TUANG NGAHAKAN POHACI, NEDA EUSI BEUTEUNG DAHAR NYATU MANJING SUNAN. MURTI HYANG KU LEBOKEUN ! AMBU-ING AMBU-ING (I)

Teu kudu ahli basa kabeh nu sok keneh make basa sunda tangtu apal yen sawatara kecap kecap diluhur urusanana/aya hubungana jeung hakaneun (tuangeun, dahareun) nu diasupkeun kana beuteung (patuangan, padaharan). 

Najan keur kalolobaana nyaho jeung makena teh ukur dina urusan basa lemes keur kasorangan atawa ka batur: tuang jeung neda, dahar basa loma, lebok hakan nyatu basa cohag-kasar, dua kecap panungtung biasana dipake keur sato.

Tapi tangtu saeutik nu apal, daek nitenan, yen pilihan kecap tur makena kecap kecap nu nyaritakeun barang hakan teh nunjukeun leberna kanyaho urang sunda –paling henteu luluhurna baheula- nu bisa ngajelaskeun lain wae:

(1) Urusan bangke, gizi, roh nu jadi eusi beuteung. tapi nyambung kana
(2) Urusan kajelemaan ‘myself’ kamanehan nafs anfus nyawa,
(3) Urusan tuah jeung panyakit diri di kajelemaan, malah tepi kana
(4) urusan teknik sasajian kanu teu boga badan/jasad/jisim/awak kasebut nu gaib-gaib,
(5) Asal usul kajelemaan ,
(6) Mrogram maneh nepikeun ka nyampurnakeunana. 
Nu singgetna, bisa kagambarkeun ngaliwatan pilihan kecap kampung dina judul diluhur. 

Matak keur seuweu siwina nu teu sawekel marantena digegedekeun pisan kadieunakeun sangkan daek remen puasa (euren henteu dahar teu nyatu teu nafsuan ngosongan patuangan padaharan) shalat (neda neneda menta mrogram do’a) jeung zakat (nyampurnakeun meresihan ku miceunan mikeun mere ngaleupaskeun sanggeus cukup, ngising ge disebutna miceun) make metoda meunang hese cape karuhun ngimpor ti Arab disaring diteleban enya enya sangkan kapiceun ain-na malah manjing rabbaniyyun tedak para hyang.

Waah maenya?

Kieu geura urang bukakeun saeutik lalangsena:



I.
ADEG ADEG

Kasebut dina qur’an yen nu dimaksud nyawa jiwa soul teh anfus nafs. hartina ‘the self or  person,  maneh jeung kamanehan maneh, jelema jeung  kajelemaana, diri jeung kadirian, kasajatian jati. 

Sedengkeun tina kanyataan sapopoe bisa kaimeutan yen datangna nyawa jiwa self salaku jelema teh sanggeus lahir/aya didunya jeung datangna   nungtutan-teu sakaligus-gumantung cukup alus henteuna gizi kadaharan:

Mimitina orok hirup/nafasan mungkul bisana mewek nyusu paeh/sare deui. Tuluy sanggeus diasupan hakaneun-ASI nuntutan bisa ngadenge neuleu nyarita asal tina mani-nuftah teh usik malik nangkarak nangkuban diuk nangtung ngagedean.  Dibere panglandi sesebutan ku nu boga nyawa deui (indung bapa-batur batur sasama jadi). Nya tuluy boga sir ngarasa jadi sorangan ’self’.

Aya kekecapan kampung nu sok dipake di jalma rea-bari can tangtu loba nu arapaleun  maksudna: 
Mani gede, mani jalugjug, mani pinter, mani kasep, mani geulis, mani pikasebeleun, mani pikarunyaeun, mani gelo, mani teu euih euih, mani teu aya ras rasan, mani teu sabrongrong, mani garebleg jrrd asma/ngaran/sebutan/attribute/dangdanan warna warni kajelemaan. Hartina sanggeus kaasupan sari sari kadaharan, mani-nuftah teh jadi boga nyawa ‘self’  usik malik dikajelemaan ceuk nu baroga nyawa deui.

Nya Eta kabeh nu disebut diluhur, sir- sari sari,  ngararangkenan ngaangliputi hate (panarima) nu asalna ukur mangrupa rasa –Sang Mulya-  memeh turun kadunya waktu jadi ‘janin’ hasil ibu TUANG bapa TUANG sari-sari aci aci dina rahim indung aya karuhana …jadi mahluk kapasihan RUH nu maha hirup.

Sir nyampur jeung Rasa. Sir kusabab sari ras da boga rasa. bijil babasan Sir ku sari ras ku rasa. Sir jeung ras  silih kamudikeun silih pangaruhan silih usikeun jadi pangrasa kajalmaan ‘selfness’.  

Enya kasebut Alam rame teh euy …
Enya pisan…..rame…loba loba jas-mani/raga/awak/badan/bebegig bebegig harirup nyawaan arusik malik sur ser sir tiditu ti dieu jeung itu jeung ieu bari baroga rasa sorangan sorangan.

