranehna mah ibadah ka Allah teh ku cara mantuan jelema.

Tapi eta hakaneun kadaharan teh oge mangaruhan jelema jadi kuburan/makam/kurungan jelema. Pan alus henteuna awak ge gumantung kana gizina? Nu lamun teu bisa ngontrolna jadi sistem tur antibodina teu kuat jadi panyakit…malah sok loba nu teu daek ka kontrol ku sistem saraf/kasadaran pusat misalna sel kanker jrrd. Jadi hirup keneh geus keuna ku ‘siksa’ kubur tina kadaharan nu datang tina kubur beuteungna…lin dina beuteung ge sarua bisa aya cacing…he..he.

Geus apal aya uga…jang engke mah jelema hirup-hirup geus dikubur…? Lain saukur pedah imah urang sunda geus robah tina kai kana taneuh nepi ka suhunan-suhunan tina taneuh sakuriling bungking ku (tina) taneuh kawas kakubur taneuh jadi kawas sare di jero taneuh wungkul.

Geus apal bisa na mikir teh gumantung kana alus henteuna gizi nu asup kana awak? Ari kamampuh mikir teh eta nu jadi wates jelema…ari wates lain jadi kurungan atawa ukuran hiji jelema…ari kurungan teh lin kuburan tea?

Dina jiwana..jadi mangaruhan karakter…nu bisa hade/bisa goreng…kongas aya riwayat nu kabukukeun hiji waktos Imam Zaenal Abidin sareng muridna nuju jarah ka baetullah. Teras muridna ningali saabrulan jelema nuju thawaf nya unjukan ka sang imam….ari saur sang imam (nu tos wacis) teh sanggemna nu jarah teh lain jelema tapi sato mungkul…sanajan lahiriahna mah jelema…pikiraneun!

Pangpaurna dina waktu ninggalkeun ieu alam dunya….nya hakaneun ieu nu nyiksa arek paeh…nu mangaruhan kasadaran dina sakaratul maot…malah tuluy jadi alam barjahna salila dunya aya lamun teu bisa nyampurnakeuna…

Wah ma enya?

Can pernah ningali jelema sesegor arek paeh?? can pernah manggihan lamun aya jelema cilaka…dimana aya getihna didinya ngajungjuriganana…matak sok menta disampurnakeun…..can pernah panggih jeung jurig? hayang bukti sok cokot taneuh di kuburan/komo wani nyokot tulang talengna/komo wani nyokot padungna…moal teu nuturkeun cirining didinya nyambungna…nu can sampurna mah.

Atawa can pernah ningali aya ririwa nu nyurup ka jelema terus menta-menta hayang endog hayang kopi hayang nyatu? Tah eta cirina ririwa teh masih keneh kabeungkeut ku hakaneun..hakaneun urut manehna baheula…sedengkeun lain nu kitu teh hijab ka Allah… teu bisaeun innalillahi wa innailaihi rojiun.

Ayeuna urang puntirkeun deui ka mimitina…

V. NYALIKSIK CARA NYAMPURNAKEUN HAKANEUN

Sang rahmatan lil alamin masihan conto yen lamun rek dahar kudu maca do’a nu intina neneda supados kenging berkah tina rijki nu geus katarima jeung nyuhunkeun ka Allah diraksa tina siksa naraka – allahumma baariklana fiima razaqtana wa qiina adzabannar (Hr. ibnu as Sani).

Tuluy….

Saatos tuang mantena mah sok nganuhunkeun kana tuangeun nu tos kateda ku muji ka Allah bari neneda supaya janten nu sumerah diri (muslimin) – Alhamdulillailladzi athamanaa wa saqaanaa wa jaalana muslimin- (hr abu daud). Do’a nu ngandung siloka prawira sasmita nu agung tur luhung.

Ngan nyaeta….

baheula mah keur budak dipapatahan do’a memeh dahar teh rada teu kiyeng…da cekeng teh…ih na rek dahar wae menta diraksa ti naraka, jauh jauh teuing, ------ pan saur Pa Ustad teh siksa naraka mah engke lamun geus paeh dikubur ... da jadi teu nikmat keur rek dahar ge inget naraka mah…..he..he.

Doa saenggeusna ge na jauh-jauh teuing lain nyuhunkeun kuat/nyuhunkeun sehat jeung dibere deui nu ngeunah…ieu mah kalahka neneda hoyong sumerah diri. Lantaran asa can pati perlu uing mah keur budak tara maca eta do’a cukup maca bismillah we eta ge ari inget…

Untungna…ngaapi lainkeun teh teu katutuluyan….kagedenakeun…..

