Muludan Pangemut Ngemut

Maulid Nabi
12 Rabiul awal
Lahir sareng Pupus
dina wewedalan

Di sunda....
disebutna tepung pangjuruan
Pada hayang ditalutur
wekasan di wiwitana

Nu pupus di wewedalan
naktu mulih ka jati
sampurna mulang ka asal

Nu lain dina wedalna
kudu wae...
neukteuk leukeur
meulah jantung
ciri geus lain laina
ulah nyesa ngait ati

Matak pangrugi rugina
nu teu apal ka wewedalan.

Ngumbara teu nyaho mulang. ..
Poek ka wiwitan, wedalan dimana mana.

KAMI (mah) REINKARNASI KAULA (II)

Adeg Adeg

Reinkarnasi maksudna (1) hirup deui na hiji jiwa (jelema atawa sato) dina awak nu anyar “the rebirth of a soul in a new body” (The Oxford PDCE), atawa (2) sukma sinukma tutuluyan ka awak nu anyar “Passage of the soul through successive bodies”, kajadiana teh ku sabab karma
‘causa effect’ amal tingkah laku (World encyclopedia). Singgetna lamun di sunda mah reinkarnasi teh NITIS/NYUKMA (ka nu anyar).

Tulisan ieu rek ngajelaskeun diantarana: Naha enya sare hiji kajadian hirup paeh tuluy dihirupkeun deui? Kumaha wae kajadian keur sare? naha enya aya jalma ayeuna titisan batur baheula?..kumaha kajadian nitis ka awak nu anyar lamun awakna geus rusak? Naha bet bisa? Naon gunana? Naha sanajan ulikan na aya tapi dina ahirna ….. diulahkeun? nurutkeun nu kapanggih di sunda. Urang mimitian ku:

1. Urang kabeh reinkarnasi sato/jelema saencana…tapi ulah itu jadi gustina

-----
KAMI, ngaku satata jeung nu lain (dia) euweuh luhur handapan. KAULA, abdi nu ngaula/ngabdi ka batur (nu jadi gustina).
----

Geus jadi kanyaho sarera yen Jelema nu hirup didunya disebut nyawaan, lamun geus euweuh nyawana disebut teu hirup/paeh.

Nyawa teh teu datang sakaligus lengkep (inditna ge saeutik saeutik,.. tingali eddy nugraha-ulikan diajar paeh bag XII). Barang gubrag sanajan mata ceuli irung sungut aya bari dibungkus kulit…orok can bisa neuleu, can bisa ngadenge, can bisa nyarita, can bisa ngangseu, can bisa ngarasa…nu gede ngamurba orok mah hirup (diantarana kabukti aya nafasna)…. bisa na panca indera boga/ lengkep sampurna teh …saeutik saeutik… sanggeus asup Gizi kadaharan/inuman kana awakna nu asalna tina sato (asi & tutuwuhan, herbivore; jelema (indung&bapa) omnivore jst rantai makanan) nu geus (di) paeh (an).

Didieu benerna caritaan kampung yen “ti nu paeh bijil nu hirup” . Sabab ku asupna/nitisna sato/tutuwuhan nu geus paeh (terus diolah jadi kadaharan) nya orok ngagedean jadi jelema nu hirup nu ngadenge nu ngadeuleu nu ngangseu nu nyarita nu ngarasa. Hirup nu nandeanana.

--
Dina ulikan kasundaan, aya dua istilah nu beda hiji hirup hiji deui nyawa. HIRUP nyatana nu ngajadikeun sperma + sel telur jadi janin katiban sukma -proses nitis ka 1- (tingali :eddy nugraha-Pohaci sanghyang dewek) terus usik malik dina beuteung indung…

Sedengkeun, NYAWA mah mimiti kapimilik marengan hirup na sanggeus si janin gubrag ka dunya ditampa ku indung beurang/bidan/dokter terus di buka ‘selaput’na.. antel jeung hawa dunya nya terus ceurik..nya jadi bareng hirup (hayat) jeung nu hirupna (hayan) aya nyawaan.
---

Asupna/nitisna ieu ‘bangke’ kana kuburan beuteung teh jeung ruh/jiwana, lantaran asalna can hayang dahar nitis eta jadi hayang/bisa dahar da saacana sato mah nyatu; asalna can hayang/bisa sahwat jadi hayang/bisa da saacana sato mah sahwat mungkul; asalna can hayang maehan/bisa gelut jadi hayang/bisa da samemehna tukang sesebred tukang ngahakan, jst jst jst..

Wah maenya?..

iih…cobaan tong dahar rada lila..komo mun daek mah nepikeun ka kurang gizi/gizi buruk …. Moal hayang dahar,…moal resep ningali bujur Megan fox…, (batur oge moal timbul sir resep/bogoh ka nu gizi buruk sab teu nyampak anaSIR ‘sato’na nu jadi daya tarikna)….moal mikir hayang burger hayang boga leuit gede hayang korupsi pasea maehan, shalat dzikir tafakur ge embung, …diuk nangtung bener ge moal bisa. Eta kabeh sab geus euweuh/teu jadi/teu boga deui sir tina sari kadaharan, sari na ilang/kurang… sagala jadi teu nyari..kalahka dipikaresep laleur (bangke).

Jadi sir teh ku sabab sari,… sir ku sari… sur ser kaditu kadieu ana piur jadi nafsu nya ngumpul ngawarnaan/ngaribriban rasa dina hate –dua kakuatan ngumpul dina pikir/akal bijil jadi pamilihna, patunggalan loba jisim kapirasa jadi hiji (tingali: eddy nugraha-Martabat tujuh kami).

Beuki lila,… tina ngagoler jadi nangkuban jadi sare jadi nangtung, hulu saluhureun jajantung,..akal leuwih luhur/gede pangaruh/ dominan tibatan hate. Hate nu mimiti mah ka limpudan/awas ka hirup mungkul, jadi leuwih kasorot/narima/kapangaruhan ka loba loba warna warna nu hirup/nyawa titisan sato. Matak antukna bagian hirup saukur jadi hate leutik jeung bari hese diteangana da nu lobana ngabengbreng. Nu leutik ieu the nu caangna (nurani) jeung nyaangan lampah….tapi jadi kalimpudan ku nyawa …meureun apal kanu ngulik sunda=nur kapanggihna ATI teh nyatana sunda nu lir pulo leutik ditengah sagara.


