RAJAH PANGBUKA

(Dangdanggula)
Sagala puji kagungan Gusti
Nu ngaraksa ngariksa saniskara
Nyaah tur asihna temen
Murba balitung tangtung
Mung ka Gusti abdi nya ngabdi
Miwah neda tulungna
Tuduhkeun kulanun
Jalan lempeng kenging ni’mat
Sanes jalan anu sasab sasar diri
Tur danget kabenduan

ANTARA KASUSAH JEUNG KASENANG

Ulah ngarasula lamun pareng keur meunang kasusah eta teh kanyaah kaasihna nu maha asih maha nyaah supaya urang daek leah (leuwih leah) ngado’a menta ngan ukur ka nu salila ieu enya enya marengan ngauban bawa jeung mamawa maneh - sing kapanggih yen enya euweuh deui nu bisa jeung daek nulung iwalti nu ngauban dumasar pamenta/ kahayang/ do’a sorangan, ngeunah geura geus kitu mah. Keur senang mah sok kapopohokeun hese husu sab batur batur dulur dulur anyar pinanggih dikadunyaan nu pada deukeut pada hayang diaku bari geus umumna ari jalma mah sok katungkulkeun ku kasenang.

Dulur dulur batur batur nu deukeut sab maneh senang moal datang lamun maneh keur susah. Kitu oge sabalikna engke manggihan nu jadi dulur jadi batur waktu maneh keur susah sok tara jadi terus deukeut lamun maneh geus senang da hirup mah papasangan owah owah ing SIR. Matak engke kudu bisa nyusah nyusah maneh bari senang kasebut basajan tara nyirikeun maneh senang teuing; kudu bisa nyenang nyenang maneh najan keur susah tong betus kaciri susah ucah aceh ka batur kasebut jelema sabar wekel kuat nahan nu karandapan ameh angger boga batur diduanana. Moal dipupuas ku nu deukeutna lamun urang senang moal dialah alah ku nu deukeutna lamun urang pareng susah.

MORO MALAIKAT

Tibatan moro bagong (karunya satona) moro jurig (kateuteuari) moro nu gaib gaib (loba tipu tipu jeung mopohokeun nu nyata nyata aya, euweuh deuleueunana sab sok kagelo ku nu euweuh euweuh) Mening moro malaikat, puguh puguh euy!!

Waah kawas heueuh we wani wani, mana euradna kumaha ngeuradna ari taeun teh?? 
Kieu geura dongeng kampungna nu urang mimitian heula ku adeg adeg nu jadi pamianganana ameh engke puguh juntrungna puguh tuturkeuneunana. 

ADEG ADEG 

TUJUH OLEH OLEH RAMADHAN (I):


BEKEL KEUR NU GEUS DADAEKANAN BOBOR SHIAMNA NGABOCORKEUN DEUI NAFSUNA LEBARAN NGALELEBAR MANEH TURUN META NGENCAR DEUI DIKANAFSUAN KAJELEMAAN.


Puasa Saumur Umur Lebaran Unggal Usik, Cacarita Jeung Allah Nanya Ka Allah, Metuna Pituduh/Papasten Metana Kamatihan/Kamampuhan, Moro Malaikat, Kembang Wijaya Kusumah, Kitab Nu Teu Dikekelek, Ulikan Karahayuan/salam.


1. PUASA (SHAUM) SAUMUR UMUR


AL-Qur’an nyebutkeun yen nu kaasup mareunang ampunan ‘forgiveness’ jeung pahala ganjaran nu gede ‘great recompense’ ‘magfiratan wa ajran adhim’ teh nyaeta ‘shaiman wa shaimat’ nu puasa boh lalaki boh awewe teu dibeda beda (surat Al Ahzab 33:35).


Ana kitu, ngeunaan puasa, yen nu meunang ampunan jeung kaalusan/ganjaran nu gede harita dina tangtung teh lain ka anu geus pernah puasa, pernah puasa baheula, pernah bulan kamari puasa, pernah puasa keur cageur/kuat. Oge lain, karek tadi, karek bieu puasa eureun nahan napsu. Jeung deui, tangtu ampunan jeung ganjaran nu gede harita teh lain kanu karek arek puasa, hayang puasa. Komo nu tara puasa, teu bisa puasa teu daek puasa. Singgetna ganjaran jeung ampunan teh lain keur nu teu puasa geus bocor dikanafsuan bobor shaumna tapi keur saha bae boh lalaki boh awewe nu puasa keur puasa ‘shaiman wa shaimat’. (Bocor=miis, bijil, tembus, teu kawadahan/kahalangan/kajaga; Bobor= gagal/eleh/eureun).

