KUJANG: NAON AHENGNA NAON GUNANA? JEUNG KUMAHA MAKENA KEUR URANG AYEUNA??? (II)


Dina  nyieun kujang, nempa  ngabentuk rupa/wujud jeung mere software ‘default’ katut  mere lologkrang supaya bisa ‘personalised’ saluyu jeung pamake katut lingkunganana, pakeun neangan kadaharan jeung iinumeun saperti nu geus dicaritakeun di bagian samemehna (Bag I)  kujang boh dina rupa/hardware/wujudna, boh kagunaan specifikna, boh kelas pamor oge nu make/nu nyekelna jadi warna warna rupa rupa tingkat tingkat.

Keur somah /jalma biasa mah, lain lulugu/kapala kelompok/kokolot atawa nanggananna, lolobana ukur mangrupa pakarang nu jadi ‘short-cut’ atawa ‘linked’ ka pakarang lain nu jadi sumberna nu biasana dicekel ku kelas strata nu leuwih luhur. Nepikeun ka kujang kujang nu dicekel/ ganggamana somah mah ukur biasa wae kumaha jentul hardwarena. Karek bijil pamor teh lamun di trigger ku software mangrupa jangjawokan atawa rajah nu dipakena memeh gawe atawa keur gawe.  Ciri kecap kecap Rajah/jangjawokana make ‘referens’ heula/teu langsung ‘direct command’ kayaning  ‘ka hyang /embah anu….. nu ngawasa detya anu… muga muga anu teh sing anu’- atawa  ukur dibarengkeun/di linked ku kujang  luluguna.

Sedengkeun Kujang lulugu dina nyieun, nyimpen, make jeung ngaropeana leuwih ‘sophisticated’. Tara sagawayah dibijilkeun komo diabar abar mah, ukur dipake dina: Mitembeyan/ngamimitian atawa dina  ngontrol lamun aya hal hal teu saluyu jeung nu diharepkeun, misalna  aya hama, bagong ka kebon atawa aya kacilakaan dina keur migawe-, atawa dina nganggeuskeun/panen/nganuhunkeun /syukuran hasil tani  jeung tahap evaluasi keur aktivitas satuluyna. Kekecapan/ basa programming dina AJI-na sifatna direct ‘si anu teh kudu jadi dat anu, atawa ieu/eta teh “anu” matakna kudu anu’  teu rea sanduk sanduk nga’link’ kana/ tara loba macakeun mariksakeun “reference”  kayaning nyebut nyebut luluhur ti ditu luluhur tidieu nu jadi ‘source code’na, tara sab beda kelas.

Cara nyieun pamor/software siga nu ‘nyiksa sato’, dumeh salah sahijina diala getihna keur kapentingan jelema. Tapi justru kaluhunganana teh sab dina hiji daerah teu kudu tiap nu tani boga kujang nu dibere pamor, teu kudu hii kujang hiji sato tiap wong tani. Hiji atawa dua kujang -kujang lulugu/pimpinan  - bisa dipake keur wilayah nu lega/kaperluan bala rea-kelompokna. Matak ahirna teu kabeh kujang nu kapanggih aya pamor/maunat/program/softwarena.

Tuluy lamun kujang somah dijieun sacara ‘pabrikan’ dina jumlah nu rea nu oge leuwih ngagedekeun kualitas hardware keur ngadekna, kujang kujang lulugu mah dijieun dumasar ‘pesenan’ leuwih ‘personalised’ hardwarena dihade hade nepikeun ka siga leuwih kaciri nilai ‘art’ jeun gpamor aweuhana katimbang guna keur ngadekna – komo beuki lila mah ukur kaciri ‘pernah’ seukeut mungkul. Kujang lulugu kadieunakeun jadi kujang pusaka sab saeutik bari hese nyieuna, bisa disebut teu bisa ditiron ukur dijieun replica, tapi masih keneh aya gunana keur nu bisa metakeunana, tungtungna dipupusti dirawat enya enya.

III. GUNA RUPA RUPA KUJANG

Di taun 1862 keur sunda diajah walanda, Jonathan Rigg  bule inggris nu ngaku  nyieun dictionary “meunang guguru ti gunung meunang diajar ti guriang”, 

KUJANG: NAON AHENGNA? NAON GUNANA? JEUNG KUMAHA MAKENA KEUR URANG AYEUNA??? (I)

  1. PANGANTEUR

Kujang mangrupakeun pakarang teuteupaan/tempaan/enggineered hasil kamotekaran urang sunda,  nu baheulana, diantarana katuliskeun dina naskah sunda kuna sang hyang siksa kanda ing karesian, ngarupakeun ganggaman (gegaman) wong tani (patani) nu dipake pakeun ngala/ meunangkeun kikicapeun/dahareun jeung iinumeun. Sedengkeun Teuteupaan (nempa) upaya ngabentuk/nyieun ngaenggineer ngarekayasa “bahan teuas/hese diolah” supaya  dibentuk/dijieun/dimanipulate dipake sakumaha kaperluan. Baheula mah ukur dipake kana logam ayeuna mah jelema ge nu dididik/dilatih sok biasa oge disebut ditempa/hasil tempaan.

Waruga kujang, nu pokona, congona seukeut ‘lancip’ bisa nyongkel  nubles, tonggongna seukeut bari aya liang/bolong keur ngagampangkeun ‘maneuver’ ‘ngorek’ dijero taneuh/tangkal/peujit jrrd, Bagian beuteungna oge seukeut matak aya babasan kujang dua pangadekna  kana maksud hiji kekecapan jalma sabab dua ‘sisi panjang’ kujang (najan beda ‘bentuk’na’ –tonggong +beuteung) bisa dipake ngadek. Buntutna bisa ditutupan di perahan. Bahanna teuteupaan/tempaan tina logam jeung aya oge –arang kapanggih nu bisaeun nempana jadi kujang - tina bahan meteor nu ‘sesana’ sok loba ragrag kapanggih di tanah sunda.

Tempatna dina kaidah ajaran sunda Tri-tangtu  (Ratu-Rama-Resi) kujang mangrupakeun pakarang jalma dina realm/tangtu Rama, nyaeta keur ngala dahareun jeung inumeun. Lain keur ngabahayakeun/nyilakakeun/maehan jelema atawa perang sakumaha pakarang dina realm ratu/prabu kayaning Pedang, golok, keris. oge lain pakarang nu dipake keur ngagaris/ngagurit/mahat diantarana peso raut, peso pangot  para pandita/wiku dina  realm/ tangtu resi (tingali naskah siksa kanda ing karesian).

Guna kujang nu aya patula patali jeung tani masih keneh bisa kasungsi diantarana didaerah kanekes, di dulur dulur kanekes mah  aya babasan bentang kidang turun kujang nu maksudna lamun bentang kidang –bintang wuluku- geus kaciri di langit cirina geus waktuna mitembeyan  (keur kaum agraris mah tani) nya kujang nu asalna ukur diluhur ‘digantungkeun’ dicokot diturunkeun dipake keur ngamimitian gawe-bari jeung lamun ka semah mah tara ieuh ngabasakeun kujang cukup ‘bedog’ wae sab arinyana tarapti nyumputkeun harti tara asal betus.

QURBAN DEWEK: WAH..ETA MAH… NGADEUHEUSKEUN MANEH MAKE TULUNGNA SATO, NA TEU BISA SORANGAN? (II)

III. NGADEUHEUSKEUN MANEH MAKE TULUNGNA SATO
---
Naha Sang Khalilullah teh gening ari prak bade midamelna bet diganti ku sato? Naha ieu conto ku sato (keur ngaganti meuncit budak kanyaah) teh saukur nyokot gampangna bari telenges ka sato? Atawa memang bijil tina kasasmitaan?
----
Lamun urang ngoraan deui timimiti gubrag ka alam dunya:


ceuk sunda mah mimiti bijil ti bagha indung teh karek boga hirup…tuluy sanggeus kasusuan kabere kadaharan kainuman lila lila bisa nyarita, neuleu, ngadenge, ngangseu awakna ngagedean -nukitu ceuk kolot lembur mah nu disebut nyawa teh. Satuluyna beuki sampurna dasaindriya ….ahirna lengkep boga sir nafsu akal budi.

Ari susu indung jeung kadaharan teh asalna tina sato jeung tutuwuhan. Tah alusna teh sab baktina sato/tutuwuhan ka manusa nepikeun ka jadi jelema (basarriyyah). bijilna rasa nyawa kaasup boga sir hayang kawin tuluy boga kanyaah ka anak ka dunya sabab…gara-gara sato/tutuwuhan nu dipeuncit/dipaehan tuluy didahar…saencan aya eta mah teu boga rasa dunya/rasa nyawa (tingali tulisan eddy nugraha “bagbagan ngaleupaskeun nyawa: enya kitu paeh?”)…

Wah?..

Enya cobaan we tong barang hakan…tong boro-boro resep ningali bujur..teu boga nangan keur usik-usik acan. Eta sato/tutuwuhan nu dipeuncit didahar tuluyna ngajadikeun rupa rupa rasa (sir nyaah resep ngewa jrrd) dangdanan hirup, bawa jeung mawa maneh, dipake usik malik hirup didunya nya.

QURBAN DEWEK: WAH..ETA MAH… NGADEUHEUSKEUN MANEH MAKE TULUNGNA SATO, NA TEU BISA SORANGAN? (I)

Tangtu geus pada terang yen pagawean qurban dina poe Iedul Adha the neraskeun tapak hiji luluhur para nabi nu kalebet Ulul Azmi baheula. Sanajan nu kaciri saliwat kaayeunakeun di lembur mah qurban teh meuncit sasatoan kayaning domba jeung sapi, tapi, lamun nengetan kajadiana baheula pagawean qurban teh asal asal kanyataan kapengkuhan Sang khalilullah nu mampuh miceun kanyaah kucara  keresa dipiwarang nelasan putra nu kenging hese cape bari ngan hiji-hijina (ti Siti Hajar); miceun katineung kalebar nuturkeun clik putih clak herang pituduh ti EL nu ngamurbeng sanajan beurat beurat teuing. Ku kitu teh, antukna kapasihan berkah carana qarib -ngadeukeutkeun-ngadeuheuskeun maneh (qurban- qaraba-yuqarabu-qurbanan) teh jadina ku meuncit sato.

Nya satuluyna mah, nu diturutan pakeun ngadeuheuskeun maneh ka Pangeran teh lain meuncit budakna tanda miceun/maehan kanyaah ka anak tapi meuncit sato. Ngan ku kitu teh, siga ngeunah ngeunah teuing, teu beurat kawas ngurbankeun maehan anak sorangan najan ngan saukur nu boga nu mampuh hartana (bari daek) mungkul nu bisa migawena. Malah sato nu dipeuncitna bisa dihakan jeung dibagikeun ka batur batur. Sapoe dua poe mah dilembur kawas kariaan: loba sate loba gule salelembur, bau domba/sapi saimah-imah. Tapin teu kurang kurang nu terus dodongeng ngingetkeun yen cenah baheulana mah eta teh titahan kudu meuncit budak kanyaah hiji-hijina.

Naha meuncit sato ayeuna teh mani kudu disambung sambung jeung gedena dodoja kudu meuncit budak baheula sagala? Naon gunana urang nurutan? Enya bakal deuheus? Naha ieu conto ku sato (keur ngaganti meuncit budak kanyaah) teh saukur nyokot gampangna bari telenges ka sato? Atawa memang bijil tina kasasmitaan?
Urang buka lalangsena sakumaha nu kapanggih dilembur dina nurutnangtungkeun ageman.

Kanyaho maqam kubur sorangan


Kanyaho teh...

Maqam panta kelas harkat jalma,
beuki loba beuki alus kanyaho
beuki lega beuki luhur maqam darajatna.
Kongas kanyahona jalma nyaho
pada pada geus dikanyahokeun jalma nu nyaho.

TAPI,....