Jelema… basariyah.. jadina kumaha nu nitis kana awak....you are what you eat. boga sir nafsu akal kabeh pangaruh nu nyukmana… gening di china mah jelema jeung jaman ge dicirian ku sato ..tingal kalender jeung SHIO china. Ku pangaruh nu nitis dina mangaruhan sifat/karakter jelema lamun dilajur, Jelema bisa leuwih ti sato – da kumpulan ti rupa-rupa sato nu nitis. Matak kongas aya dongeng cenah malaikat kantos ‘protes’ naha jelema dijantenkeun khlalifah..generasi pengganti nu dominan ngalifahan di buana…sab jelema mah tukang ngarusak jeung ‘ngaluarkeun getih mungkul’ (sapi bikang:30).

Tapi, lamun euweuh nu nitis....jelema moal aya di dunya-kadunyaan. Lamun teu make nu nyukma ka jelema basariyyah moal bijil…. Kongas Siwa ti argadumelah ka dunya ‘naek’ sapi sapatemon dina andini naha teu tiasa hiber nyalira?…Wisnu ti utarasegara hoyong ka pertiwi ‘jadi’ bagong, naha wisnu goreng rupa; ari ka dunya kedah wae nitis, ka awak batur (misalna: ka Krisna Rama Arjunawijaya)?…guruminda ka purbasari nganggo ‘acuk’ lutung?

Nu naritis nyukma… diperlukeun ku jelema guna sangkan boga ka -jelema-an….kasebutna ayeuna mah maraneh na teh ibadah mantuan ka jelema ku jalan nyukma. Ari ka jelemaan dipake keur ngajadi nu hirup ameh nyawaan. Ngan bedana araranjeuna mah –Hyang Siwa, Hyang Wisnu, Sang Patanjala- saukur dina peryogi mungkulkasukmaan the teu katutuluyan… tiasa ulah alih sukma. Hiji resi dina mahabarata mah gening sapatemon ‘jadi‘ sato..tapi…nepika tiwas ka panah pandu.

Eta sabab…. teu kendat kendat ajaran/nasehat/pangwewedi tinu karenging hidayat nyatana nu pareng hate leutikna/nuranina kapanggih tuluy nguatan caang - jadi meunang tuduh ti nu Maha Suci, para nabi para rasul para batara nu linewih marasihan ‘lilinggeran’ supaya teu jadi sato teuing teu jadi sato tuluy…. meh aya bijil kamanusaan nu bisa jadi wawakil kasimpenan/katitisan/tempat mancur mubyarna HIRUP nu bijil ti hate leutikna/nuranina sorangan memeh kaanglipudan nyawa…

Eta sabab…sok loba nu harayang balik ka fitrahna lir orok karek lahir..kaayaan nu jiwa can kapinuhan nyawa masih keneh gede Hirup…kanyataan nu Maha hirup. ….Nya mulya pisan kanyaho tapak geus loba awak kuat keneh ari jiwa geus balik deui ka wiwitan dina sagara hirup… genah pisan.. eta kabeh dipigawe ku jalan nahan teu kaasupan nu nitis nu gening tara puasa (bulan puasa) tutuluyan…kudu wae ahirna mah buka dahar nginum sahwat deui…muka deui lawang patitisan… jadi wadah nu nyukma… …. dadasar prawira sasmitaning Sang Uswatun hasanah rahmatan lil alamin…..


Sabab teu tuluy-tuluyan puasa nahan teu kaasupan, dina pas usik malik teh kumaha petana sangkan maranehna teu jadi gustina dewek? tapi saukur ngaulaan ibadah kanu boga awak…….kami (mah) hayang jadi titisan para kaula mungkul. Kami (mah) daek soteh narima reinkarnasi para kaula nu daek mantuan pedah eukeur jadi jelema …

…Kumaha carana?.... Naha enya sare hiji kajadian hirup paeh tuluy dihirupkeun deui? Kumaha wae kajadian keur sare?

2. Sare - hudang hirup paeh tuluy dihirupkeun deui kajadian nitis sukma sinukma nu tuluy tumuluy….satungtung boga awak..

KAMI (mah) REINKARNASI KAULA (I)

kalam kasundaan no 21

I

Para wargi sok gugah sateuacan subuh??

….pan ti masjid sok aya sora nu muji sukur alhamdulillahiladzi ahyana ba’da maa amatana wa ilaihi nutsur - sagala puji kagungan nu murbawisea nu ngahirupkeun deui saenggeus paeh (tadi peuting) Jeung ka (hoyongmah) ka anjeun ayeuna ya Allah (seja) balik.

Pernah kaalaman keur bubudakeun: kusabab dilembur abdi mah sora ti masjid teh bijil ti aki-aki jeung harita pas wengina nongton film vampire barang kageuingkeun teh ku eta sora saendapan mah asa kabayang teh aya vampire kolot hudang tina peti jenazah tuluy nyengir da loudspeakerna treble pisan…(boro-boro hayang hudang harita teh kalah teras ngaringkuk da sieun…he..he)…ayeuna mah mending loudspeaker na tos rada nge-bas teu cempreng teuing komo mun nu nganggo speaker masjid memeh subuh teh isteri nu sorana halimpu meureun genah pisan asa muji sukurna moal asa kasingsieunan.

Tapi piraku do’a heuheureuyan…

da gening lamun rek mondok do’a Nu mulya tedak quraish mah kieu : bismika allhumma ahya wa bismika ammut… nganggo asma allah hirup jeung paeh….

Alah..alah…

Gening saur Sang Rahmatan lil alamin teh gening ge sare teh paeh …

…..malah …malah…

dina mushaf utsmani didugikeun cenah Allah (duka tah lamun ELna Ibrahim atanapi Yahweh na Musa mah he..he..tapi paraHyang mah ongkoh) kapungkur pernah nyanggem…yen:

Saenyana kami nyokot ruh jelema nu sare sarua jeung nu paeh ngan ari nu sare mah diasupkeun deui ari nu paeh mah henteu.

Jadi cenah dina sare teh aya kajadian nu sarua jeung paeh ngan bedana saukur sementara sabab isukna mun hirup keneh diasupkeun deui…

Pantes pisan…ulikan di sunda ngeunaan paeh samemeh paeh nganjang ka jaga jeung rupa-rupa warnaning ngahyang/tilem mangrupa hiji ulikan nu empirik sabab dianjangan lamun peuting jeung saenyana dina agama (ti) Arab ieu ge (mun enya diaji kaislamana-lain ka arabana mungkul) mere lolongkrang nu ENYA ngeunaan nganyahokeun hal paeh nu ceuk sabagian jelema nu nolak/teu daek narima (kufur) mah mustahil sabab euweuh nu paeh hirup deui.

Jadi paeh teh naon atuh saenyana? Ari sare kumaha enya-enyana? Sok komo ari disunda mah sok aya papatah kade jang ari sare teh ulah kawas bangke…he..he.. ongkoh sare sarua jeung paeh (sementara) tapi ulah kawas bangke…komo samemeh sare di lembur mah geus dibiasakeun kudu beberesih tuluy babacaan…malah pakean ge kudu husus pakean sare lain pakean urut gawe.

Didieu memeh urang telek leuwih jero supaya ulikan teu nepi ka saukur catur tanpa bukur tapi kudu sing tepi kana unsur kaharti karasa tur bukti urang tetepkeun heula harti/definisi ngeunaan nu rek di teuleuman…kayaning naon ari ruh, nyawa, paeh, hirup, hurip, reinkarnasi, kami, kaula, arwah, sukma…. Sabab di sunda mah do’ana ge (sawarna sareng do’ana Sang Rahmatan lil alamin ngan rada detail) kieu geura:

Biss...

Badan sare
Ati tanghi
Sukma muji
Roh madep
Maring …… (ayeuna mah diganti ku) Allah
Allahumma (nu nyunda terang baheula kecap ieu naon asalna)
Naktu di nur
Madep cahyaning ….


II

Ajian Batara Karang: Ageman Pakeun Jadi Khalifatullah Fil Ardhi !? (2)

III
Lebah-lebahna makam Ulikan Batara Karang dina Mushaff Utsmani


Samemeh asup kana bagian cara/metoda nu leuwih teleb ngeunaan ulikan kasundaan Batara karang jadi kanyataan karang, urang susud heula saksi tina kaagamaan Sang rahmatan lil alamin (qur’an) supaya dina asup kana disiplin ulikan batara karang karya tedak sunda nu ngawengku falasifah katut kamatihan kamampuhanana teh nu maca geus boga referensi nu bisa jadi saksi/acuan pakeun nyusud neuleumanana atawa bisa oge dipake dina ngan saukur ngaenya henteukeun ieu ulikan.

Jeung nunjukkeun yen loba (sanajan teu gampil nangenanana) nu ngagem Kamuhammadan nganggo jalan islam oge seueur nu tiasa ngawasa/make ulikan batara karang (sabagian atawa sakabehna kumaha undak luhur pamahamanana) sanajan beda beda metodana.


1. Ulikan Batara Karang jeung Ka-Adam-an

Ulikan ka- batara karang-an teh aya hubungana jeung maksud caritaan luluhur manusa nu ngaran Adam nu dipilih ku Nu murbeng alam jadi wakilNa/nu nuluykeun/gaganti Allah di dunya (khalifatullah):

Tiantara rupa-rupa mahluk kaasup Malaikat (dijieun tina Sunda (Nur) jeung Iblis (dijieun tina seuneu), Adam nu dipilih jadi wawakil/gaganti di dunya “inni zaailun filardhi khaliifah” (sapi bikang:30) teh dijieunna ngan dicaritakeun ’bahan dasarna’ UKUR TINA KARANG. Malah disebutkeun karang/taneuhna teh taneuh likeut nyatana taneuh nu bisa/gampang diropea/dibentuk - taneuh liat/tiin. (benteng/tempat luhur:12).

Hal ieu aya bedana – mun teu kasebut beda pisan- jeung kajadian jelema umumna nu dicaritakeunana dijieunna tina nuftah, turobun jeung saterusna nu lain saukur/ngabogaan unsur karang tapi cai. Malah dicaritakeun yen sakumna mahluk (tangtu kaasup jelema da jelema ge mahluk) dijieunna asal-muasalna tina cai (teu disebutkeun tina karang/taneuh mungkul).

Harti Adam dijieun tina karang ieu bisa leuwih ngandung harti metaphore/figuratif/perlambang….yen maksudna… nunjukeun kana makam/pangkat/level/kualitas hiji jelema nu diangkat jadi wakil/generasi pengganti teh sabab boga karakter karang. Hartina….. jelema nu bisa kalawan gampang (tingali we taneuh liket/tanah liat keur diolah bahan keramik) narima lamun diropea / diajar / dibere treatment/dibentuk /dibere nyaho rupa-rupa asma /informasi/data/elmu/pangalaman jrrd.

Nyatana…. Adam mah pas diajarkeun rupa-rupa asma teh ku Allah bisa/mampuh nalar/nyangkemna. Pas dipiwarang nyaritakeun deui payuneun malaikat teh bisaeun/apal/nyangkeum sagala rupa asma nu tos diajarkeun malah katalar/kacangkem kabeh teu kacaritakeun ngan apal sabagian.

Jadi, ana kitu…Ngan nu boga ‘karakter/sifat/potensi’ karang/taneuh nu bisa jadi wawakil Allah didunya da jelema umumna mah malaikat ge tos apal geus loba ‘jelema’ saencan Adam nu hirup di dunya ngan saukur ngocorkeun getih, nyieun pacogregan jeung papaseaan/ngarusak dunya “taj’alu mayyufsidu fiiha wayasfikuddimaa-a”(sapi bikang:30).

---
Sapertos nu pada terang,..aya dua mainstream pamendak ngeunaan Adam: 1. Jalmi nu ngawitan diciptakeun ku Allah (nu ngabuktoskeunana seueur ku argument percaya ka wartos cenah/euceuk/beja ti ‘versi agama’), aya oge 2. Pangkat/makam Jalmi nu ngawitan undak kana makam khalifah di dunya –pangkat jalmi dina ka-Adam-an seueur dieksplorasi diantawisna ku kaum agamawan/‘esoteris’ sapertos katingal dina kumpulan karya tasauf sunda) - seratan ieu sapertos argument di luhur aya dina posisi no 2, ngaeksplorasi ka-Adam-an.
----


2. KANYATAAN jelema boga karakter ka-adam-an / “karang taneuh liat”

kanyataan ka-adam-an/kanyatan karang ieu mimitina bisa ditrace dina kaayaan jelema orok keneh..aya hadis nu nyebutkeun yen nu karek lahir mah kawas ‘keretas bodas’ nu bisa ditulisan naon wae. Hartina ieu budak mah boga karakter taneuh nu bisa/potensial rek dijadikeun kumaha wae gumantung kanu ngadidikna/mere informasina/nulisanana….Engke hasilna bisa nyaritakeun/nunjukkeun naon naon ASMA nu geus diajarkeun/dituliskeun ku indung bapana/guruna/’Allah’na. Nya jadi khalifah/generasi gaganti kolotna/guruna/’Allahna’.

Sabab jadina eta budak teh gumantung ajaran/atikan/tulisan/asma-asma nu ngajar nulisanana. loba conto barudak jadi kumaha lingkungan anu nulisan/ngabentukna da masih keneh jadi karang ka Adaman.

Asalna budak teh teu naon naon….ditulisan diasmaan di arahkeun di format kumaha kahayang generasi saacana/utamana kolot atawa guruna lingkunganana…nya naon naon teh jadi aya di budak…nya budak jadi naon naon.

Lila lila ieu budak nu masih gede ka-Adam-an teh diwewelan khuldi ku kolotna/lingkunanana nu jadi ‘setanna’….jadi perlu aya atikan pikeun jadi karang deui…. sab asalna teu naon naon bisa ka naon naon ku naon naon tapi ulah nepika naon naon sanajan jadi naon naon…ulah angger di naon dinaon..

Wah maenya?......wani nyebut kolotna/lingkungana bisa jadi nu ngolo ngolo “setan” nu ngajadikeun karang kaadaman ngasaan sajaratil khuldi?

Kieu geura:…..

Adam nu nuju ni’mat (harti ni’mat = nambah) di jannah (kebon – karang taneuh nu geus diropea nepikeunka bijil tutuwuhan- silib karang kamulyan maha karya Sang Manarah luluhur Galuh)..diulahkeun soteh ngadeukeutan tangkal khuldi..ari hartina khuldi teh abadi/langgeng/angger. Sab kaolo nya bijil aurat (hal nu jadi kaera nu embung katingali batur nepikeun ka ditutupan)…diantara rupa rupa panutup nu jadi kaera (aurat) nu pangalusna panutupna teh taqwa (pengkuh) lain pakean…. TOBATNA (balik deui ka asal/fitrahna ka-Adam-an) ku rumasa moekan/ngadholiman nafsuna sorangan ku sorangana lain ku batur OBATNA ku ngajaran alam rahman nyatana rahmaniyah….(bab IX) ”robbana dolamna anfusana waillan tagfirlana wa tarhamna lana kunanna minal khasirin”…Jst. ---
---
referensi hartos kecap arab (qur’an) tiasa ditingali/nyutat dina/ti Tafsir Qur’an kenging M Quraish Shihab-teras disundakeun.
--

3. ka-adam-an jeung pangaruh khuldi di urang

Kumaha kajadianana ka (urang keur) budak di ka-adam-an? Nepika jadi boga aurat katundung ti jero kebon Karang kamulyan turun ka dunya meunang kangeunah nu sakeudeung sakeudeung sab aya bosenna aya leungitna? (harti kecap dunya = pondok/teu lana – integral soteh saliwat padahal disarungsum ku increment increment)

Mimiti keur budak can hayang sangu…dahar ge di olo-olo….nya meunang ni’mat (nambah) ngasaan sangu…lila lila deudeuieun…si sangu nu asalna di olo olo ahirna diteangan da hayang angger/langgeng (khuldi) ngasaan sangu….tungtungna sok moekan maneh (ngadoliman sorangan)..teu manggih sangu…sanajan geus asup baso/roti/lotek jeung sajabana..asa can wareg nyatu tuluy ditutupan ku neangan ka warung….jadi kufur ni’mat (nolak nambah) ku kadaharan lain nu padahal sarua bergizi…..cobaan cicing di nagara nu euweuh sangu….kumaha nyiksana eta khuldi….Matak tong sok hayang langgeng (khuldi)….. kumaha taqwana??

Bobogohan…mimitina bararingung….tuluy resep tuluy ngeunah…deudeuieun khuldi …dina anggeusanana /da moal lana …asa euweuh deui gantina.. moekan maneh..pohoeun lamun neangan terus manggih nu anyar sok poho kanu heubeul…panggih jeung nu anyar anyar…tanyakeun we ka nu nyandung?...matak diajar tileuleutik di sunda mah mun budak/jelema kudu loba kabogoh meh bisa ulah alih sukma…kabogoh teh hartina karesep..nu loba karesep mah tara katungkulkeun ku hiji..leungit hiji datang hiji taya kasabaranana teu tumamu kanu lian da kahijian hiji sabab aya nu lain memehna…kumaha taqwa pengkuhna?

Mimiti teu apal roko…ngasaan ge diolo-olo/kabita ku nu eunggeus…tuluyna ngabaju (khuldina)..euweuh roko asa sagala poek….ramo ngulapes biwir cembrek…sagala teu puguh….jst..jst….kumaha pengkuh taqwana lamun keur euweuh roko jeung sesek napas bau sungut?

Ti kantor boga kakeuheul..hese leungit da jadi (angger/langgeng khuldi saharita)…balik ka imah jamedud keneh..nolak ni’mat seuri someah satiana pamajikan..nu rek mere ni’mat nambah pangalaman anyar ku kadaharan jeung kaasih..tungtungna hambar gedena pasea rongkah..da bongan poek sorangan ngadoliman sorangan..jst jst jst…kumaha petana taqwa eukeur kitu?

Lamun gelut butuh pamuk, kuat dikadek/ditembak keur perang (dimensi batu dina karang)….lamun khuldi angger dina weduk… teu bisa ngajadi karang ka-adaman-deui…diimah tara deukeut jeung anak (galak wae)… hese someah ka semah da keur jadi panglima moal bisa bisnis usaha dimana pembeli adalah raja matak loba nu poek usaha sok tuluy neangan asihan meh jualan payu….jst ..jst ..jst…taqwa pengkuhna metu dimana?

Nyekel jabatan…terus pangsiun/ganti…lamun katalimbeng deudeuieun hayang angger khuldi…sok asa wae jadi…padahal mantan…karasana syndrome power..munteu bisa taqwa pengkuh narimakeun…aurat kaerana sok ditutupan ku loba omong ngadongengkeun nu enggeus…nu ngadenge bosen..da kabeukina dulu waktu saya anu begini…dulu saya begitu…tah kajiret khuldina sorangan…padahal geus lain laina deui….sorangana teu sadar dijebian/dijauhan batur….taqwana palebah mana?....

Tah komo arek ninggalkeun dunya pindah ka kalanggengan….

Pernah ningali ak-aki/nini-nini/kolot nu rek maot…kabeukina bernostalgia…macaan kitab kafa binafsika na sorangan….ngadongeng pangalaman baheula..tengetan naha rek ngajarkeun mindahkeun tapakna supaya teu jadi khuldina…atawa nu keur kajiret deudeuieun hayang kawas baheulana nu jadi khuldina……; beuki kolot ka-adam-an sok ngurangan nyatana hese diajar (geus hese narima asma anyar) nu anyar (meunang ni’mat nambah)…pan seueur professor/pejabat hese teu tiasa ngadamel status facebook..da geus mintul ku barang anyar hasil ICT (GapTek)..ari kana khuldina nyalira mah norolang…

lamun urang,...geus kasiksa/biasa ku kalangenan sorangan....naon bae nu teu bisa henteu resep dipigawe/dilakonan....kade tarapti nyaliksikna bisi "khuldina" kagedean hese ngaleupaskeunana...kasiksa poek lamun henteuna.

Lamun urang resep dodongeng pernah kitu pernah kieu kamari/mangkukna/baheula...kade teleb nyalusurna bisi karang geus neuasan resep nu enggeus enggeus bae..katalibeng 'khuldi' baheula....padahal ayeuna mah beda... can tangtu payu ka isuk

lamun urang manggih nu anyar -conto fasilitas/aplikasi dina facebook- geus teu hayang diajarna hese ngartina..kade tarapti bisi ka-adam-an geus ngurangan geus mintul/teuas hese diropea deui....

4.Perluna ulikan batara karang

Perluna ngulik ka- Adam-an - ulikan Batara karang- kanyataan karang nu teu kaseundeuhan Angger (khudi)… pakeun ngamanage sorangan nyanghareupan pangaruh 'ka-khuldian' saperti sababraha conto nu disebut diluhur....saperti oge nu sok sering dipenta dina do’a nur buat embung kapasihan panyakit ka-adaman-‘…wa qakullaha min bani adam”…kumaha cara TOBATNA (balik deui ka asal/fitrahna ka-Adam-an)? kumaha nyatana OBAT alam rahman kanyataan rahmaniyah nyanghareupan jamaliyah jalaliyah di tangtung nu nyiksa lamun katalimbeng khuldi kaanggeran???

Katangen gening,...poe ayeuna beda jeung poe isuk…

Euweuh nu angger..datang jeung pamitan teu bisa diulah ulah..da kitu beukina…. Kawas cai palid disusukan lulurung terus katutur..ari karang mah kitu hayu kieu hayu kitu bisa kieu bisa….datang pupuk jadi subur datang runtah bisa bau…kurang dipelakan longsor..dipiara jadi karang karesnan…teurak bisa soek eukeur…pamuk weduk sang Aji luhur pangaji….nyiksa soteh lamun deudeuieun…hayang angger khuldi kawas nu enggeus…. matak dicaram Allah ge puguh buktina.

Malah..tangtu katangen kusorangan....tong boro jeung batur..urang jeung urang ge tara angger..beda ku usum ku umur..mun keukeuh wae khuldi ka baheula/kamari/sabaraha menit nukaliwat..hayoh ngilu lumpat jeung budak ngora lain sehat kalahka nambru..jantung geus teu kuat....dongeng pikaseurieun menit tadi tadi didongengkeun deui ayeuna can tangtu dianggap lucu.

Pangrasa ayeuna jeung engke jeung isuk jeung kamari tara sarua jeung nyatana...matak nu sok diri dijadikeun acuan...kapoekan teu bisa leupas.....tina khuldina.

Matak kolot kolot nu luhur elmu jalma wijaksana nu pantes jadi seuweu Adam anu mulya kahifatullah mah:….

Pinuh ku tumarima…..sabar tawekal pengkuh dina kayakinan (bab VII) tara boga kasieun kunu eunggeus kahariwang ku nu acan…permana apal ka awak…ninggalkeun dunya… unggal usik….dileupaskeun tara jadi khuldina....sagala kumaha BrehNa(lain kawas budak kumaha behna)...narimakeun ku ayana tara khuldi ku euweuhna.

