Ngawaris/Ngajarkeun & Tolab Elmu Ulikan Kasampurnaan (Symmetry):
Tanggal
12 Rabiul awal -Mawlid An-Nabi- nu disebut poe dibabarkeunana
Sayidina Muhammad saw teh sabenerna mah dirunut tina pupusna. Nu geus
pada ragem nyaho/dipercaya mah ukur dibabarkeunana teh dina taun gajah
bulan rabiul awal. Sedengkeun tanggalna ditangtukeun nurutkeun kaidah
‘Symmetry’. Yusuf Qardawi nyebutkeun:
“As for the
second part of the question [what is exact birth date of the Prophet
(s)], the exact date of the Prophet's birth is disputed , but it is most
likely to be on Monday, 9th Rabee`Al-Awwal (20th or 22nd of April, 571
AC), the same year in which the invasion of the Elephants took place
against the Ka`bah. And he, peace and blessings be upon him, passed away
on Monday 12, Rabee` Al-Awwal in the eleventh year of Hijrah”.
Gerard netelakeun ( Microsoft Encarta): ”
Since
the precise date of Muhammad's birth is not known, the month was
probably chosen because it is the most widely accepted date for his
death and a symmetry between birth and death was assumed”.
Teu
dikanyahokeunna tanggal nu pasti ngeunaan lahirna salah sahiji putu
Abdul Muthalib ieu teh tangtu bisa kaharti sabab cenah bangsa Quraysh
teh kaasup bangsa ummi nu teu bisa maca jeung tulis –komo ibu ramana
pupus enggal2- jadi tangtu ngeunaan nu kainget ku batur teh –paling
henteuna 63 taun saeggeusna - bisa jadi ngan kajadian gede nu jadi
‘milestone’na nyaeta daratangna tentara gajah rek ngarusak Mekah. Tapi,
paling henteu di sunda, kaidah symmetry dina milih/nangtukeun tanggal
12 dinten lahirna Sang Al Amin –dumasar pupusna- nepikeun ka jadi
kapercayaan balarea tangtu lain akal-akalan atawa dugaan mungkul,
saperti nu bakal katingal di bagian satuluyna, tapi nyatana biijil tina
ulikan nu masagi.
Tangtu ditiap agama oge bisana poe
lahir tokohna diagungkeun/dipieling teh lain sabab poena istimewa najan
mawa karakter nu beda beda nandakeun beungharna hirup tapi sabab
kabeneran dina eta poe pernah dilahirkeun salah saurang nu amal hirup
tapak lacakna agung pisan nepi ka loba nu kahutangan –da bisa wae dina
poe nu sarua lahir oge jalma2 lain nu jadi mangandeuh angkara murka.
Jadi nyebut 12 rabiul awal istimewa teh paling henteu 63 taun
saenggeusna ceuk nu kahutangan kasaean anjeuna nu kongas kaleler sang
Rahmatan lil alamin.
---
kitu oge misalna poean iedul fitri
agungna teh ceuk muslim nu ngarasakeun hasil gunana ngalenteh ibadah
ramadhan - nu henteu mah nya warna warna we, komo keur nu lain mah da
boga deui poe sejen sakumaha nu dipuhitna).
----
Jadi tiap
poe/tanggal lahir jelema saha wae bangsa naon wae -sanajan lain 12
mulud- istimewa jeung agung lamun engke salila hirupna dieusi ku hal nu
mulya jeung agung - pan loba lain nabi oge
wali/kiai/Ajar/raja/guru/luluhur nu poe lahir/pupusna tuluy dipieling
sabab amalna. Nya kusabab eta naon tapak lacakna Sang uswatun hasanah
ieu diturutan ditalutur, lain hayang nandingan anjeuna, tapi supaya
paling hanteuna keur sorangana engke teu ngarasa rugi dilahirkeun
ngarasa yen lahir hirup jeung paeh datangngeusininggalkeun dunya teh
hiji rahmat ti nu ngamurbeng keur –paling henteuna- dirina sorangan. Ari
nu diturutan teh peupeuriheun baturmah ka janggot janggotna, ari di
sunda mah dituturkeun –salah sahijina teh- kasampurnaanana diakurkeun
dialusan diadumaniskeun jeung database titinggal kawijaksanaan luluhurna
sorangan nu geus ngawaris elmu panemu jampe pamake keur kamulyaan
seuweu siwina.
