ONJOYNA ULIKAN KASUMEDANGAN
Saperti nu
disebutkeun di bagian saencana yen KASUMEDANGAN mangrupakeun ulikan ulikan nu
lengkep ngeunaan elmu elmu ka pajajaranan kaasup kasumedangan lokal memeh
sumedang larang jadi puseur nagara. Ku sabab eta loba nu diajar kasumedangan:
1) Leuwih gampang dina diajar atawa neuleuman
leuwih jero ngeunaan ulikan ulikan kapajajaranan nu mimitina atawa pernah mekar
samemehna di luar sumedang larang kayaning misalna wae ulikan jadi sasaka
sakawayana, kanyataan ngeunaan ratu galuh, sasaka ujung kulon jrrd ku cara teu kudu upruk aprak heula cukup
metakeun kasumedangan.
2) Dina kuduna kaditu ge, ka daerah asalna / nu
pangheulana manggihan eta elmu, tempat pernah mekarna elmu, ukur
ngakurkeun/ngasakeun/nganuhunkeun atawa teu kudu meulina ti awal mula deui. Misalna
wae, dina inditna ka pulo sari wahanten girang ujung kulon sanghyang sirah,
memehna ka Agrabinta ngadongkang ka sindangbarang pakeun manggihan deui
rintisan SUNDA JATI (Tarumanagara/Salakanagara/Sunda) ge geus boga referensi nu
lengkep tina kasumedangan memehna ameh teu salah madep nu engke diadumaniskeun
jeung purbatisti purbajatina Galuh nu jadi tuturus ngajenglengna Pajajaran.
3) Apaleun kana asul usul na elmu/ulikan. sebut
wae diantarana, najan ulikan tilem/ngahyang/kasampurnaan bisa kahontal ku
kasiliwangian/kasumedangan jeung oge ku cara Islam tapi nu diajar tilem pasti apaleun
yen nu mendakan ngawitan di sunda ngeunaan eta ulikan teh luluhur agung Sang
Seuweu Karma Batara Kuli Kuli ti Saung Galah Kuningan-. Kahontalna teh
saparantos masieup inovasi inovasi ulikan
ramana, Sang Sempak waja nu nyaean jalan
jalan jalma nu dina paehna menta bantuan sato (munding). Sedengkeun, cara paeh
make bantuan munding salah sahiji metoda teknik nu memehna disebarkeun ku salah
sawios luluhur Galuh ka nusantara – nu diantarana aya nu dipake ku jalma jalma pakeun jadi/nyieun alam ‘kasorgaanana’
sorangan samemeh dunya ieu rusak/kiamat qubra- najan watang ageungna mah metu
ngalangkungan Sang Wretikandayun. Loba
teknik-teknik jeung panta-pantana cara ninggalkeun alam dunya -panggorengna nu
paeh kasarad-pang ponclotna tilem. Tilem
satuluyna disampurnakeun teknik
teknikna diantawisna ku Rahyang Wastu Kancana ku Sri Baduga sareng nu sanesna
generasi generasi saatosna - Tingali kabeungharan ulikan kasumedangan ka 33, Salah
sahiji prinsip/tips ulikan diantarana geus
nerap di lembur lembur yen lamun ka kabuyutan rengganis (dayeuh luhur) sumedang
tempat nu tilem teu meunang make/mawa batik (tingali: naha teu meunang make/mawa batik ka dayeuh
luhur) lain pedah ngewa ka jawa/cirebon/batik -nu nyebut kitu mah ukur ula ilu ngabeo
jalma bodo nu resep baceo.