Ingetan/elmu/tapak hirupna loba dipiceun (istilahna diisingkeun deui) ku cara di tuliskeun diantarana kana buku/layang/do’a (ayeuna mah meureun hardisk/cd/blog he he he)…meh teu di tanya wae ku batur/murid/anak incu… jadi dileupaskeun/di bikeun kanyaahna teu jadi khuldina….hayang lugina tiis ceuli herang mata engkena….euweuh kabeungbeurat da geus jelas wasiatna, tarapti murak dadasar leupas teu angger katalibeng tapak kadunyaan…

Leuwih kongas deui luluhur nu ngawasa batara karang ditepakeun ditapakkeun ka sabudeureunana saperti nu katrigger ayeuna pustakana dikabuyutan kabuyutan….sadayana dileupas teu jadi khuldi anjeuna dina madep ka nu maha suci… da asalna ge teu naon naon…nya teu naon naon deui…kenging naon naon teh nuju keur naon naon di dunya… boroeun anu di dunya (jadi karamah jadi barokah jadi safaah kanu eukeur di dunya deui)….maungna di simpen keur nu butuh ngarajaan leuweung hirup…wedukna disimpen jadi tutunggul ….bedasna disimpen dina jajantung…mokaha aya dijero bekelna kasumedangan awak…

Lamun perlu awakna bisa ngawujud deui ( sok jadi kawenehan kanu tepungna)…

Lamun perlu nyieun awakna angger- teu ruksak kaurai mikroba- bari make trigger waktu ku itikad ke lamun geus kajadian anu atawa geus datang anu,... atawa geus robah jadi anu…karek lebur papan karo tulis…jll, ...jll,...jll... warnaning kawijaksanaan….moal jadi naon naon ka aranjeuna da naon naon teh kabeuki nu keur naon naon di dunya.

Kongas aya babasan patepang silih rawatan papisah silih pilali……datang jadi nur nu aen….tumarima dina ka-adaman sirna balik deui ka ka-adam-an.. sakeudeung salila di dunya..ukur gaganti…. gunta ganti sukma sinukma murbawisesa….indit buhung balik buhung pada pada buhung.

---

Make pamahaman saperti nu diluhur ayeuna urang ngoraan deui…nilik ulikan Batara karang tedak sunda…ngajawab inquiry nu ditepikeun dina bagian panganteur:…naon sababna (dina level batara karang makam mana) aya jasad nu masih beleger disebut ngawasa ajian batara karang?.....lebah mana onjoyna ti kajawaan?....kumaha tahapan/tingkatan makomna?…metodana? naon indikatorna? Ameh ngawengku kaharti karasa tur bukti…ameh jadi ulikan empiris tuturkeuneun (paling saeutikna bahan iloeun) nu daek ngulik Jadi kanyataan Karang nu pantes dina pangkat ka Adam-an.


BRAY SUNDA BRAY MANCUR DI BUANA TANGTUNG.

Bagian salajengna urang kintunkeun upami pareng…..

Ajian Batara Karang: Ageman Pakeun Jadi Khalifatullah Fil Ardhi !? (1)

Kecap petingan: Batara Karang, Adam, Khalifatullah fil ardhi, Kasumedangan, Sajaratul khuldi,

I. Panganteur

Puluhan taun katukang mun teu salah mah taun 80an di daerah Ujung Berung Bandung pernah geger aya tukang gali manggihan mayit nu geus ratusan taun beleger keneh. Harita teh keur usum mindahkeun kuburan umum keur dijieun perumahan, diantara tulang-taleng sesa awak jelema pas lebah tangkal caringin gede ka gali aya mayit lengkep keneh dibungkus kulit nepi ka buuk-buukna (digelung) bari kukuna paranjang...harita teu kaburu nyaho dikumahakeun eta mayit teh, ngan nu jelasmah ceuk cenah matak kitu teh sabab eta jelema baheula teh ngawasa elmu batara karang ...nyaeta cenah elmu kanuragan elmu weduk lir batu karang teu kuat dikadek nepikeun ka paeh ge angger awakna teu busik....hanjakal teu apal dikumahakeun eta mayit teh, nu jelas mah teu dikamusiumkeun.

Sabaraha taun saenggeusna,...

ditempat lain, di daerah Tasik pakidulan kabeneran manggihan hal nu sarupa. Waktu warga keur nugar tangkal manggihan deui jasad nu beleger....sarua deui geger...pada silih tanya saha nu ngagangguna ditambah balarea baroga kasieun ku tulah tina ngahudangkeun ’jurig’ jawara sabab perbawa tahayul rekaan atina nu cenah pasti baheulana ieu jelema boga ajian batara karang. Tapi, kabeneran papanggihan nu kadua ieu mah bari ditambahan ku nganyahokeun ’solusina’. Sore eta keneh aya kokolot lembur datang nganggeuskeun pasualan. Eta mayit diasupkeun kana munding –nu geus dipeuncit jeung dikaluarkeun jeroanana heula- bari saeunggeus diparancahan bur weh dipiceun ka laut.

Ngaliwatan dongeng-dongeng jalma rea jeung papanggihan diluhur....

Harita, sakuringeun, kecap Batara Karang atawa batu karang (disaruakeun) boga rasa kecap nu goreng nyaeta kecap nu ngan dipikaneneh ku preman, garong, begal, jawara jeung sabaturna nu ngajarago sabab weduk, kalakuana kawas-kawas jauh ti jalma ’bageur’ jauh tina wawadi agama. Basa hayang nyaho tatanya ge kaburu kandeg dihuitan ku guru ngaji ”ulah ngelmu kitu jang...eta mah elmu teu matak sampurna... hirupna sok teu hurip komo aya guna keur papada mah....malah tingali we ku hidep.... geus maot ge awakna teu bisa ruksak teu bisa mulih ka jati mulang ka asal”.