Kusabab nu disebutkeun diluhur jeung
deui ngingetkeun yen 1) teu kabeh mainstream bener -bisa wae pedah geus
kagok dipercaya ku loba-loba jadi dianggap bener –kawas mainstreamna
urang syiah cenah muludan teh tanggal 17 (ulikan sunda akur jeung suni),
jeung 2) pakeun nunjukeun ka seuweu siwi yen dina nangtukeun na teh
lain saukur anggapan mungkul- saperti nu disebutkeun Gerard nu
netelakeun ngan saukur mangrupa ‘asumsi’na umat islam, da teu pantes
diturut – mun teu kasebut salah pisan- hiji kayakinan nu ditepikeun jadi
mainstream kapercayaan keur urang sunda bijil tina saukur mercayakeun
kana asumsi.
Nya dina muludan teh…. luluhur sunda nu
barijaksana ngahajakeun ngadadarkeun ngeunaan ELMU/ ULIKAN ngeunaan
AYANA kaidah simmetry nu sok disarebut kasampurnaan-kaasup
bedana/saruana jeung kasus pupusna Putra Gangga Bisma Dewabrata - jeung
pamuhitan jalma jalma nu ngaranggap saukur cangkang kana awakna.
Matak
deui deui teu aneh, kajeun diulah ulah ku nu teu beukieun, loba jalma
nu ninggalkeun imah di bulan mulud –najan di bulan lain ge aya- ngahaja
neangan paguron/pasantren/jalma jalma bijaksana rek diajar tolab elmu
kasampurnaan nulain saukur silib sindir symbol siloka loba carita tapi
nu masagi jeung ulikan empirikna di bulan mulud ka kampung2 - da keur
meujeuhna dibuka keun- biasana saranggeus nyipuh, tuluy sanggeus jarah
ka kabuyutan sok meunang beja/tuduh di kampung mana aya nu bisa
ngajarkeun –boh meunang tuduh ti karamat boh tuduh ti pada pada batur nu
keur pada ngabungbang di kabuyutan.
Na di kampung mana
ayana?.....pastina nya dimana wae…paguron/pasantren mana wae jalma
mana wae… da lain monopoli hiji paguron atawa hiji jalma..…asal nu
neangan mamawa caang hate. Ngan omat lamun ka sumedang tong neangan di
kampung toga, mun ka timbanganten tong ka sampireun, di ujung kulon tong
nyungsi ka cipanon, mun di dayeuh bandung tong ka kampung daun kampung
gajah, ka pakuan tong ka kampung pancaniti, komo ka Jakarta puseur
nagri moal nyampak di kampung rambutan.
----
Ayeuna hayu urang susud leuwih jero:
SYMMETRY, TGL 12 , JEUNG ULIKAN KASAMPURNAAN
Symmetry asal tina kecap -sun: bareng, akur, with, together; metron: measure, ukuran, kadar, peta, usik- harti
singgetna ‘that of a proportion relation, grounded on (integer) numbers, and with the function of harmonizing the
different elements into a
unitary whole’.
.
http://plato.stanford.edu/entries/symmetry-breaking,.
Ulikan
symmetry ngarupakeun Fungsi/guna/gawe/usik pakeun
ngaharmonisasikeun/nyaluyukeun/ngaruntutgalokeun unsur nu beda2 -tapi
boga hubungan /tingkat/kelas- jadi tunggal (tauhid-unity) nya jadi
runtut-alus (harmony), endah (beauty), unity- tohid
.
Symmetry ngandung harti oge saimbang salam rahayu wilujeng waluya sampurna nunjukeun sifat maha hirup/divine prinicple
. http://www.britannica.com/EBchecked/topic/1522069/symmetry
Tangtu
geus pada nyaho, yen dina realm philosophy nu jadi indungna elmu
empirik, symmetry hiji ulikan nu geus established, malah kadieunakeun
saperti nu bisa kapanggih dina realm phyisics. Baheula mah ngalakukeun
research2 keur nangtukeun hukum fisika teh ahirna kapanggih kaidah
symmetry, ayeuna mah make kaidah symmetry keur nangtukeun hukum2 nu
lain.
Ari di sunda (boh ti sunda, islam jeung
adumanisna sunda islam) geus make kaidah symmetry ti baheula mula
pakeun nangtukeun –diantarana- bener henteuna sayidina Muhammad lahir
tanggal 12 rabiul awwal, alat/laboratorium utamana nya jiwa ragana
sorangan.
Tangtu lain hartina ulikan di sunda
dipangaruhan atawa niron falsafah/fisika ngeunan symmetry ngan ku cara
ngahartikeun ngeunaan kaidah symmetry (cukup ukur ngaliwatan
ngadengekeun kuliah satingkat ‘stadium generale’, encyclopedia atawa
status/page di web nu ngahaja dijieun pikeun ngabibita supaya calon
mahasiswa daek diajar fisika saha wae ge mo hese ngarti) – bisa dipake
pakeun bekel/cecekelan/ ‘tips&trick’ dina ngama’naan ajaran jeung
dina ngaengineer maneh make/metakeun ulikan ngeunaan
kasampurnaan-utamana dina ngahyang/tilem kayaning mana nu kudu
langgeng-'conserved' mana nu kudu robah/owah/ ‘transform’, kumaha ‘time
reversal’/ ‘malikna arah waktu’, kumaha ‘charge’ conyugation’/ robah
‘partikel’ jadi’ anti partikel’ dina awakna (dina kasus tilem/ngahyang)
jrrd…jrrd.