Ulikan kasumedangan
(kapajajaranan) beda jeung carita cenah atawa mitos sindir simbol siloka analisa
kira kira mungkul –tong hayang meakeun
waktu mikiran nu kararitu. Saperti
dituliskeun dina kalam kasundaan disebut
ulikan sabab : salah sahijina bijil tina
hasil /bisa diudag ku/kapanggih mangrupa multiple case study. Protocol jeung
data base kajian sadia pikeun external validity, Tehoritical proposition keur
nganalisa papanggihan aya, sabagian ditepikeun dina ieu tulisan Keur internal
validityna. Key informants masih aya, Dokumentasi artefak arsipna aya, oge
chain of evidence dina hambalan sundana bisa nedunan construct validity,
Tinggal daek langsung jadi participant observer ngalakukeun kajian sorangan
pikeun nganyahokeunana … yen lain ngan saukur mitos simbol sindir siloka
analisa kikirataan kumaha kayakinan masing2 jrrd nu sok moekan elmu kasundaan tapi
AYA, EMPIRIK, jeung BISA DIPAKE. Ngan tangtu pikeun ngalakukeun participant
observation, maca data base jeung nyusud chain of evidence na perlu ‘training’
heula.
Dihandap ieu
dituliskeun deui sababaraha warna ulikan kasumedangan bari dipasieup ku nyaritakeun
kajadian baheula nu kudu dibuktikeun enya henteuna dina metakeun ulikan.
BAGABAGANKASUMEDANGAN
TINA KAPAJAJARANAN
Geus kacatet dina
sajarah yen Sumedang Larang teh pamarentahan/karajaan nu nga-klaim nuluykeun
Pajajaran nu Burak sirna ing bhumi di tahun 1579 M. Bari di jalma rea kajadian burakna Pajajaran
teh diimplik implikan ku caritaan ayana pacogregan beda ageman nepikeun ka
perangna (karajaan Banten). Harita di pakuan geus euweuh nu jadi Ratu, Nalendrana
tos tilar ka Pulasari. Nya nu kaririweuh nguruskeun kaayaan nagara nu geus
runtag jeung memeres pajuriwetna tuluy ngahangkeutkeun keur kahareupna teh taya
lian ti para sesepuh sesepuh manten
pananggeuhan nagri.
(lengkepna carita
kaasup tokoh tokoh nu ngilu gempungan, dimana wae pusakana disimpen di banten,
kabuyutan mana wae nu kudu ditalaah/didatangan nu aya hubungana jeung ulikan
ulikan sunda-galuh nu kapanggih tina ulikan kasumedangan, tingali eddy nugraha:
Pajajaran Burak).
Hasil
gempunganana, sabagian pusaka disimpen di wilayah banten keur jadi ciri yen kasultanan
banten oge sarua dulur sekeseler Sang Siliwangi nu boga kawajiban nu sarua
nanjeurkeun wawangi luluhurna. Oge nu utamana, pakeun nunjukeun yen aya ‘teknologi/ajaran/kaluhungan’ nu asal
mulana ti beh kulon, sunda, nu kudu disimpen deui di kulon lamun kapajajaranan
burak/teu bisa mancur nyambuang deui - nu engke kudu kahontal/kaulik/’kacokot’
(lain dicokot pusakana tapi dibeuli kamatihan kamampuhanana supaya sinelir)
deui ku seuweu siwi nu hayang nanjeurkeun kapajajaranan deui - tingali
kasumedangan ka 26 27 28: ulikan sasaka
ujungkulon, sasaka kabantenan, jeung sasaka sunda jati.
Ari Sabagian
pusaka deui diancokeun keur nu neruskeun ‘pajajaran’ nu anyar, nyaeta Sumedang
Larang. Bari jeung ngarana teu bisa make
ngaran pajajaran sabab aya sababaraha ‘value’ nu teu bisa /can kahontal ku
sumedang larang salaku ‘pamarentahan penerus’ harita.