Kanyaho ge...
Qubur kurung wates jalmana.
kongas loba nu kakubur ku kanyahona sorangan
geus teu bisa kaongget-ongget deui,
kabeulit kapoekan ku kanyahona,
teu bisa nganyahokeun kanyaho nu lain ti kanyahona
najan kuduna dikanyahokeun salaku jalma nu nyaho.

Jalma nu bisa ngajadikeun qur'an tuduhna....


Qur'an karek kapake jadi tuduh
ukur ku jalma jalma nu:

Caang kanu
teu katingal kumata teu kadenge ku ceuli (gaib),

Pamenta/kahayang (do'a shalat) hirupna
geus ajeg nangtung,

Resep beberesih nyampurnakeun awak,

Caang kanu naon nu geus tumiba/kapasihkeun/kajadian ka luluhur/nu saencana,

jeung...

Kana poe wiwtan/wekasan geus yakin lain euceuk.

Nu henteu mah  euy ....kahataman
Qur'an teh mo kadenge mo kaciri komo make

(sapi bikang 1-7).

mulyana nu bodo jeung nu ngelmu

Lamun bodo hayang mulya....
kudu daek nanya
ulah bol bol nabeuh kabodoan sorangan
ulah guminter bari ukur ditungtungan  ku wallahu alam -teu nyaho teuing pastina.

Lamun nu nyaho hayang mulya....
kudu balabah nyukangan batur
nya mo beurat mamawa elmu da dibikeunan.

Sab bodo jeung nyaho teu tangtu dina hiji hal
matakna kudu wae...
alewoh daek nanya
bari balabah mikeun kanyaho.

Nya...
menta bari mere.
mikeun bari ngala.
kadatangan bari barijil.
kitu jeung kitu nepikeun ka
teu khuldi rasaning bodo dimanehna rasaning nunyaho di manehna
da tara betah didinyana.
Kongas gede rumasa teu bodo bodo acan sok sumawoning pinter

kaAdaman


Ceuk Allah dina qur'an,
sanggeus Adamna khuldi disina turun ka dunya
tuluy sakabeh turunana ditetepkeun yen

hirup paeh jeung dihirupkeun deuina di dunya/ardhi/bumi.
Meunang kasenangan hirup salila waktu nu ditangtukeun.

Ngan kade dina paehna moal bisa leupas ti dunya.
dihirupkeun deuina ge engke di dunya.
kitu jeung kitu moal robah robah.

Ana kitu,...
meungpeung didunya urang pake
ngan lamun rek ninggalkeun dunya
kudu dileungitkeun
tong hayang ngeunah betah tineung di ka-adaman.

Sing Bisa Meureut Maneh

Kudu wae,...
sakeudeung atawa lila
sakali atawa leuwih,
jalma mah ngalaman kakurangan hakaneun
harta banda
kaleungitan jiwa nu dipikaasih
kaasup jiwa sorangan

memeh undak darajat
meunang kasinugrahan ti nu maha asih.

Matakna...
samemeh meunang eta tur komo mun keur aya dina kasenang ....
kudu bisa meureut maneh...
ameh lamun pareng ngalaman
moal asa diteungteuinganan

da geus tuman jeung apal yen
susah senang ukur jajantung diri
nu jadi marga lantaran kamulyaan
nu diancokeun ukur keur jalma sabar (kuat).

Nyawa dicokot deui, maneh rek kamana?


Cenah ge,...
umur gagaduhan nyawa sasampayan
atawa
nyawa bobogaan banda sasampeuran,

Jadi...
lamun pareng dipundut ku nu kagungan
moal bisa di ulah ulah
jeung ulah we ditahan tahan deuih
cenah da lain boga sorangan.

Ngan nyaeta,..
lamun nyawa sasampayan bobogaan
nu mun pareng dipenta nyawa kudu dibikeun,
maneh rek kamana?

Dina ngaleupaskeun nyawa,
nyawa leupas ti kurungan
cenah dicandak ku malaikat nu nyabut nyawa,
Ari maneh rek kamana?

Rek ngilu ka nyawa?
apan geus dileupaskeun dibalikeun deui kanu bogana?
Jadi ana kitu maneh naonana nyawa?

Al Jumu'ah dina Sinom

ku
Eddy Nugraha

(Kinanti)

Nyalindung ka maha agung, maha mulya maha suci, Allah nu maha uninga, tina poek sasar diri, alatan gogoda setan, nu nyiruruk nyiriwuri.

Kalawan asma Hyang Agung, marengan lampah sayakti, nu janten marga lantaran, sadaya usik ngajadi, nyaah asih taya kendat, nganteur mahluk nu kumelip.

(SINOM)

1. Yusabbiĥu lillāhi mā fī as-samāwāti wa mā fī al-'arđi al-maliki al-quddūsi al-`azīzi al-ĥakīmi

Ngamahasucikeun Allah
saniskara nu dilangit
tur sakumna di buana
Allah sanyatana gusti
Nu murba sawiji wiji
Maha suci ning agus
nu taya papadana
Prakosa nu taya tanding
Maha mulya wijaksana enya enya

2. Huwa al-ladhī ba`atha fī al-'ummīyīna rasūlāan minhum yatlū `alayhim 'āyātihi wa yuzakkīhim wa yu`allimuhumu al-kitāba wa al-ĥikmata wa 'in kānū min qablu lafī đalālin mubīnin

Mantenna anu ngungkara
utusan ti pangkat ummi
ti antara maranehna
rasul nu mere pangwarti
ngeunaan kalimah gusti
nu mersihkeun tiap tangtung
jeung nu ngajarkeun kitab
tur kaluhungan sajati
memehna mah maranehna sasab enya

3. Wa 'ākharīna minhum lammā yalĥaqū bihim wa huwa al-`azīzu al-ĥakīmu 4. Dhālika fađlu allāhi yu'utīhi man yashā'u wa allāhu dhū al-fađli al-`ažīmi.

Jeung nu lainna oge aya
nu acan pareng ngahiji
mantena nyata prakosa
wijaksana uninga surti
nya nu kabeh kasaksi
pasihan nu maha agung
ka nu dikersakeunana
Allah kagungan nu pasti
samudaya kasaean kaagungan

5. Mathalu al-ladhīna ĥummilū at-tawrāata thumma lam yaĥmilūhā kamathali al-ĥimāri yaĥmilu 'asfārāan bi'sa mathalu al-qawmi al-ladhīna kadhdhabū bi'āyāti allāhi wa allāhu lā yahdī al-qawma až-žālimīna

Misil jalma nu dipercaya
taurat kalamna gusti
ngan tuluy teu nyubadanan
lir kalde nu wara wiri
mamanggul kitab suci
misil hina ti nu agung
keur nu marungkir nolak
cawisan ti maha suci
Allah mo maparin tuduh ka nu sasar

6. Qul yā 'ayyuhā al-ladhīna hādū 'in za`amtum 'annakum 'awliyā 'u lillāhi min dūni an-nāsi fatamannaw al-mawta 'in kuntum şādiqīna 7. Wa lā yatamannawnahu 'abadāan bimā qaddamat 'aydīhim wa allāhu `alīmun biž-žālimīna

Pok: he yahudi sakumna
mun enya ngan maneh pasti
nu jadi kakasih Allah
prak penta maot ka gusti
mun enya bener wacis
Ngan maneh maroal kitu
moal wani palastra
sabab tapak lampah diri
jeung Allah uninga ka nu sasar lampah

8. Qul 'inna al-mawta al-ladhī tafirrūna minhu fa'innahu mulāqīkum thumma turaddūna 'ilá `ālimi al-ghaybi wa ash-shahādati fayunabbi'ukum bimā kuntum ta`malūna.

Sebutkeun yen saenyana
maot nu disinglar diri
supaya ulah tumiba
nyatana bakal pasini
tuluy dibalikeun pasti
ka nu uninga lan weruh
nu gaib jeung nu nembrak
Nya seug bakal dipiwarti
Sagala rupa hal nu geus dipilampah


9. Yā 'ayyuhā al-ladhīna 'āmanū 'idhā nūdī lilşşalāati min yawmi al-jumu`ati fās`aw 'ilá dhikri allāhi wa dharū al-bay`a dhālikum khayrun lakum 'in kuntum ta`lamūna


He sakumna nu ariman
Mun tanggara shalat muni
Dina poean jumaah
prak gancang geura areling
ka gusti maha suci
tinggalkeun nu keur dipaju
eta kabeh saenyana
leuwih alus eukeur diri
lamun maraneh sakabeh nyaraho mah

10. Fa'idhā quđiyati aş-şalāatu fāntashirū fī al-'arđi wa abtaghū min fađli allāhi wa adhkurū allāha kathīrāan la`allakum tufliĥūna

Tuluy mun geus rengse shalat
prak deui satiap diri
sumebar di ieu jagat
teangan masing tarigin
rahmat pasihan gusti
kurnia nu maha agung
jeung bari omat pisan
tong kendat eling kagusti
supaya kabeh pinanggih kamulyaan

11. Wa 'idhā ra'aw tijāratan 'aw lahwan anfađđū 'ilayhā wa tarakūka qā'imāan qul mā `inda allāhi khayrun mina al-lahwi wa mina at-tijārati wa allāhu khayru ar-rāziqīna

Jeung mun dina hiji wayah
Sab nenjo nu jual beuli
atawa karesmenan
kabeh naringgalkeun diri
nu keur nangtung madep gusti
pok naon nu di nu agung
leuwih alus tibatan
karesmenan jual beli
tur leuwih alus keur nyukupan saniskara

MACA QUR'AN DI KA UMMIAN (I)

Nu bisa metu macakeun qur’an nu turun di bulan ramadhan mah lain kiai, lain ulama, lain ustad, lain syech, lain guru, ahli kitab, ahli tafsir, komo nu ukur bisaa nganyanyikeun mushaff utsmani di ula ileu make rupa rupa (umumna 7) qiraat mungkul mah lain…. tapi jalma ummi….jalma nu teu bisa maca teu bisa nulis. Najan bisa wae ninggang ka aranjeuna lamun pareng keur aya di ka-ummian di kabutahurupan nyatana geus/eukeur teu bisa maca teu bisa nulis. !! ??

---
Dilembur mah eusi ieu kutrat kotret mangrupakeun caritaan mahal, lain ku alusna (relative) jeung da dongengna mah murah nepi ka sok ditembrakeun, tapi ku jarang/arang dihuntukeunana. Ieu waja ukur semplak di bulan ramadhan tipeuting memenitan sapatah dua patah sanggeus nu paruasa nincak ka 10 poe (geus tamat 9 poe puasa) samemeh lilikuran masing masing pipisahan/aritikaf. Mun pareng teu panggih jeung jalma nu ‘bisa ngadongengna’ lapur teu nepi ka hatam nunggu nunggu ramadhan taun hareup. Matak disareatan dituliskeun sugan sugan ukur ngabedah kailaharan lain kapamalian.
---

PANGANTEUR 


I

Tangtu geus jadi kanyaho sakabeh muslimin, yen mushaff utsmani nu ayeuna aya mangrupakeun kumpulan tina surat surat /ayat ayat kalam (caritaan) Allah nu metu teu sakaligus tapi dina rentang waktu puluh puluh tahun nu tuluy disusun jadi qur’an (kumpulan) lain dumasar kana urutan turuna ayat ku jungjunan alam Sang Khataman Nabiyyin. Nya dina eta mushaff (sapi bikang 185) ditanggarakeun ngeunaan Qur’an nu turun/metu/bijil di bulan ramadhan.

‘Syahru ramadhaanaladzii unjila fiihil qur’aanu hudan linnaasi wal bayyinaatii minal hudaa wal furqaan…jst.’.

