IBADAH JEUNG PAMUSRIKAN, DIMANA LEBAH LEBAHNA ? (I)

Kalam Kasundaan No 43: 
1. IBADAH

Ibadah hartina ngabdi tumut turut bakti tug tutuhu ka nu mahasuci Allah swt lain ka salian ti eta. Tangtu geus pada dikanyahokeun, sakabeh ajaran ti para ‘ambiya’ (jalmi jalmi nu ngadugikeun beja/ajaran ti pangeran, lain ti hawa nafsuna) dimana wae ayana naon wae sesebutana, kacatet dina Mushaff Utsmani, ngabogaan cecekelan yen ayana/diciptakeuna jelema jeung sakabeh mahluk teh pakeun/euweuh deui salian ti ibadah, nyatana ngabdi bakti tug tutuhu tumut turut ka nu maha suci Pangeran nu ngamurbeng (Allah/Hyang/God kumaha wae nyebutna asal alus –asma al husna) ‘wa maa khalaqtul jinna wal insa illa liya’buduuni’ (Angin puyuh (51):56). Jeung nya ibadah ka Hyang Maha Agung iyeu (lain ka salian ti eta) nu disebut shiratal mustaqim - jalan hirup nu lempeng bener menceger tur meunang ni’mat ‘wa ani buduunii haada shiraatum-mustaqiim’ (yaasiin (36): 61) najan beda beda teu kudu sarua sareatna/jalana/metodana.

Kusabab usik malik hirup jeung sakabehna keur ibadah ka Maha Suci, nya atuh tara/teu meunang sekuler, misah misah, atawa beda beda: Ulah ari shalat (ngado’a) karana Allah, puasa (ngeureunan/nahan nafsu kajelemaan) karana Allah sedengkeun ari kawin karana bogoh, dudunya sab butuh keur hirup, dahar karana beuki jeung lapar, kiih ngising sab kabelet hayang kahampangan kabeuratan, dibaju sab tiris sab resep, nulis nyarita saukur hayang. Ulah susundaan hakekatna sab karana luluhur atawa pedah jadi urang sunda; iislaman sab dititah ku indung bapa atawa ku ustad/kiai tapi kudu kabehanana sab jeung keur ibadah tug tutuhu ka nu maha suci.


Nepikeun ka, ngerejet mireungeuh tur ambekan kaluar ka jero, malah ketugna jajantung tur usik malikna hate mantengna angen angen mikir jeung ngucap ngadenge kudu mangrupa ibadah ka nu maha suci teu meunang henteu jeung teu meunang ka salian ti eta.

Eta kabeh, teu meunang misah misah teu meunang beda beda sab kitu kuduna matak diciptakeun diayakeuna mahluk jeung sakabeh usik malikna teh. Nya kusabab hirup jeung usik malikna malah paehna keur tutuhu ka maha suci, boh di arab boh di sunda nu lampahna aslamtu sumerah ka gustina mah, sagala lampah teh kudu wae aya do’a/rajahna nu nyambungkeun jeung nu ngamurbengna –dina hadis kasebut yen do’a uteukna ibadah- Copelna make bismillah atawa saeutikna sanduk sanduk heula ka Maha suci.

CECEKELAN DINA IBADAH

Pakeun cecekelan atawa kaperluan ngaturna anu leuwih jentre dina prak prakan kahirupan sapopoe, aya patokan dina ushl fiqh:

Al-ashl fi al-ibādah al tahrim, illā mā dalla al dalil alā khilafihī; Al ashl fi al-asy’yā (ghair al ibādah) al ibahah illā idzā mā dalla al-dalil alā khilafihī.

Sundana: Sagala hal ulah dilakukeun iwalti aya titahna/tuduhna; Sagala hal meunang dilakukeun iwalti nu diulahkeun atawa nu dicaram/dihulag.