Kusabab Sumedang
larang dipiharep jadi pajajaran anyar- nu neruskeun pajajaran. Ieu para sesepuh
manten teh ngadamel ‘team’ nu masihkeun
pusaka-pusaka salaku ciri nalendra/pamarentahan anyar oge bari karersaeun keneh,
meureun leuwih benerna mah ngersakeun anjeun, mantuan langsung supaya eta
‘pilot project’teh hasil maksud. Komo Pangeran Angkawijaya na anom keneh pisan (21-22th),
nu tangtu nu masih suda sepi tina pangalaman ngaheuyeuk nagri tapi nyepeng
amanah kedah tiasa neraskeun pamor/ngawangikeun deui kapajajaranan ku sumedang
larang. Eta ge seueur nu ngawagel ka eta
salah sawios sesepuh nagri, saurna: ‘atos atuh tong ngaririweuh deui anjeun’,
namung Walerana teh: ‘keun we,… masih keneh butuh bimbingan’.
Nya kongas
nepikeun ka ayeuna carita di jalma rea ayana 4 kandaga lante ti pajajaran nu cenah
ngabakti ka Sumedang larang ngajadikeun
sumedang larang neruskeun Pajajaran. Kandaga lante teh kapala tina sababaraha kandaga (kapala rayat/daerah) nu nyepeng/nyekel
pepeten/pusaka nagara sanggakeuneun ka nalendra – peti pasagi tempat pusaka oge
sok disebut kandaga. Kitu teh sabab nu
ngajadikeun/ngangkat/ngaleler Sumedang Larang nu neruskeun Pajajaran lain deui Ratu/Raja
–wadul lamun aya nu nyebut kandaga lante teh dititah ku raja- tapi kaputusan pimpinan/wawakil/kokolot
rahayat/daerah Pajajaran.
---
Dina kamus ge kacatekeun: kandaga 1
bs. Sunda kuna: gorbak gedé paranti ngawadahan upeti sanggakeuneun ka Naléndra;
sok disebut ogé kanaga; ka dieunakeun hartina ~: kapala rayat anu ngagem
pepetén nagara (staatsickast); ~
lanté kapala sababaraha kandaga; 2
Sskr. peti emas, pepetén.
---
Oge wadul pisan
nu nyebutkeun yen eta 4 kandaga lante teh adi lanceuk. Nu puguh mah beda
generasi aya nu beh dituna pisan jaman
Sri Baduga masih jumeneng aya oge nu sajaman jeung raja panungtung. Di sunda
mah matak aya pancakaki tujuh turunan teh sab baheula mah paranjang umur
kasebut nepi ka janggawareng kakait siwur aya keneh, ayeuna mah sab zaman geus
robah cara ngajamanaa ge geus beda siga teu pati guna pancakaki 7 turunan teh,
da geus teu parati panjang umur. Hiji jalma ayeuna mah nepikeun ka boga
incu-buyut ge geus untung/jarang.
Ngan, matak
disebut saukur 4an teh sabab enya enyana mah ngawakilan kelompok 4 kadaton/ 4
departemen utama/pupuhu/lulugu/poponclot (SRI) jajaran ‘pendukung’
Ratu/Nalendra. Nyaeta nu diheuyeuk kadatuan (1) Bhima (2) Punta (3) Narayana
(4) Mathura nu ngadukung/ngajaga/ngawangikeun –kadaton ka (5) Suradipati- SRI BIMA PUNTA NARAJANA MATHURA SURADIPATI. ‘Suradipatina’ dipilih Pangeran Angkawijaya nu
jadi Gusan Ulun sarerea. Hal kitu teh supaya manajemen/administrasina sawarna
jeung Pajajaran di pakuan anu samemehna –tingali kasumedangan ka 17 ulikan
kawilyahan/kapajajaranan.
Matak saenggeus
di sumedang larang, salah sawiosna aya nu janten panglima/pamuk/patih –rada
aneh teu aya pangkat kanagaraan paling ku masyarakat disebut KI/Embah/Eyang/Uyut
jrrd sab ti generasi nu leuwih tiheula,
aya nu janten Nangganan ‘menteri dalam negeri’ sahandapeun patih pangkat/gelarna Dipati, aya nu janten kondang
hapa pangkat/gelarna Sanghyang, aya nu
janten terong peot pencar buana pangkat/gelarna
Batara. Beda beda kaahlianana jeung beda beda tugasna. Karir supaya meunang
pangkat Batara jeung Sanghyang oge dipati di Pajajaran mah bari teu sagawayah teh
beda pisan susukan dina nyusudna - tingali
kasumedangan ka 18.
