Al a'la nganggo sinom

Surat luhur agung
Ayat 1 s/d 19
(Sinom)
Ku Eddy Nugraha


BAG I

(Kinanti)

Nyalindung ka maha agung, maha mulya maha suci, Allah nu maha uninga, tina poek sasar diri
alatan gogoda setan, nu nyiruruk nyiriwuri

Kalawan asma Hyang Agung, marengan lampah sayakti, nu janten marga lantaran, sadaya usik ngajadi, nyaah asih taya kendat, nganteur mahluk nu kumelip.


BAG II
(S I N O M)


---------------
1. Sabbihi isma rabbika al-A’la
---------------
Sucikeun suci sing enya
sing suci suci ning suci
asma nu toweksa murba
ngaraksa ngariksa diri
pangauban sajati
nu maha luhur tur agung
moal aya padana
tina sagala kasisip
angkeuh hawa nafsu sangkana manusa



---------------
2. Allathii khalaqa fasawwa,
3. Wallathii qaddara fahada
4. Wallathii akhraja almar’aa,
5. Faja’alahu ghuthaan ahwa
---------------

Nya eta anu ngayuga
nyiptakeun sawiji wiji
sareng nyampurnakeunana,
nya eta anu sajati
netepkeun wates diri
tur nungtun masihan tuduh,
nyuburkeun jujukutan
bari kawasa ngarobih
jadi garing paeh deui saasalna

---------------
6. Sanuqri-uka fala tansa,
7. Illa ma shaa Allahu, innahu ya’lamu aljahra wama yakhfa
---------------

Kami arek boga seja
macakeun reujeung ngawaris
nu mo poho salilana
iwal ti Sang Hyang widhi
ngersakeun jadi lain,
Satemenna Allah weruh
Kanu caang tur nembrak
jeung oge awas sayakti
kanu nyumput nyamuni henteu katara


---------------
8. Wanuyassiruka lilyusra
---------------

Bari jeung eta nu murba
sanyatana pisan pasti
ngahampangkeun kabeungbeurat
bangbaluh kasusah diri
nulungan tur ngajait
nyirnakeun rupa bangbaluh
masihan kamampuhan
kamatihan nu sajati
bisa hirup hurip jeung hampang lumampah

---------------
9. Fathakkir in nafa’ati aththikra,
10. Sayaththakkaru man yakhsha,
11. Wayatajannabuha al-ashqa
---------------

Kusabab kitu mugia
sing daek mere pepeling
ngingetan nganasehatan
kana jalan rido gusti,
tina eta pepeling
mun nu leah bakal nurut
sareh tumut tur taat,
lamun nu cilaka pasti
mo ngadenge ngan nambalang ngajauhan

---------------
12. Allathii yasla annaraalkubra,
13. Thumma la yamuutu fiiha walayahya
---------------

Eta Jalma nu nambalang
Kana nasehat pepeling
nya nyieun seuneu sorangan
ngabeuleum ngarusak diri
nu kitu nyata pasti
mo meunang di nikmat kubur
kasangsara kasiksa,
paeh henteu hirup lain
sasat hirup henteu hurip salilana

---------------
14. Qad aflaha man tazakka,
15. Wathakara isma rabbihi fasalla
---------------

Saenyana untung pisan
jalma nu daek susuci
milampah kasampurnaan
dijalan ridona gusti
bari teu weleh eling
manteng asma maha agung,
tuluy metakeun seja
paneda sasat pangbakti
manjing shalat kanyataan rahmat Allah

---------------
16. Bal tu’thiruuna alhayata addunya,
17. Wal-akhiratu khayrun waabqa
---------------

Tapi kalobaan jalma
kagelo ku nu teu pasti
kalejo ku nu teu pira
kataji ku nu teu pati
sasat sasar pamilih
kaduyung dunya nu nipu,
padahal aherat nyata
leuwih alus lana pasti
gede langgeng yakin kaalamanana

---------------
18. Inna hatha lafii assuhufial-uula,
19. Suhufi ibrahiima wamuusa
---------------

Nu kieu teh saenyana
Ayat ayat nu geus pasti
pituduh anu geus nyata
aya ti jaman bihari
didugikeun ditulis
dina kitab para rasul,
nu kongas tepi ayeuna
misalna suhuf Ibrahim
Sareng kitab tuduh tauratna musa