ADAB NGEUNAAN YAKIN (I)


Ulah heureuy ngaheureuykeun sumantana cumantaka
ngeunaan kayakinan 
nu jadi payakinan sorangan jeung batur. 

Bisi kawas nu kajadian ka Hyang Kaneka Putra 
Sang Kabayan Dewa Batara Narada. 
Rupina tangtunganana nu kasep caang 
nunjukeun jalmi luhung mulya ge 
sab heureuy ngaheureuyan sumantana cumantaka payuneun kapoconghok 
ka/ku nu ngawasa triloka Hyang jagatnata 
robih janten jebew/pikaseurieun nyarios sareng lakuna ge payus ka rupina. 

Naha? 

Sabab ari sacipta saujar saangen angen 
nu nyarita/nu nulis keun payakinana 
keur diponcongok ku nu Yakina sorangan. 
Jadi tara dibere omber 
boh leupasna boh bekasna ku nu nganteurNa. 

Sab ari rasa teh 
rek kamana maneh lumpat 
nya didinya ayana.
Moal aya caritaan/tulisan/lampah 
nu lain bijil ti rasana sorangan 
karasakeun ku sorangan. 

Hayang heureuy jadi heheureuyan 
atuh lain yakin payakinana. 

Hayang ngaheureuykeun laksana 
ngan yakina nu kaheureuykeun 
atuh lain payakinan yakin. 

Hayang sumantana cumantaka meunang 
ngan aya dialam lalab rumbah 
nu lain kaluhungan kamulyaan 
payakinan nu jadi yakin. 

Lebar euy, 
sab nu yakin mah sok ngameunangkeun 
ngan teu ngilu ngilu maneh maneh itu itu. 

Pun