Ku kitu teh, sabagian jalma nganggap nu turun di bulan ramadhan teh ukur nu mimitina- jadi tarjamahna loba nu ditambahan ku kecap mimiti…najan teu disebutkeun istilah qur’an mimiti dina eta ayat; aya oge nu nganggap mangrupa qur’anul adhim, nu engkena jadi qur’anul qarim, qur’anul hakim, tuluy dina nyata di alam jadi qur’anul majid -nu ieu mah nambahan atribut kana kecap qur’an keur ngabedakeunana; aya oge nu nganggap turun sakaligus di bulan ramadhan tapi didugikeuna/diwakcakeunana ka ummat bertahap dumasar kana sabab kajadian nu kaalaman (asal usul turuna ayat) nu puncakna/panutupna waktu pipisahan di mekah – haji wada, ka nu ieu tinggal nanya kumaha ngumpulna memeh metu/betus?

Qur’an bacaan bacaeun tinu ayat diluhur teh mangrupa tuduh anu nyata/enya (bayyinah) jeung atra/eces ngabedakeun nu salah jeung nu bener (furqan). Qur’an -nu turun metu bjil di bulan ramadhan- ieu mah tuduh nu diancokeun ku nu ngamurba keur/pakeun sakabeh jelema tawis nugrahana maha agung - lain keur muslim, mu’min, muttaqin mungkul.

Jadi, beda jeung kitab nu jadi tuduh nu teu mangmang ukur /ngan keur muttaqin ‘dzalikal kitaabu laaraiba fiihi hudan lil muttaqin’ (sapi bikang :2), nu turun di bulan ramadhan mah boga kamampuh (potentially/diancokeun) pakeun mere tuduh bukti nu eces jeung pangbeda nu guna ka sakabeh jelema.

Disebut potentially/diancokeun ka jelema teh sabab kana ieu pasihan kaasih kanyaah nu ngamurbeng teh teu sakabeh jelema bisa nyaho/ meunangkeun/ngahontal ngeunaan eta - nya mung tedak quraysh Sayidina Muhammad nu ummi nu kagunturan madu karagragan menyan bodas kenging kasinugrahan kalungsuran eta Qur’an -nu lungsur/bijil di bulan ramadhan- bari mampuh tiasa maca metukeunana kasaksi aya golerna dina mushaff surat al alaq (nu gumantung) al muzzammil (nu disimbut) nepi ka al qadar (papasten)..jst…jst.

Nya ku kamampuh diawal awal kanabian di mekah nyatana tiasa maca metukeun qur’an nu turun di bulan ramadhan ieu, 12 taun saenggeusna saatos ieu Nabi ummi teh hijrah ka madinah, ummat tos seueur bari warna warna lacakna- munafiq, muslim, mu’min, yahudi, kafir, nasrani, musrik jrrd pagaliwota – Allah dina qur’an leutik (surat sapi bikang disebut oge qur’an leutik) masihan deui kanyaah kaasihna ku netelakeun /ngingetkeun deui ngeunaan qur’an (nu turun di bulan ramadhan) –tapi husus ngan ka mu’minin saha wae iraha wae pokona geus nincak pangkat mu’min (nu kaislamanana geus nyababkeun kalungsuran iman ti Allah- lain kawas urang arab nu ngaku geus iman padahal karek muslim)….. supaya puasa muasanana.


Yaa ayyuhal ladzina aamanu…jst (sapi bikang 182); …Fa man syahida minkum syahra fal yasumhu….jst. (sapibikang: 185).

Singgetna naon2 nu kajadian diawal awal kanabian ka hiji jalma ummi di re-state deui 12 taun saenggeusna ameh ummat –mu’minin- kacepretan leleberanana. Komo bari bulan Ramadhana bisa kaalaman deui ku umatna sab ieu wanci nu lain saban wayah teh datang tiap tahun –revolusi rotasi cyclic muter manggilinganna waktu – samemeh jelema anggeus nohonan waktu hirup kadunyaan nu linier –hirup paeh mo balik deui ka dunya (detailna tingali waktu: kalacakra nu manggilingan cyclic muter mulak malik ngusikeun tangtung,….lain hayang euy ngan bisana eunteup dimana???).


Jadi, ameh satungtung daraek puasa muasaanana -aya paribasa teu ayeuna sugan jaga teu kahontal ku puasa ayeuna sugan taun hareup…taun hareupna deui jst jst - muga pareng turun dikersakeun Allahna metu bijil leleberanana ka jelema jelema nu pareng aya/eukeur dina pangkat taqwa ku shaumna. …sugan sugan kaasup diantara ahli waris da ari warisna mah geus enya aya maujudna mushaff utsmani. -

Kasempetan ngeunaan ieu Qur’an ngan didugikeun ka mu’minin –teu ka kasakabeh jalma – sabab sateuacana tos ditaratas ku Sayidina Muhammad dina ngengingkeunana. Teras ayat ayatna betus/metu ka sahabat sahabat nu palerceka harita –nu satuluyna ditepikeun/dicatetkeun/dijaga nepikeun ka ayeuna dina mushaff utsmani.

Kumaha panaratas nu dipidamel ku Sang uswatun hasanah, da urang mah leuwih gampang tinggal nyonto/nuturkeun tapak lacakna bari teu nguntup nguntup bade nyasamakeun ka anjeuna da jauh tanah ka langit mo satai tai kukuna acan.


II


Qur’an nu diturunkeun dina bulan ramadhan teh nyatana lain ngaliwatan jelema tapi ngaliwatan sunda - rasul mangrupa cahya/caang (Malaikat gabri-El, malak= mahluk cahaya, gabri= rasul/utusan/titahan, El=Allahna Ibrahim, sunda=cahaya/caang). Datangna ieu sunda the teu mamawa nu mangrupa tulisan dina kertas/daluang atawa teu ngajingjing ngengelek kitab…teu disebut/kasebut obyek-obyekna acan. Kajadianana ukur eta cahaya “squezzed him tightly until he heard the first words pouring from his lips”.

Dina surat nu mimiti al alaq 1-5 kawartikeun....Iqra!!!

Iqra……nitah maca/nalaah/ngumpulkeun/nganyahokeun/nganepikeun tapi euweuh/teu disebut obyekna. Tuluy karek metu 5 ayat,..dina surat ka dua geus disebut qur’an nu kudu dibaca tipeuting tutuluyan/sering kalawan tartil (Al muzzamil). Bari nu 5 ayat teh teu nyaritakeun kawas kumaha nu disebut Qur’an ukur nyaritakeun tips and trik cara macana- Jadi teu mungkin maca qur’an the macaan 5 ayat eta bulak balik tiap peuting nepi ka ngacay. Nya ieu pisan nu awal awalna seuweu abdul muthalib bingung/hemeng nepi ka tataros ka batur -nasrani waraqah ibnu naufal.

---

Loba loba jalma, saperti nu diantarana didugikeun ku M Quraysh Shihab, ngahartikeun titahan iqra teh, kusabab euweuh obyekna, ngandung harti/maksud sakabeh nu aya di dunya. Naon wae bisa jadi obyekna…jadi ‘bahan bacaeun’ boh text/tulis, visual, audio, buku, alam, jrrd.

TAPI, lamun dihartikeun sakabeh nu aya di alam bahan bacaeun atuh teu pasti sayidina Muhammad ummi. Sabab teu bisa maca jeung tulis teh nu umum di cekel mah nya teu bisa maca jeung nulis text/tulisan harfiah – kawas kabisaaan bangsa arab nu sok disebut ummi ngandelkeun ingetan. kana bacaeun visual/alam mah teu kacaritakeun teu mampuh macana komo salaku nu lampar saba sejen dayeuh/nagri janten ‘pedagang’ pasti seueur luangna najan lain tina daluang/kitab tinulis tuluy ongkoh ngarana rasul teh pasti fatonah – cerdas. Maenya jalma cerdas teu boga kamampuh ngolah/ngalenyepan/ngahartikeun/ngumpulkeun informasi tina rupa rupa obyek di dunya?.

Najan kitu ummina buta hurupna Muhammad teh aya kana 4 kalina di dongengkeun nu tangtu lain politik pencitraan supaya kaciri ajaib/aheng jalma butahurup bisa metu macakeun qur’an sabab ieu mah kalamullah,.... jeung dina pangkat kanabiana ge ieu luluhur quraysh teh kasebut ku qur’an nabi nu ummi.

----

Najan can/teu nyebutkeun kawas kumaha eta qur’an nu kudu dibaca,..Surat nu gumantung (al alaq) 1-5 ngajelaskeun sababaraha tips & trikna kucara:

Macana make asma rabb lain asma manehna –kade ulah pahili, mun pahili lapur, jeung kudu keur gumantung nyantel (al alaq) ka RabbNA. Rabb the akram bakal ngajarkeun naon naon nu can weruh. KUSABAB ETA Kalamulah mah ngan ngajarkeun naon naon nu asalna can weruh. Nu geus weruh mah teu kudu/moal ti kalamullah. Tapi ti kapercekaan jelemana.


Tiap jelema boga ka teu nyaho nu warna warna –relatife teu sarua di pada jalma. Dina waktu sayidina Muhammad di hira anjeuna teu weruh/teu apal naon nu dimaksud kitab-can pernah maca/nulis saeutik ge ngeunaan kitab–di mekah keneh makkiyah- disebutkeun ‘wa maa kunta tatluumin qablihii min kitaabin wa laatakhuttuhuu biyamiinika idalartaabal mubtiluun’(ankabut:48)…ahirna nya ku kalamullah ieu engkena -23 tahun- maujud jadi kitab linewih Qur’an mushaff utsmani.

Jadi ayeuna oge ummat ummatna nu kapasihan leleberan ngeunaan meunangkeun kalamullah ieu…moal bijil deui ngeunaan nu geus turun ka sayidina Muhammad sabab geus jadi kanyaho jelema. Tapi bakal bijil ayat-ayat kalamullah, misalna:


Lamun dina agama,….

Keur ngahirupkeun deui agama nu dina perjalanan waktu kempyang - para muhyidin-, nu ngalakukeun ijtihad, nu ngalakukeun ijma-qiyas jrrd jrrd jrrd.

Contona kurang kumaha linuhungna sultonul auliya Syech abdul qadir tedak jaelan teu kenging deui kalamullah nu mangrupi kitabullah –da geus metu sampurna/cukup jadi kanyaho/ditembrakeun ka jelema ngalangkungan sang khataman nabiyyin memehna- sanajan seratan seratanana/ajarana/waja nu semplak ti anjeuna sakitu luhungna -dibaraca bulak balik dilenyepan manaqiban teu reureuh reureuh- sab ngahirupkeun deui agama kongas kasebat muchyidin –malah gelarna ge aya 99na kawas asma Allah (cenah ge lamun kudu aya keneh nabi ….nya ieu nabina).

Susuhunan agung Kean santang seuweu siliwangi ti pajajaran kaasih kadeudeuh rasulullah sumping ka timbanganten nu nuju kempyang ku werejit/poek/rupek ngeunaan ageman…kalamullah masihan hidayah ngabersihan tina eta kongas aya tempat ngarana SUCI bari nu diajar agama didinya ararasak GODOG anu pinunjung kamashur sunan rohmat -rahmat keur sakabehna sapanjang jaman kawas kawas nande seliran sang rahmatan lil alamin. Kalamullah teu ngabetuskeun deui sareat anyar kitab anyar da enggeus aya malah qur’an na dipendem didinya pangeling ngeling ka seuweu siwi.

Sunan kalijaga tamat shaum di sisi leuwi kalamullahna teu meunang deui kitabullah ngeunaan ‘sareat’ da enggeus aya tapi masieup ‘wayang’ jadi siar ngantebkeun agama ka jalma ajam nu teu ngarti basa arab-da teu kudu jadi arab aaraban hayang manjing muslim mu’min mah di lembur sorangan ge leubeut. Kitu oge AL ghazali, …ngaraos ‘teu puas ku ngajarkeun cenah’…shaum nyamuni nyinglar ti balarea taunan….mulih deui saparantos hasil….tapakna geus teu bireuk deui…..

Jeung loba loba deui jeung loba loba deui….