Kaidah kahiji nu dicutat diluhur, Al-ashl fi al-ibādah al tahrim, illā mā dalla al dalil alā khilafihī, loba kapanggih contona dina ibadah ritual formal: Ulah sahadat rasul ‘Ashadu anna Muhammad Rasulullah’ ditambahan nyaksi ceuk cenah/ceuk guru/ceuk agama najan jalma ayeuna can panggih sareng /teu nyaksian langsung ayana Sayidina Muhammad saw oge; ulah migawe salat fardu 6 kali atawa ngan opat kali da tuduhna 5 kali sapoe sapeuting najan beuki ge; ulah puasa wajib sabulan pinuh dina ramadhan diganti di bulan mulud najan resep oge; Ulah keur haji/umroh thawaf ngurilingan makam Nabi Muhammad najan magpang meungpeung di madinah oge jrrd jrrd jrrd hal nu ulah dilakukeun iwalti aya titahna/tuduhna.

Nu kaduana, Al ashl fi al-asy’yā (ghair al ibādah) al ibahah, illā idzā mā dalla al-dalil alā khilafihī loba kapanggih dina ibadah ‘in/non formal’ nu ambahana leuwih jembar, misalna wae: ibadah Gawe rek dagang rek tani meunang asal ulah milampah nu dicegahna, rek susundaan rek aaraban rek kawas bule meunang wae malah ngabeungharkeun rasa jiwa asal ulah milampah nu dicaramna. Rek hitut ditarikeun rek dipelepeskeun meunang wae eta oge (sing jadi) ibadah (ka maha suci) asal ulah milampah nu dicegahna. Rek diuk rek nangtung rek ngajengjehe rek lumpat rek puasa rek ngabeuti rek ngabuah rek ngagugulung keris nyorendang kujang ngeukeuweuk HP keur urusan elmu atawa kahirupan sapopoe meunang wae (ngan kudu pisan jadi ibadah) bari/asal ulah milampah nu dicegahna jrrd jrrd jrrd. Jadi sakali deui, Rek nanahaon wae oge meunang (tapi kudu mangrupa ibadah ka maha suci) bari/asal ulah ngalakukeun nu diulahkeun/dicaramna.

Ngeunaan dua kaidah diluhur lamun ku urang diudag nepikeun kana hakekatna/kanyataana yen sagala usik malik keur ibadah ka maha suci, boh dina ‘formal’ atawa ‘in/non formal’ da euweuh bedana sarua sarua kudu manjing ibadah, tangtu barisaeun ngajawab ngeunaan/tarapis dina hal, misalna saperti kieu:

Kumaha nyahona lamun urang keur kababayan/kabelet hayang kabeuratan/kahampangan harita teh keur ibadah, lain nu diulahkeun ku nu maha suci? kumaha nyahona ibadah urang harita lamun keur ngambekan kaluar kajerona nafas, keur nulis keur nyarita, keur facebookan lain nu keur diulahkeun/dipiwarang ku nu maha suci-atawa saukur bakti kana nafsuna sorangan?

Tuluy,..

Kumaha ngabuktikeunana keur urang ayeuna pagawean maehan anak batur, ngarusak parahu alus batur, ngomean imah butut batur, nu dipidamel ku Nabi Khidir as mangrupakeun hal nu dipiwarang ku/ibadah ka maha suci; kitu oge Sang khalilullah bade nelasan putrana cenah piwarangan maha suci sasat ibadah ka maha suci? Malah dilembur tangtung oge, aya kolot kolot nu legok tapak nyarita matak helok ka nu beda alamna: ‘teu acan atos moyan teh aki, ayeuna parantos tabuh 10?’ jawabna ‘ Acan nunggu titahan ti Allah da dewek mah tuhu moal indit lamun can dititah (kaidah ka hiji), ayeuna mah kieu we da teu dicaram (kaidah ka dua). Beu, kumaha rupa kitab rengkol ayatna?

Ari urang, leuleutikanana dina lembut lembutna, naon tuturkeuneun lamun keur mireungeuh miharsa ngerejet TARIMA supaya jadi ibadah ka Maha suci manjing ayat wa’bud rabbaka hattaa ya’tiyakal yaqiin (Batu (15):99) bakti tugtuhu nepi ka yakin enyana? Embung kasebut nu teu boga rasa rumasa ukur bakti kana rarasaan pangrasa nafsu sorangan.

(tingali: eddy nugraha- ulikan di kamutlakan, kamutlakan saha?)