Jadi tangtu lamun hayang terus meunang ‘magfiratan wa ajran adhim’ ampunan jeung ganjaran nu gede teh kudu tuluy puasa, tutuluyan aya di alam shaum, manjing puasa satutuluyna saendeng endeng. Matak aya waja nu semp(l)ak babasan di lembur lembur caritaan kolot kolot kahot:


“Euy, sing bisa puasa saumur umur ……ameh bisa lebaran unggal usik…resep jeung ngeunah geura “


Waaah maenya?


MAUNG SILIWANGI: KAMATIHAN KAMAMPUHAN TINA HIJI KAPERCEKAAN NU DIMITOSKEUN KU BEO

PANGANTEUR

I

Maung Siliwangi dina ieu tulisan dimaksudkeun kana, saperti enya enyana caritaan sakakala, para pamuk senapati Prabu Siliwangi nu dareuheus jeung jaradug katut wadya baladna nu diahir karir mantena ngiring sirna ti jalma rea bari satuluyna lamun kabeneran pareng paamprok jeung ngadatangan/didatangkeun ka jelema ayeuna tariasa mangrupakeun maung.

Sedengkeun maung didieu lain ngeunaan maung ceuk tukang kirata nu ngahartikeun kecap maung sakadaekna jadi kecap wancahan, misalna, maung-manusa unggul, maung- jelema burung atawa maung - nu (datang/rek dikawinkeun) ngan carekna mamawa irung mungkul, tapi maung didieu mah dinu harti nu saenyana nyaeta sato harimau/macan di sunda. Ensiklopedi Sunda nyebutkeun basa latina nyaeta Panthera Tigris Sundaica.

Sab sato maungna sorangan geus jarang kapanggih, malah geus dianggap punah, caritaan urang urang lembur mah ngeunaan maung teh leuwih nyoko kana hal elmu/ulikan jalma baheula nu pokona museur ka wewesena Sang Siliwangi sareng wadya baladna nu masih keneh natrat aya djaman ayeuna malah dipake jeung diterus ajarkeun, diatarana, ngeunaan nu aya hubungan jeung maung – karawas/jaradi maung.

SAS(T)RAJENDRAHAYUNINGRAT DI SUNDA (II)


Dijaman Islam: Sasra Jadi Sastra, Asalna Ulah Malah Eukeur-Pakeun Buta/Dhiyu Sasat jadi Sastrajendrahayuningrat Pangruwating dhiyu.

III

Sanggeus Islam asup ka tanah jawa kaasup disunda jeung wayang dipake media nyebarkeun Islam, maksud Sasrajendrahayuningrat ngalaman robahan harti/maksud nu gede pisan. nu palerceka dina nyebarkeun ajaran, dingawitan ku para wali/wali sanga nu puseurna di Cirebon, ningali/nyaho ayana value/konsep heubeul/Hindu nu ditepikeun dina carita Arjuna Sasrabahu. Nya masieup deui ieu kapercekaan nurutkeun versi Islam.

Sasrajendra dipilih lain sasra bahu sabab Sasrajendra mangrupakeun ulikan nu jadi usaha jelema pakeun naek unggah undak ka level maqam nu pinunjul- ti handap ka luhur. Jadi bisa aya gunana keur da’wah sab dipikabutuh dipikaresep jeung bisa diconto ku rea rea jalma biasa –ummat. Lain kawas Sasrabahu nu dipimilik ukur ku raja/menak atawa saurang dua urang nu pareng jadi titisan katiban pulung.

Kumaha ari dongeng dina wayangna? palerceka na jalma baheula teh, dongeng na teu robah angger ngeunaan/disimpen dina kasus ngawuruk elmu antara Resi Wisrawa jeung dewi Sukesih nu ahirna jadi sagebrug. Tapi eusi elmuna atawa nu dimaksud sasrajendra jadi kawas dihandap ieu:

SAS(T)RAJENDRAHAYUNINGRAT DI SUNDA (I)


BUBUKA

Wayang teh najan geus diropea dipasieup ku rupa rupa kapecekaan sunda nepikeun ka ngabogaan wanda sorangan jadi kareueus sunda, paling henteu saperti nu didugikeun/dicatetkeun ku MA Salmun (1954), kapercekaan asal ti jawa-lain sunda asli. Jadi, Sasrajendrahayuningrat nu jadi poko ieu tulisan ge kapercekaan asal ti jawa dina nganepikeun ajaran.

