HAQMALIYAH (III): Tajali mencet maneh meunang niron ????...



Mencet maneh make sorog mateni patang parkara angilo paesan tunggal nu daim tajali nyumponan lafadz Muhammad 






Saperti nu ditepikeun di dua bagian saencana, haqmaliyah utamana lain ngeunaan hiji brotherhood tapi ngeunaan kamampuh tina ngawasa/katapis ngeunaan ‘distinctive meditation technique’ - Tajali mencet maneh make sorog mateni patang parkara angilo paesan tunggal nu daim nyumponan lafad muhammad- katut penjelasana, diantarana aya dina LMM keur ‘novice’ jeung ‘intermediate’ jeung implikasi/cara makena nu leuwih ‘advance’ aya dina sasaka ka islaman bab Qurbah HHM. 



Nu ngawasa/tapis ieu teknik aya dimana wae/saha wae. Sok kasampak di ajengan, di bujangga, di jawara, di pananyaan, di professor, di jalma biasa, malah di nu nu teu siga siga acan. Ieu teknik lain monopoli hiji klan/brotehrhood –tingal bag 1 &2- komo pan ajaran Islam ge nu jadi klaim asal usul ieu ‘distinctve meditation technique’ keur saha jeung di saha wae asal beukieun. Puseurna ge tiap ‘increment’ jaman sok pindah pindah kumaha eunteupna eta dangiang. 



Sedengkeun ngeunaan ‘handbook’na/LMM, dina panganteur LMM jilid 5, RAM nyebatkeun ‘yen LMM henteu diancokeun kanggo brotherhood haqmaliyah tapi kanggo saha wae’ (eusina ge lain hal nu teu aya dina dunya tasauf islam). Ngan kulantaran LMM nyaritakeun ngeunaan papanggihan ku make eta teknik, hese -mun teu kasebut moal pisan- kadongkangna/ manggih bukti enya henteuna eta kabeh nu dicaritakeun dina layang. 


Upama hayang kahontal mah kudu tapis kana teknikna –lamun henteu ukur tepi kana kira kira jeung meureun (intellectual guest). Ari kira kira jeung meureun jauh kana/lain enya. --- Kitu oge ngeunaan seratan seratan HHM (dianggap bujangga sunda pangbadagna) nu nunjukeun tasauf sunda nu dianggap beunghar luhung aheng tapi cenah ge hese kahartina atawa tepina saukur ceuk nu maca teh 'kitu  (meureun) maksud tulisana' (intellectual guest) sabab teu apal/tapis kana teknik2/ tools2 nu didugikeun ku HHM  naha dugikeun ka bijil/metu eta budalan rasana. Ahirna sok sering kapanggih maksad seratan HHM ngaler dihartikeun  asa enya ngidul tungtungna teu ka kaler teu ka kidul.

Ngeunaan LMM  disebut atawa malah jadi nga klaim ‘pegangan’ hakmaliyah nu magrupa ikhwan/grup tarekat/brotherhood teh saenggeusna/kadieunakeun dina citakan (nu ngaluarkeuna putrana RAM). Ieu hal teh mangrupa gejala umum –bisa alus/positif kadang goreng/negative pangaruhna- mun geus mimiti ngagedean ‘grup’na di hiji tempat tuluy dina ngagerohna ngamadhab paradigma ‘burreaucracy’. 

HAQMALIYAH (II): Tareqat syncretic nu dianggap local sunda, handbookna layang muslimin muslimat meunang ‘niron’ ti buku lain, teknik meditasina ongkoh islam tapi niron ti hindu/jawa, wah nu bener we euy???

IV

Haqmaliyah samemehna sok disebut oge aqmaliyah mimiti kacatet di dunya tasauf Indonesia ku sabab ayana catetan pamarentahan Walanda Kolonial di ahir abad 19 samemeh tandangna KHMK & RAM. Saperti nu dicaritakeun oge ku Bruinessen:


“One local tarĂ©kat apparently influential in the late 19th century was the Akmaliyya (or Haqmaliyya), which had its following mostly in the Cirebon-Banyumas zone, where the Sundanese and Javanese cultures meet”.



HAQMALIYAH (I) : Tareqat syncretic nu dianggap local sunda, handbookna layang muslimin muslimat meunang ‘niron’ ti buku lain, teknik meditasina ongkoh islam tapi niron ti hindu/jawa, wah nu bener we euy??? (I)

I

Nu loba kanyahokeun ku umum ayeuna, Haqmaliyah ngarupakeun ngaran hiji tarekat nu diadegkeun ku KH. Muhamad Kahfi (KHMK) sareng seuweuna R. Asep Martawijaya (RAM) ti Pataruman Garut diawal abad 20-an. Ieu tarekat, lamun kapaksa kudu disebut hiji ‘brotherhood’ patarekatan (sufi orders), mangrupakeun salah sahiji tarekat nu teu make ngaran ‘pendirina/imamna/guru besarna’ teu kawas loba loba tarekat tarekat ‘international orders’ lainna numekar di Indonesia, sebut wae Sattariyyah, Qadariyyah, Naqsabandiyah, Rifaiyah, Tizaniyyah, jrrd jrrd.