Jadi oge deui
deui waradul pisan nu nyebutkeun opatanana bareng perang jeung Cirebon dina kasus
Ratu harisbaya da beda kaahlianana teu kabeh perkasa jaya dina perang - jeung da
lain tugasna. Nu perang mah sorangan nya pamukna bari teu mamawa prajurit matak kongas
jenenganana Jaya Perkasa. Bari sababaraha urang sesepuh karaton nu sanesna
–isteri- nguruskeun talak ka Cirebon. Pamuk Jaya perkasa sanggem kitu teh
saurna “nyokot tinimbangan,.. yen kusabab eta mah [masalah isteri] urusan
pribadi raja, komo antara dulur keneh [Pang. Girilaya & Pang. Geusan Ulun],
ulah nepikeun ka ngorbankeun somah [rahayat & prajurit]. Nya pakeun
‘control’ Raja di karaton, ieu Pamuk melak tangkal hanjuang. Indikatorna lamun
kaciri dauna perang cirining bobor karahayuan raja karek make rencana nu lain
nyaeta perang nagara ngerahkeun prajurit jeung rahayat kabeh.
Satuluyna matakna
jadi aya intrik hanjuang ditigas ku Nangganan
terus ngadongsok Pangeran Geusan Ulun supaya pindah ka ‘fortress’ benteng
pertahanan di kabuyutan rengganis (ayeuna disebut dayeuh luhur) ge sab beda
wawasan/rencana nga ‘handle conflict’ jeung
pamuk/panglima nu geus disatujuan raja memehna, nyaeta mung pamuk mungkul
nyalira nu ngayonan nu ngarurug bari nungguan hasil nu nguruskeun talak.
Ari Nangganan mah
hoyongna perang nagara sumedang-cirebon campuh prajurit nya raja ngamarkas di
kabuyutan supaya dina ahirna Cirebon bisa kaereh deui. Gunung rengganis dipilih
salian aya di pagunungan nu rumpil oge nyanghareup pisan ka wilayah Cirebon
tapi mangrupakeun kabuyutan. Tingali elmu perang sumedang –ulikan kasumedangan
no 4. Kawas konsep dina perang wirata-astina (mahabarata) duryudhana ngahaja
dijauhkeun bari dikurilingan ku abrulan sapi sato suci nu teu meunang
digunasika keur hindu mah– ieu mah raja di kakabuyutankeun.
Matak bisa
kaharti kumaha benduna Pamuk Sumedang larang pas mulih ka karaton raja bet cidra kana janji nu mimiti,
kadongsok ku ideu ‘lebih berkuasa’ tibatan ngupayakeun talak, bari teu
paheut/taliti nengetan indicator nu disepakati (hanjuang dauna teu perang tapi ditigas). Padahal tos hese
cape nyalira ngajaga ulah janten perang campuh. Urang urang lembur mah pada
apaleun keneh pada pada nyatetkeun/nyaritakeun loba loba tempat tilas tapak kajayaan
kaperkasaanana dina waktu nyape nyape anjeun mayunan prajurit Cirebon, eta kabeh natrat
nepikeun ka ayeuna: cenah ge batu nu aya bisa
dipuntir punter dibaledog baledogkeun/ diparentah sakahoyongna ayeuna
jadi batu pamangkonan di kabuyutan rengganis siga kamampuh Pr. Walangsungsang
Cakrabuana kapungkur ngabedah nyacar leuweung jati purwa jadi Cirebon ku golok cabang nu dipetakeun ukur
bari sila; Walungan ditepak nepikeun ka prajurit Cirebon teu bisa maju sanggeus
nginum eta -daerah urut ngantosanana disebut kampong dago jawa; batu ditepak
murudul nepikeun ka nu rek ngarurug teu bisa kebat -kasebut daerah batu
gulung jrrd tempat tempat tilas
ngabuktoskeun kaperkasaan kajayaan ieu Pamuk nyegah perang bari ngantosan beresna nu ngurus talak.