Dilembur kaajarkeun do’ana urang sunda kampung (katambahan pangaruh Islam) lamun rek dahar. Asalna mah boga pangalaman teu pira--- waktu can dahar leuleus teu nangan ari geus dahar nepika seubeuh lain seger malah leuleus oge teu nangan…cenah ceuk kolot mah teluh kejo…he..he… penjelasan heureuy nu ninggang di enya. Nya tuluy we diajar ngapresiasi/meuli eta do’a, Kieu do’ana:

Bismillahirrahmanirrahiim
Pohaci sarining dat pohaci sarining puji
Dat kumpuling hurip sampurna
Sampurna kang nangan kang pinangan
Allahumma sir sadana sir sadani
Iman mafruting dat

Maksudna kieu
(hakaneun) teh aci-aci sari tina dat, (hakaneun) teh aci-aci (apal ari aci bijil ti naon??) sari tina puji (hasil jieunan kerah kerih). Dat (dina kuburan beuteung) (mangrupa) kumpulan (tina rupa rupa hakaneun nu asup kana beuteung) (nu sing) hurip (sing) sampurna. Sampurna daya jeung upayana (ulah jadi panyakit jadi siksaaan kana awak jrrd).
Ya Allah…. nu masihan sir warna warni (sadana sadani) (tingali legenda pare sri sadana sri sadani) (tina ieu hakaneun) (mugi) Iman (caang / uteuk/hate/ kayakinan ) ngontrol/ngawasa dat (sabab sir na nurut/sumerah/muslim).

Ari sir bijil ti rasa, rasa asal tina sukma/ jiwa sasatoan/tutuwuhan kadaharan nu dihakan –nu asup kana awak. pan di Islam mah teu meunang ngadahar bangke??)

Ti do’a diluhur tangtu katengetan yen:

Do’a ti kangjeng Nabi (hadis) jeung do’a urang sunda kampung teh nyatana sarua/sajiwa. Bedana nu hiji mah leuwih analitik. Do’a urang kampung bisa leuwih ngajelaskeun naon margina Ieu Tedak Quraysh panutan kaom muslimin teh ngadu’ana kitu memeh tuang sareng saparantosna.

Gening anjeuna masihan bimbingan yen hakaneun teh kudu –diprogram- ku do’a itikad niat jelema supaya hakaneun nu asupna alus (bismillah) dijero beuteungna ge alus teu jadi siksa (naraka) kanu ngadaharna. Jeung saenggeusna supaya eta kabeh roh-roh/karakter/sifat hakaneun teh nurut (da sumerah/muslmin) tea. Nurut didieu tong waka jauh jauh ka Allah….tapi sing kudu nurut ka jelema (katut sistem di jero awak) nu ngahakanna. Ulah ngalaman ka teluh ku kejo.

Matak engke lamun puasa –ngawarah asal da baheulana ge jelema mah teu barang dahar, daekna ge dipaksa/diolo ku indungna tapi tuluy deudeuieun- hakaneun gampang diatur supaya nurut - can waktuna (can buka) mah teu kudu roh sato (hayam, misalna) nu geus aya di jero awak…. panggih jeung baturna nu tiluar awak....gancang nurut da ti samemehna diprogram yen hakaneun teh kudu muslimin/sumerah kanu diibadahana nyatana jelemana….jst..jst…jst

Eta maksud kabeh saayeunaeun waktu jelema masih kakubur ku beuteungna sorangan… nu oge kudu salilana bisa dipake ibadah ka Allah…. Sok komo engke utamana diahir ninggalkeun alam dunya…..

Dina ulikan satuluyna (tingali bagian - medar rasa jati nu jadi lebaran tangtung-) …eta kajadian sing bisa disalikisik…keur nyiapkeun jelema nyanghareupan kakubur ku beuteung dunya (liang lahat)….supaya bisa leupas ti kuburan dunya…..kumaha supaya awak-awakan nu asalna tina roh sasatoan jeung tutuwuhan teh bisa terus nurut kana kahayang nu makena (jelema)…supaya teu jadi hahalang/hijab…pakeun madep ka Allah ….nu engkena supaya teu jadi antara barzakh dina mulih ka jati mulang ka asal…

…. pan kongas nu laluhung mah bisa masihkeun jiwa ragana dina waktuna kalayan ikhlas kalawan ragana langsung disanggakeun (dismpurnakeun) ka nu Maha suci (tilem).

…pan sasatoan tutuwuhan kabeh ge kawit ti Allah..cik kumaha mulang tarima ka hakaneun nu geus mantuan hirup….supaya teu kaasup nu teu bisa mulang tarima kana kahadean nu nyaah ka sorangan… nu sasatna sato tutuwuhan nu siga teu pira ???? jeung supaya eta hakaneun teh teu jadi kuburan urang salilana ?? geus bisa ngajak sampurna ??

Mun acan …..tingal tanya ka sorangan…geus sabaraha jauh ngulik agama jeung kasundaan??