Bisa jadi meureun sabab jasad nu lain mah lebur deui jadi taneuh (terurai ku mikroba jadi sirna) ari ieu mah angger teu ruksak...jadi we dianggap teu sampurna. Beu.... padahal lamun bisa teh meureun keun bae hirup mah kumaha aing weh... ngan geus pasti lamun paeh teh bakal kasohor, Fir’aun ge nepikeun ka ayeuna pada ngadeugdeug sabab aya bukti mayitna - bari manehna mah kudu di balsem...ieu mah teu kudu da kuat sorangan. Lumayan jadi aset wisata pakeun nagri nu loba hutang.

Tapi ketang,..... pas rek nambalang teh aya deui ingetan lain: kumaha mun dijadikeun ’percobaan’? jeung diera-era disebut kafir? wah meureun karunya anak incu susaheun bari nyirnakeuna ge kudu nyusahkeun batur sabab mahal kudu meuncit munding sagala..mending lamun mundingna aya keneh lamun ’punah’? meureun anak incu kabere geugeuleuhna...hanas saaingeun mah keun bae da geus paeh ieuh kasebutna.

Saur guru ngaji di kampung mah kieu ”urang mah kudu diajar bisa innalillahi wa innailaihi raji’un sampurna balik sampurna. Sampurna ning beak sirna raga sirna rasa. Malah kongas cenah luluhur baheula mah nepikeun ka barisa tilem-ngahyang. Jelemana jagjag keneh dina waktuna mulang ka kalanggengan teh bari langsung nyanggakeun badanna ku nyalirana ka nu Maha Suci teu kudu nungguan dibantuan ku alam” (tingali ngeunaan- ngahyang/tilem di alam kami).

Atuh niat tatanya ka kolot-kolot lembur tangtung sunda teh jadi pugag harita mah sabab elmu batara karang atawa sok oge disebut (disaruakeun jadi) elmu batu karang teh lain ngeunaan kasampurnaan nu oge cenah teu saluyu jeung ajaran agama (islam)....malah-malah di Jawa ge sarua, diantarana nu didugikeun ku Sunan Mangkurat IV, ieu sesepuh jawa teh masihan wawadi (tingali: Ma’rifat kejawen ) yen ulah diajar elmu Batu Karang sabab –singketna- lain elmu kasampurnaan nudipirido ku Allah swt.

Ngan.....

kadieunakeun aneh pisan.....

Dina ulikan kasundaan mah (nu ngaos kedah nganggap heula ieu kasundaan versi-sateuacan ngabuktoskeun ku cara empiris tina metoda/teknik nu didugikeun/dipendakan leres henteuna)....dina salah sahiji ulikan poko kasumedangan (elmu madangan/nyaangan batur –ulikan advance dina kapajajaranan) salah sahiji atikan pokona teh manusa kudu JADI Kanyataan Karang. Jadi kanyataan Karang teh cirining kasampurnaan hiji seuweu sunda... sasat-sasat hasil tina ngulik Batara Karang (salian ti jadi kanyataan Ujung Kulon jeung Ratu Galuh – (tingali: diantarana tulisan ”sasaka kabantenan jeung nanjeurkeun deui Pajajaran tangtung”).

Aeh naha jadi muter deui?... panggih deui jeung ajian batara karang ?? boa kasundaan nu ieu teh memang enya lain ulikan kasampurnaan?? naha luluhur sunda bet ngajarkeun batara karang/kanyataan karang? naha beda jeung ajaran seuweu jawa nu nyaram ngulik elmu batu karang?... tulisan ieu insya Allah rek ngaguar eta sakadugana.

II

Dina ulikan kasundaan hususna kasumedangan (elmu madangan nyaangan batur) saperti nu disebutkeun dina bagian panganteur aya ulikan utama (advance) jadi Kanyataan Karang, nu saliwat mah –sabab geus katumanan ku rasa kecap karang nu hartina teuas/weduk /kanuragan/ nu teusampurna – ulikan batara karang nyoko/boga warna mangrupa ulikan kanuragan supaya jadi weduk mungkul.

Ngan sanggeus ditilik-tilik ditatanyakeun mah...

Ulikan hayang weduk mungkul mah, lain ku cara ngulik nepi ka batara karang tapi ku, biasana, cukup ku puasa/matigeni sababaraha poe - bari migawe hiji latihan, diantarana aya, ku make olahan napas make ritme husus supaya ngawangun hiji ’field’ kana awakna atawa wiridan nu prosesna pakeun bisa museurkeun saraf kana hiji ’koordinat’ rasa make metode tertentu jeung kudu wae di ’resonansi’ kunu geus bisa (utamana lamun teu make puasa) - nu diajar bisa weduk.

Bari nu kitu teh,...

Sok baroga pantangan bari mangaruhan karakter nu ngulikna/mangaruhan rijki (cara babandana) jrrd gumantung kana muhitna. Jeung utamana kudu apal cara ngaleungitkeunana deui -install jeung uninstall- aya nu install jeung uninstallna teh ku guruna, aya nu bisa kusorangan di uninstall ari rek paeh, aya oge -nu alus mah- bisa diinstall/uninstall ku sorangan iraha wae sakarepna) (tingali – bagian IV atawa tulisan ’Kanuragan kami naha enya kanuragan?’).

Na nu kumaha atuh ajian batara karang jeung jadi kanyataan karang teh?

Memeh ngadadarkeun kanyataan karang tina ulikan batara karang. Urang tepikeun heula caritaan ngeunaan naha jalma rea kaayeunakeun loba nu nganggap batara karang saperti diluhur?

Urang mimitian ieu ku guaran nurutkeun istilah nu dipake....

1. Harti Kecap KARANG

Lantaran kagegedekeun ku kabiasaan make Basa Indonesia jeung beja ti jalma awam yen loba jelema nu cenah weduk teu raheut ku bedog disebut ngabogaan aji batara karang kawas carita diluhur, kecap karang ku para ahli basa sunda ayeuna leuwih di asosiasikeun kana kecap batu karang (Indonesia) batu nu teuas nu kapanggih di laut ( tingali - Kamus umum Basa Sunda LBSS 1992).

Matak tuluyna....

