AT- TAKWIR dina durma


AT- TAKWIR (digulung)
29 Ayat

(tarjamah dina DURMA)
ku Eddy Nugraha

------------
1. Itha ashshamsu kuwwirat
------------
Lamun sang surya caangna geus teu mubyar
beurangna poe leungit
hibarna geus musna
poek nutupan dunya
srangenge geus henteu bijil
geus ancur rusak
digulung teu ngajadi

------------
2. Wa-itha annujoomu inkadarat
------------
Jeung mun bentang bentang nu caang baranang
nu sok tembong tipeuting
leungit cahayana
dilebur sakabehna
henteu tingkariceup deui
ilang tur sirna
pada ragrag ti langit

------------
3. Wa-itha aljibalu suyyirat
------------
Jeung mun gunung gunung nu ajeg tohaga
najan obah arusik
maku ieu jagad
geus rarosa aroyag
bejad bareulah lastari
baritu rungkad
diancurkeun teu kari

------------
4. Wa-itha alAAisharu AAuttilat
------------
Jeung mun onta nu reuneuh sapuluh bulan
lambang nyata kamukti
nambahna kaboga
harta dunya barana
jeung loba loba rejeki
geus teu hargaan
teu dipalire deui


------------
5. Wa-itha alwuhooshu hushirat
------------
Jeung mun sakabehna sato sato galak
nu tara akur rapih
gangas sili hakan
leupas sakama kama
geus pada pada maralik
bareng sarua
dikumpulkeun ngahiji

------------
6. Wa-itha albiharu sujjirat,
------------
Jeung mun kabeh sagara gede di dunya
geus jadi ribut usik
lambak ngagulidag
seah galura motah
dimudalkeun ting jungkiring
baritu rosa
nyirnakeun sisi langit

------------
7. Wa-itha annufoosu zuwwijat,
------------
Jeung mun diri geus tepung jeung pasangana
jirim jisim ngahiji
jiwa raga nunggal
awor pada saalam
digalokeun pada murti
di kamutlakan
kajatian sajati

------------
8. Wa-itha almawoodatu su-ilat, 9. Bi-ayyi thanbin qutilat
------------
Jeung mun budak awewe nu diraruang
geus nyarita nyaraksi
waktu ditaranya
naon nu jadi sabab
keur hirup dialapati
dikaniaya
babar nemahing pati

------------
10. Wa-itha assuhufunushirat
------------
Jeung mun lambaran lambaran tapak lacak
nu kacatet katulis
geus nararembongan
atra pada dibuka
kabaca mere pangwarti
mangrupa kitab
saksi amal pribadi

------------
11. Wa-itha assamao kushitat
------------
Jeung mun langit uwung uwung awang awang
pangwates lapis lapis
nu mayungan dunya
nutupan ngalimpudan
geus ditilepan laleungit
kabeh maruka
pada eces kaciri

------------
12. Wa-itha aljaheemu suAAAAirat
------------
Jeung mun naraka alamna kateungeunah
kasusah tur kanyeri
tina siksa dosa
nu lir seuneu ngalentab
geus harurung nganti nganti
janji subaya
keur ngahukuman diri

------------
13. Wa-itha aljannatu ozlifat
------------
Jeung mun surga alam sagala kasenang
kanikmatan sajati
lautan ganjaran
sagara kasugemaan
geus didekeutkeun ka diri
kapangih AYA
teu jauh ti pribadi

------------
14. AAalimat nafsun ma ahdarat
------------
Upama eta kabeh geus kajadian
tanda tanda ngabukti
tiap diri apal
kanu dipigawena
pasti nganyahokeun yakin
sagala enya
geus moal samar deui

------------
15. Fala oqsimu bilkhunnas, 16. Aljawari alkunnas, 17. Wallayli itha AAasAAas, 18. Wassubhi ithatanaffas
------------
Nya kami sumpah demi bentang baranang
nu muter surup bijil
oge kami sumpah
ku peuting nu keur robah
ngeser ti janari leutik
Jeung ku balebat
nu keur bray brayan tarik

------------
19. Innahu laqawlu rasoolin kareem, 20. Thee quwwatin AAinda theealAAarshi makeen
21. MutaAAin thamma ameen
------------
Sanyatana eta caritaan ENYA
ti utusan hyang widhi
nu mulya prakosa
kaselir pangawasa
ku anu gaduh arasy
diturut pisan
tur dipercaya pasti

------------
22. Wama sahibukum bimajnoon, 23. Walaqad raahu bilofuqialmubeen, 24. Wama huwa AAala alghaybi bidaneen, 25. Wama huwa biqawli shaytaninrajeem
------------
Jeung sobat anjeun teh lain jalma owah
inyana geus ningali
utusan nu mulya
dilangit nu tetela
teu pedit ngeunaan gaib
jeung lain ucap
setan ditundung gusti

------------
26. Faayna tathhaboon, 27. In huwa illa thikrun lilAAalameen,
------------
Kusabab eta anjeun arek kumaha
nya rek kamana indit
euweuh deui jalan
salian ti narima
ieu kabeh ngan pepeling
kasakabehna
pangeusi bumi langit

------------
28. Liman shaa minkum an yastaqeem, 29. Wama tashaoona illa anyashaa Allahu rabbu alAAalameen
------------
Nyaeta ka anu harayang milampah
dijalan nu mustaqim
ngan moal barisa
ajeg dina agama
mun teu dikersakeun gusti
Allah nu murba
alam anu sayakti