Sapi bikang - asmarandana

Sapi bikang
(ayat 1 s/d 5)
ku Eddy Nugraha


BAG I
===========
Audzubillahiminasyaithanirrajiim
===========

Nyalindung ka Maha Agung, Maha Mulya Maha Suci, Allah nu maha uninga, Tina poek sasar diri,
Alatan gogoda setan, nu nyiruruk nyiriwuri

===========
Bismillahirrahmanirrahiim
===========

Kalawan Asma Hyang Agung, marengan lampah sayakti, nu janten marga lantaran, sadaya usik ngajadi
nyaah asih taya kendat, nganteur mahluk nu kumelip.


BAG II

Asmarandana surat sapi bikang (ayat 1 s/d 5)


======
Alif lam mim
======

Alif laam miim paku aji
rasiahna rasulullah
lain ngan sakadar kunyem
rajah mujijat ti Allah
metu diawal surah
nu ngajelaskeun wahyu
Suhuf keur eunteung manusa


======
Daalikal kitabu laaroiba fiihi hudan lil muttaqin
======

Heh kabeh nu kumelip
saenyana ieu kitab
dibetuskeun ka sakabeh
eusina taya nu mangmang
tuduh keur anu takwa
nyatana nu pararengkuh
nu nurut tumut tur taat

======
Alladzina yu’minuuna bil ghaib
======

Nyaeta jalma nu wacis
yakin tur bari percaya
terus ngandel tara mindo
ka nu teu katangen mata
jeung sakabeh indriya
najan teu pangih ku batur
nu aya dikajalmaan

======
Wayuqimunas shalat
======

Jeung ngadegkeun fitrah diri
shalat jadi pamakena
netepan netepkeun maneh
berkah jeung rahmat Allahna
mancur tur murub mubyar
alif lam lam he na hirup
tasjid jadi kamudina

======
wa mimmaa rajaknahum yunfiqun
======

Oge ngadarmakeun rijki
boh kabeh boh sabagian
migawena ikhlas rido
seja nyieun kahadean
keur nalang kanu susah
keur nulung ka anu butuh
mere maweh ka sasama

======
walladzina yuminuuna bimaa unjila ilaika wamaa unjila minkoblik
======

Jeung ngandel kanu geus nitis
ka ayat dina hatena
nu nyaangan diri kabeh
ku tuduh qur’an nu enya
jeung weruh kana layang
cepengan para luluhur
nu mulya kaselir kitab

======
Wabil akhirati humyuqinun
======

Jeung ka wekasanna yakin
lain ngan saukur beja
sabab dianjangan wae
kiamat sapapanjangna
wiwitan jeung wekasan
ngan saukurana tangtung
tepi najan siga mapay

======
ulaaika alaa hudam mirobbihin wa ulaaika humul muflihun
=======

Satemena eta jalmi
geus meunang tuduh gustina
ngambah naon wae oge
moal teu aya tungtunna
pasti kasinugrahan
punjul jadi jalma untung
rahayu salamet bagja