Dongeng ngeunaan Sasrajendrahayuningrat geus nerekab disunda ayeuna sab wayangna didugikeun bari dibeungharan ku kreatifitas dalang dalang sunda nu matak pikaresepeun balarea bareng jeung upaya nyebarkeun agama Islam katut pangaruh politik jawa nu pernah ngawasa sunda (mataram-Islam) baheula. Nya urang urang ayeuna nu sok resep kana dongeng dongeng ti batur paboro boro hayang nyaho meujeuhna keur nambah luang memeh diakurkeun jeung titinggalan titinggalan luluhur nu laina nurutkeun kabutuh awak.

Ngan kusabab ayana robahan pangaruh hindu-jawa tuluy jadi Islam-jawa dina wayang, maksud jeung hartina kecap Sas(t)rajendrahayuningrat ge robah robah nepikeun ka loba nu jadi teu puguh juntrung nu sabenerna kasaput ku rupa rupa warna versi nu ngahartikeun maksudna. sab loba versi ieu, urang tuliskeun versi nu kapanggih ti lembur ameh engke bisa milih mana nu leuwih pantes tina rupa rupa pamanggih pakeun minuhan unsur kaharti karasa kabukti.

SASRAJENDRAHAYUNINGRAT DI SUNDA:

Jaman ‘Hindu/Pra Islam‘

I

Sasrajendrahayuningrat mangrupakeun ngaran hiji ajian/ulikan dina wayang/sastra hasil kapercekaan bujangga jawa baheula nu ditepikeun/aya dina jejer carita wayang/kitab Arjuna Sasrabahu. Sasrajendrahayuningrat, dipondokkeun jadi Sasrajendra, asal tina kecap ‘Sasra Jaya Indra Rahayu Ning Rat’.

Ieu ajian/ulikan sasrajendra kacaritakeuna dina kasus kawin resi Wisrawa (resi anyar2 -karek pangsiun tina jadi raja) jeung dewi sukesih (buta/dhiyu ngora keneh/mojang) pimantueun /pipamajikaneun anakna nyaeta WisRawana (disebut oge danapala sab jadi raja di lokapala) nepikeun ka boga anak Rawa-na (nu ngandung maksud adina Wis-Rawana) kusabab kasus nurun ajarkeun eta ajian (ulikan). Kajadian kawin ka murid pimantueun teh sabab para dewa teu satujueun dina harti ajian Sasrajendra teu meunang dikawasa/dikanyahokeun ku buta atawa turunan buta (tingal: MA Salmun, padalangan, 1954).

Dumasar kana kecap asalna:

SESEBUTAN DEWEK

Kuring lalaki/awewe/kolot/ budak
kumaha kaayaan kurung.
kakuringan kuring aya mo sirna
ngurungan kuring
sab kuring boga kurung keneh.

Cadu teuing kakuringan kuring
hirup dijero kurung batur-
can tangtu sasereg awak
kitu oge,..
kakuringan kuring aya di kurung batur
-moal ngeunah

Kurung maneh keur maneh
kurung kuring keur kuring
ngeunah muka ngeunah miceun
ngeunah make ngeunah molah
da sakurungna sakurungna
moal rek silih injeuman.

Ngan kuring mah moal lana
engke mun lengit kurung
moal aya kuring.

Matak lamun keur asa teu boga kurung
teu nalipak ka kurung
nu ngajadikeun ayana kuring
tara aya basa kuring.

Paling ngaabdi abdi mun panggih jeung gusti
padewek dewek mun panggih jeung silaing
jisim jirim nyaritakeun lahir jeung batin
adi akang anak bapa incu aki nyaritakeun papasangan
aing sia kami dia mun pareng disada abar abaran
bari meunang ngaran sapanjang jalan.

ABU LAHAB ‘SEUNEU/BEUREUM’ DI URANG AYEUNA, GEUS MANGGIHAN ENCAN?



Abu Lahab teh sesebutan/jujuluk goreng/kecap metaphore keur pamanna Sayidina Muhammad, ‘notorious’ Abdul Uzza bin Abdul Muthalib, nu jadi lulugu lampah nyebarkeun hurungna durukan kagorengan nu lir lelentaban rek ngaduruk batur, ngan ahirna kasundut kaduruk kalentab sorangan (Abu sundana Bapa, Lahab hartina seuneu ngalentab; ‘father of flame’).