Eta kabeh nu kajadian ka jalma linuhung…dina hal nu gede gede... tapi keur urusan leutik ge kapake matak enya dina qur’an (nu turun dina bulan ramadhan mah sagala aya) –da sakali deui kanyaho tiap jalma mah teu sarua, misalna dina ngeunaan jodo-pati- bagja –cilaka.

Jodo,…lamun aya jalma biasa boga kasusah/kapoek nu teu nyaho kumaha bongbolanganana…. sok nanya ka kiai/pandita/ajar nu wacis…ieu ajar/kiai ge teu nyaho da duriat mah kumaha nu hayang kawina..teu hayang kawin/bogoh ka nu nanya (da lamun bogoh mah kiai/ajarna sok loba nu ngawin santri/nu tatambana)…nya kusabab nu nanya jeung nu ditanya teu nyaho sok nanya teh ka Allah meh meunang kalamna/tuduhna…cara nanyana lain duh gusti kumaha ieu? Aduh allah ieung tulungan nyuhunkeun bongbolongan! Atawa nanya ka nu gaib-gaib tapi nalaah/maca make asma rabbna sorangan dina tempat bacaeunana (dina atina lamun keur dina pangkat mu’min (caang)…(detailna: tingali cara maca qur’an dikaummian bag IV). Ari ditanya ngeunaan kumaha tata cara kawina (mun geus meunang calonna)… tara menta ka kalamulah -da geus jadi kanyaho jalma- tinggal datang/nanya ka KUA kumaha cara ngengken naib/lebe dina waktuna atawa mukaan mushaff tulisan arab nu geus teu botak/gundul deui.

Jrrd jrrd jrrd.. hayang bagja… hayang hasil maksud..usaha lancar…embung cilaka… embung susah... rupa rupa nu tatamba..aya nu ti kalamullahna da sama sakali teu dikanyahokeun memehna kumanehna,.. aya nu ti kapercekaanana da geus kapikir/kaharti/aya contona/resepna (lamunpa campur gagal teu matih).

Kitu oge ngeunaan elmu aya nu ti kalamullah aya nu ti kapercekaan…….. nu ngan nyahona kaum arifin nu linewih para ra-hyang nu danghyangna jadi aweuhan.

Ayeuna hayu urang tilik leuwih jero ngeunaan qur’an nu turun di bulan ramadhan jeung kumaha cara macana ieu ameh minuhan unsur….. kaharti karasa kabukti ameh aya gunana:

III

kawas kumaha ieu -nu teu disebutkeun obyekna- tapi geus disebut qur'an dina Al Muzzamil teh nyatana?...kumaha bisa macana make pangkat di kauumian?...naha bet kudu dibacana bari tartil ti peuting- kumaha shaum &tips & trik surat al alaq nerapna?..naon deui tips & trik na tina mushaff?.....kawas kumaha di kaummian teh nyatana keur urang urang nu geus kaeusi ku rupa rupa kanyaho ngeunaan elmu jeung kitab???


bagian salajengna urang kintunkeun upami pareng....

Taqwa Ka Allah: Ngubeng jeung pamohalan!??... Kumaha ari ku puasa??


Dina babasan sapopoe kecap takwa teh harib harib kana taat ‘patuh’ tumut turut pengkuh. Ieu kecap teh dina agama mah kaasup nu paling sering -paling henteuna unggal aya nu da’wah- dinasehatkeun diomongkeun diuarkeun dihuntukeun. Malah aya ‘kaidah’ agama nu jelas nanceb di muslimin yen Allah cenah mah moal ningali jungkiring gede leutikna tapi ningali teh kataqwaanana.

harti taqwa sabenerna nyaeta : ‘ngajaga’, ‘nyinglar’ ‘ngajauhan’, jadi ittaqullah taqwa ka Allah teh maksudna nu saenyana ngajauhan nyinglar ngajaga diri ti Allah. Diri teh (dijaga/ditahan) tong aya bijil panggih (nyinglar) tong deukeut (ngajauhan) jeung/ti Allah.

Tina ieu harti takwa ka Allah najan sering diomongkeun dicaritakeun sab geus ngarupakeun waja nu semplak dina agama tapi jadi hal nu aheng keur loba loba jalma sabab hiji hal nu pamohalan/imposible/ teu mungkin dipigawe.

Kapamohalanana teh, saperti nu diantarana didugikeun ku M Quraysh shihab, sabab, cenah, teu mungkin dilakukeun ku mahluk, rek kumaha mahluk ngajauhan, nahan atawa nyinglarkeun diri ti Allah sedengkeun Allah marengan/qarib ka mahlukna, dimana jelema aya Allah aya kamana jelema indit moal kaeuweuhan ti Allahna. Rek nurus bumi ngejat ka langit ge moal bisa nyinglar ngajaga ngajauhan ti Allah.


Sedengkeun kaayaan-maqam panta takwa teh hubunganan jeung qur’an -mujizat pang agungna- penting ‘crucial’ pisan sabab nya panta ieu nu ngajadikeun nyababkeun qur’an jadi pituduh nu yakin nu moal mangmang jeung moal ngamangmangkeun nu kawarisna ‘laaraiba fiihi hudan lil muttaqin’ nu ngajadikeun inyana meunang tuduh jeung bagja ‘muflihuun’ ti dinya -tina kitab qur’an

…lamun keur teu dina pangkat takwa mah..komo nolak kafirmah moal moal pisan guna eta mujizat agung keur manehna the sab hate pandenge panenjona nutupan tina eta tuduh..’hatamallahu ala qulubihim wa ala sam ihim wa ala absorihim gisawatun…jst” (sapi bikang ayat 2-7). Jadi kasarna kajeun maca bulak balik nepi ka ngacay ge cumah mun henteu kahontal/ keur dina pangkat takwa.

PUASA RAMADHAN: NANAHAON JEUNG NANAONAN LAKU KITU?? (II)



III

Tinu dua bagian panganteur diluhur, tangtu urang gampang nga ah-keun ku make alesan etamah kajadian shaum keur saencan kanabian/umat umat baheula jeung kajadian di bangsa sunda mungkul nu teu nyambung jeung sareat islam. Tapi, hal kitu the rada jauh tina bener sabab:

Mushaff utsmani nyatet tapak kasauran Allah swt langsung keur muslimin nu ngagem sareat Muhammad saw –wahyuna metu di Madinah – yen saenyana...sakabeh jalma jalma –saha wae- nu keur puasa…. bakal meunang ampunan jeung kahadean/pahala nu gede. Bari dina ieu ayat teh teu disebutkeun husus kanu puasa ramadhan mungkul; jeung teu diwates naha cara puasana kudu kawas puasa di bulan puasa ramadhan nurutkeun hukum sareat agama (teu dahar teu nginum teu sahwat ti subuh nepi ka magrib) atawa henteu. Pokona mah, para ash-shaimin wash-shaimat sakabeh lalaki atawa awewe nu keur puasa/shaum …. (Al-Ahzab, 33:35)

PUASA RAMADHAN: NANAHAON JEUNG NANAONAN LAKU KITU?? (I)

Na make nanya kitu sagala?...
Iih peupeuriheun migawenamah ti bubudak keneh, unggal taun tara towong, sageuy ari geus baleg mah boga pikiran natanyakeun naon leuwihna ti puasa puasa lain di sunda nu sakitu euyeubna. Keur sunda mah –nu masih keneh kagedekeun ku kabiasaan kasundaan- puasa teh hal nu lumbrah ti babaheula keneh nepikeun ka ayeuna najan lain bulan ramadhan oge.

Geus kuduna euy geus dewasa mah pengkuh nganggap wajib, moal henteu, daek / leuwih enya migawe lamun kaharti karasa kabukti leuwih alus/leuwih guna/leuwih hade tinu lain - henteu mah tinggalkeun we nanaonan milaku nu teu pati guna/kurang guna/ saukur kw2 kw3 jeung piraku nepi ka kolot ukur ngandel kana cenah, mercayakeun wae kana beja.

Matak urang huntukeun deui eusi ageman teh dikotretkeun sugan sugan pada pada semplak wajana pada pada papak qadarna bijil tina puputihna ameh enya jeung hate nyebut “marhaban ya ramadhan” teh lain pedah kailaharan jeung tuturut ka urang arab mungkul.


PANGANTEUR



I

Tangtu geus pada apal yen kecap shaum, nu saharti jeung kecap puasa di sunda, asal tina akar kecap sha-wa-ma nu hartina/maksudna nyaeta: ‘nahan’, ‘teu usik’, ‘eureun’. Jadi, Cicing/teu usik/nahan/eureun tina hiji pagawean/aktifitas –tina hal naon wae/ nu kumaha wae, saha/naon wae- disebut shaim atawa keur puasa,..nepikeun ka kana kalakuan lain jelema ge -kuda (sato)- nu teu usik/ngajeten teu daek leumpang/lumpat disebutna faras shaim (puasa).

KAI KABOA


Cenah ge:
bawa ieu kai kaboa,
mun aya karerepet beuleum,
engke aya maung ti sancang datang!

Antukna...
tangkal paeh
leuweung rusak
da kaina dituaran
pas maungna datang
ngarempeyek sab awak teu manjing
muhit ka batur bari teu apal rajah sorangan.

Matakna, enyana mah euy...

kanyataan kai kaboa lain di Sancang
tapi kai nu aya di awak.

Lain sok betus:

euh boa kitu?.....
boa kieu gening....
wah boa!....
tapi, boa euy!....

....beuki loba boa beuki teu mulya.

Tah mun eta sirna diduruk
nya mo kakubur sangka kira kira
boa jeung boa
da...
teuneung yakin dina enya.

Sirna kahariwang kasieun.
Jadi maung di leuweung sorangan
Sahadat sancangna jadi.

Bray!

Rahyang Sempak Waja: Sempak waja hartina huntu Pohang.... waaaah maenya? kumaha enyana? Bag III

KETAKNA RAHYANG SEMPAK WAJA

Lamun urang nengetan lebah - lebahna caritaan “kena rohang” dina alur carta prahyangan, eta kalimah ayana  di bag  XI…. Ieu bagian geus  nyaritakeun generasi ka 4 ti Sang Wretikandayun (incu buyut) – Rahyang Mandiminyak na ge tos teu jeneng Ratu Galuh.

---
Waktu masih keneh nyaritakeun gaganti Sang Wreti kandayun mah euweuh caritaan ngeunaan naon sababna seuweu panggedena Rahyangta menir  dibere gelar/jujuluk Rahyang sempak waja. Tapi cukup:

Anak Rahiangta di Menir teh aya tiluan, nu cikal nya Rahiang Sempakwaja, ngadeg Batara Dangiang Guru di Galunggung; Rahiangtang Kidul, ngadeg Batara Hiang Buyut di Denuk; Rahiangtang Mandiminyak ngadeg ratu di Galuh. (Bag V)
-----
‘statement’ :

wurung ngadeg haji, kena rohang, ja mangka ngaran Rahiyang Sempakwaja”   ayana Sanggeus “Rahiyang Sanjaya –pernah incu geus gede- kawekasan ring Medang” (di bag XI).

Ieu ‘statement’ dipiheulaan ku ayana ‘pamenta/permohonan/nyuhunkeun piunjukna Rahyang Sanjaya nu tos ngelehkeun ratu galuh Sang Purbasora/uwana dugi ka maotna (Sang Purbasora mah ukur ngusir Sang Senna) - atawa bisa oge nyuhunkeun ”piunjuk” salaku hiji upaya  nunjukeun kakuatan politis Rahyang Sanjaya rehna tiasa ‘miwarang’ Rahyang Sempak Waja - supaya Rahyang Sempak Waja masihan  putusan saha saha keur  ganti ratu Galuh:

Carek Rahiang Sanjaya: "Patih, indit sia, tanyakeun ka Batara Dangiang Guru, saha kituh anu pantes pikeun nyekel pamarentahan di urang ayeuna." (bag IX)

Jadi  ‘statement’ kena rohang…. nu ahirna jujuluk Rahyang Sempak Waja  nyambungna ka posisi/harkat “caritaan ujaran sabda ‘fatwa’ nu bisa jadi ‘hukum/ajaran’  ti Rahyang Sempak Waja nu ditunggu/bakal diturut ku batur nepi ka boga kakuatan politik/marentah balarea -wajana tos semplak ka balarea di galuh haritam (teu pisan pisan nyambung contextna  ngeunaan Pohang ompong huntu cacat fisik).