Keun heula ulikan dina hakekat/nu saenyana, ayeuna urang ngoraan deui ka nu sok kapanggih sapopoe di alam ‘relative’ pada jalma heula yen tangtu lamun boga kasadaran/pamahaman/kamampuh yen usik malik sakabehna teh ibadah, Moal aya bijil caritaan nu mungkul kawas kieu:

‘Dahar heula maneh meh kuat shalat ibadah ka Allah’ padahal dahar teh nyatana ibadah, shalat ge (sarua) ibadah. Jigana maksudna mah dahar heula sing jadi ibadah jeung supaya oge engke bisa/kuat ngalakukeun ibadah nu lain nyaeta shalat.

Jadi kuduna aya oge titahan lain ka barudak teh: ‘shalat heula maneh ameh engke bisa ibadah baranghakan’ –dahareun/bisa dahar sabagian rijki nu dipasihan ku pangeran mun pareng do’ana dina keur diuk waktu shalat –warzuqni- dikabul ku pangeran.

Ari dahar sing jadi ibadah, misalna, sok diajarkeun ku kokolot kokolot lembur tangtung mah ngaliwatan ‘obrolan‘ teu siga kawas kieu: ‘ieu kadaharan hareupeun maneh keur naon?’ dijawab ‘kanggo dituang/diteda’, ‘Naon sabab rek didahar?’ ‘salian ti hoyong/lapar teh, nyaeta supados janten kiat sehat wareg’. ‘Tah lamun kitu maneh ulah asal dahar tapi kudu bisa nyampurnakeunana sab ari asal ngahakan mah can tangtu jadi kulit jadi daging, sok jadi panyakit, sok jadi mawa nafsu goreng, sok jadi teu nangan kateluh kukejo, Sok atuh program/do’a-an supaya kadaharan nu asup teh jadi kaalusan ti maha suci (razaqtanaa) ngajauhkeun maneh tina siksa (panyakit naraka jrrd adzab)’. Tuluy ditanya deui, ‘Tah lebah mana ibadahna maneh ka nu maha suci lebah dinya/mun keur dahar kawas kitu? (jarang aya nu bisa ngajawab pananya nepi ka kieu –komo bari jeung prakna- najan kalimat saencana geus mere tuduh pakeun jawabna).

Satuluyna,…

Tangtu moal aya nu nyarita/ngado’a ‘gusti pasihan abdi rijki/harta banda dunya barana ameh tiasa/bade ibadah ka gusti’. Ieu tanjakan ti jalma nu keur poek hate atawa bisa jadi ukur keur hayang harta, nyarita kitu na teh ameh kasebut alus sungut mungkul. Naha? dumasar kana ayat diluhur tangtu neangan harta/rijki nage geus (kudu manjing) ibadah; pas kabeneran boga harta, hartana teh nambahan ka manehna jadi pagawean/hal nu kudu diibadahkeun; Kateubogana harita ge (kudu jadi) ibadah, riweuh gawe (kudu) jadi ibadah jrrd nu aya. Jadi, nanahaon masih make tanjakan yen karek lamun boga rijki arek ibadah. Nu kitu kasebut oge nu keur samagaha pikir. Hayang ibadah nu manehna teu bisa/keur teu daek, atawa nyahona meureun ibadah teh ukur nu sok idek liher di masjid, kaayaan manehna sorangan NU AYA di manehna harita pasihan ti maha suci ditambelarkeun teu diibadahkeun teu jadi ibadah kalahka ngalamunkeun nu euweuh.