Harta bandana ieu ‘seuneu nafsu’ teu guna, cape gawena teu mangrupa, kempreng, huam dangiang, hirup euweuh pihargaeuna taya piladangeunana. Tuluy, sorangana kaduruk naraka siksa diri pribadi. Kitu oge lampah nu sok mapanas nyundutan ngadongsok ngipasan kagorengan, ngaliarkeun taleus ateul, ngadu ngadu rajawisuna, asup kana babasan nu nyiru rombengeun, ceuli lentaheun, biwir teu diwengku, nyuluhan handaru batur. Hurung ruksak henteu hurip sab kabehanana eta lampah teh nyangreud nalian nyiksa sorangan.

-----
(Kinanti)


Nyalindung ka Maha Agung, Maha Mulya Maha suci, Allah nu maha uninga, tina poek sasar diri, alatan gogoda setan, nu nyiruruk nyiriwuri.
Kalawan asma Hyang Agung, marengan lampah sayakti, nu janten marga lantaran, sadaya usik ngajadi, nyaah asih taya kendat, nganteur mahluk nu kumelip.

Al Lahab (seuneu)
Surat ka 111 - 5 ayat


KABUYUTAN RENGGANIS: Kapercekaan Anu Samar Ku Kabodoan Ayeuna & Pangaweruh Meruhkeun Gunung ‘berapi’ Nu Diluliluli (Bag I)

I. PANGANTEUR

Kabeneran libur muludan kamari, malem 24 januari 2013, pareng bisa muludan di kabuyutan Gunung Rengganis. Malah umur umuran, ngabungbang teh nepikeun ka ngalaman meuting didinya. Kabuyutan Rengganis baheula mah loba kasebutkeun ku balarea kabuyutan batu ngangkang pedah aya batu satangtung (lingga) ukuran kira 1,8-2 meteran nu ajeg nangtung teu napak ngangkang kurang leuwih 10 cm luhureun taneuh-aya oge nu nyarita cenah 20 sentian.

---
Dicatet kurang leuwih 10 cm the sab tahun 2000an pernah nyaksian langsung aya jelema datang peuting2 mawa barudak ngora kurang leuwih 7an daratang ngabuktikeun ngangkangna eta lingga. Eta jelema ukur nangtung bari mapatkeun rajah nu laina caringogo nyingraykeun batu2 nu ngahalangana -nu teu tapis dina rajahna mah cenah tara wani ngoreh ngorehkeun acan. Sanggeus enya kabukti mah dibalikeun deui kana tempatna bari metakeun deui rajah panutup. Hanjakal teu nyaho urang urang manana ngan ngakuna sok raresep datangna the malem saptu pahing.
---

Ari gunungna salian ti disebut Gunung Rengganis (aya tapak luhung Dewi Rengganis didinya) aya oge nu nyebut gunung satria (sab aya kajadian sikep satriana luluhur Pajajaran dina nganggeuskeun masalah pacogregagan diantara dulur dulur bangsana katut sifat berkorbana hiji satria nu heman nyaah ka pijagaaeun nu kajadiana di eta gunung), aya oge kasebut gunung cakrabuana (sab aya kakantun Sang Tajimalela Resi Cakrabuana tuturus agung Sumedang larang).

Kabuyutan Rengganis ayana di daerah Sumedang Kidul kurang leuwih 7 km ti Desa Ganeas/Cikoneng. Ngaran kampungna kasebut Dayeuh Luhur pedah pernah jadi tempat ngungsi pamarentahan nalendra Sumedang larang panungtung Pangeran geusan ulun. Ieu kabuyutan geus aya ti zaman Medang Kahyangan jauh saencan jaman Sang Siliwangi Jaya Dewata najan ayana lingga ngangkang mah didamel ku salah sawios luluhur Pajajaran kadieunakeun dijaman Sumedang larang sanggeus Pajajaran burak.

Pernah baheulana Waktu Sumedang larang kaereh dengeun (mataram jeung walanda) ieu kabuyutan teh samar euweuh nu nganyahokeun tur ka kaluli luli. Atuh kapaksa salah sawios luluhur Sumedang mati geni 7 dinten 7 wengi dina luhur tangkal pakeun mendakana deuina--Kawas sumur zam zam di Mekah nu kapendak di jaman Siti Hajar-Ibrahim as, cenah, pernah katutupan/teu bijil dina waktu nu lila, kapanggih kapanggih deui sab ditarekahan ku Sayidina Abdul Muthalib eyangna sang Rahmatan lil alamin.