--
Kitu oge, ngeunaan kecap "kemir" nu dihartikeun burut kanjut –salian ti pilihan harti nu teu ajeg/bag I -   teu nyambung pisan harti kecapna jeung context  carita satuluyna dina carita parahyangan ngeunaan ayana ngaran hiji karajaan luareun wilayah galuh nu diperangan ku Rahyang Sanjaya… “Kemir diperangan, eleh Rahiangtang Gana”

Piraku euweuh deui pilihan kecap? …. nepikeun aya karajaan/wilayah –sok sanajan misalna mangrupa karajaan leutik, tapi di raksa ku pangkat Rahyang jeung kakuatan politikna cukup signigicant  dina peta politik harita nepikeun ka diperangan ku rahyang Sanjaya, …tuluy ngarana kemir… karajaan/wilayah burut kanjut???

Ngan lamun enya  aya karajaan burut kanjut…deui deui …kecap kemir di dieu metaphore sabab piraku nagara/wilayah boga kanjut/kanjutan.

A. Pangaruh Waja nu semplak diwilayah galuh jeung sabudeureuna

Tutungkusan (I): Agama

Bubuka

Wisnu anak Apa,….

Ngahaja Apa nulis seja papatah pulunganeun engke dina waktuna maneh butuh, ngahaja dikeureuyeuh sa patah sa patah tangeh keneh meungpeung salse, lain teu hayang langsung engke nganepikeun lisan da eta mah nu di ajam salilana hayang pareng mikeun langsung nepakeun jeung rasana, ngan sieun bisi engke dina waktuna maneh butuh urang teu kaparengan rineh atawa teu/geus teu bisa tepung/panggih cumarita. Waktu Apa ieu nulis (taun 2008, maneh karek 14 thn), tangtu sanajan urang sering bareng tapi dina pagiling gisik kaditu kadieu teh teu kabeh pareng dina wayahna, meureun can waktuna perlu eukeur meujeuhna boh Apa boh maneh bubulak keneh. Jadi, disareatan ti ayeuna itung itung nyieun payung mekelan memeh hujan.

Barina ge, ari maca tulisan mah engkena beunang ku dikeureuyeuh di bulak balik di ilo di timbang timbang bener henteuna pantes henteuna, jeung tangtu karek bisana maneh ngilo mun engke geus boga pangukur bisana maneh nimbang mun maneh geus loba loba ku eusi.

Rahyang Sempak Waja: Sempak waja hartina huntu Pohang.... waaaah maenya? kumaha enyana? (bag II)

JADI SABENERNA KUMAHA SEMPAK WAJA TEH ENYANA??

 
Aya carita ngeunaan DASABAGAWA –geus dibukukeun & waktu gramedia masih mere tempat keur buku sunda mah gampang kapanggihna- nu nyaritakeun sajumlah budak ngora lalaki nu ninggalkeun lembur ninggalkeun nagri dititah neangan Huntu budha nu leungit. Sihoreng lain Sang Sidarta ompong teras waosna ical nepika kudu diteangan tapi nu kudu diteangan jeung dipesek  teh ajaran budha anu mulya nu geus metu baheula jeung jaya nagn di jaman dasabagawa ilang. Huntu teh ngagambarkeun ajaran/elmu…lamun huntu geus semplak (kawas huntu budha)….hartina ajaranna geus metu geus nyebar geus diajarkeun/dibikeun ka umat lain di Sang Sidarta mungkul.

Dina kahirupan sunda sapopoe ayeuna oge, Lamun urang resep ulin ka lembur ruang riung jeung jalma hade, tangtu bakal sering ngadenge omongan kieu : ‘ ngahuntu we’, atawa ‘kade ulah loba teuing ngahuntu’ ieu kekecapan dipake lain ulah ngadu/moe huntu/waos/gigi tapi keur ngingetan supaya ulah resep atawa ulah loba teuing nyaritakeun elmu/ajaran/ageman (da elmu/ajaran/ageman mah kudu atawa leuwih hade loba dilenyepan di rasakeun diprakeun dipigawe tibatan diwadulkeun diobrolkeun diadurenyomkeun). Ngahuntu teh maksudna nyaritakeun ajaran/elmu (beda deui jeung maksud idiom:  loba sungut, biwir teu diwengku, letah teu tulangan,  jrrd jrrd).

TAPI, lamun ngan dua alesan diluhur nu dipake tangtu  lain argument kuat (memuaskan) pakeun nunjukeun yen “kena rohang”  jeung “ sempak waja”  teh lain dina harti harfiah huntuna ompong, “Context” dina naskah carita parahyangan sorangan bakal leuwih nunjukeun yen argument diluhur enya.

Kasalahan kisunda dina hayang nanjeurkeun uga (Bag I)

Aya sabaraha catetan kuring nu katengetan kana sikep-sikep sunda, dina kahayangna nanjeurkeun UGA luluhur.


Ka-1: Nganggap ageman kumaha masing-masing bari nempatkeun ulikan kasundaan dina tataran mistis, aliran/isme/brotherhood/ngan hiji guru terus kultus sempit,

lain museurkeun kana ulikan elmu nu empirik nu bisa dimusawarahkeun tuluy dijadikeun konsensus babarengan kisunda -nu rupa-rupa backgroundna- supaya bisa silih rojong.

--

Kabeneran kuring dikintun buku ngeunaan karyana Juragan Haji Hasan Mustapa (HHM)- saur Ajip Rosidimah HHM the budayawan sunda pangbadagna, jadi meureun pantes mun dijadikeun referensi.

Dina bab Qurbah HHM ngadugikeun pamendakna ngeunaan sikepna yen hakekat Muhammadiyah (rasulullah) ragrag/ aya ditiap nu kumelip ku cara elmu nyatana dumasar cara/teknik antar atanapi lintas isme/aliran/grup/brother/sisterhood, diantarana kieu, manggihan ruh idlofi ruhul kudus teh:

(1)Aya nu nyileuk nangkarak, samangsa,...ngalangkang sapangadeg,....
(2) Aya nu maca salawat, tapi ulah make rasulullah, madep kana panon poe...samangsa aya....
(3) Aya nu mencet maneh,..lamun ....ngagulimeng....
(4)Aya nu mepet napas nepi ka katurelengan, lar.... sapangadeg sorangan

Rahyang Sempak Waja: Sempak waja hartina huntu Pohang.... waaaah maenya? kumaha enyana? (I)

  1. Ngahartikeun  Sempak waja huntu Pohang (sempak = semplak, waja= huntu) salah gede ….lamun teu kasebut salah pisan.
Carita sempak waja hartina huntu pohang teh kapanggih diantarana dina buku “sajarah jawa barat” (drs. Yoseph iskandar) oge dina “ensiklopedi sunda” (Ajip Rosidi dkk) ngeunaan salah sahiji luluhur agung anu mulya seuweuna Sang Wretikandayun ti Galuh nu gaduh jenengan - engkena kawartikeun cenah -Rahyang Sempak Waja (rahyang nu huntuna Pohang (ompong)). Malah dina carita eta dua pustaka teh ngajelaskeun yen kusabab waos Pohang ieu luluhur agung putra pang ageungna ti nu ngabedah karajaaan Galuh the teu janten ratu di galuh - cacat fisik nepi ka teu jadi ratu. Nya ahirna kusabab Pohang teh, cenah, ieu putra cikal seuweu sang wretikandayun teh ngadeg batara –nga raja resi- di galunggung kagurnita Batara dangiang guru. Saliwatmah siga nu enya, tapi hayu urang tingali leuwih jero:

Al Lahab (seuneu) dina durma

---
Nafsu dilajur, nu kaduruk sorangana.....moal engke engke teuing.
---

Al Lahab (seuneu)
Surat ka 111 - 5 ayat



1.Tabbat yadā 'abī lahabin wa tabba 2. Mā 'aghná `anhu māluhu wa mā kasaba 3. Sayaşlá nārāan dhāta lahabin



Cilaka dua leungeuna abu lahab

estu tumpur teu hurip
banda moal guna
upaya teu mangrupa
pamenta teu ngajadi
tuluy kalentab
siksa diri nu meulit


4. Wa amra'atuhu ĥammālata al-ĥaţabi 5. Fī jīdihā ĥablun min masadin



Kitu deui nu jadi pamajikana

nu tukang hiri dengki
nyuluhan nafsuna
rorotek angkarana
kaduruk mo manjing hurip
beuheung talian
siksa cangreud pribadi

"Kajian Tentang Falsafah Sunda-Ajip Rosidi”: Gambaran nu pungsat bahan? Kumaha memenerna? ( I)

I
Kuring nampi wartos ti Mang J (Kisunda-februariI 2009) ngeunaan ayana essay Pa Ajip Rosidi (AR) dina hal falsafah sunda (Di upload kana web personal Ajip Rosidi 2008), nya pirajeunan noongan eta seratan.

Essay AR museur kana hasil penelitian 3 tim di taun 87-89an, jeung nganggap hasil hasil kajian eta 3 tim cukup 'ngawakilan' alam pikiran urang sunda.

Sanajan kitu, beda waktu nu geus 20 taunan ieu jeung waktu eta essay dipublikasikeun (2006) tangtu ngajadikeun kahemeng naha masih keneh 'up to date' dipilih ngagambarkeun falsafah atawa “pandangan hidup orang Sunda" harita (2006) jeung ayeuna (2009) ???? Dumeh saur ARna ku anjeun bangsa sundana di era global ieu ngalaman robahan nu sakitu dinamisna "orang Sunda, sebagai bangsa Indonesia, sedang mengalami perubahan sosial yang luar biasa" (ieu pairan ge tangtu bisa pisan geus teu nyambung jeung eta essay sabab geus aya selang waktu 3 taunan).

oge, sumber data tim nu dumasar kana hasil interview ti sajumlah sampel nu dasar pandangan hirupna geus robah/teu asli sunda waktu jiwana masih merdeka (karajaan sunda) sabab cenah geus kapangaruhan ku penjajahan boh mataram boh walanda. Sigana judul seratan AR leuwih pantes jeung enya ngagambarkeun eusi tulisan lamun saukur jadi "Kajian Tentang Falsafah Sunda taun 80an". Lain "Kajian Tentang Falsafah Sunda".

Komo deui, bukti-bukti tulisan nu dianggap ku AR ngagambarkeun falsafah urang sunda nyaeta (seratan) H. Hasan Mustapa (HHM) ku tim peneliti the ngan dititenan hiji 'judul' mungkul - nyatana "Bab Adat Urang Priangan jeung urang Sunda Lian ti Éta "yang merupakan deskripsi etnografis, dan tidak satu pun karyanya yang merupakan hasil pemikiran baik yang berbentuk prosa maupun yang berbentuk puisi dijadikan sumber".

Lamun kuring teu salah ngilo AR ngadugikeun yen dumasar kana harti nu dijadikeun acuan eta essay yen falsafah teh "berpikir secara kritis dan rasional, secara kurang lebih sistimatis mengenai keadaan umum dunia (metafisik atau teori tentang eksistensi), pembenaran atas kepercayaan (epistemologi atau teori tentang ilmu pengetahuan) serta cara hidup sehari-hari (etika atau teori nilai)".

AR mandang yen ngan seratan H.Hasan Mustapa mungkul nu nunjukkeun sikap kritis atawa berfalsafah "Satu-satunya kekecualian mungkin hanyalah H. Hasan Mustapa (1852-1930) yang banyak menuliskan renungan dan pendapatnya yang kritis, terutama dalam bentuk puisi, walaupun banyak juga yang berbentuk prosa".