Kitu oge kekecapan2: ‘Engke lamun geus salse/pensiun rek husu ibadah’, meureun rugi pisan kangoraana kasibukanana sama sakali lain ibadah/teu jadi ibadah keur manehna; ‘Boro boro tahajud euy ieu teh da kudu nyupir sapeupeuting’, meureun bingung pangrasana yen nyupirna lain ibadah da kumaha ngaibadahana nyupiran mobil hayang gancang tepi ka nu dituju tapi kudu mangrupa ibadah ka maha suci-jadi nu maha suci teh kawas nanahaon atuh?; ‘Engke mah lamun libur/cuti arek puasa arek ngelmu nambahan/ngaleketkeun ibadah, da ayeuna mah kumaha atuh euy riweuh’ pohoeun yen gawena/sakolana kariweuhna teh (kudu mangrupa/sing jadi) ibadah oge; ‘Tong nyanyi wae atuh maca maca qur’an ameh jadi ibadah’ pohoeun yen maca qur’an ge sok dilagukeun/aya ‘iramana’ jeung deui nyanyi ge ibadah-kudu jadi ibadah najan tangtu beda kelasna henteu pacorok; ‘Ah da kumaha atuh sakieu kakolotana teu bisa ibadah kawas baheula’. Justru kitu geus kari ngeunahna teu loba teuing nu kudu diibadahkeun; ‘Atuda gering ripuh rek kumaha bisa ibadah, padahal aya ngeunahna batur mah kudu nangtung ruku sujud ieu mah cukup ku ngagoler/diuk wae cukup rindat matana usik hatena mungkul pakeun dibaktikeun ka maha suci jrrd jrrd jrrd….. Moal euweuh tuliskeuneun lampahkeuneun sasat kabeh usik malik salila hirup jeung paehna kudu sarua jadi ibadah. Nu penting mah tinggal daek tatanya bari jeung prakna ka nu geus tapis kumaha sangkan sakabeh manjing ibadah ka tukang/ahli ibadah tug tutuhu ka nu maha suci lain ka salian ti eta.

CARA NGANEPIKEUN/NGALAMPAHKEUN IBADAH DI LEMBUR

Sajalan jeung kaidah ushl fiqh diluhur, luluhur luluhur sunda nu bijaksana para satmata ulama nu seubeuh mikiran agama anu aya dilembur lembur tangtung dina prakna, nu kapanggih mah, tara nyampurkeun elmu ulikan kasundaan/kaislaman (wilayah in/non formal) jeung sareat ritual formal nu geus mapan najan bari rupa rupa madzhabna. Tapi kabehana ge kelas harkatna euweuh bedana nyata mangrupa ibadah -kudu mangrupa ibadah- ka nu maha suci Allah swt tara ka salian ti eta. Nuhiji mah tara dipigawe naon wae salian ti nu geus aya tuduhna- mun dipigawe sok diseut bid’ah nu diulahkeun tea, nu kadua mah wenang naon bae oge asal teu milampah nu dicegahna.

Biasana pola na teh: Digedekeun/diasakeun heula kana ibadah ‘formal’ –kayaning rukun islam & iman dina sareat- nu geus kabukti sareatna/jalana/metodana proven keur ibadah ti babaheula, nu dipamrih kabukti engkena bisa nyaangan jadi tuduh kana lampah ulikan ulikan/lampah lampah nu laina dina kahirupan sangkan kabehanana jadi ibadah tug tutuhu ka maha suci Allah swt; Aya nu bareng periode/’yaum’-na ngan sok beda waktuna, beurang beurang di masjid ukur ngobrolkeun/lampah ‘sareat’, kapeutingnakeun sanggeus waktu sareureuh budak karek kana ulikan ulikan nu laina meh leuwih nyaangan lampah hirup hurip nohonan bakti diri ka maha suci di luar ibadah ‘formal’. Aya nu geus shalat fardhu berjamaah, tuluy ngabahas jeung mraktekeun eusi eusining qur’an dina pangkat ibadah nu leuwih jembar kayaning dina: silat, ngubaran, parijkian, panorahan, padikiran jrrd. Aya oge nu di masjid ngobrolkeun sareat; di imah, dikabuyutan, di leuweung, di gunung, di nu suni suni, sepi tinu pagaliwotana kahirupan sapopoe milampah/nyaritakeun/ngajarkeun ibadah ibadah lain kayaning katasaufan kasundaan jrrd make bekel sareat tur pakeun ngeuyeuban sareat. Kabehanana tara sugan nitah /nyontoan ninggalkeun sareat/formal atawa misahkeun ngabedakeun nganafikeun ibadah nu luar/salian ti ritual formal.

Matak di jalma jalma wijaksana baheulana (jeung tangtu ayeuna katut kahareupna) mah tara aya pasariwut pasea nu susundaan jeung iislaman da ibadah ibadah keneh asal ulah pacorok pacampur. Tara ngiruhan sareat tara nganafikeun ulikan ulikan susundaan/iislaman (misalna kasundaan katasaufan jrrd). Kabehana bareng silih bantu silih awaskeun silih ingetan selaras harmonis shaleh ibadah tutug tutuhu ngan ka nu maha suci.

Ari urang ayeuna kumaha?....