Dina waktu
benduna harita Nanggananna ditewek layona dipendem di sisi katuhu lawang ka
makamna pang Geusan Ulun di Dayeuh Luhur, Terongpeotna dialungkeun ka kiduleun
rengganis-limbangan, Kondanghapana ditajong ka wetan-ragrag di panjalu. Tapi saterusna teu
siga carita budak nu nyebutkeun tuluy pundung ka kabuyutan. Nu pundungan nu
elehan nyeri hatean mah moal bisa tilem. Saterusna aya keneh lalakona, kongas
kasebut aya sesepuh nu gaduh ngaran Sayang Hawu. Sayang hawuna balarea nu
masieup kabuyutan rengganis nepikeun ka aya 9 pancuran jrrd sateuacan Tilem.
(Sayang = tempat indung ngagedekeun, tempat orok/anak digedekeun, tempat nyiruruk; Hawu=tempat masak siduru ngariung saimah
imah).
Najan ahirna
rencana Pamuk Jaya Perkasa mah hasil dina harti teu jadi perang campuh nu
ngalibetkeun prajurit jeung rahayat tapi ukur mayar talak ku wilayah wilayah
dimana rahayat ukur pindah managemen -
ku turunan Siliwangi keneh. Tapi caritaan kandaga lante jeung system 4
nu ngajajar ngadukung jajaran ka 5 Geusan ulun anggeusan. -tingali bagian satuluyna
pantangan nu ngulik kasumedangan.
Bagian Ieu
tutulisan miyuni gagak, bari jelas nyebutkeun pamanggih salian tinu disebutkeun
‘wadul’ –ngira ngira tapi henteu enya- hiji hal nu dipahing pisan pakeun hayang
repeh rapih jeung sasama. Nu ukur tepi ka nyanggakeun kumaha masing masing wae,
daek sukur hanteu kajeun wae, silih ajenan
wae teu kudu silih etopan kacape cape da enya kacape cape ngabejaan ari ka
sasama mah. Nu embungeun ukur malik moyok malik teu suka moal ngeunaheun
papanggihanana disalahkeun; lamun keur nu daekeun ukur 'nyapekeun' nyaeta kudu diajarkeun
kudu dituduhkeun lamun kabeneran urangna bisa atawa nyaho jalma mana nu bisa diguruan, lain eta teh pagawean? Tapi ngahaja ditulis make babasan nu
jelas dimana posisina sabab nyaritakeun hiji ulikan nu mere lolongkrang teknik/metoda ‘proven’ nu bisa dipake ku
nu lian ku saha wae pakeun ngaenya henteukeunana asal tapis dina make
metakeunana-tingali definisi ulikan/elmu di bagian saencana.
Komo deui ngeunaan
kajadian nu baheula mah kudu nanyakeun
langsung kanu ngalamanana – nu ayeuna geus euweuh di alam dunya. Kumaha
nanyana?? ulikan kasumedangan – ditempat lain beda ngarana- tangtu bisa jadi hiji ‘penghubung’ passing over
knowledge ngeunaan alam alam jaman baheula. Ngaliwatan salah sahiji metoda
proven ulikan kasumedangan nu disebut ulikan pangkat KASELIR/jadi corong. Kumaha
bisa kitu, naon cirina, naon cecekelanana, kumaha ngabedakeun jeung kasurupan
ambatan i-ilapatan impian wawangsitan jeung tipu tipu denge nu kasaput ku dedengean pangdenge, tipu tipu deuleu ku kasaput kudeudeuleuan pangdeuleu, tipu tipu ucap sab kasaput
ku ucapan pangucap wisaya nu gaib gaib.
Ayeuna urang
jeroan deui dongengna ku nyaritakeun hiji hijna leuwih teleb.
Bagian saterasna
urang kintunkeun upami pareng