Sababaraha hal pokona dina cecekelan ulikan:
- Innalillahi wa innailaihi rajiun…hiji kaidah symmetry….asal ti Allah balik deui ka Allah..
Dina
turunana -lajuning lakuna- hasil neuleuman ieu kecap, lain saukur
percaya kana beja atawa mercayakeun kumaha Allah wae (da lamun
diteungeunahkeun mah pasti embung kajeun ku Allah oge- karek leah mun
geus asa ngeunah/biasa), di sunda mah…leuwih kapanggih rincian jalan -
jalan atawa tahapana, kayaning:
Lantaran manusa aya di
dunya teh midua –asalna hiji jadi midua lantaran mida (misabab)
nuturkeun sakumaha marga (jalan) lantaran- nyatana boga dua hal : jiwa
& raga, nyawa & hirup, jisim & jirim, kuring & kurung,
lahir & batin- nya dina ilaihi rajiun na teh, balik deui ka hiji nu
sok disebut Allah– kudu wae tarapti: aya nu mulih ka jati aya nu mulang
ka asal.Karek enya ilaihi rajiun lamun teu salah nempatkeun.
Kongas
aya babasan mulih ka jati mulang ka asal, ieu babasan siga nu geus
klise loba nu asal diomongkeun bari geus loba nu teu (pati) paduli naha
bet aya dua hal/atawa saukur nganggap babasan nu murwakanti mungkul.
cara
nyusukna -ngabuktikeun enya henteuna ieu kaidah symmetry- ngarunut
dumasar kana nengetan proses ’transformasi’ umum , kayaning:
A
Asalna
Mimiti (wiwitan) tina sperma/sel telur sundana aci putih maya herang-
aci putih tunggang herang…tuluy jadi sukma mulya..tuluy jadi sukma
rasa…sari rasa…jst jst jst
Ngagedean jasad dina jero
rahim indung mimitina asup hiji-hijina ti bujal..ngaliwatan tali ari
ari…(lain tina sungut)...ci kiih jadi caina; teu basa teu carita tapi
meta/usik/hirup jeung ngarti/nyaho (bisa narima pangaruh ti luar
–kayaning emosi indung lagu jrrd) ..disebut sang terus rasa…jst jst jst.
Matak
nu ngulik kasampurnaan rasa…apal ka wiwitan..ku mailk malikeun
braja…bisa apal terus rasa..nyaho memeh pok..da meta teu kudu ku
sungut…nyata mustikaning nafsu nu sok disebut kamutmainahan…jst jst jst.
B
Tuluy
dijuru keun…dina waktu nu pang alus alusna (wayah-na bijil sanggeus
sakabehna lengkep keur tiap anak sudang (janin))..hulu geus deukeut ka
juru..awak awakan leah nuturkeun.. …. Bandingkeun engke jeung
wayahna/waktuna surup…enya henteuna babasan…wekasan di
wiwitana/mimitina.
Kumaha kajadian ngajuru teu kudu
hese lalaki ge tinggal nyaksian-atawa tanya ka dokter/indung
beurang/bidan kumaha hesena/nyerina/susahna dina waktu sirah ngaliwatan
palawangan(vagina) nu leutik/juru (dibanding volume rahim) hawa hawanu
rek paeh loba kasaksi-sirah orok oge kawas nukukuncungan da hese
ngaliwatan palawangan…aya nu hasil, aya nu paeh jeung indungna, aya nu
salamet hiji..jrrd... jrrd…( bandingkeun engke jeung sa- karat)
matakna sok dibantuan na ku diingetan –‘sing kuat nafas' bari aya oge
nu diengineer disoek/dilegaan juruna atawa make sistem vaccum, bedah jll
–
C
Geus medal –wedalan ngaliwatan juru (ngajuru)- bet malik alam tibalik belah….
Sungut
muka/dibuka ku indung beurang ari bujal ditutupan… ‘wali’ nu salapan (7
diluhur 2 dihandap) muka ‘wali’ nu tunggal nutup;
nya tuluy
nyawaan –rasa dunya- nungtut nambahan kusabab aci-aci sato/tutuwuhan
(taneuh)/cai/hawa (angin)/ daya/upaya (energy/seuneu).