Sedengkeun kana kalolobaan pamanggih lisan atawa tulisan ngeunaan falsafah sunda nu lain AR nganggap "pikiran-pikiran orang itu sendiri yang sering tidak rasional, tidak sistimatis dan tidak jelas metodologinya. Biasanya merupakan campuran mitos, mistik dan kirata basa saja. Ngawur!".

II

AR ngadugikeun yen sanajan tradisi lisan ngarupakeun cara "menurunkan pemikiran nenek moyang kepada anak cucunya melalui berbagai cara. Niscaya orang Sunda terutama mempergunakan cara lisan dalam menyampaikan kearifan hidupnya, karena tradisi tulisan belum melembaga dalam masarakat" tapi saur anjeuna (AR) eta hal ayeuna geus " tidak berfungsi lagi".

Ngan pamendak AR ieu nunjukeun yen AR TEU NENGETAN PISAN seratan HHM atawa teu mendakan kanyataan transfer insformasi lisan nu kajadian ti generasi ka generasi sapertos nu dijelaskeun ku HHM.....sabab lamun urang nuturkeun seratan HHM saperti nu rek ditepikeun dihandap ieu anggapan AR yen 'transfer' informasi ti generasi ka generasi di sunda ngaliwatan tradisi lisan nu 'tidak berfungsi lagi' teh teu bener teuing lamun henteu disebut SALAH. Malah masih terus aya jeung lamun sacara 'open minded' ditilik bisa jadi salah sahiji cara pakeun muka lalangse 'pareumeun obor'na ngeunaan falsafah sunda, sanajan teknik na teh masih teu dianggap 'enya' ku kaum akademis(pola piker ‘barat’ mungkul) nu sok resep nulis. Kieu geura:

Nuturkeun Luluhur

Kudu daek nuturkeun luluhur!!

Heug.

Ngan luluhur mana heula?


Nepi ka buyut wae geus 8 kakaitsiwur 64
loba teuing tuturkeuneun
jeung tangtu warna warna
karek ka indung-bapa ge geus aya bedana.

Pilih atuh nu alusna nu mulyana !

Ari kitu mah atuh...
ti mana we asal alus asal mulya
teu kudu ti luluhur.

Enya,...

Ngan lamun daek ngorehan titinggal nu loba loba
gening loba piliheun nu alus alus jeung bener guna.

Bari dina makena moal dinaha naha deungeun
da puguh waris sorangan.

Tong betah dina kanyaho euy!...


KANYAHO teh
Maqam panta kelas harkat jalma,
beuki loba beuki alus kanyaho
beuki lega beuki luhur maqam darajatna.
Kongas kanyahona jalma nyaho
pada pada geus dikanyahokeun jalma nu nyaho.

TAPI,
kanyaho ge  jadi
qubur kurung wates jalmana.
geus teu aheng loba nukakubur ku kanyahona sorangan
geus teubisa kaongget ongget deui,
kabeulit kapoekan ku kanyahona,
teu bisa nganyahokeun kanyaho nulain ti kanyahona
najan kuduna dikanyahokeun
salaku jalma nu nyaho

MATAK tong betah kagugulung Kanyaho
mun rek manjing mah dina Nyaho
maqam lain kubur lain
tara langgeng dina urut
bari moal kaeuweuhan.

Pun.

Al-Ashr dina Durma


Surat Al ashr (waktu)
surat ka 103 - 3 ayat

1.Wa al-`aşri  2. 'Inna al-'insāna lafī khusrin 3. 'Illā al-ladhīna 'āmanū wa `amilū aş-şāliĥāti wa tawāşaw bil-ĥaqqi wa tawāşaw biş-şabri--

(Durma)

Saenyana demi waktu cakra dunya
jelema kabeh rugi
anging nu ariman
tur bener caang lampah
jeung ka sasama ngajadi
silih elingan
keur haq jeung sabar diri

AL JIN DINA DANGDANGGULA

====
Bedana elmu sangka kira kira ijiran mungkul (donna) jeung elmu ahli waris rasul kanyataan mustika rasana pribadi nu diridoan ku gustina. Dina nyaksi alam luhur nu hiji ngapung ngajaul tur keuna pangaruh robahna jaman  nu hiji mubus nyusup awor manteng dina tangtung mo aya hahalangna sapapanjangna. Ngan padikana lamun hayang jadi ahli waris TEU MEUNANG NGAKU (kudu dipahing pisan-panyakit jalma loba loba), sagala nu jadi metu pangaweruh kamatihan kamampuhana anging ku idin Allahna lain ku nu lian nu gaib gaib komo tahayul rekaan kira kira sangka nafsuna. Dina metakeunana di alam tangtung nu gaib loba nu ngaub lain aub ka nu gaib gaib.  Muguhkeunana dina eukeur nyusul nyusul elmu kira kira sangka jeung elmu karasulan mah dina buktina, kudu kasaksi nyatana mana nu leuwih hengker tulungna jeung leutik bobot danghyangna. Pun.
====

 AL  JIN
SURAT NO 72 - 28 AYAT
  
(Kinanti)
 Nyalindung ka maha agung, maha mulya maha suci, Allah nu maha uninga, tina poek sasar diri, alatan gogoda setan, nu nyiruruk nyiriwuri.
Kalawan asma Hyang Agung, marengan lampah sayakti, nu janten marga lantaran, sadaya usik ngajadi, nyaah asih taya kendat, nganteur mahluk nu kumelip.

(Dangdanggula)

1. Qul 'Ūĥiya 'Ilayya 'Annahu Astama`a Nafarun Mina Al-Jinni Faqālū 'Innā Sami`nā Qur'ānāan `Ajabāan. 2. Yahdī 'Ilá Ar-Rushdi Fa'āmannā Bihi Wa Lan Nushrika Birabbinā 'Aĥadāan

Wakcakeun ditembrakkeun ka kami
Yen sakumpulan jin geus miarsa
ngareungeukeun teu geseh
Tuluy  ucapna  metu
Kula  kabeh estuning nyaksi
Qur’an nu aheng pisan
Sa-benerna tuduh
Kula  percaya caangna
tur  mo rek nyaruakeun Gusti
jeung salian mantenNA

Al Muzzammil (nu disimbut kabeurat) dina sinom

----
nuju aya dina kahanjelu, kasesah?..gaduh angen angen, utamina hoyong kenging kalimah2 jati nu lain euceuk batur euceuk guru euceuk kitab tapi langsung ti nu ngamurba dewek? Terang mana jalan jalan kanggo ngajugjug ngahontalna nu sanes ceuk batur?
 -------


Al Muzzammil (nu disimbut kabeurat)
dina sinom

Surat no 73- 20 ayat
ku Eddy Nugraha

(Kinanti)

Nyalindung ka maha agung, maha mulya maha suci, Allah nu maha uninga, tina poek sasar diri, alatan gogoda setan,
nu nyiruruk nyiriwuri.

Kalawan asma Hyang Agung, marengan lampah sayakti, nu janten marga lantaran, sadaya usik ngajadi,nyaah asih taya kendat, nganteur mahluk nu kumelip....


(SINOM)
  1. Yaa ay-yuhal muz-zam-mil  2. Qumil laila il-laa qaliilaa, 3. Nisfahu anwiqush minhu qaaliilaa, 4. Au zud’alaihi wa rat-tilil qur-aana tartilaa

He nu disimbut kabeurat
Nyaring tong pegat ti peuting
Iwalti saeutik pisan
Hudangna satengah peuting
Bisa kurang saeutik
Atawa leuwih ti kitu
Sarta prak geura baca
Bacaan bacaeun diri
Sing tartib ulah rusuh telik nyusukna

5. in-naa sanulqi ‘alaika qaulan saqiila, 6. In-na naasyi-atal laili hiya asyad-du wath-aw wa aqwamu’qiilaa, 7. In-na laka lin-nahaari sabhan thawiilaa

Saenyana kami teh seja
Nyabdakeun kalimah jati
Tibanan nu beurat enya
Satemena  hudang  peuting
Leuwih alus mun nyaksi
Leuwih nyerep na jajantung
Sab ari ti beurang mah
Sok hese ngantengkeun  diri
Kajauhkeun katungkul  gawe dudunya

Sapi bikang - asmarandana

Sapi bikang
(ayat 1 s/d 5)
ku Eddy Nugraha


BAG I
===========
Audzubillahiminasyaithanirrajiim
===========

Nyalindung ka Maha Agung, Maha Mulya Maha Suci, Allah nu maha uninga, Tina poek sasar diri,
Alatan gogoda setan, nu nyiruruk nyiriwuri

===========
Bismillahirrahmanirrahiim
===========

Kalawan Asma Hyang Agung, marengan lampah sayakti, nu janten marga lantaran, sadaya usik ngajadi
nyaah asih taya kendat, nganteur mahluk nu kumelip.


BAG II

Asmarandana surat sapi bikang (ayat 1 s/d 5)


======
Alif lam mim
======

Alif laam miim paku aji
rasiahna rasulullah
lain ngan sakadar kunyem
rajah mujijat ti Allah
metu diawal surah
nu ngajelaskeun wahyu
Suhuf keur eunteung manusa

Alkafirun-AlIkhas-alfalaq-Annas dina asmarandana

Alkafirun-AlIkhas-alfalaq-Annas dina asmarandana
ku
Eddy Nugraha

BAG I

(Kinanti)

Nyalindung ka maha agung, maha mulya maha suci, Allah nu maha uninga, tina poek sasar diri
alatan gogoda setan, nu nyiruruk nyiriwuri

Kalawan asma Hyang Agung, marengan lampah sayakti, nu janten marga lantaran, sadaya usik ngajadi, nyaah asih taya kendat, nganteur mahluk nu kumelip.

BAG II
(Asmarandana)

------
AL-KAFIRUN
------

Sebutkeun ieu pangwarti
ka anu teu saitikad
nepi ka kumaha wae
mo muhit anu sarua
pantang pacorok sembah
hayu urang BARENG hirup
satumutna satumutna


Al a'la nganggo sinom

Surat luhur agung
Ayat 1 s/d 19
(Sinom)
Ku Eddy Nugraha


BAG I

(Kinanti)

Nyalindung ka maha agung, maha mulya maha suci, Allah nu maha uninga, tina poek sasar diri
alatan gogoda setan, nu nyiruruk nyiriwuri

Kalawan asma Hyang Agung, marengan lampah sayakti, nu janten marga lantaran, sadaya usik ngajadi, nyaah asih taya kendat, nganteur mahluk nu kumelip.


