Alkafirun-AlIkhas-alfalaq-Annas dina asmarandana

Alkafirun-AlIkhas-alfalaq-Annas dina asmarandana
ku
Eddy Nugraha

BAG I

(Kinanti)

Nyalindung ka maha agung, maha mulya maha suci, Allah nu maha uninga, tina poek sasar diri
alatan gogoda setan, nu nyiruruk nyiriwuri

Kalawan asma Hyang Agung, marengan lampah sayakti, nu janten marga lantaran, sadaya usik ngajadi, nyaah asih taya kendat, nganteur mahluk nu kumelip.

BAG II
(Asmarandana)

------
AL-KAFIRUN
------

Sebutkeun ieu pangwarti
ka anu teu saitikad
nepi ka kumaha wae
mo muhit anu sarua
pantang pacorok sembah
hayu urang BARENG hirup
satumutna satumutna



------
AL - IKHLAS
------


Sebutkeun Allah teh hiji
Hiji nu tunggal hijina
ka Allah ngaub sakabeh
Allah sanes nu anakan
Sanes seuweu sasaha
Allah anu maha agung
teu aya bandinganana


------
AL - FALAQ
------

Sebutkeun nyalindung diri
ka nu ngabijilkeun surya
ti jahatna mahluk kabeh
ti poek nu kaniaya
ti gendam jurujana
nu nyilakakeun ka tangtung
jeung ti durjana mun meta

------
AN-NAS
------

Sebutkeun nyalindung diri
ka anu murba manusa
nu disembah jalma kabeh
tina nyiliwuri waswas
newo newo culika
limit mangaruhan tangtung
ti rupa jin jeung jelema