Alfatihah ku kinanti

Kinanti jadi Bubuka
Ku
Eddy Nugraha

===========
Audzubillahiminasyaithanirrajiim
===========

Nyalindung ka Maha Agung
Maha Mulya Maha Suci
Allah nu maha uninga
Tina poek sasar diri
Alatan gogoda setan
nu nyiruruk nyiriwuri

===========
Bismillahirrahmanirrahiim
===========

Kalawan Asma Hyang Agung
marengan lampah sayakti
nu janten marga lantaran
sadaya usik ngajadi
nyaah asih taya kendat
nganteur mahluk nu kumelip

===========
Alhamdulillahiraabil alamin
===========

Saniskara nu dipunjung
puja puji anu murti
kagungan anu ngamurba
nga wisesa bumi langit
katut sagala eusina
kajaga kariksa pasti



===========
Arrahman nirahiim
===========

Asmana anu agung
teges pisan maha asih
maha nyaah saenyana
salamina nyaah asih
nyaah ning nyaah nu nyata
asih ning asih nu jati

===========
Maalikiyaummidin
===========

Nu kawasa tur katurut
waktu geus kiamat diri
tumut ka sejana Allah
aya di wiwitan jati
dugi ka wekasanana
kapurba ku nu sajati

===========
Iyyaka nabudu wa iyyaka nastain
===========

Ka Allah sejana ngaub
bakti ngadarmakeun diri
taat tumut salamina
gumantung teu ka nu lain
paneja teu kanu lian
estuning mung ka Ilahi.

===========
Ihdinasirathal mustaqim
===========

Tuduhkeun sarengna tungtun
Supados diri ngajadi
Nangtung ku suku sorangan
Aya dina jalan gusti
Ajeg kasarian caang
Ageman nyata ngajadi


===========
shirotoladzina an amta alaihim
===========

Sapertos para luluhur
Para rasul para nabi
Para salihin suhada
Teu hilap para sidiqin
Nu teras ginulur ni’mat
Najan tos hening di jati

===========
Ghairil maghdubi alaihim wa ladhaalin
===========

Ulah kawas batur batur
Anu cilaka ka badi
Sasat ngalampahkeun dosa
Oge ulah sasar diri
Nga lain lain nu enya
Nga ennya enya nu lain.