Nya pareng dina wengi ka 7na, ieu luluhur Sumedang teh ningal aya cahaya-cahaya gilang gumilang mancur ti luhur gunung Rengganis. Pang mancur mancurna nya tina batu lingga nu ngangkang eta. Teras we dibaladah deui bari kana sababaraha tapak luluhur dipasihan deui tawis ku batu batu sab batu teh pohacina ratuning taneuh. Misalna wae, dilawangna disimpen batu ngajegir saopat opat. Oge, dipetakeun deui rajah rajah nyieun wangunan kabuyutana kaasup jalan jalana.

Tuluy, utamina ku kawijaksanaan Pangeran Mekah, eta lingga ajeg nu Nantung teu nempel kana taneuh teh dipiwarang ditutupan ku injuk, jeung dibalai handapna ku batu batu sakeupeul nu ngentepna di trigger ku pamasieup rajah turun manurun, sanggemna: ‘supaya teu kaciri teuing ahengna ku jalma saliwat’.

Ayeuna mah ku kabodoan, dirarobah kawas kuburan gaya arab nu keur ngetrend, make keramik, teneuhna ditembokan/dipaving blockan, dikurungan, batu batuna ditalian/dikawatan, pangalaan taneuhna disaeuran, dijieunkeun tempat modol jeung kiih ukur memeteran tina ayana batu ngangkang-ari keur wudu euweuh padahal dijieunan mushola. Malah aya batu garis siga nu kapanggih di si jalatunda situs kawali nu dipindahkeun ka darat – ieu mah dipekprek kapanggih tinggal dua bagian disimpen jadi batu balai jajalaneun, kitu oge batu gede nu aya dilawang dibeulahan dijadikeun bahan jalan. Bari jelas, ditempel didinya aya tulisan ngajeblag nu ukur ngabebegigan tina seng gede yen ulah ngarobah mindahkeun sabagian/sakebehna naon wae nu aya di hiji situs purbakala.

Kumaha sabenerna kajadian ieu kabuyutan Rengganis katut hubungana jeung ayana batu ngangkang oge tilemna Sang Hyang Sayang Hawu pamuk Sumedang larang manten nu kongas Jaya Perkasa nu kapanggih tina kaSumedangan?? kieu geura waja nu semplakna:

IBADAH JEUNG PAMUSRIKAN, DIMANA LEBAH LEBAHNA ? (2)

Kalam Kasundaan No 43: 
II. PAMUSRIKAN

Kaayeunakeun kusabab ‘misah’na cara nganepikeun ngeunaan hal ”sagala ge ulah iwalti nu aya titahanana/tuduhna; Sagala ge meunang iwalti nu diulahkeun/dicaram” (tingali: eddy nugraha, Ibadah jeung pamusrikan patohidan, dimana lebah lebahna bag I), loba kapanggih dina kahirupan sapopoe utamana lamun urang keur susundaan kayaning: manggihan neangan ngulik ngaekspresikeun nganepikeun ngaapresiasi numuwuhkeun nyeungitan milampah nu aya hubungana jeun kasundaan boh budaya boh, utamana, kapribadian ulikan elmu sunda (kitu oge kana ‘modernitas’ nu dibawa ku ‘munding bule’) sok dinafikeun ku disingsieunan jeung di/kabebegigan ku caritaan nu dipahingkeun tina pamahaman ibadah ritual formal/’sareat’ nyaeta utamana pamusrikan/ ibadah Lain ka maha suci Allah swt atawa bid’ah migawe nu euweuh tuduhna/titahanana (kaidah ka hiji) nu ngajadikeun aya, lamun teu kasebut loba, urang sunda nukeur susundaan jadi:

· Ngajauhan ‘masjid/sareat’, ngewa/anti/teu paduli kana islam atawa misahkeun maneh tina kaislaman mopohokeun yen sababna islam ditarima/dipake baheula ku luluhur teh sab sareatna pangparatan hakekat bari teu kudu jadi arab/tetep nyunda/teu kudu anti ‘modernitas’, matak tara/tong daek nurut kana fiqih-fiqih (pamahaman jalma dina ngahartikeun agama) nu lain pangparatan hakekat, kudu wae ninggang hakekat/kanyataanana tara ngandelkeun cenah (tingali eddy nugraha: Naon sabab islam dipake di sunda, na teu boga cecekelan sorangan?). Sabalikna, aya nu