BAG II
(S I N O M)


---------------
1. Sabbihi isma rabbika al-A’la
---------------
Sucikeun suci sing enya
sing suci suci ning suci
asma nu toweksa murba
ngaraksa ngariksa diri
pangauban sajati
nu maha luhur tur agung
moal aya padana
tina sagala kasisip
angkeuh hawa nafsu sangkana manusa

Alfatihah ku kinanti

Kinanti jadi Bubuka
Ku
Eddy Nugraha

===========
Audzubillahiminasyaithanirrajiim
===========

Nyalindung ka Maha Agung
Maha Mulya Maha Suci
Allah nu maha uninga
Tina poek sasar diri
Alatan gogoda setan
nu nyiruruk nyiriwuri

===========
Bismillahirrahmanirrahiim
===========

Kalawan Asma Hyang Agung
marengan lampah sayakti
nu janten marga lantaran
sadaya usik ngajadi
nyaah asih taya kendat
nganteur mahluk nu kumelip

===========
Alhamdulillahiraabil alamin
===========

Saniskara nu dipunjung
puja puji anu murti
kagungan anu ngamurba
nga wisesa bumi langit
katut sagala eusina
kajaga kariksa pasti

AT- TAKWIR dina durma


AT- TAKWIR (digulung)
29 Ayat

(tarjamah dina DURMA)
ku Eddy Nugraha

------------
1. Itha ashshamsu kuwwirat
------------
Lamun sang surya caangna geus teu mubyar
beurangna poe leungit
hibarna geus musna
poek nutupan dunya
srangenge geus henteu bijil
geus ancur rusak
digulung teu ngajadi

------------
2. Wa-itha annujoomu inkadarat
------------
Jeung mun bentang bentang nu caang baranang
nu sok tembong tipeuting
leungit cahayana
dilebur sakabehna
henteu tingkariceup deui
ilang tur sirna
pada ragrag ti langit

------------
3. Wa-itha aljibalu suyyirat
------------
Jeung mun gunung gunung nu ajeg tohaga
najan obah arusik
maku ieu jagad
geus rarosa aroyag
bejad bareulah lastari
baritu rungkad
diancurkeun teu kari

------------
4. Wa-itha alAAisharu AAuttilat
------------
Jeung mun onta nu reuneuh sapuluh bulan
lambang nyata kamukti
nambahna kaboga
harta dunya barana
jeung loba loba rejeki
geus teu hargaan
teu dipalire deui

Al Alaq (nu gumantung nyantel) dina asmarandana

Al Alaq
(nu gumantung nyantel)
Surat no 96 19 ayat
ku Eddy Nugraha


(Kinanti)

Nyalindung ka maha agung,
maha mulya maha suci,
Allah nu maha uninga,

tina poek sasar diri
alatan gogoda setan,
nu nyiruruk nyiriwuri.

Kalawan asma Hyang Agung,
marengan lampah sayakti,
nu janten marga lantaran,
sadaya usik ngajadi,
nyaah asih taya kendat,
nganteur mahluk nu kumelip.


 (asmarandana)
---
1. Iqra bismi rab-bikal ladzii khalaq
2. Khalaqa insaana min ‘alaq
----
Prak baca masing sayakti
Tengetan sing enya enya
Saliksik masing talete
Kalayan asma nu Murba
Nu ngajadikeun jelema
Asal na nyantel  gumantung
Teu leupas tinu ngandungna

SYMMETRY, TGL 12 , JEUNG ULIKAN KASAMPURNAAN - INOVASI MULUDAN DI SUNDA: Hasil Kapercekaan Kana Bid’ah Nu Geus Aya (II)


Ngawaris/Ngajarkeun & Tolab  Elmu Ulikan Kasampurnaan (Symmetry):



Tanggal  12  Rabiul awal -Mawlid  An-Nabi-  nu disebut poe dibabarkeunana Sayidina Muhammad saw teh sabenerna mah dirunut tina pupusna. Nu geus pada ragem nyaho/dipercaya mah ukur dibabarkeunana teh dina taun gajah bulan rabiul awal. Sedengkeun tanggalna ditangtukeun nurutkeun kaidah ‘Symmetry’.  Yusuf Qardawi nyebutkeun:

“As for the second part of the question [what is exact birth date of the Prophet (s)], the exact date of the Prophet's birth is disputed , but it is most likely to be on Monday, 9th Rabee`Al-Awwal (20th or 22nd of April, 571 AC), the same year in which the invasion of the Elephants took place against the Ka`bah. And he, peace and blessings be upon him, passed away on Monday 12, Rabee` Al-Awwal in the eleventh year of Hijrah”.

Gerard netelakeun ( Microsoft Encarta): ”Since the precise date of Muhammad's birth is not known, the month was probably chosen because it is the most widely accepted date for his death and a symmetry between birth and death was assumed”.

Teu dikanyahokeunna tanggal nu pasti ngeunaan lahirna salah sahiji putu Abdul Muthalib ieu teh tangtu bisa kaharti sabab cenah bangsa Quraysh teh kaasup bangsa ummi nu teu bisa maca jeung tulis –komo ibu ramana pupus enggal2- jadi tangtu ngeunaan nu kainget  ku batur teh –paling henteuna 63 taun saeggeusna - bisa jadi ngan kajadian gede nu jadi ‘milestone’na nyaeta daratangna tentara gajah rek ngarusak Mekah. Tapi,  paling henteu di sunda,  kaidah symmetry dina milih/nangtukeun tanggal  12  dinten lahirna Sang Al Amin –dumasar pupusna- nepikeun ka jadi kapercayaan balarea  tangtu lain akal-akalan atawa dugaan mungkul, saperti nu bakal katingal di bagian satuluyna, tapi nyatana biijil  tina ulikan nu masagi.

Tangtu ditiap agama oge bisana poe lahir tokohna diagungkeun/dipieling teh lain sabab poena istimewa najan mawa karakter nu beda beda nandakeun beungharna hirup tapi sabab kabeneran dina eta poe pernah dilahirkeun salah saurang nu amal hirup tapak lacakna agung pisan nepi ka loba nu kahutangan –da bisa wae dina poe nu sarua  lahir oge jalma2 lain nu jadi mangandeuh angkara murka. Jadi nyebut 12 rabiul awal istimewa teh paling henteu 63 taun saenggeusna ceuk nu kahutangan kasaean anjeuna nu kongas kaleler sang Rahmatan lil alamin.
---
kitu oge misalna poean iedul fitri agungna teh ceuk muslim nu  ngarasakeun hasil gunana ngalenteh ibadah ramadhan - nu henteu mah nya warna warna we, komo keur nu lain mah da boga deui poe sejen sakumaha nu dipuhitna).
----
Jadi tiap poe/tanggal lahir jelema saha wae bangsa naon wae -sanajan lain 12 mulud-  istimewa jeung agung lamun engke salila hirupna dieusi ku hal nu mulya jeung agung - pan loba lain nabi oge wali/kiai/Ajar/raja/guru/luluhur nu poe lahir/pupusna tuluy dipieling sabab amalna. Nya kusabab eta naon tapak lacakna Sang uswatun hasanah ieu diturutan ditalutur, lain hayang nandingan anjeuna, tapi  supaya paling hanteuna keur sorangana engke teu ngarasa rugi dilahirkeun ngarasa yen lahir hirup jeung paeh datangngeusininggalkeun dunya teh hiji rahmat ti nu ngamurbeng keur –paling henteuna- dirina sorangan. Ari nu diturutan teh peupeuriheun baturmah ka janggot janggotna, ari di sunda mah dituturkeun –salah sahijina teh-  kasampurnaanana diakurkeun dialusan diadumaniskeun jeung database titinggal kawijaksanaan luluhurna sorangan nu geus ngawaris elmu panemu jampe pamake keur kamulyaan seuweu siwina.

Kusabab   nu disebutkeun diluhur jeung deui ngingetkeun yen 1) teu kabeh mainstream bener -bisa wae pedah geus kagok dipercaya ku loba-loba jadi dianggap bener –kawas mainstreamna urang syiah cenah muludan teh tanggal 17 (ulikan sunda akur jeung suni),   jeung  2) pakeun nunjukeun ka seuweu siwi yen dina nangtukeun na teh lain saukur anggapan mungkul- saperti nu disebutkeun Gerard nu netelakeun ngan saukur mangrupa ‘asumsi’na umat islam, da teu pantes diturut – mun teu kasebut salah pisan- hiji kayakinan nu ditepikeun jadi mainstream kapercayaan keur urang sunda bijil tina saukur mercayakeun kana asumsi.

Nya dina muludan teh…. luluhur sunda nu barijaksana ngahajakeun ngadadarkeun ngeunaan ELMU/ ULIKAN ngeunaan  AYANA kaidah simmetry nu sok disarebut  kasampurnaan-kaasup bedana/saruana jeung kasus pupusna Putra Gangga Bisma Dewabrata - jeung pamuhitan jalma jalma nu ngaranggap saukur cangkang kana awakna.

Matak deui deui teu aneh, kajeun diulah ulah ku nu teu beukieun, loba jalma nu ninggalkeun imah di bulan mulud –najan di bulan lain ge aya- ngahaja neangan paguron/pasantren/jalma jalma bijaksana rek diajar tolab elmu kasampurnaan nulain saukur silib sindir symbol siloka loba carita tapi nu masagi jeung ulikan empirikna di bulan mulud ka kampung2 - da keur meujeuhna dibuka keun- biasana saranggeus nyipuh, tuluy sanggeus jarah ka kabuyutan sok meunang beja/tuduh di kampung mana aya nu bisa ngajarkeun –boh meunang tuduh ti karamat boh tuduh ti pada pada batur nu keur pada ngabungbang di kabuyutan.

Na di kampung mana ayana?.....pastina nya dimana wae…paguron/pasantren mana wae jalma  mana wae… da lain monopoli hiji paguron atawa hiji jalma..…asal nu neangan mamawa caang hate. Ngan omat lamun ka sumedang tong neangan di kampung toga, mun ka timbanganten tong ka sampireun, di ujung kulon tong nyungsi ka cipanon, mun di dayeuh bandung tong ka kampung daun kampung gajah, ka pakuan  tong ka kampung pancaniti, komo ka Jakarta puseur nagri moal nyampak di kampung rambutan.
----

Ayeuna hayu urang susud leuwih jero:


SYMMETRY, TGL 12 , JEUNG ULIKAN KASAMPURNAAN

Symmetry asal tina kecap -sun: bareng, akur, with, together; metron: measure, ukuran, kadar, peta, usik- harti singgetna  ‘that of a proportion relation, grounded on (integer) numbers, and with the function of harmonizing the different elements into a unitary whole’..
http://plato.stanford.edu/entries/symmetry-breaking,. 

Ulikan symmetry ngarupakeun Fungsi/guna/gawe/usik pakeun ngaharmonisasikeun/nyaluyukeun/ngaruntutgalokeun unsur nu beda2 -tapi boga hubungan /tingkat/kelas- jadi  tunggal (tauhid-unity) nya jadi  runtut-alus (harmony), endah (beauty), unity- tohid

Symmetry  ngandung harti oge saimbang salam rahayu wilujeng waluya sampurna nunjukeun sifat maha hirup/divine prinicple. http://www.britannica.com/EBchecked/topic/1522069/symmetry

Tangtu geus pada nyaho, yen dina realm  philosophy nu jadi indungna elmu empirik, symmetry hiji ulikan nu geus established, malah kadieunakeun saperti nu bisa kapanggih dina realm phyisics. Baheula mah ngalakukeun research2 keur nangtukeun hukum fisika teh ahirna kapanggih kaidah symmetry, ayeuna mah make kaidah symmetry keur nangtukeun hukum2 nu lain.

Ari  di sunda (boh ti sunda, islam jeung adumanisna sunda islam)  geus make kaidah symmetry ti baheula mula pakeun nangtukeun –diantarana- bener henteuna sayidina Muhammad lahir tanggal 12 rabiul awwal, alat/laboratorium utamana nya jiwa ragana sorangan.

Tangtu lain  hartina ulikan di sunda dipangaruhan atawa niron falsafah/fisika ngeunan symmetry ngan ku cara ngahartikeun ngeunaan kaidah symmetry (cukup ukur ngaliwatan ngadengekeun kuliah satingkat ‘stadium generale’, encyclopedia atawa status/page di web nu ngahaja dijieun pikeun ngabibita  supaya calon mahasiswa daek diajar fisika saha wae ge mo hese ngarti) –  bisa dipake pakeun bekel/cecekelan/ ‘tips&trick’  dina ngama’naan ajaran jeung dina  ngaengineer maneh make/metakeun ulikan  ngeunaan kasampurnaan-utamana dina ngahyang/tilem kayaning mana nu kudu langgeng-'conserved' mana nu kudu robah/owah/ ‘transform’, kumaha ‘time reversal’/ ‘malikna arah waktu’, kumaha ‘charge’ conyugation’/ robah ‘partikel’ jadi’ anti partikel’ dina awakna (dina kasus tilem/ngahyang) jrrd…jrrd.

