Al Alaq (nu gumantung nyantel) dina asmarandana

Al Alaq
(nu gumantung nyantel)
Surat no 96 19 ayat
ku Eddy Nugraha


(Kinanti)

Nyalindung ka maha agung,
maha mulya maha suci,
Allah nu maha uninga,

tina poek sasar diri
alatan gogoda setan,
nu nyiruruk nyiriwuri.

Kalawan asma Hyang Agung,
marengan lampah sayakti,
nu janten marga lantaran,
sadaya usik ngajadi,
nyaah asih taya kendat,
nganteur mahluk nu kumelip.


 (asmarandana)
---
1. Iqra bismi rab-bikal ladzii khalaq
2. Khalaqa insaana min ‘alaq
----
Prak baca masing sayakti
Tengetan sing enya enya
Saliksik masing talete
Kalayan asma nu Murba
Nu ngajadikeun jelema
Asal na nyantel  gumantung
Teu leupas tinu ngandungna


----
3. Iqra  wa rab-bukal akram
4. Alladzii  ’allama bil qalam
5. ‘al-lamal insaana maa lam ya’ lam
------

Baca tengetan saliksik
Jeung gusti pisan mulyana
Ngajarkeun jelema kabeh
Ku kalam seratanana
Ngajadikeun jalma apal
Tur miboga pangaweruh
Ka nu teu nyaho memehna

----
6. Kal-laa in-nal insaana layathghaa
7. Ar- ra-ahus taghnaa
------

Mangkade sing ati ati
Saestuna nya  jelema
Ngaleuwihan wates wangen
Sakama kama sorangan
Lantaran boga pangrasa
Dirina geus sarwa cukup
Teu gumantung ka nu lian

----
8. In-na ilaa rab-bikar ruj’aa
----

Satemena ngan ka gusti
Wekasan nu  saenyana
Nyantel gumantung sakabeh
Pangbalikan samudaya
Lalampahan nu kasorang
Salila dibere hirup
Usik malik jadi jalma

-----
9. Ara-aita alladzi yanhaa
10. ‘Abdan idza sal-laa
11. Ara-aita in kaana ‘alal hudaa
12. Au amara bit-taqwaa
----

Cik kumaha  sapangarti
Mun aya jalma nu nyaram
Kaula nu keur migawe
Shalat netepkeun dirina
Cik  kumaha mun manehna
Enya enya meunang tuduh
Atawa  ngajak sing takwa

-----
13. Ara-aita in kadz-dzaba wa tawal-laa
-----

Cik kumaha sapangarti
Mun nu nyaram teh enyana
Tukang ngawadul ngabohong
Sasat rekaan nafsuna
Tara nyata dienyana
Tur ngabalieur teu nurut
Nukangan kabeh pangajak

----
14. Alam ya’lam bi-an-nal laaha yaraa
15. Kal-laa la-il lam yantahi lanasfa’ambin nashiyah
16. Nashiyatin kadzibatin khaathi-ah
----

Na teu nyahoeun teuing
Yen Allah teu kendat kendat
Nalingakeun sakabeh
Seug lamun teu daek robah
Kami rek  nongtak ngajambak
Eembunan nu teu nurut
Basilat sarta doraka

---
17. Falyad’u naadiyah
18. Sanad’uz zabaaniyah
19. Kallaa laa tuthi’hu wasjud waqtarib
-----

Keun antep nu kitu pasti
Sina  ngamuhit baladna
Kami  rek nyalukan oge
Zabaniyah keur nyeredna
Kade  ka nu kitu peta
Tong diturut anggur sujud
Deukeutkeun diri ka Allah