Tuluy bisa nafas panca indra nungtut ayaan suku leungeun usik/meta… nangkarak nangkuban diuk nangtung…jst jst….
Matak
dina balik..kudu bisa wali nu salapan nutup (Tanya ka nu sok nungguan
nu gering tepi ka maotna sabaraha persen nu teu kawawa/teu karasa
ngising/kiih ??)... wali 'tunggal' muka deui…..(keur lawang naon?-tanya
ka nu balageur kareresa ngamandian mayit naon beda/saruana tiap mayit)…
Matak
teu aneh mun loba nu latihan nyimpen nafas bari numpakan nyawa dina
beuteung (nu aya bujal)…..diajar nutup lawang sanga… lamun rek….; mateni
patang perkara lamun rek…..., diuk sila lamun rek….., nangtung mun
metakeun….jrrd 7 varian teknikna.
D
Beuki lila beuki ngarasa jadi jelema..Rasa beuki kalimpudan nyawa….
….sabab
geus ngarasa jadi jelema…nya tuluy boga pangrasa sorangan (salah sahiji
pangrasana: jadi budak gede kolot jst jst) jadi raja (malik) pribadina
ngambah warna warna rasa dunya –sir tiditu sir ti dieu dirarasakeun
diobeng ku rarasaan asa kitu asa kieu mun teu pangger jadi asa asa
campur jeung rus ras meunang ngeunah jeung teu ngeunah beda beda
ngarasakeun rasakeuneun…..ngumpul jadi nafs (jiwa:boga akal/budi)…. tiap
nafs sarasana sarasana sab beda beda pangrasana…jst jst jst..
-- bag detailna dihapus katimbang ieu notes ukur kanggo aosan 'light reading'---
E
dina balikna…
Kusabab beda beda tapak amal pagaweanana...teu kabeh bisa symmetry-harmony - unity.
Nu
kolot sok pikun (jadi budak deui) tapi teu kabeh kolot pikun memeh
maot; rek paeh leungit nyawana sok nangkarak (kawas keur datang nyawa
mimiti2) tapi teu kabeh bari nangkarak da aya nu paeh katabrak, paeh
bari diuk, nangtung, bari nyupir jrrd jrrd;….teu kabeh lengit panca
indera heula najan loba nu torek heula teu awas heula …; rek ngagedean
sok gering heula..rek paeh ge sok gering heula…tapi teu kabeh paeh
gering heula..jst jst jst…
Nu paeh ge kajeun disebut ku
nuhirup innalillahi wainnilaihi rajiun ge gening cenah ayana di kubur-
barjakh- antara, jadi can bisa balik ka Allah –ilaihi rajiun- nunggu
nunggu kiamat dunya. Jadi eta babasan ti nuhirup saukur do’a/harepan
atawa basa basi mungkul meh siga disebut bageur/hade ku turunan nu
ditinggalkeun…. Matak tuluy diingetan yen turunana kudu wae ngad’oakeun/
nga re-program –ngarahkeun ti dunyana ameh meunang nikmat qubur jrrd
jrrd. Tapi,…. aya oge –pasti loba wae, da eusina jalma mah saha nu
nyaho- nu enya manjing innalillahi wa innilaihi rajiun pas harita
keneh..pan saur Allah baheula dina qur’an aya nu tepung jeung kami
rebuan taun –lila pisan- aya nu bisa gancang sakedet netra ….
dimana
gunana nuturkeun ajaran Sang Khataman Nabiyyin enyana??? (tingali
Bagian 8: teknik2 nga-engineer jalan balik di sundai-islam disunda)
II . Falaa tammutuna illa wa antum muslimun.. Sapi bikang, 2: 132
Omat
Ulah paeh lamun teu muslim ….. cecekelan nu beurat enya….nya dumasar
ti nyekel eta lamun geus kabeh–jiwa & raga-sorangana- muslim
(leah/sumerah/aslamtu kalayan kaffah ka rabbna) tah waktuna paeh enya.
kumaha cirina??
kumaha supaya supaya enya do’a salamet ngajadi/matih lain saukur menta bari teu apal hasil/kabulna ??
‘taubatan qoblal maot’ menta/daek balik (taubat=balik) memeh maot (naon wae nu kudu tobat/balikna samemeh maot?),
‘rahmatan indal maot’ -ngeunah/kasinugrahan- eukeur sakarat,
‘maghfiratan ba’dal maot’ dihampura –sampurna euweuh gantar kakaitan- saenggeusna.
naon
hubungana jeung waktu wedal/waktu surup..medal surup dina tanggal
(itungan rotasi bulan-revolusi bumi)...kumaha 'conyugasi', 'time
reversal'na?
bagian saterasna urang kintunkeun upami pareng.....