Sababaraha hal pokona dina cecekelan ulikan:
  1. Innalillahi wa innailaihi rajiun…hiji kaidah symmetry….asal ti Allah balik deui ka Allah..
Dina turunana -lajuning lakuna- hasil neuleuman ieu kecap, lain saukur percaya kana beja atawa mercayakeun kumaha Allah wae (da lamun diteungeunahkeun mah pasti embung kajeun ku Allah oge- karek leah mun geus asa ngeunah/biasa),  di sunda mah…leuwih kapanggih rincian jalan - jalan atawa tahapana, kayaning:

Lantaran manusa  aya di dunya  teh  midua –asalna hiji jadi midua lantaran mida (misabab) nuturkeun  sakumaha marga (jalan) lantaran- nyatana boga dua hal : jiwa & raga, nyawa & hirup, jisim & jirim, kuring & kurung, lahir & batin- nya dina ilaihi rajiun na teh,  balik deui ka hiji nu sok disebut Allah– kudu wae tarapti: aya nu mulih ka jati aya nu mulang ka asal.Karek enya ilaihi rajiun lamun teu salah nempatkeun.
Kongas aya babasan mulih ka jati mulang ka asal, ieu babasan siga nu geus klise loba nu asal diomongkeun bari geus loba nu teu (pati) paduli naha bet aya dua hal/atawa saukur nganggap babasan nu murwakanti mungkul.

cara nyusukna  -ngabuktikeun enya henteuna ieu kaidah symmetry- ngarunut dumasar kana nengetan proses ’transformasi’ umum , kayaning:

A
Asalna Mimiti (wiwitan) tina sperma/sel telur sundana aci putih maya herang- aci putih tunggang herang…tuluy jadi sukma mulya..tuluy  jadi sukma rasa…sari rasa…jst jst jst

Ngagedean jasad dina jero rahim indung mimitina asup hiji-hijina ti bujal..ngaliwatan tali ari ari…(lain tina sungut)...ci kiih jadi caina; teu basa teu carita tapi meta/usik/hirup jeung ngarti/nyaho (bisa narima pangaruh ti luar –kayaning emosi indung lagu jrrd) ..disebut sang terus rasa…jst jst jst.

Matak nu ngulik kasampurnaan rasa…apal ka wiwitan..ku mailk malikeun braja…bisa apal terus rasa..nyaho memeh pok..da meta teu kudu ku sungut…nyata mustikaning nafsu nu sok disebut kamutmainahan…jst jst jst.

B
Tuluy dijuru keun…dina waktu nu pang alus alusna (wayah-na bijil sanggeus sakabehna lengkep keur tiap anak sudang (janin))..hulu geus deukeut ka juru..awak awakan leah nuturkeun.. …. Bandingkeun engke jeung wayahna/waktuna surup…enya henteuna  babasan…wekasan di wiwitana/mimitina.

Kumaha kajadian ngajuru teu kudu hese lalaki ge tinggal nyaksian-atawa tanya ka dokter/indung beurang/bidan kumaha hesena/nyerina/susahna dina waktu sirah ngaliwatan palawangan(vagina) nu leutik/juru (dibanding volume rahim) hawa hawanu rek paeh loba kasaksi-sirah orok oge  kawas nukukuncungan da hese ngaliwatan palawangan…aya nu hasil, aya nu paeh jeung  indungna, aya nu  salamet hiji..jrrd... jrrd…( bandingkeun engke jeung sa- karat) matakna  sok dibantuan na ku diingetan –‘sing kuat nafas' bari aya oge nu diengineer disoek/dilegaan juruna atawa make sistem vaccum, bedah jll –


C
Geus medal –wedalan ngaliwatan juru (ngajuru)- bet malik alam tibalik belah….
Sungut muka/dibuka ku indung beurang ari bujal ditutupan… ‘wali’ nu salapan (7 diluhur 2 dihandap)  muka ‘wali’ nu tunggal nutup;
nya tuluy nyawaan –rasa dunya-  nungtut nambahan kusabab aci-aci sato/tutuwuhan (taneuh)/cai/hawa (angin)/ daya/upaya (energy/seuneu).
Tuluy bisa nafas panca indra nungtut ayaan suku leungeun usik/meta… nangkarak nangkuban diuk nangtung…jst jst….

Matak dina balik..kudu bisa wali nu salapan nutup (Tanya ka nu sok nungguan nu gering tepi ka maotna sabaraha persen nu teu kawawa/teu karasa ngising/kiih ??)... wali 'tunggal' muka deui…..(keur lawang naon?-tanya ka nu balageur kareresa ngamandian mayit naon beda/saruana tiap mayit)…

Matak teu aneh mun loba nu latihan nyimpen nafas bari numpakan nyawa dina beuteung (nu aya bujal)…..diajar nutup lawang sanga… lamun rek….; mateni patang perkara lamun rek…..., diuk sila lamun rek….., nangtung mun metakeun….jrrd 7 varian teknikna.

D
Beuki lila beuki ngarasa jadi jelema..Rasa beuki kalimpudan nyawa….

….sabab geus ngarasa jadi jelema…nya tuluy boga pangrasa sorangan (salah sahiji pangrasana: jadi budak gede kolot jst jst) jadi raja (malik) pribadina ngambah warna warna rasa dunya –sir tiditu sir ti dieu dirarasakeun diobeng ku rarasaan asa kitu asa kieu mun teu pangger jadi asa asa campur jeung rus ras meunang ngeunah jeung teu ngeunah beda beda ngarasakeun rasakeuneun…..ngumpul jadi nafs (jiwa:boga akal/budi)…. tiap nafs sarasana sarasana sab beda beda pangrasana…jst jst jst..

-- bag detailna dihapus katimbang ieu notes ukur kanggo aosan 'light reading'---

E
dina balikna…

Kusabab beda beda tapak amal pagaweanana...teu kabeh bisa symmetry-harmony - unity.

Nu kolot sok pikun (jadi budak deui) tapi teu kabeh kolot pikun memeh maot; rek paeh leungit nyawana sok nangkarak (kawas keur datang nyawa mimiti2) tapi teu kabeh bari nangkarak da aya nu paeh katabrak, paeh bari diuk, nangtung, bari nyupir jrrd jrrd;….teu kabeh lengit panca indera heula najan loba nu torek heula teu awas heula …; rek ngagedean sok gering heula..rek paeh ge sok gering heula…tapi teu kabeh paeh gering heula..jst jst jst…

Nu paeh ge kajeun disebut ku nuhirup innalillahi wainnilaihi rajiun ge gening cenah ayana di kubur- barjakh- antara, jadi can bisa balik ka Allah –ilaihi rajiun- nunggu nunggu kiamat dunya. Jadi eta babasan  ti nuhirup saukur do’a/harepan atawa basa basi mungkul  meh siga disebut bageur/hade ku turunan nu ditinggalkeun…. Matak tuluy diingetan yen turunana kudu wae ngad’oakeun/ nga re-program –ngarahkeun ti dunyana ameh meunang nikmat qubur jrrd jrrd. Tapi,…. aya oge –pasti loba wae, da eusina jalma mah saha nu nyaho- nu enya manjing innalillahi wa innilaihi rajiun pas harita keneh..pan saur Allah baheula dina qur’an  aya nu tepung jeung kami rebuan taun –lila pisan- aya nu bisa gancang sakedet netra ….

dimana gunana nuturkeun ajaran Sang Khataman Nabiyyin enyana???  (tingali Bagian 8: teknik2 nga-engineer jalan balik di sundai-islam disunda)


II . Falaa tammutuna illa wa antum muslimun.. Sapi bikang, 2: 132

Omat  Ulah paeh lamun teu muslim ….. cecekelan nu beurat enya….nya dumasar ti nyekel eta lamun geus kabeh–jiwa & raga-sorangana-  muslim (leah/sumerah/aslamtu kalayan kaffah ka rabbna) tah waktuna paeh enya. kumaha cirina??

kumaha supaya supaya enya do’a salamet ngajadi/matih lain saukur menta  bari teu apal hasil/kabulna ??
‘taubatan qoblal maot’ menta/daek balik (taubat=balik)  memeh maot (naon wae nu kudu tobat/balikna samemeh maot?),
‘rahmatan indal maot’ -ngeunah/kasinugrahan- eukeur sakarat,
‘maghfiratan ba’dal maot’ dihampura –sampurna euweuh gantar kakaitan- saenggeusna.
naon hubungana jeung waktu wedal/waktu surup..medal surup dina tanggal (itungan rotasi bulan-revolusi bumi)...kumaha 'conyugasi', 'time reversal'na?

bagian saterasna urang kintunkeun upami pareng.....

INOVASI MULUDAN DI SUNDA: Hasil Kapercekaan Kana Bid’ah Nu Geus Aya (I)

Muludan  -Arabna: ‘mawlid/ milad an-nabi’’ - nyaeta pangeling ngeling dibabarkeunana  Sang Rahmatan lil alamin tanggal 12 rabiul awal/bulan ka-3 tahun hijrah. Kusabab muludan karek diramekeun ratusan taun saatos anjeuna ngantunkeun, jadi tangtuna ieu teh mangrupakeun bid’ah / tambahan / inovasi hasil kapercekaan muslimin dina numuwuhkeun/ngeuyeuban  si’ar agama.

Di Arabna baheula mah mimitina ‘mawlid an nabi’ teh dieusi ku shalawat jeung pujian2 ngagungkeun. Tuluy kadieunakeun, di loba loba nagri nu aya umat muslimna -saperti nu diantarana bisa katingali di urang langsung- ditambahan ku poe pere nasional ‘official public holiday’, pawai/karnaval/arak arakan, pupujian (bari nyeungeut lilin, obor, petasan, buroqan), nyaritakeun/macakeun dongeng nabi, pangajian, dikir, hajatan (di urang numpeng), ngabagi bagi dahareun -kongas aya babasan kokoro manggih mulud-,  jrrd. Malah beuki kaayeunakeun mah, tumuwuh oge bisnis parasaben keur ngadodoho nu nyaahan & nu hayang derma.

Tulisan ieu, rek nyaritakeun sabagian inovasi di sunda dina ngeusian/ngeuyeuban muludan hususna nu geus rada arang dikanyahokeun komo dipigawe ku loba-loba urang sunda ayeuna nu kabeukina ukur manco ka beja jeung kabiasaan bid’ah ‘mawlid an-nabi’ ti  Arab/ti batur mungkul. Inovasi  di sunda nu dimaksud diantarana urang kumpulkeun kana 3 bagian :

1)      Nyipuh, ngabungbang, pajang jimat, jarah ka kabuyutan,….

2)      Ngawaris/ngajarkeun & tolab  elmu ulikan kasampurnaan: mulih ka jati mulang ka asal, ngahyang/ tilem langsung  & paeh biasa heula tuluy tilem, beda/saruana jeung jeung jelema jelema nu nganggap cangkang kana awakna/lain awak kanyataan hirupna jrrd.

3)      Ngurut nembrakeun sababaraha rasiah waktu/alam –khususna bulan ka 3 tanggal 12 (nu mere pertelaan ngeunaan robahan alam/pangaruh rotasi (bulan) jeung revolusi bumi ka manusa khususna make ulikan luluhur sunda-islam nu aya hubungana jeung kaidah innalillahi wa inna ilaihi rajiun. Kecap rabiul awal sorangan hartina waktu balik  rabi (menetap) al-awal (mimiti) – usum dimana  jalma2  lalaki balik ka imah/sarakan sanggeus ngumbara/nyaba- nu gening lain saukur kabeneran/dilelebah ninggangna wayah Sang Uswatun Hasanah melebet ka bumi suci mulih ka jati sampurna,  wewedalan & pangsurupan keur tepung pangjuruan, Kaasup naha teu maleman tanggal 14 pas bulan buleud pisan/purnama, sarua / bedana jeung Putra Gangga Bisma Dewabrata dina mahabarata nu keukeuh milih maot upami srangenge geus rada ngaler -wios ngantosan bari nongton turunan galungan (bharatayudha)- najan salirana tos rungseb ku panah.