---
Di alam sundana (sunda:nur cahaya malak) bagean hate nurani, nu caang nyunda, kanyataan nyawa lir cahya bodas ditengah aya pulo/karang cahya hideung sakeclak - mangrupa HU ‘self-nafsika’ ceuk urang masjid….Tidinya meta bijil ngagarulimeng sorot wawayangan nyawa warna warni: 

…HU ALLAH ALLAH HU…. Pakeun bekel HE-na maujud …
 
Osok jadi kecap :
 
HE maraneh,… HE nu ariman,… HE nu taraqwa,… HE barudak, HE nu garebleg, HE nu gareulis, HE nu karasep, HE nu gering, HE nu cageur, HE nu beunghar, HE nu miskin jrrd jrrd…
Tara dina HU atawa HA..
 
Naha?
Panjang  teuing ngabudahna...jeung pamali tuluy sab ieu mah dongeng ukur kabeuki nu temen nganjang ka Ahad najan keur jumaah  beuki keneh jumaahan…arabna HE HU AHAD… sundana nu harayangeun hirup hurip… Hirup nyawa Sir sur ser bareng jeung hurip rasana. Beunang HE WA BI ALLAH HU. Kanyataan sir kusari ras ku rasa, da  tara ngarasa diri ‘self’ kumaha sorangan kumaha dewek wae sab rumasa ukur mani nu jadi maningkem.
 ---

II
TUANG NGAHAKAN POHACI NEDA EUSI BEUTEUNG

Alus henteuna jalma jeung kajalmaanana gumantung sari sari kadaharan nu asup kana beuteungna, salah sahiji kategorina gizi-na. Ari kadaharan nu dihakan teh nyatana  sasatoan nu dipeuncit, geus ngabangke, dihakan ku urang ngaliwatan proses masak jrrd- diasupkeun kana beuteung.  Kitu oge tutuwuhan. 

Nyawa sato tutuwuhan nu dihakan accumulative jadi nyawa nafs jelema. Matak kaseundeuhan boga amarah, ‘physical apetite’, desire, al-hawa; boga  lawwamah “it upbraids” ngeluh ‘ngritik’ ’protes’ ‘tidakpuas’ ‘putus asa’, ‘the souls (anfus) of deserters are straitened’.. Dua sifat nyawa tina hakaneun silih tarik silih pangaruhan jadi bijil pamilih akal fikir dina pangrasa. Mun nu dua eta dileupaskeun kasinugrahan  manggihan mutmainnah.
‘you  are what you eat’. Urang nyawaan usik malik kumaha bangke nu kakubur dina beuteung. 
Kanyataan ayat tinu ‘paeh aya nu hirup…tinu hirup aya nu paeh’.

Lamun urang alus nyawa raga dihargaan batur ceuk batur teh kumaha wartos tuang ibu tuang rama? tuang rai tuang raka?  …kajeun nu nanya teu kabeh ngarti maksudna –nyangkana ukur basa lemes ngahargaan batur nyarita- kecap kitu teh nerangkeun nunjukeun  ayana urang sab ibu bapa rai raka tuang-nyawaan…waras henteuna urang kumaha tuangna ibu rama mimitina jeung piraku teu nyambung ka lanceuk adina…  kumaha wartos nyawa/anfus/nafs ‘self’na?.. jadi naraka-siksa/panyawatna atawa rijqi-kaalusan keur marantena? ….mun alus nyebut ‘nuhun….mun goreng nyebut ‘puguh…nuju…’ puguh da ari geus kumaha deui.

Keur supaya ngaturna nya tidieu bijil kanyaho ngeunaan pohaci puah guna tuah tina aci aci ning dat …kaasup ngan nyokot aci aci sari sari ning kadaharan nu guna aya tuah aya khasiatna kana awak jadi dangdanan nyawa.. …nu luluguna dina kadaharana hakaneun keur urang sunda mah pare sangu matak disebut pohaci sang hyang SRI ….pohacina nu dicokot-dipake-diproses…hartina  lain asal sari sari asal aci acina tina bangke sato jeung tutuwuhan nu dihakan. Teu nyatu ngahakan kawas sato mungkul. 

(cat: istilah Pohaci lain keur dahareun mungkul tapi keur sakabeh sari sari aci acining dat naon wae-matak pohaci loba loba rupa rupa)

Carana Ngaliwatan NEDA menta ngado’a mrogram eusi beuteung patuangan.

Jadi keur sasoranganeun mah dahar teh ngabasakeuna neda sabab keur barang hakan teh keur neda menta mrogram ngupayakeun mroses …menta tanaga manahur rasa....sab kajadian di beuteung loba nu teu bisa nangenan kumaha nyawana kumaha dzat sari sarina langsung iwal ti ku do’a neneda… ulah jadi panyakit ulah jadi teluh kejo hayang jadi nangan pi-nangan jagjag waringkas sieup…sangkan sarampurna nyampurnakeun maneh jadi jelema..

Kumaha kawijaksanaan kapercekaana dina NEDA?

III
NEDA EUSI BEUTEUNG DAHAR NYATU MANJING SUNAN

Bagian saterasna urang kintunkeun upami pareng...