Eta entri jadi siga teu nyambung pas nyaritakeun harti kecap karang dina maksud ’karangan’ jeung sajabana. ...tuluyna dadaran eta entri...pakarangan cenah, misalna, tanah sakuriling imah, ngarang nyieun carita, karangan hasil ngarang jeung pangarang nu ngarang.

Sabenerna di kampung mah…

Harti kecap KARANG teh TANEUH. Karang kawas taneuh hideung dina kulit nu koneng/bodas. Ieu nu teu ditulis dina entry kamus jeung geus jarang ka sungsi ku umum. Ari taneuh mangrupa barang nu bisa diolah jadi naon wae (sabab bisa) jeung tempat hirup mahluk. Hartina kanaon wae bisa: dirawat subur, diruksak ngahgar, digali dieksplorasi bisa sagala aya nyampak pakeun sagala kabutuh mahluk tur pakeun ngaruksakna; Dipelakan bisa (jadi media ti sakabeh tutuwuhan), digahgarkeun bisa. Nu lembok hejo aya nu jadi sagara keusik aya. Nu paeh jeung nu hirup bijil, cicing jeung asupna (paeh) ka dinya. Pokona mah taneuh mah dikana naon jeung dikumahakeun ge bisa lir ibarat budak nu kawas kertas bodas dikumahakeun ge bisa kumaha nu nulisanana- Ari batu karang (basa Indonesia) sisi basisir mah di sunda sok disebutna batu cadas pan aya tempat kakoncara ngarana cadas ngampar!!??

Matakna...

Kecap pakarang ngandung harti barang (beusi umumna) nu geus diolah ditempa diseukeutan dido’aan (sabab bisa) nepikeun ka jadi seukeut atawa aya peurahan); Pakarangan taneuh sabudeureun imah nu geus diolah (sabab bisa diolah) ku sabangsaning tutuwuhan jeung rupa-rupa kumaha kahayang nu boga; Di Kuningan aya kecap Karang Asisten Wadana hartina imah camat. Sabab taneuhna geus dijadikeun tanah pamarentah dijadikeun milik camat (sabab bisa).

Saluyu jeung eta...

Harti kecap karangan mangrupa hasil olahan tinu bisa di olah (ide) jadi hiji susunan carita/karya (sabab bisa); Pangarang jelema nu uteukna bisa diolah/dipake nyusun carita (sabab bisa); Kawartikeun nepi ka ayeuna tempat sumarena Sang Manarah luluhur Galuh disebutna Karang Kamulyan sabab mangrupa taneuh kamulyaan hasil olahan (sabab bisa) eta seuweu siliwangi; Aya Karang pawitan di Garut nyatana taneuh tempat kumereb nu jadi ’modal/aset’ hurip (sabab bisa); Aya oge karang anyar di nagri Bandung (meureun baheulana mah) taneuh nu karek anyar dibukbak dijadikeun panganjrekan (sabab bisa). Aya deui karang kambang taneuh (pulo leutik) di sagara nu teu karem ku ombak laut kawas ngambang luhureun sagara.

Jadi sakali deui.....

Hartina karang di sunda mah taneuh.... matak tangtu pada nyaho naon ari banjar karang pamidangan?.

2. Harti kecap BATARA

Kecap Batara aya sabaraha harti:

Kahiji, Batara diwancah tina Ba hartina 2, Tara kaahlian/’manifestasi’. Jadi hiji jelema di sunda boga gelar batara sabab ahli ngawasa atawa tapis dina 2 hal lahir jeung batin matak jadi panyaluuhan lir dewa (tingali ’Dewa Ruci’) kongas diantarana Batara Guru di Jampang jeung Batara Sakawayana.

Kadua, Bhaṭāra dina hindu cenah Rasulullah keur ngauban manusa, kawas Avatar (awatara) saperti Rama jeung Krisna. Batara ngawujud jelema, teu kabeh dewa jadi batara.

Katilu, Di Bali oge dina wayang di sunda Kecap Batara disaruakeun jeung kecap Dewa. Dewa wisnu disebut oge batara wisnu, dewa siwa batara siwa jst.

Tilu harti tina kecap Batara diluhur masih sawarna nu bisa dijadikeun arahan yen Batara ngandung harti manusa nu geus bisa ngauban alam tur eusina sabab tepi lahir tepi batin bari lahir batinna waluya nangtung ajeg, nu kitu sok jadi panyaluuhan jelema da bari sok ngauban nu bakating ku dipuhitna ku nu butuh lir jadi wawakil Pangeran nu murbeng alam.

Ana kitu.....

Ajian Batara Karang nyatana ulikan/jampe/tips/ajaran nu ngajadikeun atawa ngarahkeun nu ngulikna ngawasa lahir batin ngeunaan sifat-sifat taneuh nepikeun ka ngarti jeung jadi atawa timbul hakekat sifat taneuh (bisa kana sagala jeung ku sagala bisa) eta dina dirina.

Ana kitu....

Ulikan kasumedangan nu diantarana supaya jadi kanyataan (hakekat) karang (lain jadi karang/taneuh) ku jalan ngulik batara karang – ulikan lahir batin supaya boga/ngawasa hakekat taneuh salila di dunya. Kanyataan karang ngandung harti jadi kanyataan (hakekat) taneuh lain jadi kanyataan batu dumasar kana arahan nu asalna ti nu Murbeng Alam. Ulikan na dumasar ti Nu murbeng alam Allah swt sabab dipakena pakeun ngauban manusa (hakekat ka-bataraan/ka rasulan..)

Naha nu awakna weduk bisa bijil tina kamampuh Ajian Batara Karang? Naha nu jadi pamanggih umum ngeunaan batara karang salah kabeh? Naha nepikeun ka nu satingkat sunan Mangkurat IV ti jawa ngaulahkeun ngelmu karang ?? jadi naon atuh beda/onjoyna kasundaan jeung kajawan?? (bagian VII)

Ari Batara Karang arahan tinu murbeng alam mah atuh tina agama ayeuna islam oge kudu aya ...mana saksina...?? kumaha carana/metodana/paradigmana ??