· Embung, sieun atawa susulumputan milampah kasundaan da nyaeta sok/bisi/ngajaga tina dicap/dianggap musrik jeung milampah bid’ah poyokaneun/kamarginalkeun ku ‘urang masjid/sareat’ jadi we jati diri nu enya ngeunaan ulikan kasundaan teh hese neanganana da nyumput tara nembrak atawa kasundaan jadi barang aneh sab geus lila tara dipake sab sieun jeung embung tea mimitina nepikeun ka hese nyusudna salaku ulikan. Ari pareng aya/bijil nembrak, remen pasariwut jeung nu sada sunda tapi sundel da poekeun rumpu rampa keneh pikir jeung atina jajauheun kana moncorong gumiwang caang sampurna piker ucap jeung lampahna salaku nu tug tutuhu tumut turut ka maha suci, kawas nu sada islam padahal eusleum jajauheun tina aslamtu numawa kasalametan karahayuan kaharmonisan kasampurnaan najan ngakuna mah (ukur tepi ka ngaku) abdi/tukang ibadah ka Allah-Kawas nu siga ‘educated’ luhung elmu padahal setan logika mungkul.

Sabenerna mah teu kudu aya dua kajadian diluhur, tapi memang kudu enya enya jeung ati ati pisan ulah nepikeun ka tigebrus kana pamusrikan jeung bid’ah.

Matak ayeuna urang semplakeun deui waja tina ageman teh boh dina ngalakukeun ibada ‘formal’, dina susundaan, dina naon wae lampah dunya nepikeun ka paehna kudu jadi ibadah bakti diri tutuhu ka maha suci lain ka salian ti eta ulah milampah nu dicegahna. Nepikeun ka lembut lembutna oge, dina ngerejet mireungeuh miharsa ulah asup kana pamusrikan sabab eta teh dosa nu pangede gedena jeung euweuh ampuna saencan ditinggalkeun/teu dilakonan deui/taubat (balik deui) ka ngan ibadah ngabdi bakti diri tug tutuhu ka nu maha suci (tauhid). Jeung lamun geus musrik teh kacida pisan sasar sasabna (Awewe, 4:116).

IBADAH JEUNG PAMUSRIKAN, DIMANA LEBAH LEBAHNA ? (I)

Kalam Kasundaan No 43: 
1. IBADAH

Ibadah hartina ngabdi tumut turut bakti tug tutuhu ka nu mahasuci Allah swt lain ka salian ti eta. Tangtu geus pada dikanyahokeun, sakabeh ajaran ti para ‘ambiya’ (jalmi jalmi nu ngadugikeun beja/ajaran ti pangeran, lain ti hawa nafsuna) dimana wae ayana naon wae sesebutana, kacatet dina Mushaff Utsmani, ngabogaan cecekelan yen ayana/diciptakeuna jelema jeung sakabeh mahluk teh pakeun/euweuh deui salian ti ibadah, nyatana ngabdi bakti tug tutuhu tumut turut ka nu maha suci Pangeran nu ngamurbeng (Allah/Hyang/God kumaha wae nyebutna asal alus –asma al husna) ‘wa maa khalaqtul jinna wal insa illa liya’buduuni’ (Angin puyuh (51):56). Jeung nya ibadah ka Hyang Maha Agung iyeu (lain ka salian ti eta) nu disebut shiratal mustaqim - jalan hirup nu lempeng bener menceger tur meunang ni’mat ‘wa ani buduunii haada shiraatum-mustaqiim’ (yaasiin (36): 61) najan beda beda teu kudu sarua sareatna/jalana/metodana.

Kusabab usik malik hirup jeung sakabehna keur ibadah ka Maha Suci, nya atuh tara/teu meunang sekuler, misah misah, atawa beda beda: Ulah ari shalat (ngado’a) karana Allah, puasa (ngeureunan/nahan nafsu kajelemaan) karana Allah sedengkeun ari kawin karana bogoh, dudunya sab butuh keur hirup, dahar karana beuki jeung lapar, kiih ngising sab kabelet hayang kahampangan kabeuratan, dibaju sab tiris sab resep, nulis nyarita saukur hayang. Ulah susundaan hakekatna sab karana luluhur atawa pedah jadi urang sunda; iislaman sab dititah ku indung bapa atawa ku ustad/kiai tapi kudu kabehanana sab jeung keur ibadah tug tutuhu ka nu maha suci.