Al Muzzammil (nu disimbut kabeurat) dina sinom

----
nuju aya dina kahanjelu, kasesah?..gaduh angen angen, utamina hoyong kenging kalimah2 jati nu lain euceuk batur euceuk guru euceuk kitab tapi langsung ti nu ngamurba dewek? Terang mana jalan jalan kanggo ngajugjug ngahontalna nu sanes ceuk batur?
 -------


Al Muzzammil (nu disimbut kabeurat)
dina sinom

Surat no 73- 20 ayat
ku Eddy Nugraha

(Kinanti)

Nyalindung ka maha agung, maha mulya maha suci, Allah nu maha uninga, tina poek sasar diri, alatan gogoda setan,
nu nyiruruk nyiriwuri.

Kalawan asma Hyang Agung, marengan lampah sayakti, nu janten marga lantaran, sadaya usik ngajadi,nyaah asih taya kendat, nganteur mahluk nu kumelip....


(SINOM)
  1. Yaa ay-yuhal muz-zam-mil  2. Qumil laila il-laa qaliilaa, 3. Nisfahu anwiqush minhu qaaliilaa, 4. Au zud’alaihi wa rat-tilil qur-aana tartilaa

He nu disimbut kabeurat
Nyaring tong pegat ti peuting
Iwalti saeutik pisan
Hudangna satengah peuting
Bisa kurang saeutik
Atawa leuwih ti kitu
Sarta prak geura baca
Bacaan bacaeun diri
Sing tartib ulah rusuh telik nyusukna

5. in-naa sanulqi ‘alaika qaulan saqiila, 6. In-na naasyi-atal laili hiya asyad-du wath-aw wa aqwamu’qiilaa, 7. In-na laka lin-nahaari sabhan thawiilaa

Saenyana kami teh seja
Nyabdakeun kalimah jati
Tibanan nu beurat enya
Satemena  hudang  peuting
Leuwih alus mun nyaksi
Leuwih nyerep na jajantung
Sab ari ti beurang mah
Sok hese ngantengkeun  diri
Kajauhkeun katungkul  gawe dudunya



8. wadzkurisma rab-bika wa tabat tal ilaihi tabtiilaa, 9. Rab-bul masyriqi wal maghribi laa ilaa ha il-laa huwa fat-takhidz hu wakiilaa

Jeung  sing eling ka asmaNa
Nu murba ngariksa diri
Nu ngayuga jeung ngaraksa
Tur ka anjeuna prak ngabdi
Sing satemenna bakti
Eta  gusti  maha agung
Ngereh purwa baruna
Nya pangeran nu sajati
Prak jadikeun keur gumantung pangauban

Purwa=wetan, baruna=kulon
(ngereh kulon jeung wetan)

10. washbir ‘alaa maa yaquuluuna wahjurhum hajran jamiilaa,  11.  Wa dzamii wal mukadz-dzibiina ulin na’mati  wa mah-hilhum qaliilaa

Jeung ulah kendat nya sabar
Tahan Kuat meureut diri
Tina omong jeung carita
Deungeun deungeun nu teu surti
Jauhan kalayan apik
Pasrahkeun we ka nu agung
Nu ngaranggap sasar mah
Keur asa boga  kaleuwih
Tur berean tempo najan moal  lila

12. in-na ladainaa ankaalaw wa-jahiimaa, 13. Wa tha’aaman dzaa ghush-shatiw wa ‘adzaaban aliimaa, 14. Yauma tarjuful ardhu wal jibaalu wa kaanatil jibaalu katsiibam mahiilaa

Saenyana keur manehna
Aya talikung  ti kami
Jeung seuneu nu ngabebela
Hakaneun meleg  nu kari
Tur siksaan  nu peurih
kabeh kaalaman tangtu
di poean buana
katut  gunung rosa usik
jeung  poean gunung  ajur mancawura

15. in-naa arsalnaa alaikum rasuulan syaahidan ‘alaikum kamaa arsalnaa ilaa fir’auna rasuulaa. 16. Fa ashaa fir’aunur rasuula la-akhadznaahu akhdzaw wabiilaa.

Kami saenya enyana
geus ngutus ka tiap diri
rasul  saksi  maranehna
kawas  baheula kawarti
aya utusan nu yakin
jadi saksi keur  fir’aun
tapi manehna wangkelang
nambalang kana pangwarti
nya kami nibankeun siksa  nu rohaka


17. Fakaifa tat-taquuna in kafartum yaumay yaj’alul wildaana syiibaa, 18. As-samaa-u munfathirun bih, kaana wad’duhuu mal’uulaa.

Lamun maneh oge ingkar
Rek kumaha peta diri
dina poe datang siksa
budak gepinuh ku huis
sab kasusah nu meulit
dina poean balitung
langit bejad bareulah
ancur ragragan teu kari
janji Allah mah pasti bakal enyana


19. in-naa haadzhihii tadzkiratun faman saa-at takhadza ilaa rabbihim sabiilaa

Ieu  teh  nya sakabehna
Nu dijadikeun pangwarti
carita pakeun ngingetan
wincikan anu ngageuing
ka sing saha nu surti
tur miharep pulung agung
nya bakal temen napak
nyusuk bari tigin ati
jalan jalan keur  tepi  ka nu Murbana.


20. In-na rab -baka ya’lamu an-naka taquumu adnaa min tsulutsayil laili wa nishfahuu wa tsulusahuu wa thaairatum minal ladziina ma’ak,

Saenyana nu ngaraksa
Uninga kalayan pasti
Nangtung ajegna andika
Teu dua pertilu peuting
Kurang teu mampuh leuwih
Oge aya anu milaku
ajeg ngan Satengahna
Jeung  sapertilu peuting
sarua jeung batur batur nu liana

-wallaalu yuqadirul laila wa nahaar, alima al ‘lan tuhshuuhu fataaba ‘alaikum,  faqra-uu  maa tayas-sara minal qur-aan.-

jeung  Allah anu netepkeuna
waktu beurang  waktu  peuting
tur  weruh yen sakabehna
henteu bisa ngitung pasti
tuluy  ka tiap diri
Allah  nya masihan ampun
Matak prak baracaan
Samampuhna masing masing
Nu kahontal naon wae tina qur’an

-‘Alima an sayakuunu minkum mardhaa wa aakharuuna yadhribuuna fil ardhi yabtaghuuna min fadhil laahi wa aakharuuna yuqaatluuna fii sabilillaah, faqra-uu maa tayas-sara minhu-

Allah  uninga permana
Yen aya nu keur garering
Jeung  anu keur liar nyaba
Neangan  pangasih gusti
Nu laina keur jurit
Dijalan nu maha agung
Matak prak baracaan
Samampuhna masing masing
Nu kahontal naon wae tina qur’an

-Wa aqiimush shalaata wa aatuz zakaata wa aqridhul laaha qardhan hasanaa, wa maa tuqad-dimuu’  li anfusikum min khairin tajiduuhu ‘indal-laahi huwa khairaw waa’zhama ajraa, wastaghfirulaah, in-nal laahu ghafuurur rahiim.-

Tangtungkeun  adegkeun shalat
Cumponan zakat susuci
jeung  injeumkeun ka Allah
nu  enya  alus sayakti
sab nu aralus keur tangtung
bakal  aya di Allah
prak penta ampunan gusti
Allah mah estu asih jembar hampura