Dua ciri poko nu sok kacaritakeun di jalma rea nu ngabedakeun Haqmaliyah jeung tarekat nu laina nyaeta ngabogaan:

(1) ‘Distinctive meditational technique’ teknik meditasi nu sifatna rahasia dina harti ngan aya di eta tareqat –euewuh di nu laina- nu sok disebut ku loba loba istilah kayaning a) Tasjid Muhammad, b) tarekat wali c) asmaullijinsi [Layang Muslimin Muslimat/LMM], d) Tajali/shalat da’im (bacaan introduction memeh migawe teknikna), e) Mencet Maneh (Haji Hasan Mustapa [HHM]), f) teknik Mateni patang parkara jst (padalangan-loba dalang2 di sunda nu tapis kana eta teknik-nya nyieun istilah sundana) g) teknik 10 dibagi 7 jangkep (jargon tukang hareureuy) h) Sorog - utamana ngaran ieu kapanggih di sumedang sering dipadungdengkeun dina nyaritakeun teknik nu leuwih advance ‘tajali tanpa sorog” jrrd. 


Eta kabeh the sok dipabaliutkeun jeung teknik tarekat siti Jenar (Muhammad Solikihn - Ajaran Ma’rifat Syech Siti jenar) oge jeung Yoni Mudra katut Laya Yoga sadhana ti Hindu ku para pengamat ‘non partiscipant observer’.

oge,

(2) Ayana ‘buku pegangan’ husus dina basa sunda keur ihwan tarekatna nu disebut Layang Muslimin Muslimat nu ‘dikarang/digurit’ Ku RAM nu di taun 2000an dumasar ‘temuan’ Dr. Kalsum. M.Hum (Kalsum) dianggap ‘nyalin’ nepikeun ka nyieun ‘perobahan gede’ kaasup judul jeung lakona’ tina naskah asal Wawacan Jaka Ula Jaka Uli (WJU) nu lain milik/teu sacara langsung ngaklaim haqmaliyah bari teu ‘nyebutkeun’ referensina. nepikeun nyahona/dikanyahokeunana LMM ‘karangan’ RAM murni.


Malah, Keur nu teu pati apal kana dunya tasauf sunda, arinyana nganggap Haqmaliyah teh saukur tarekat local/kabatinan sunda, saperti pamendakna Gus dur/KH Abdurahman Wahid (tingali-panganteur warisan intelektual Indonesia); oge diasupkeun kana –digolongkeun kana- kelompok aliran kepercayaan/kebatinan, teu dianggap tareqat mu’tabar nepikeun ka kudu ‘diawasi’ dijaman orba. Ku kitu teh, satuluyna nepi ka taun 1994, sab nu nepikeun pamanggihna saukur pengamat2 luar deui nu teu jadi participant observer, Haqmaliyah tetep masih dianggap/kacatetkeun mangrupakeun tarekat local nu berkarakter sunda nu teu kapangaruhan ku tarekat tarekat ‘international’ islam lainna.

ADAB NGEUNAAN YAKIN (I)


Ulah heureuy ngaheureuykeun sumantana cumantaka
ngeunaan kayakinan 
nu jadi payakinan sorangan jeung batur. 

Bisi kawas nu kajadian ka Hyang Kaneka Putra 
Sang Kabayan Dewa Batara Narada. 
Rupina tangtunganana nu kasep caang 
nunjukeun jalmi luhung mulya ge 
sab heureuy ngaheureuyan sumantana cumantaka payuneun kapoconghok 
ka/ku nu ngawasa triloka Hyang jagatnata 
robih janten jebew/pikaseurieun nyarios sareng lakuna ge payus ka rupina. 

Naha? 

Nusa Larangna Rahyang Niskala Wastu Kancana, dimana kitu euy???


Anyar anyar ieu kapangih remen nu nyaritakeun/natanyakeun malah aya oge nu nuliskeun ngeunaan dimana sabenerna patilasan panungtung ti luluhur Galuh anu mulya Rahyang Wastu Kancana. Salah salima sababna lantaran kaayan situs kawalina nu geus jadi kawas makam /kuburan ‘Arab’ tibatan kabuyutan atawa astana gede [(astana=hastana=leungeuna) jadi astana gede hartina tempat nu tapak lacak amal pagawean na gede/mulya/agung)]. Jeung leungitna/teu nepina transfer knowledge ti kuncen sepuh ka nu nuluykeuna nepikeun ka teu bisa ngajelaskeun ngeunaan tempat  nu sabenerna, ditambah ku lobana bararudak ngora nu natanyakeun –najan ukur nepi kana hayang nyaho- nu kaweruh kana sundana teh taram taram keneh bari diramekeun ku pagaliwotana/pakepukna informasi  ‘sajarah’/versi/cenah jeung euceuk oge pacampurna basa nu dipake di sunda.