PANYAMPAYAN PANGÉMUT NGÉMUT (1)

GURISA
Mun pareng aya waktosna
Sok haji ka kabuyutan
Tapak luluhur nu mulya
pengeunteungan nu ayeuna
Pependakan didituna
Diguritkeun sahayuna
Disimpen dipabetekan
Sugan kabuka jagana

PANYAMPAYAN PANGÉMUT NGÉMUT


Dangdanggula

I

Dikabuyutan gunung rengganis
Leresan lelemah mumunggangna
Aya tempat matak ahêng

SINOM KAMERDEKAAN

I

Ngeunaan kamerdekaan
Keur urang anu kiwari
Hese ngama'naannana
Kumaha jaman bihari
Bumela tega pati
Pakeun ngabelaan lembur
Perang ngangkat senjata
Sangkan merdeka mandiri
Leupas tina kakawasaan penjajah

II

Hikmahna kamerdekaan
Keur urang anu kiwari
Leuwih karasa enyana
Mun ningal rahayat nagri
Dina harayang hurip
Nyukupan rupa kabutuh
Molah satekah polah
Nepikeun lali ka diri
Hayang leupas tina jajahan katuna

--Rengganis 1082015

SASAKA/SALAKA DOMAS: Manggihan Jeung Makena Dijaman Ayeuna (Bag I)

I
PANGANTEUR

Caritaan ngeunaan salaka/sasaka domas teh –lengkepna: lalayang salaka domas atawa Payung sasaka domas - umumna aya dina pantun popular tuturunan ‘Mundinglaya Dikusumah’. Pantun  nu nyaritakeun usaha hiji satria Pajajaran kasebut  Mundinglaya nu kudu meunangkeun jeung mawa  pusaka mangrupa (la)layang atawa payung, nyaeta sasaka/salaka domas,  ti(sa)jabaning langit  dina waktu nagara susah butuh solusi inovasi/cara anyar pakeun karaharjaan kasalametan kamakmuran. Sab bisa balik deui ka nagara bari hasil/sukses mawa sasaka ku cara maehan jongrang kalapitung & guriang tujuh-ngarana katambahan jadi Mundinglaya dikusumah.

Ieu pantun saliwat mah siga sabangsaning carita komik fiksi hayalan keur budak karya Hans Christian Andersen nu ukur mangrupa ‘happy ending story’. Tapi, keur urang urang lembur nu masih keneh make-nerusajarkeun kasundaan mah, pilihan kecap, ngaran nu boga lalakon, ngaran pusaka, proses manggihan-meunangkeun eta pusaka jeung hal hal lain dina eta pantun teh mangrupakeun rekayasa ide, guritan, pasieup, nu ngahaja sangkan eusina ngagambarkeun hiji ulikan enya enya ngeunaan kasundaan nu kudu (jeung bisa) diturut teruskeun ku urang sunda ayeuna: Aya barang kanyataanana, metodana empiris pakeun nuturneruskeunana, puguh guna mangfaatna.
Malah ngeunaan ieu ulikan kasundaan nu dicaritakeun dina pantun diluhur teh aya, ‘ngahajakeun dijieun model’ nu sawarna, di langit nu biasa-buana panca tengah. Kayaning, sebut wae dua diantarana, 1) di kabuyutan kanekes -sasaka domas atawa sasaka pada ageung/sasaka pusaka buana- jeung 2) di kabuyutan sasaka domas di Bogor.

SINOM NU KAPOPOHOKEUN



Kongas namina Wikana
Ti Sumedang bibit buit
Nu nyentak Sukarno Hatta
Sangkan ulah mangmang ati
Ngamerdekakeun nagri
Mun harita teu disundut
Petak kasumedangan
Proklamasi moal jadi
Najan kitu lolobana henteu apal

DURMA SAVE JATIGEDE



Uga ngeunaan Jatigede Sumedang
Metu geus ti bihari
Cenah lamun tea
Dibendung dikeueuman
Dermayu guntur ku cai
Cikawedukan
Sorangeun eusi nagri

Sab 'lamun' jadi awalan kecap uga
Tiap sunda sing ngarti
Jadi teu jadina
Kumaha urangna
Karuhun mah ngan wawadi
He nu ayeuna
Riksa tuh lemah cai

TUANG NGAHAKAN POHACI, NEDA EUSI BEUTEUNG DAHAR NYATU MANJING SUNAN. MURTI HYANG KU LEBOKEUN ! AMBU-ING AMBU-ING (I)

Teu kudu ahli basa kabeh nu sok keneh make basa sunda tangtu apal yen sawatara kecap kecap diluhur urusanana/aya hubungana jeung hakaneun (tuangeun, dahareun) nu diasupkeun kana beuteung (patuangan, padaharan). 

Najan keur kalolobaana nyaho jeung makena teh ukur dina urusan basa lemes keur kasorangan atawa ka batur: tuang jeung neda, dahar basa loma, lebok hakan nyatu basa cohag-kasar, dua kecap panungtung biasana dipake keur sato.

Tapi tangtu saeutik nu apal, daek nitenan, yen pilihan kecap tur makena kecap kecap nu nyaritakeun barang hakan teh nunjukeun leberna kanyaho urang sunda –paling henteu luluhurna baheula- nu bisa ngajelaskeun lain wae:

(1) Urusan bangke, gizi, roh nu jadi eusi beuteung. tapi nyambung kana
(2) Urusan kajelemaan ‘myself’ kamanehan nafs anfus nyawa,
(3) Urusan tuah jeung panyakit diri di kajelemaan, malah tepi kana
(4) urusan teknik sasajian kanu teu boga badan/jasad/jisim/awak kasebut nu gaib-gaib,
(5) Asal usul kajelemaan ,
(6) Mrogram maneh nepikeun ka nyampurnakeunana. 
Nu singgetna, bisa kagambarkeun ngaliwatan pilihan kecap kampung dina judul diluhur. 

Matak keur seuweu siwina nu teu sawekel marantena digegedekeun pisan kadieunakeun sangkan daek remen puasa (euren henteu dahar teu nyatu teu nafsuan ngosongan patuangan padaharan) shalat (neda neneda menta mrogram do’a) jeung zakat (nyampurnakeun meresihan ku miceunan mikeun mere ngaleupaskeun sanggeus cukup, ngising ge disebutna miceun) make metoda meunang hese cape karuhun ngimpor ti Arab disaring diteleban enya enya sangkan kapiceun ain-na malah manjing rabbaniyyun tedak para hyang.

Waah maenya?

Kieu geura urang bukakeun saeutik lalangsena: