Tutungkusan (II)

ISLAM nu tanpa wangenan

Naha ieu sareat/jalan agama ti Arab teh jadi agama tuturunan urang (urang sunda), salaku bangsa Ajam (keur arab) na teu boga sorangan?

Asal Kecap

Anaking,….

Islam, (asal kecap tina salima, salam, sundana rahayu salamet waluya wilujeng (kamus umum basa sunda-LBSS). Jadi, dina nuturkeun din/agama make jalan/sareat/metoda Islam teh nu dipalar dipiharep dina dijalan jeung jucung hasilna teh aya dina/kasinugrahan ginulur karahayuan ginanjar kawilujengan salamet waluya sapapanjangna saendeng endeng.

Sabenerna mah ti babaheula keneh, teu eureun eureun di lembur mah, ti orok keneh geus di do’a di parancahan ku nu jadi indung bapana supaya dina hirup bisa mulus rahayu berkah salamet sapapanjangna. Oge, ka papada batur lamun ngadu’akeun kudu we : ‘mugia ginulur karahayuan…. Ginanjar kawilujengan… sapapaosna jst jst – Anu lamun teu apal harti jeung rasa kecapmah sok jiga nu kurang ‘ngeunah/afdol’ tibatan do’a make basa Arab, Padahal sasat paneda/do’a luhung tina maksud ageman, sanajan ayeuna sareatna meunang/hasil nguyang ti Arab, matak teu kurang nu sok saukur marebutkeun kecap.

Kade urang mah,….

Ulah paciweuh kusut ku basa. Ari nyarita jeung/nulis jang batur mah saruakeun we jeung kahayang nu diajak nyarita/nu macana hayang arab bere arab hayang sunda bere sunda hayang english bere english moal (ulah) kurang pibasaeun keur mihapekun maneh – da kitu aturana alus/akur soteh ceuk nu sakaresep, ngan rek basa naon wae nulis nyaritana (sing bisa) kudu jeung hate, Ameh ENYA tangtu moal era POK eraTRET.

Naha sareat Islam dipake ?

Anaking,…

KIAMAT sapapanjangna!: Geus bisa encan??.….waaah maenya? (II)

HARTI KECAP/ISTILAH jeung CECEKELAN

Supaya puguh nu jadi turus dina nuturkeunana, urang tetepkeun heula leuwih pertela maksud sababaraha kecap nu dipake jeung cecekelanana /referens-na:

III

HARTI KECAP/ISTILAH

Yaumil qiyamah (kiamat) jeung kiamat sapapanjangna

• Yaum hartina: poean, ‘rentang waktu’, wayah, periode, era, nu teu disebut pasti ukurana. Kukituna, bisa lila pisan triliunan taun, sajam dua jam atawa bisa saukur increment/delta ‘sesaat’ jrrd.

• Qiyamah tina qiyam nangtung ku suku sorangan nepi ka ajeg.

Yaumil qiyamah (kiamat) dimaksudkeun kana waktu dimana harirup narangtung (qiyam) deui sanggeus lila paeh ‘ngagoler’ di/ka kubur, kakurung kahijaban barjakh lalangse alam antara. Sakabeh mahluk alam jagad dunya rusak sirna nu aya tinggal nu murbana/khalikna.

Eta yaum/periode/ teh dicirian ku kaayaan 12 ciri dina surat at takwir kayaning panon poe ditilepan, bintang murudul, laut bitu, gunung rungkad, shuhuf maruka jrrd.

Tina eusi ayat 1-13 dina surat at-takwir ieu, tangtu moal/teu jadi aneh mun qiyamah/kiamat teh sok disebut/boga ngaran lain nu sawarna nyaeta: as sa’at (poean –waktu), hisab (balitungan), akhir (ahirna mahluk), din (nurut), fasli (putusan), Fathi (kaadilan), thalaq (pipisahan jeung mahluk lain), jam’i (ngumpul), khulud (langgeng angger), huruj (kaluar ti kubur/kurungan/hijab/antara/barjakh/lalangse), waqiah (kajadian rongkah), thammah, qariah, ghasiah, taghabun (ditembrakeun) jrrd.

• Kiamat sapapanjangna tara poho tara leupas ti kiamat.

IV

Dumasar kana harti nu ditepikeun/dipake diluhur, heubeul pisan, komo ngeunaan kiamat sapapanjangna, kana carita/dongeng agama ngeunaan poe ahir/kiamat ge sok:

• Loba,…. nu nganggap teu pati guna, padu percaya jeung ngahaminan bae tamba karunya ka nu “u-ustad-an /ki-kiai-an” nu keur ngabudah nyaritakeun kiamat jeung saukur nitipkeun maneh ti batur batur ameh dianggap bageur da ‘iman’ ka ‘carita’ agama,..

Kitu teh sabab....

KAJATIAN JATI

Nepak dada geus meunang elmu jati
kokoar ka batur nyebut junti!

..Iiih di dunya mah

Junti bisa ngaganti
Albasiyah loba guna
Suren wedel
Rokrak ge bisa seuneuan.

Susah keneh jati.....

Beurat pindah
Mahal harga
Lain keur saban perlu
Disimpen dipakena dihade hade tara murah kaciri.

Mun enya ge rumasa jati.....
Rikip mihapekeun kajatian,
Akur jeung para kai
Bareng bakti ngadegan ngeuyeuban hirup sajati,

Najan ukur sajatina sajatina.

GURU

Kami mah ...
teu hayang disebut guru 
teu hayang loba murid gede paguron. 

Hayang soteh...
sing loba nu katuduhkeun loba nu katungtun.
Nu poekeun bisa kacaangan, 
Nu bodo bisa ka elmuan.
Nu butuh katulung, 
Nu susah katalang  bararisa narangtung sorangan 

Bari teu kudu nyebut meunang ti kami, kop we.
Ngan mo kendat ngadu’a muga sakabehna 
Dijauhkeun pibalayeun 
Digampilkeun parijkian 
Pinarengan sapaneja salamet marulya
Sampurna lahir batin dunya aherat.

= = =
Sembah baktos ka para guru anu mulya nu janten lawang nugraha sadaya seuweu siwi

JADI PANANYAAN DEWEK: Ulikan sunda dina ngeunteung kana surat At-Takatsur (I)

Kalam kasundaan No.65

JADI PANANYAAN DEWEK:
Ulikan sunda dina ngeunteung kana surat At-Takatsur

 I

Loba, ...lamun lain kasebut kalolobaanana, nu ngahartikeun maksud surat At-Takatsur kana kajadian pikateungeunaheun (naraka) nu bakal kapangih ku jalma2 anu katungkulkeun ku dunya (paloba-loba ku dunya, abundance, rivalry for filling up/competition in wordly) lamun engke geus ngababatang -paeh/maot jamak nu tuluy dikuburkeun ku batur. Sebut we diantarana: Tafsir Al qur’an Departemen Agama RI, Tafsir al qur’an on line (nu jadi aplikasi dina facebook); Tafsir Al Qur’an basa sunda Al Munir (H.M Djawad Dahlan), Tafsir Al qur’an basa sunda Al-Amin (Yus Rusamsi dkk) kitu deui  tafsiran-tafsiran dina basa inggris nu gampang bisa ka search di internet kayaning http://quran.com/ (shahih international & Muhsin khan),  http://www.themuslimweb.com/quran (Yusuf Ali, Pitkhal, &Sakir translation) jeung loba loba deui sabab loba kaayeunakeun mah nu ngan saukur silih turun bari saukur ngarobah sakecap sakecap ameh teu kaasup niron/plagiat.

Antukna, maksud ieu papagah luhung teh seseringna jadi saukur kaasup caritaan-caritaan nu nyingsieunan kana kasusah nu bakal kaalaman nu engke pisan, lila/tangeh keneh,  nyatana lamun geus maot geus teu cicing di/teu bisabalik deui ka dunya (geus kiamat/ aya di aherat). Payuna ukur kanu sieuneun najan lain/teu kaasup sieunan. Nu henteu mah ukur gancang nyebut amiin  meh nu ceramah teu tuluy lila ngabudah.

BEDA deui jeung nu kapanggih di lembur tangtung sunda mah,…

Ieu surat At- Takatsur teh:

(1) jadi cecekelan pakeun hirup hurip supaya salamet teu jadi jalma nu katungkulkeun dunya;  tuluy (2) jadi ulikan pakeun mampuh jadi pananyaan seuweu siwi –jalma nu ditanya  batur nu kapoekan ngeunaan ni’mat (hayang nambah; kasenangan, rejeki, pangkat, elmu jrrd) jeung jadi katapis nganyahokeun / weruh kana kasusah/kapoek/siksa/kateungeunah/kasakit naraka dunya (jeung aherat) nu kaalaman ku batur (nu keur katungkulkeun) bari manehna salamet teu ngalaman (da saukur aen);

Malah sab diwariskeun bari dihadean ku para guriang para indang para ajengan para ajar nu tos satmata turun tumurun nya jadi (3) disiplin ulikan established nu enya/nu yakin ka elmu sab nepi ka pangkatna (ilmu) yakin nepi ka ayeuna, kalawan nyoko /make –utamana- konsep/prinsip/referensi/udagan/pakem tina ieu cariosan Allah baheula (Qur’an).

Di ieu lembur tangtung mah jalmana sareubeuh muasaan mareuli nafakuranana. Sieuneun kana paribasa nu ‘lolong’ didunya bakal ‘lolong’ diaheratna. Jeung make ciciren yen cirining bakal di aherat mulya teh kudu mulya didunyana/kapanggih didunya heula kamulyaanana pon kitu deui sabalikna susah rudet kabeuleumna lamun didunya geus karasa (teu mulya) komo engkena.

II

Waaah ma enya??.... naha bisa nepikeun ka aya caritaan ulikan kampung kawas kitu?

Salah sahijina nyoko kana kecap zurtum dina ayat ka hiji. Kecap zurtum hartina jarah ari jarah ngadatangan/ngadeuheusan ukur sakeudeung (relative sababaraha waktu) tapi teu salilana/’sementara’ teu tuluy kumereb/netep. (harti kecap zurtum, tingali: Tafsir AlQur’an Al-Karim, M Quraysh shihab). Zurtumul maqaabir-Jarah ka alam kubur. Hartina lain maot paeh jamak ninggalkeun dunya satutuluyna, -saperti nu  loba dihartikeun dina tafsir2 nu disebut diluhur tapi asup/enter/visit/come/masuk (kecap2 nu dipake ku tafsir2 nu kasebut di bag awal tulisan)  ka kuburan/alam kuburna the ngan  dina itungan ‘yaum’ saukur nganjang tuluy balik deui hirup deui.

----

1. Alhaakumuttakaatsur 2. Hattaa jurtumul maqaabir

(SINOM)

Pa loba loba ku dunya
matak katungkulkeun diri
kaduyung kapahung sasar
nu tuluy ajur kairid
Saacan leah diri
jarah ngadeuheusan  kubur
maqam nafsu nu sorangan
kurungan  tong sina bijil
ulah mangprung milepas sakama kama

----

Ari kubur didieu disebutna maqobir plural..jadi kuburan kuburan… tempat2 dipendemna nu paeh nu rupa rupa nu tingkat tingkat alamna. Matak nu geus bisa zurtumul maqaabir…sok bisa nyaritakeun papanggihanana dina geus balik/datang deui ka lembur/ ka nu harirup da geus teu di alam kubur/teu dikuburan deui atawa geus teu kakubur deui, teu kakubur tuluy teu paeh terus.

Kukituna, kajeun diulah ulah oge ku nu teu beukieun, loba jelema nu resep jarah ka kuburan2 keur nyareatanana ameh eling ka maot cenah ge, timimiti indung bapana nepikeun ka utamana karamah karamah para shalihin suhada sidiqqin para wali  para nabi para hyang karuhun di kabuyutan kabuyutan.

Ari datang mawa kiriman/hadiah make rajah pangbuka (ayeuna garenahna ku alfatihah =pangbuka nu eusina hayang kawas aranjeuna nu ‘an’amta alaihim’)…mun bener hadiahanana sok pareng naek /asup/unggah/deuheus kana maqamna nu didatangan – mun henteu nya hare hare. (lain asal karuhun-ari luluhurna ‘teu mulya’ mah sok ditambahan ku doa kasampurnaan/menta dihampurakeun eta arwah ku maha suci jrrd jrrd cirining turunan anu aya gawena-shaleh henteuna mah wallahu alam).

Tapi eta mah kuburan batur... Piraku kudu tuluy ngajarahan kuburan batur? nu penting pisan mah saperti nu disebut dina At-takatsur…kumaha jarah ka kubur manehna sorangan meh reureuh tina katungkulkeun panyakit ku paloba loba dudunya. Dimana ari kuburan sorangan? Kumaha asup ka kubur sorangan bari teu tuluy maot/teu paeh tuluy? Jrrd ulikan nu geus established di sunda tina ulikan agama (langkung detail tingali eddy nugraha: 1) paeh samemeh paeh bag XII’, 2) jarah nyusud bag VII,  3) awal ahir teu awalan teu ahiran, 4) martabat tujuh: turun unggah atawa heula tukang?)

Matak, jadi ayana carita ajaran, jadi  bijilna ulikan di sunda ngeunaan hususna  "jadi pananyaan"  teh ti jalma jalma nu geus  bararisa jarah ka sorangan, anu antukna jadi loba nu naranya/pada ditaranya ngeunaan ni’mat nu ku maranehna (nu keur poekeun /  katungkulkeun) dipikabutuh/dipikaresep/diteangan samemehna (ayat ka VIII).

III
Kumaha bet bisa dijadikeun ulikan ‘jadi pananyaan’?....naon maksudna? kumaha entep seureuhna? naon bedana jadi pananyaan dewek jeung jadi pananyaan batur?

KABEUKI


Tong beuki popoyok ka batur nu teu sakabeuki. 

Eta teh neluh maneh...
Sab engke atra kubatur nu jadi kabeuki maneh 
Nu itu teu beukieun. 
Da beuki diteangan salah gorengna beuki mutuh. 

Keun bae teu beukieun mah 
Sina sakabeukina. 

Mun dek beuki ge popoyok mah maneh bae 
Sing beuki enya-enyana, ririkip palias poyokeun batur. 

Geura... 
Moal kurang pangabeuki kojayaneun 
Moal kurang kabeuki bagikeuneun 
Keur hurip sajagat maneh.

NGUMAHA



Kitu salah kieu salah,
Tong boro migawe salah nu bener ge salah we.
Ihtiar teu guna kahayang teu mangrupa.
Atuh kedah kumaha?

Nyaeta euy,....
kudu ku Maha lain ku maneh.
Geus meujeuhna ayeuna mah...
seselehan sadrah tumarima sagala ku Maha brehna.
Geus cukup brehna nu saukur meunang maneh mah pan geus kitu nyatana.

Alus waleh, mun teu kitu rek pisakumahaeun?
Meureun beuki salah ngumaha lain kanu pakeun pakumaha.
Pun.

SYUKURAN



Syukuran 

lumrahna nganuhunkeun
yen geus meunang kahadean.

Narimakeun
sagala puji/kaalusan pasihanNA.

Undak ti eta,.....

Kudu daek jeung bisa syukuran keur susah.

Nyatana...
Tong ngukut kasumpeg
Ulah kufur (nolak) ni’mat lain
nu loba-loba salian ti nu keur karasa.


Ke kabuka ....
yen ti Allah kabeh ge puji nyatana kahadean kaalusan.
Sirnana kasumpeg, Allah nu ngaalus /mujikeunana.
 

Nya tumerap babasan luluhur dikamutlakan
Nu muji Allah nu dipuji Allah,
 

Kasaksi sab sia geus logor tara seuseut seuat



ISTIGFAR


Pagawean jamak

Menta ampun sab
geus nyieun salah kaluluputan
dosa gede dosa leutik
nu dihaja jeung teu kahaja,
boh nu karasa boh nu teu karasa.

Eta teh geus umumna kitu....

Nanjak neang landeuh bari pamrih hayang caang.

TAPI,
...
 

Tuturkeuneun nu nyusud ka Muhammadan mah,
khatamna istigfar dina keur senang
hasil maksud aya dina kamulyaan.

Nya kasebut landeuh neang nanjak

bari geus aya diluhur....

Emh! dadasar nu beda alam.

Sasaka Majalengka



Baheula Talaga Manggung
sirna di situ sanghyang,
ayeuna mah geura maranggung
di talaga hirup jadi corong parahyang.

Sab uga majalengka….
nu pait peuheur geus arang langka

Nya….Ku robahna jaman seuweu siwi sing arang
ulah ngalaman kapanggih pait peuheur
kahirupan bihari.

Bray!...

Para pupucuk umum 
nu mampuh nyindangkeun kaasih.

Sing langgeng jaya nyakra ning – rat tangtung
da boga bekel geus unggah ka Raja Galuh
nu moncorong beda ti nulian.

Pun.

At- Takatsur dina Sinom


BAG I
(Kinanti)


Nyalindung ka maha agung, maha mulya maha suci, Allah nu maha uninga, tina poek sasar diri, alatan gogoda setan, nu nyiruruk nyiriwuri.


Kalawan asma Hyang Agung, marengan lampah sayakti, nu janten marga lantaran, sadaya usik ngajadi, nyaah asih taya kendat, nganteur mahluk nu kumelip.


BAG II
At-Takatsur 
8 Ayat

(Sinom)


1. Alhaakumuttakaatsur 2. Hattaajur tumul maqaabir

Pa loba loba ku dunya,
matak katungkulkeun diri, 
kaduyung kapahung sasar,
nu tuluy ajur kairid,
Saacan leah diri,
jarah ngadeuheusan  kubur,
makam nafsu nu sorangan,
kurungan  tong sina bijil,
ulah mangprung milepas sakama kama.

LEBARAN bari BOBORAN



Alhamdulillah.

Sanggeus eureun (shiyam)  sa bulan

Nya seja,…

Ngamimitian  ngalelebar maneh (lebaran)deui

Boboran eleh bobor bocor nafsuan deui

Nulisan deui ku kanafsuan
da euweuh deui salian ti eta nu jadi ciri nafs

Turun ngencar deui ngadagangkeun nafsu
Bari seja ngaduhung-duhungkeunna

Meungpeung badan masih daek katempuhan
narimakeun dikanafsuan

Najan kitu,

Muga - muga  ieu  Nafs digampangkeun/teu poho
tapis dikafitrahana

Bismillahirrahmannirrahim

Agama,.....

Agama alus agungna 
ku ngabibita ku nyingsieunan. 

Ngabibita ku nu matak enya 
Nyingsieunan ku nu matak enya. 

Naha? 

Sab moal aya nu daek lakon agama 
Ari lain, hayang kaalusan...
Sieun cilaka. 

Najan cenah dipigawe hayang rido Allah ge 
moal daek dipenta ari lain pialuseun keur manehna. 

Ikhlasna? 

Engke mun geus migawe 
sabab hayang sabab beuki sorangan. 

Karasa...kaalusan kagunganNA.. ..

ENYA teu kaburu nyangka 
JADI teu kaburu menta.

KIAMAT sapapanjangna!: Geus bisa encan??.….waaah maenya? (I)

Catetan ulikan tina Surat At- Takwir di sunda.


Panganteur

I

Di lembur tangtung kampung karang adeg wewengkon samar taya nu aya di mumunggang sakawayana-na sunda mah geus jadi kabiasaan ti babaheula nepi ka ayeuna mun aya seuweu siwi nu geus dewasa akal/pikirna geus daek lampah agama jeung geus katingali keyeng ngadu’a “ihdinas shiratal mustaqim” nu jadi bagian bubuka kitabna (da ayeuna mah sareatna ku agama islam) sok digentraan ku kolot kolot para sasakana:

“Prak geura baca heula surat At- Takwir sa ….balikan”, atawa “puasaan ieu surat sakitu poe…..engke datang ka Aing,…..Aing aya bikeuneun”.

Atawa,...

“Euy tepungan Anu di Anu tapi kudu bari deuheus nepunganana…. sebutkeun ‘mugi keresa masihan tuduh ngeunaan maksadna ieu serat At-Takwir …...

(nu didatangan dasar geus pangkat satmata ulama enya ahli waris Nabi nu geus weruh ka jati… geus surti kanu dimaksud).

Mun pareng ditanya ku jalma nu alamna nyantri naha bet miwarang kitu walerana teh cekap ku: ’eh apan aya hadisna dina agama maneh,…mun hayang nyaho kiamat ku sorangan kudu maca ieu surat’ (mangga kunu ngaos tingal…HR Ahmad, At Tirmidzy & Ath Thabarniy ti Ibnu Umar).

Bulan Rewah



Nincak bulan Rewah,

Meujeuhna ngarewahkeun
rea meureut maneh.

Meh engkena leah daek diangir
pas diahir aya dulag.

Nya eta atuh,....
tibatan jadi nu dicangcang di bulan puasa
mening puasa nyangcang maneh.

Sok alus,...
sab wayahnaan
tur
sugan munggah jadi pengkuh (taqwa).

Isra-Mi'raj.


Kajadian aheng rebuan taun katukang.
Iinditan jauh ngan sapeuting
bari loba papanggihan.

Teu eureun eureun dipieling...
sabab ari mulih bet cacandakan.

Kintunan keur nu dilembur
meh sarua bisa ngasaan.

Supaya barisa mi’raj timana wae
ku cara nangtung ruku sujud diuk lungguh
shalat lima waktu.

Hayu euy,....
urang purak urang asaan ..
urang pake tuluy tuturkeun.

Asa lebar ku hese cape ari kanyaah
katarima ukur jadi titahan mungkul mah.






Surat At- takwir ku Durma

BAG I
(Kinanti)

Nyalindung ka maha agung, maha mulya maha suci, Allah nu maha uninga, tina poek sasar diri
alatan gogoda setan, nu nyiruruk nyiriwuri.

Kalawan asma Hyang Agung, marengan lampah sayakti, nu janten marga lantaran, sadaya usik ngajadi, nyaah asih taya kendat, nganteur mahluk nu kumelip.

BAG II

At- Takwir (digulung)
29 ayat
DURMA


------------
1. Itha ashshamsu kuwwirat
------------
Lamun sang surya caangna geus teu mubyar, beurangna poe leungit, hibarna geus musna, poek nutupan dunya, srangenge geus henteu bijil, geus ancur rusak, digulung teu ngajadi.
------------
2. Wa-itha annujoomu inkadarat
------------
Jeung mun bentang bentang nu caang baranang, nu sok tembong tipeuting, leungit cahayana,
dilebur sakabehna, henteu tingkariceup deui, ilang tur sirna, pada ragrag ti langit.

AL Baqarah dina asmarandana

(ayat 1 s/d 5)
ku Eddy Nugraha


BAG I
===========
Audzubillahiminasyaithanirrajiim
===========

Nyalindung ka Maha Agung
Maha Mulya Maha Suci
Allah nu maha uninga
Tina poek sasar diri
Alatan gogoda setan
nu nyiruruk nyiriwuri

===========
Bismillahirrahmanirrahiim
===========

Kalawan Asma Hyang Agung
marengan lampah sayakti
nu janten marga lantaran
sadaya usik ngajadi
nyaah asih taya kendat
nganteur mahluk nu kumelip



BAG II

Asmarandana surat sapi bikang (ayat 1 s/d 5)


======
Alif lam mim
======

Alif laam miim paku aji
rasiahna rasulullah
lain ngan sakadar kunyem
rajah mujijat ti Allah
metu diawal surah
nu ngajelaskeun wahyu
Suhuf keur eunteung manusa

Kinanti jadi pangbuka

Kinanti jadi pangbuka
Ku
Eddy Nugraha

===========
Audzubillahiminasyaithanirrajiim
===========

Nyalindung ka Maha Agung
Maha Mulya Maha Suci
Allah nu maha uninga
Tina poek sasar diri
Alatan gogoda setan
nu nyiruruk nyiriwuri

===========
Bismillahirrahmanirrahiim
===========

Kalawan Asma Hyang Agung
marengan lampah sayakti
nu janten marga lantaran
sadaya usik ngajadi
nyaah asih taya kendat
nganteur mahluk nu kumelip

===========
Alhamdulillahiraabil alamin
===========

Saniskara nu dipunjung
puja puji anu murti
kagungan anu ngamurba
nga wisesa bumi langit
katut sagala eusina
kajaga kariksa pasti

Elmu Kanuragan Padjadjaran

Assalamualaikum ka sadayana,...


Di kampung sim abdi mah Akang..Eteh,

Di gunung tangtung; Leresan Karang adeg aya dongeng
ngeunaan elmu kanuragan nu jadi tunggul kawedukan nu
jadi tangkal kabedasan nu cenah cecepengan pamuk
pajajaran baheula.

Saurna, kieu.....

Usik tangtung teh jadi na (kudu) hiji ngan diwangun
ku opat bagian nu kudu bisa jadi reng..dina aweuhan
jadi sir dina sari...jadi ras dina rasa...jadi pakean
dina awak jadi dangdanan dina badan:

1. Usik awak

Usik na awak, resep pisan gampang kacirina, kamampuh
naon wae asal nu kadongkang bisa ditonjok, ditajong,
dibabuk, nyingcet, lumpat jrrd. Kana awak jadi
‘atletis’ nepi ka jadi kawas ‘rambo’; nu siga rambo
pasti bisa neunggel samsak 50 kg, nu begeng hudang
gering neunngeul 10 kg misalah urat.

Jampena pakuat kuat pakesit kesit pagede gede
Ngan edas ngulik usik na awak mungkul mah sakeudeung
jayana, dina umur ngolotan teh ngurangan/leungit;
matak timbul basa.... ‘baheula mah jang abah teh jago
tarok jago bobok jago mukakeun anderok...’. ayeuna mah
..emh ...leungit/ngurangan geus suda ku tanaga...eleh
kadeseh ku nu ngarora.

III. ISLAM nu tanpa wangenan



Naha ieu sareat/jalan agama ti Arab teh jadi agama tuturunan urang (urang sunda), salaku bangsa Ajam (keur arab) na teu boga sorangan?

Asal Kecap

Anaking,….

Islam, (asal kecap tina salima, salam, sundana rahayu salamet waluya wilujeng (kamus umum basa sunda-LBSS). Jadi, dina nuturkeun din/agama make jalan/sareat/metoda Islam teh nu dipalar dipiharep dina dijalan jeung jucung hasilna teh aya dina/kasinugrahan ginulur karahayuan ginanjar kawilujengan salamet waluya sapapanjangna saendeng endeng.

Sabenerna mah ti babaheula keneh, teu eureun eureun di lembur mah, ti orok keneh geus di do’a di parancahan ku nu jadi indung bapana supaya dina hirup bisa mulus rahayu berkah salamet sapapanjangna. Oge, ka papada batur lamun ngadu’akeun kudu we : ‘mugia ginulur karahayuan…. Ginanjar kawilujengan… sapapaosna jst jst – Anu lamun teu apal harti jeung rasa kecapmah sok jiga nu kurang ‘ngeunah/afdol’ tibatan do’a make basa Arab, Padahal sasat paneda/do’a luhung tina maksud ageman, sanajan ayeuna sareatna meunang/hasil nguyang ti Arab, matak teu kurang nu sok saukur marebutkeun kecap.

Kade urang mah,….

Ulah paciweuh kusut ku basa. Ari nyarita jeung/nulis jang batur mah saruakeun we jeung kahayang nu diajak nyarita/nu macana hayang arab bere arab hayang sunda bere sunda hayang english bere english moal (ulah) kurang pibasaeun keur mihapekun maneh – da kitu aturana alus/akur soteh ceuk nu sakaresep, ngan rek basa naon wae nulis nyaritana (sing bisa) kudu jeung hate, Ameh ENYA tangtu moal era POK eraTRET.

Naha sareat Islam dipake ?

Tutungkusan (I): Bubuka -Agama

Bubuka

Wisnu anak Apa,….

Ngahaja Apa nulis seja papatah pulunganeun engke dina waktuna maneh butuh, ngahaja dikeureuyeuh sa patah sa patah tangeh keneh meungpeung salse, lain teu hayang langsung engke nganepikeun lisan da eta mah nu di ajam salilana hayang pareng mikeun langsung nepakeun jeung rasana, ngan sieun bisi engke dina waktuna maneh butuh urang teu kaparengan rineh atawa teu/geus teu bisa tepung/panggih cumarita. Waktu Apa ieu nulis (taun 2008, maneh karek 14 thn), tangtu sanajan urang sering bareng tapi dina pagiling gisik kaditu kadieu teh teu kabeh pareng dina wayahna, meureun can waktuna perlu eukeur meujeuhna boh Apa boh maneh bubulak keneh. Jadi, disareatan ti ayeuna itung itung nyieun payung mekelan memeh hujan.

Barina ge, ari maca tulisan mah engkena beunang ku dikeureuyeuh di bulak balik di ilo di timbang timbang bener henteuna pantes henteuna, jeung tangtu karek bisana maneh ngilo mun engke geus boga pangukur bisana maneh nimbang mun maneh geus loba loba ku eusi.

Ieu tulisan bekel maneh babalik pikir, sanajan sing katepi dina masih keneh angger bubulak akal, nyatana bekel keur nyaho di getih sorangan pakeun nangtung ajeg ku sorangan di urat sorangan. Sanajan ngeunaan iraha irahana mah maneh babalik pikir kumaha parengna sabab ari akal/pikirmah kumaha hate ari hate sipatna bulak balik sugan we dina engke peuting atawa isuk atawa iraha wae maneh maca ieu tulisan (nu muga sing sagancangna) pareng hate keur balik/malik meureun bisa saalam jeung maksud /eusi ieu tulisan nu bisa pakeun eunteung bekel marengan maneh sedeng bubulak.

Jeung deui, dikeureuyeuh dituliskeun teh

Sirotol mustaqim


Bareng hirup bari... 

Nangtung qiyam ku suku sorangan, 

Ajeg dina suku sorangan. 


Boga hidayah,... 

ni'mat mawa bawa sorangan. 


Ieu, 

tangtungan nu teu butuh batur, 

butuh soteh ku nu NGA-baturan; 


Matakna,... 

Wajib maneh sunat batur

kajeun batur henteu sorangan mah kudu wae,

Ulah cueut pedah hideung ponteng pedah koneng 

Unggut ku lindu gedag ku angin; 



Dina ayana nu ngabaturan, 

Meureun genah pada pada ni'mat 

Moal asa kasoro kagetreng 


Sab rijkiNa teu pahili hili 

BagjaNa teu paala ala



*) Mustaqim asal tina kecap  qiyam sundana nangtung ajeg ku bitis/suku sorangan.

Mana nu kudu diheulakeun?

Mana nu kudu diheulakeun, 

Kawajiban ka batur 
atawa 
kawajiban ka sorangan? 

Saenyana jeung sabener benerna...
Dua-duana kudu jeung BISA 
diheulakeun. 

Sabab kawajiban ka batur 
(anak, indung/bapa, salaki/pamajikan, sasama, sato, alam jrrd) 
nyatana migawe kautamaan, 

ari kawajiban ka sorangan 
enya-enyana mah beberesih. 

Sab ngaran wajib, 
kudu teu bisa henteu....

Lamun teu bisa nohonanana 
atawa 
templang sabeulah 

Nu salah susah rugi era kuciwa mah maneh. 

Bray ah!

Haji ka KABUYUTAN Atuh!!: meh Jadi HAJI di Pakuan SORANGAN (II)

IV. haji ka kabuyutan di tangtung

Salian ti aya di Mekah baitullah teh aya di tiap jelema , nyatana, hatena bisa jadi kabuyutan asal nepi ka pangkat mu’minin kongas “qalbu mu’minin baitullah”.

Mu’minin hartina nu iman ari iman nyatana nur (sunda) nu dipasihkeun ku nu maha hirup ka nu daek aslamtu (islam) nyatana sumerah pasrah ka mantena. Iman mah rasul ge teu tiasa masihan komo guru resi ajar ustad kiai syech jeung sajabana eta mah –iman- hak nu maha hirup mere jeung teu merena. [Matak ulah gampang ngaku geus iman (mu’min) nurutan urang arab baduy… ..era ku nu moncongok. iman teh ni’mat nu pangede gedena….ngaku mah cukup muslim (sabisana) weh bari terus neneda sing kapasihan iman nur sunda nu maha suci. Can tangtu nu geus ngaku muslim meunang iman jadi mu’min]. Ngan, sabab aya jangjina Ar Rahman nu Maha suci lamun enya enya aslamtu bakal dipasihan iman nu mangrupi nur sunda rukun (islam)na kudu enya enya dipigawe…..nyatana (nu ka lima) Haji ka kabuyutan deuheus ka baitullah.

Deuheus ka hate nu nyunda caang (qalbu mu’minin baitullah) bisana ku tawaf museur keun maneh; Pancegan ihramna, tuluy munajat: denge nu lain salian ti itikad hate teu didenge, deuleu salian ti kana hate teu di deuleu ucap salian ti gerentes itikad du’a hate teu diucapkeun ambeu dieuweuhkeun; dua mata teu dipake neuleu dua liang irung teu dipake ngambekan dua liang ceuli teu di pake ngadenge liang sungut teu engab 7 lawang kadunya nutup…mateni patang (opat) perkara (pangdenge pangdeuleu pangangseu pangucap) angilo/ maca/ nimbang/ museur kana paesan tunggal… malikeun peta latipah ti talab ka qalbu ngaliwatan ruh sir nafi kahfi akhfa, unggah alam ti insan nu kamil, ka ajsam misal arwah wahidiyat wahdat ahadiyat di taratas disaliksik… ti amarah ka salwiyah ka lawamah ka mutmainnah ka rodiyah ka mardiyah ka kamilah (tawaf muter ngalawan putaran jam –malik malikeun deui alam nu kajamanan) make cai caina kahuripan kajayaan kawedukan kinasihan darma menceger anjlog ka (ci) paingan… lamun kaffah museur buleud nya tangtung masagi tubadil, munggah haji, naek, asup, ka alam sunda alam nur alam malak alam para hyang.

Nyata geura naon nu kapanggih waktu keur tawaf di baitullah di mekah SARUA jeung keur tawaf kana/dina hate nu geus caang –kapasihan caaang ku nu maha suci,

Urang saeutik bukakeun sababaraha lalangsena:



Haji ka KABUYUTAN Atuh!!: meh Jadi HAJI di Pakuan SORANGAN (I)

Kalam kasundaan no 41

Kecap petingan Haji, kabuyutan, thawaf, nyusuk, kafir

I. Adeg-adeg

Haji harti asal kecapna ngadeukeutan/ngadatangan/ngadeuheusan, ari kabuyutan maksudna tempat suci. Jadi haji ka kabuyutan hartina ngadeukeutan/ngadatangan tempat suci atawa ‘pilgrimage’, ‘journey to a holy or special significance place’. Kongas nepikeun ka di bukukeun di filmkeun di cina jaman dynasti Tang aya carita haji ka kulon…‘pilgrimage to the west’ nyokot kitab suci budha ku jalan leumpang/ngadeukeutan ka vulture’s peak di rajgir India…. Cenah, di Indiana 13 taunan lilana, malah mah mun diitung jeung dijalan bulak balikna mah nepikeun ka 17 tahunan (629-646M). Ari balik Monyet ge (Sun Wu kong) manjing Budha ‘budhahood’.

Ari di Islam – nu jadi domain kecap- Haji ka kabuyutan (sok sering disebut Haji mungkul /Al Hajj) … nya ngadatangan ka’bah (Mekah) jeung sabudeureuna (Mina, Mudzalifah, arafah) ngan waktu didituna teu lila teu sing ukur sababaraha poe. Baheula mah dijalan na mungkul nu lila, ayeuna mah bulak balik teh ukur mimingguan. Ari balik saha wae oge disebut (digelaran) HAJI, meureun supaya boga pangaji manjing Haji tuluy. Da ari hayang ngaran mungkul mah teu kudu ka kabuyutan di mekah cukup indit ka pasar make kopeah/dikudung tuluy siga rek balanja…salila dipasar moal burung disebut Haji oloeun tukang dagang.

Dina babasaan di sunda sapopoe, kecap Haji ka Mekah jeung sabudeureunana sering oge diganti ku kecap jarah (jarah hartina ngadatangan deuheus ka hiji tempat sababaraha waktu terus balik deui). Jadi lamun aya nu rek Haji sok nyarita na teh ‘nyuhunkeun pidu’ana ti sadayana sim abdi bade jarah ka tanah suci’ atawa ‘….bade jarah ka Mekah’. Ari kalolobaana kecap jarah dipake pakeun pagawean ngadatangan maqom hal ieu teh sigana sabab di Masjidil haram ka’bah aya maqom nyaeta maqom Sang Khalilulah Ibrahim as nu dicirian ku dua tapak suku kawas dikabuyutan Sang Purnawarman jeung Rahyang Wastu kancana.

Tapi, jarang- malah asana mah can pernah manggihan- aya nu rek nohonan ibadah haji ka Mekah nyarita, “nyuhunkeun pi’duana, abdi bade haji ka kabuyutan (padahal ka’bah teh kabuyutan tempat/tanah suci); atawa sabalikna, nu rek ngadeuheus ka kabuyutan nyarita..” nyuhunkeun pi’duana, abdi bade Haji ka kabuyutan…(padahal ngadatangan teh haji)”. Dina ngomong na ge tangtu loba nu nyalahkeun.

Naha??? padahal harti kecap mah sarua wae. Nu beda saukur nu hiji kecap sunda nu hiji kecap arab. Tempatna nu hiji di sunda nu hiji di arab. Diskriminasi gunana kecap ieu geus lila kapanggih sabab sikep urang sundana sorangan nu sok nganggap leuwih bener/alus make kecap batur tinimbang ngagunakeun kecap sorangan. Alesan ieu tangtu gampang disalahkeun –salah sahijina –ku argumen yen beda soteh sabab beda realmna beda prakprakanana beda tujuanana jeung utamana beda kayakinana/kapercayaanana.

Tapi,… naha enya kawas kitu sababna???? Yakin???

Tulisan ieu rek nyoba nganepikeun ngeunaan haji ka kabuyutan nu ditepikeun di luhur bari ngawatesan maneh museur kana naon nu kapanggih di sunda jeung di islam nu kaharti ku sunda.



Pangrasa


Jalma kumaha pangrasana.
Mun geus genah didinya
nya eta kuburanana,

Dina henteu,
tangtu obah usik 
ngurangan, naek atawa nambah (ni’mat).

Kitu sababna nya  matak kudu:

Eusi sorangan pangrasa teh ku syukur,
sagala ngan puji jadi kaalusan sorangan
genah meureun,
Obeng ku ngamahasucikeun yen kabeh saukur pangrasa

ulah jadi berhala ngaberhalaan tangtung;
Seselehan daek istigfar

pangrasa saukur makam (panta)

Mun jucung, sampurna,
moal kakubur nu jadi pangrasa,
sahadatin nafsin ilallahu anna.

Bagja temen.

KAMI (mah) REINKARNASI KAULA (III)

II. Sare - Hudang Kajadian Nitis Sukma Sinukma Nu Tuluy Tumuluy….Satungtung Awak Kuat

A

Nu nyukma ngareaan nyawa nguatan awak ngagedean. Gawena…
di lahir awak (jasad/badan) jadi kaula nyawa; di batin nyawa ngaulaan awak.

Sir anu piur jadi nafsu nyawa, dilahirna, awak nu nurut nandangan. Suku lempang leungeun ngaragamang mata neuleu ceuli ngadenge sungut engab biwir seuri nyengir sab nyawa nu hayangna. Ti dieu, bijil babasan kampung…..nafsu nu matak kaduhung badan (awak) anu katempuhan… (duhung =peso; kaduhung =pegat, misah, putus, eureun, anggeus ).

Kitu na teh enya pisan sab….kahayang nyawa lamun diturut mah anggeus kaluar tinggal badan nu ngarasakeun narimana; dahar kahayang nyawa…diturut…kaduhung hayangna..da dahar di turut..tinggal seubeuh, bunghak, gembrot, kuat, jagjag, nyeri beuteung, pantes jrrd awak nu nampa nyimpen mamawa; Sahwat..diturut..kaduhung hayangna….tinggal leuleus, reuneuh, relaxed, HIV/AIDS..sehat…jrrd jst jst…kabeh awak nu katempuhan. Diajar ngelmu kahayang nyawa duhungna ti kirik nepi ka jadi anjing awak kahese hese.


Ngan kade tong templang sabeulah…


Muludan Pangemut Ngemut

Maulid Nabi
12 Rabiul awal
Lahir sareng Pupus
dina wewedalan

Di sunda....
disebutna tepung pangjuruan
Pada hayang ditalutur
wekasan di wiwitana

Nu pupus di wewedalan
naktu mulih ka jati
sampurna mulang ka asal

Nu lain dina wedalna
kudu wae...
neukteuk leukeur
meulah jantung
ciri geus lain laina
ulah nyesa ngait ati

Matak pangrugi rugina
nu teu apal ka wewedalan.

Ngumbara teu nyaho mulang. ..
Poek ka wiwitan, wedalan dimana mana.

KAMI (mah) REINKARNASI KAULA (II)

Adeg Adeg

Reinkarnasi maksudna (1) hirup deui na hiji jiwa (jelema atawa sato) dina awak nu anyar “the rebirth of a soul in a new body” (The Oxford PDCE), atawa (2) sukma sinukma tutuluyan ka awak nu anyar “Passage of the soul through successive bodies”, kajadiana teh ku sabab karma
‘causa effect’ amal tingkah laku (World encyclopedia). Singgetna lamun di sunda mah reinkarnasi teh NITIS/NYUKMA (ka nu anyar).

Tulisan ieu rek ngajelaskeun diantarana: Naha enya sare hiji kajadian hirup paeh tuluy dihirupkeun deui? Kumaha wae kajadian keur sare? naha enya aya jalma ayeuna titisan batur baheula?..kumaha kajadian nitis ka awak nu anyar lamun awakna geus rusak? Naha bet bisa? Naon gunana? Naha sanajan ulikan na aya tapi dina ahirna ….. diulahkeun? nurutkeun nu kapanggih di sunda. Urang mimitian ku:

1. Urang kabeh reinkarnasi sato/jelema saencana…tapi ulah itu jadi gustina

-----
KAMI, ngaku satata jeung nu lain (dia) euweuh luhur handapan. KAULA, abdi nu ngaula/ngabdi ka batur (nu jadi gustina).
----

Geus jadi kanyaho sarera yen Jelema nu hirup didunya disebut nyawaan, lamun geus euweuh nyawana disebut teu hirup/paeh.

Nyawa teh teu datang sakaligus lengkep (inditna ge saeutik saeutik,.. tingali eddy nugraha-ulikan diajar paeh bag XII). Barang gubrag sanajan mata ceuli irung sungut aya bari dibungkus kulit…orok can bisa neuleu, can bisa ngadenge, can bisa nyarita, can bisa ngangseu, can bisa ngarasa…nu gede ngamurba orok mah hirup (diantarana kabukti aya nafasna)…. bisa na panca indera boga/ lengkep sampurna teh …saeutik saeutik… sanggeus asup Gizi kadaharan/inuman kana awakna nu asalna tina sato (asi & tutuwuhan, herbivore; jelema (indung&bapa) omnivore jst rantai makanan) nu geus (di) paeh (an).

Didieu benerna caritaan kampung yen “ti nu paeh bijil nu hirup” . Sabab ku asupna/nitisna sato/tutuwuhan nu geus paeh (terus diolah jadi kadaharan) nya orok ngagedean jadi jelema nu hirup nu ngadenge nu ngadeuleu nu ngangseu nu nyarita nu ngarasa. Hirup nu nandeanana.

--
Dina ulikan kasundaan, aya dua istilah nu beda hiji hirup hiji deui nyawa. HIRUP nyatana nu ngajadikeun sperma + sel telur jadi janin katiban sukma -proses nitis ka 1- (tingali :eddy nugraha-Pohaci sanghyang dewek) terus usik malik dina beuteung indung…

Sedengkeun, NYAWA mah mimiti kapimilik marengan hirup na sanggeus si janin gubrag ka dunya ditampa ku indung beurang/bidan/dokter terus di buka ‘selaput’na.. antel jeung hawa dunya nya terus ceurik..nya jadi bareng hirup (hayat) jeung nu hirupna (hayan) aya nyawaan.
---

Asupna/nitisna ieu ‘bangke’ kana kuburan beuteung teh jeung ruh/jiwana, lantaran asalna can hayang dahar nitis eta jadi hayang/bisa dahar da saacana sato mah nyatu; asalna can hayang/bisa sahwat jadi hayang/bisa da saacana sato mah sahwat mungkul; asalna can hayang maehan/bisa gelut jadi hayang/bisa da samemehna tukang sesebred tukang ngahakan, jst jst jst..

Wah maenya?..

iih…cobaan tong dahar rada lila..komo mun daek mah nepikeun ka kurang gizi/gizi buruk …. Moal hayang dahar,…moal resep ningali bujur Megan fox…, (batur oge moal timbul sir resep/bogoh ka nu gizi buruk sab teu nyampak anaSIR ‘sato’na nu jadi daya tarikna)….moal mikir hayang burger hayang boga leuit gede hayang korupsi pasea maehan, shalat dzikir tafakur ge embung, …diuk nangtung bener ge moal bisa. Eta kabeh sab geus euweuh/teu jadi/teu boga deui sir tina sari kadaharan, sari na ilang/kurang… sagala jadi teu nyari..kalahka dipikaresep laleur (bangke).

Jadi sir teh ku sabab sari,… sir ku sari… sur ser kaditu kadieu ana piur jadi nafsu nya ngumpul ngawarnaan/ngaribriban rasa dina hate –dua kakuatan ngumpul dina pikir/akal bijil jadi pamilihna, patunggalan loba jisim kapirasa jadi hiji (tingali: eddy nugraha-Martabat tujuh kami).

Beuki lila,… tina ngagoler jadi nangkuban jadi sare jadi nangtung, hulu saluhureun jajantung,..akal leuwih luhur/gede pangaruh/ dominan tibatan hate. Hate nu mimiti mah ka limpudan/awas ka hirup mungkul, jadi leuwih kasorot/narima/kapangaruhan ka loba loba warna warna nu hirup/nyawa titisan sato. Matak antukna bagian hirup saukur jadi hate leutik jeung bari hese diteangana da nu lobana ngabengbreng. Nu leutik ieu the nu caangna (nurani) jeung nyaangan lampah….tapi jadi kalimpudan ku nyawa …meureun apal kanu ngulik sunda=nur kapanggihna ATI teh nyatana sunda nu lir pulo leutik ditengah sagara.


Jelema… basariyah.. jadina kumaha nu nitis kana awak....you are what you eat. boga sir nafsu akal kabeh pangaruh nu nyukmana… gening di china mah jelema jeung jaman ge dicirian ku sato ..tingal kalender jeung SHIO china. Ku pangaruh nu nitis dina mangaruhan sifat/karakter jelema lamun dilajur, Jelema bisa leuwih ti sato – da kumpulan ti rupa-rupa sato nu nitis. Matak kongas aya dongeng cenah malaikat kantos ‘protes’ naha jelema dijantenkeun khlalifah..generasi pengganti nu dominan ngalifahan di buana…sab jelema mah tukang ngarusak jeung ‘ngaluarkeun getih mungkul’ (sapi bikang:30).

Tapi, lamun euweuh nu nitis....jelema moal aya di dunya-kadunyaan. Lamun teu make nu nyukma ka jelema basariyyah moal bijil…. Kongas Siwa ti argadumelah ka dunya ‘naek’ sapi sapatemon dina andini naha teu tiasa hiber nyalira?…Wisnu ti utarasegara hoyong ka pertiwi ‘jadi’ bagong, naha wisnu goreng rupa; ari ka dunya kedah wae nitis, ka awak batur (misalna: ka Krisna Rama Arjunawijaya)?…guruminda ka purbasari nganggo ‘acuk’ lutung?

Nu naritis nyukma… diperlukeun ku jelema guna sangkan boga ka -jelema-an….kasebutna ayeuna mah maraneh na teh ibadah mantuan ka jelema ku jalan nyukma. Ari ka jelemaan dipake keur ngajadi nu hirup ameh nyawaan. Ngan bedana araranjeuna mah –Hyang Siwa, Hyang Wisnu, Sang Patanjala- saukur dina peryogi mungkulkasukmaan the teu katutuluyan… tiasa ulah alih sukma. Hiji resi dina mahabarata mah gening sapatemon ‘jadi‘ sato..tapi…nepika tiwas ka panah pandu.

Eta sabab…. teu kendat kendat ajaran/nasehat/pangwewedi tinu karenging hidayat nyatana nu pareng hate leutikna/nuranina kapanggih tuluy nguatan caang - jadi meunang tuduh ti nu Maha Suci, para nabi para rasul para batara nu linewih marasihan ‘lilinggeran’ supaya teu jadi sato teuing teu jadi sato tuluy…. meh aya bijil kamanusaan nu bisa jadi wawakil kasimpenan/katitisan/tempat mancur mubyarna HIRUP nu bijil ti hate leutikna/nuranina sorangan memeh kaanglipudan nyawa…

Eta sabab…sok loba nu harayang balik ka fitrahna lir orok karek lahir..kaayaan nu jiwa can kapinuhan nyawa masih keneh gede Hirup…kanyataan nu Maha hirup. ….Nya mulya pisan kanyaho tapak geus loba awak kuat keneh ari jiwa geus balik deui ka wiwitan dina sagara hirup… genah pisan.. eta kabeh dipigawe ku jalan nahan teu kaasupan nu nitis nu gening tara puasa (bulan puasa) tutuluyan…kudu wae ahirna mah buka dahar nginum sahwat deui…muka deui lawang patitisan… jadi wadah nu nyukma… …. dadasar prawira sasmitaning Sang Uswatun hasanah rahmatan lil alamin…..


Sabab teu tuluy-tuluyan puasa nahan teu kaasupan, dina pas usik malik teh kumaha petana sangkan maranehna teu jadi gustina dewek? tapi saukur ngaulaan ibadah kanu boga awak…….kami (mah) hayang jadi titisan para kaula mungkul. Kami (mah) daek soteh narima reinkarnasi para kaula nu daek mantuan pedah eukeur jadi jelema …

…Kumaha carana?.... Naha enya sare hiji kajadian hirup paeh tuluy dihirupkeun deui? Kumaha wae kajadian keur sare?

2. Sare - hudang hirup paeh tuluy dihirupkeun deui kajadian nitis sukma sinukma nu tuluy tumuluy….satungtung boga awak..

KAMI (mah) REINKARNASI KAULA (I)

kalam kasundaan no 21

I

Para wargi sok gugah sateuacan subuh??

….pan ti masjid sok aya sora nu muji sukur alhamdulillahiladzi ahyana ba’da maa amatana wa ilaihi nutsur - sagala puji kagungan nu murbawisea nu ngahirupkeun deui saenggeus paeh (tadi peuting) Jeung ka (hoyongmah) ka anjeun ayeuna ya Allah (seja) balik.

Pernah kaalaman keur bubudakeun: kusabab dilembur abdi mah sora ti masjid teh bijil ti aki-aki jeung harita pas wengina nongton film vampire barang kageuingkeun teh ku eta sora saendapan mah asa kabayang teh aya vampire kolot hudang tina peti jenazah tuluy nyengir da loudspeakerna treble pisan…(boro-boro hayang hudang harita teh kalah teras ngaringkuk da sieun…he..he)…ayeuna mah mending loudspeaker na tos rada nge-bas teu cempreng teuing komo mun nu nganggo speaker masjid memeh subuh teh isteri nu sorana halimpu meureun genah pisan asa muji sukurna moal asa kasingsieunan.

Tapi piraku do’a heuheureuyan…

da gening lamun rek mondok do’a Nu mulya tedak quraish mah kieu : bismika allhumma ahya wa bismika ammut… nganggo asma allah hirup jeung paeh….

Alah..alah…

Gening saur Sang Rahmatan lil alamin teh gening ge sare teh paeh …

…..malah …malah…

dina mushaf utsmani didugikeun cenah Allah (duka tah lamun ELna Ibrahim atanapi Yahweh na Musa mah he..he..tapi paraHyang mah ongkoh) kapungkur pernah nyanggem…yen:

Saenyana kami nyokot ruh jelema nu sare sarua jeung nu paeh ngan ari nu sare mah diasupkeun deui ari nu paeh mah henteu.

Jadi cenah dina sare teh aya kajadian nu sarua jeung paeh ngan bedana saukur sementara sabab isukna mun hirup keneh diasupkeun deui…

Pantes pisan…ulikan di sunda ngeunaan paeh samemeh paeh nganjang ka jaga jeung rupa-rupa warnaning ngahyang/tilem mangrupa hiji ulikan nu empirik sabab dianjangan lamun peuting jeung saenyana dina agama (ti) Arab ieu ge (mun enya diaji kaislamana-lain ka arabana mungkul) mere lolongkrang nu ENYA ngeunaan nganyahokeun hal paeh nu ceuk sabagian jelema nu nolak/teu daek narima (kufur) mah mustahil sabab euweuh nu paeh hirup deui.

Jadi paeh teh naon atuh saenyana? Ari sare kumaha enya-enyana? Sok komo ari disunda mah sok aya papatah kade jang ari sare teh ulah kawas bangke…he..he.. ongkoh sare sarua jeung paeh (sementara) tapi ulah kawas bangke…komo samemeh sare di lembur mah geus dibiasakeun kudu beberesih tuluy babacaan…malah pakean ge kudu husus pakean sare lain pakean urut gawe.

Didieu memeh urang telek leuwih jero supaya ulikan teu nepi ka saukur catur tanpa bukur tapi kudu sing tepi kana unsur kaharti karasa tur bukti urang tetepkeun heula harti/definisi ngeunaan nu rek di teuleuman…kayaning naon ari ruh, nyawa, paeh, hirup, hurip, reinkarnasi, kami, kaula, arwah, sukma…. Sabab di sunda mah do’ana ge (sawarna sareng do’ana Sang Rahmatan lil alamin ngan rada detail) kieu geura:

Biss...

Badan sare
Ati tanghi
Sukma muji
Roh madep
Maring …… (ayeuna mah diganti ku) Allah
Allahumma (nu nyunda terang baheula kecap ieu naon asalna)
Naktu di nur
Madep cahyaning ….


II

Ajian Batara Karang: Ageman Pakeun Jadi Khalifatullah Fil Ardhi !? (2)

III
Lebah-lebahna makam Ulikan Batara Karang dina Mushaff Utsmani


Samemeh asup kana bagian cara/metoda nu leuwih teleb ngeunaan ulikan kasundaan Batara karang jadi kanyataan karang, urang susud heula saksi tina kaagamaan Sang rahmatan lil alamin (qur’an) supaya dina asup kana disiplin ulikan batara karang karya tedak sunda nu ngawengku falasifah katut kamatihan kamampuhanana teh nu maca geus boga referensi nu bisa jadi saksi/acuan pakeun nyusud neuleumanana atawa bisa oge dipake dina ngan saukur ngaenya henteukeun ieu ulikan.

Jeung nunjukkeun yen loba (sanajan teu gampil nangenanana) nu ngagem Kamuhammadan nganggo jalan islam oge seueur nu tiasa ngawasa/make ulikan batara karang (sabagian atawa sakabehna kumaha undak luhur pamahamanana) sanajan beda beda metodana.


1. Ulikan Batara Karang jeung Ka-Adam-an

Ulikan ka- batara karang-an teh aya hubungana jeung maksud caritaan luluhur manusa nu ngaran Adam nu dipilih ku Nu murbeng alam jadi wakilNa/nu nuluykeun/gaganti Allah di dunya (khalifatullah):

Tiantara rupa-rupa mahluk kaasup Malaikat (dijieun tina Sunda (Nur) jeung Iblis (dijieun tina seuneu), Adam nu dipilih jadi wawakil/gaganti di dunya “inni zaailun filardhi khaliifah” (sapi bikang:30) teh dijieunna ngan dicaritakeun ’bahan dasarna’ UKUR TINA KARANG. Malah disebutkeun karang/taneuhna teh taneuh likeut nyatana taneuh nu bisa/gampang diropea/dibentuk - taneuh liat/tiin. (benteng/tempat luhur:12).

Hal ieu aya bedana – mun teu kasebut beda pisan- jeung kajadian jelema umumna nu dicaritakeunana dijieunna tina nuftah, turobun jeung saterusna nu lain saukur/ngabogaan unsur karang tapi cai. Malah dicaritakeun yen sakumna mahluk (tangtu kaasup jelema da jelema ge mahluk) dijieunna asal-muasalna tina cai (teu disebutkeun tina karang/taneuh mungkul).

Harti Adam dijieun tina karang ieu bisa leuwih ngandung harti metaphore/figuratif/perlambang….yen maksudna… nunjukeun kana makam/pangkat/level/kualitas hiji jelema nu diangkat jadi wakil/generasi pengganti teh sabab boga karakter karang. Hartina….. jelema nu bisa kalawan gampang (tingali we taneuh liket/tanah liat keur diolah bahan keramik) narima lamun diropea / diajar / dibere treatment/dibentuk /dibere nyaho rupa-rupa asma /informasi/data/elmu/pangalaman jrrd.

Nyatana…. Adam mah pas diajarkeun rupa-rupa asma teh ku Allah bisa/mampuh nalar/nyangkemna. Pas dipiwarang nyaritakeun deui payuneun malaikat teh bisaeun/apal/nyangkeum sagala rupa asma nu tos diajarkeun malah katalar/kacangkem kabeh teu kacaritakeun ngan apal sabagian.

Jadi, ana kitu…Ngan nu boga ‘karakter/sifat/potensi’ karang/taneuh nu bisa jadi wawakil Allah didunya da jelema umumna mah malaikat ge tos apal geus loba ‘jelema’ saencan Adam nu hirup di dunya ngan saukur ngocorkeun getih, nyieun pacogregan jeung papaseaan/ngarusak dunya “taj’alu mayyufsidu fiiha wayasfikuddimaa-a”(sapi bikang:30).

---
Sapertos nu pada terang,..aya dua mainstream pamendak ngeunaan Adam: 1. Jalmi nu ngawitan diciptakeun ku Allah (nu ngabuktoskeunana seueur ku argument percaya ka wartos cenah/euceuk/beja ti ‘versi agama’), aya oge 2. Pangkat/makam Jalmi nu ngawitan undak kana makam khalifah di dunya –pangkat jalmi dina ka-Adam-an seueur dieksplorasi diantawisna ku kaum agamawan/‘esoteris’ sapertos katingal dina kumpulan karya tasauf sunda) - seratan ieu sapertos argument di luhur aya dina posisi no 2, ngaeksplorasi ka-Adam-an.
----


2. KANYATAAN jelema boga karakter ka-adam-an / “karang taneuh liat”

kanyataan ka-adam-an/kanyatan karang ieu mimitina bisa ditrace dina kaayaan jelema orok keneh..aya hadis nu nyebutkeun yen nu karek lahir mah kawas ‘keretas bodas’ nu bisa ditulisan naon wae. Hartina ieu budak mah boga karakter taneuh nu bisa/potensial rek dijadikeun kumaha wae gumantung kanu ngadidikna/mere informasina/nulisanana….Engke hasilna bisa nyaritakeun/nunjukkeun naon naon ASMA nu geus diajarkeun/dituliskeun ku indung bapana/guruna/’Allah’na. Nya jadi khalifah/generasi gaganti kolotna/guruna/’Allahna’.

Sabab jadina eta budak teh gumantung ajaran/atikan/tulisan/asma-asma nu ngajar nulisanana. loba conto barudak jadi kumaha lingkungan anu nulisan/ngabentukna da masih keneh jadi karang ka Adaman.

Asalna budak teh teu naon naon….ditulisan diasmaan di arahkeun di format kumaha kahayang generasi saacana/utamana kolot atawa guruna lingkunganana…nya naon naon teh jadi aya di budak…nya budak jadi naon naon.

Lila lila ieu budak nu masih gede ka-Adam-an teh diwewelan khuldi ku kolotna/lingkunanana nu jadi ‘setanna’….jadi perlu aya atikan pikeun jadi karang deui…. sab asalna teu naon naon bisa ka naon naon ku naon naon tapi ulah nepika naon naon sanajan jadi naon naon…ulah angger di naon dinaon..

Wah maenya?......wani nyebut kolotna/lingkungana bisa jadi nu ngolo ngolo “setan” nu ngajadikeun karang kaadaman ngasaan sajaratil khuldi?

Kieu geura:…..

Adam nu nuju ni’mat (harti ni’mat = nambah) di jannah (kebon – karang taneuh nu geus diropea nepikeunka bijil tutuwuhan- silib karang kamulyan maha karya Sang Manarah luluhur Galuh)..diulahkeun soteh ngadeukeutan tangkal khuldi..ari hartina khuldi teh abadi/langgeng/angger. Sab kaolo nya bijil aurat (hal nu jadi kaera nu embung katingali batur nepikeun ka ditutupan)…diantara rupa rupa panutup nu jadi kaera (aurat) nu pangalusna panutupna teh taqwa (pengkuh) lain pakean…. TOBATNA (balik deui ka asal/fitrahna ka-Adam-an) ku rumasa moekan/ngadholiman nafsuna sorangan ku sorangana lain ku batur OBATNA ku ngajaran alam rahman nyatana rahmaniyah….(bab IX) ”robbana dolamna anfusana waillan tagfirlana wa tarhamna lana kunanna minal khasirin”…Jst. ---
---
referensi hartos kecap arab (qur’an) tiasa ditingali/nyutat dina/ti Tafsir Qur’an kenging M Quraish Shihab-teras disundakeun.
--

3. ka-adam-an jeung pangaruh khuldi di urang

Kumaha kajadianana ka (urang keur) budak di ka-adam-an? Nepika jadi boga aurat katundung ti jero kebon Karang kamulyan turun ka dunya meunang kangeunah nu sakeudeung sakeudeung sab aya bosenna aya leungitna? (harti kecap dunya = pondok/teu lana – integral soteh saliwat padahal disarungsum ku increment increment)

Mimiti keur budak can hayang sangu…dahar ge di olo-olo….nya meunang ni’mat (nambah) ngasaan sangu…lila lila deudeuieun…si sangu nu asalna di olo olo ahirna diteangan da hayang angger/langgeng (khuldi) ngasaan sangu….tungtungna sok moekan maneh (ngadoliman sorangan)..teu manggih sangu…sanajan geus asup baso/roti/lotek jeung sajabana..asa can wareg nyatu tuluy ditutupan ku neangan ka warung….jadi kufur ni’mat (nolak nambah) ku kadaharan lain nu padahal sarua bergizi…..cobaan cicing di nagara nu euweuh sangu….kumaha nyiksana eta khuldi….Matak tong sok hayang langgeng (khuldi)….. kumaha taqwana??

Bobogohan…mimitina bararingung….tuluy resep tuluy ngeunah…deudeuieun khuldi …dina anggeusanana /da moal lana …asa euweuh deui gantina.. moekan maneh..pohoeun lamun neangan terus manggih nu anyar sok poho kanu heubeul…panggih jeung nu anyar anyar…tanyakeun we ka nu nyandung?...matak diajar tileuleutik di sunda mah mun budak/jelema kudu loba kabogoh meh bisa ulah alih sukma…kabogoh teh hartina karesep..nu loba karesep mah tara katungkulkeun ku hiji..leungit hiji datang hiji taya kasabaranana teu tumamu kanu lian da kahijian hiji sabab aya nu lain memehna…kumaha taqwa pengkuhna?

Mimiti teu apal roko…ngasaan ge diolo-olo/kabita ku nu eunggeus…tuluyna ngabaju (khuldina)..euweuh roko asa sagala poek….ramo ngulapes biwir cembrek…sagala teu puguh….jst..jst….kumaha pengkuh taqwana lamun keur euweuh roko jeung sesek napas bau sungut?

Ti kantor boga kakeuheul..hese leungit da jadi (angger/langgeng khuldi saharita)…balik ka imah jamedud keneh..nolak ni’mat seuri someah satiana pamajikan..nu rek mere ni’mat nambah pangalaman anyar ku kadaharan jeung kaasih..tungtungna hambar gedena pasea rongkah..da bongan poek sorangan ngadoliman sorangan..jst jst jst…kumaha petana taqwa eukeur kitu?

Lamun gelut butuh pamuk, kuat dikadek/ditembak keur perang (dimensi batu dina karang)….lamun khuldi angger dina weduk… teu bisa ngajadi karang ka-adaman-deui…diimah tara deukeut jeung anak (galak wae)… hese someah ka semah da keur jadi panglima moal bisa bisnis usaha dimana pembeli adalah raja matak loba nu poek usaha sok tuluy neangan asihan meh jualan payu….jst ..jst ..jst…taqwa pengkuhna metu dimana?

Nyekel jabatan…terus pangsiun/ganti…lamun katalimbeng deudeuieun hayang angger khuldi…sok asa wae jadi…padahal mantan…karasana syndrome power..munteu bisa taqwa pengkuh narimakeun…aurat kaerana sok ditutupan ku loba omong ngadongengkeun nu enggeus…nu ngadenge bosen..da kabeukina dulu waktu saya anu begini…dulu saya begitu…tah kajiret khuldina sorangan…padahal geus lain laina deui….sorangana teu sadar dijebian/dijauhan batur….taqwana palebah mana?....

Tah komo arek ninggalkeun dunya pindah ka kalanggengan….

Pernah ningali ak-aki/nini-nini/kolot nu rek maot…kabeukina bernostalgia…macaan kitab kafa binafsika na sorangan….ngadongeng pangalaman baheula..tengetan naha rek ngajarkeun mindahkeun tapakna supaya teu jadi khuldina…atawa nu keur kajiret deudeuieun hayang kawas baheulana nu jadi khuldina……; beuki kolot ka-adam-an sok ngurangan nyatana hese diajar (geus hese narima asma anyar) nu anyar (meunang ni’mat nambah)…pan seueur professor/pejabat hese teu tiasa ngadamel status facebook..da geus mintul ku barang anyar hasil ICT (GapTek)..ari kana khuldina nyalira mah norolang…

lamun urang,...geus kasiksa/biasa ku kalangenan sorangan....naon bae nu teu bisa henteu resep dipigawe/dilakonan....kade tarapti nyaliksikna bisi "khuldina" kagedean hese ngaleupaskeunana...kasiksa poek lamun henteuna.

Lamun urang resep dodongeng pernah kitu pernah kieu kamari/mangkukna/baheula...kade teleb nyalusurna bisi karang geus neuasan resep nu enggeus enggeus bae..katalibeng 'khuldi' baheula....padahal ayeuna mah beda... can tangtu payu ka isuk

lamun urang manggih nu anyar -conto fasilitas/aplikasi dina facebook- geus teu hayang diajarna hese ngartina..kade tarapti bisi ka-adam-an geus ngurangan geus mintul/teuas hese diropea deui....

4.Perluna ulikan batara karang

Perluna ngulik ka- Adam-an - ulikan Batara karang- kanyataan karang nu teu kaseundeuhan Angger (khudi)… pakeun ngamanage sorangan nyanghareupan pangaruh 'ka-khuldian' saperti sababraha conto nu disebut diluhur....saperti oge nu sok sering dipenta dina do’a nur buat embung kapasihan panyakit ka-adaman-‘…wa qakullaha min bani adam”…kumaha cara TOBATNA (balik deui ka asal/fitrahna ka-Adam-an)? kumaha nyatana OBAT alam rahman kanyataan rahmaniyah nyanghareupan jamaliyah jalaliyah di tangtung nu nyiksa lamun katalimbeng khuldi kaanggeran???

Katangen gening,...poe ayeuna beda jeung poe isuk…

Euweuh nu angger..datang jeung pamitan teu bisa diulah ulah..da kitu beukina…. Kawas cai palid disusukan lulurung terus katutur..ari karang mah kitu hayu kieu hayu kitu bisa kieu bisa….datang pupuk jadi subur datang runtah bisa bau…kurang dipelakan longsor..dipiara jadi karang karesnan…teurak bisa soek eukeur…pamuk weduk sang Aji luhur pangaji….nyiksa soteh lamun deudeuieun…hayang angger khuldi kawas nu enggeus…. matak dicaram Allah ge puguh buktina.

Malah..tangtu katangen kusorangan....tong boro jeung batur..urang jeung urang ge tara angger..beda ku usum ku umur..mun keukeuh wae khuldi ka baheula/kamari/sabaraha menit nukaliwat..hayoh ngilu lumpat jeung budak ngora lain sehat kalahka nambru..jantung geus teu kuat....dongeng pikaseurieun menit tadi tadi didongengkeun deui ayeuna can tangtu dianggap lucu.

Pangrasa ayeuna jeung engke jeung isuk jeung kamari tara sarua jeung nyatana...matak nu sok diri dijadikeun acuan...kapoekan teu bisa leupas.....tina khuldina.

Matak kolot kolot nu luhur elmu jalma wijaksana nu pantes jadi seuweu Adam anu mulya kahifatullah mah:….

Pinuh ku tumarima…..sabar tawekal pengkuh dina kayakinan (bab VII) tara boga kasieun kunu eunggeus kahariwang ku nu acan…permana apal ka awak…ninggalkeun dunya… unggal usik….dileupaskeun tara jadi khuldina....sagala kumaha BrehNa(lain kawas budak kumaha behna)...narimakeun ku ayana tara khuldi ku euweuhna.

Ingetan/elmu/tapak hirupna loba dipiceun (istilahna diisingkeun deui) ku cara di tuliskeun diantarana kana buku/layang/do’a (ayeuna mah meureun hardisk/cd/blog he he he)…meh teu di tanya wae ku batur/murid/anak incu… jadi dileupaskeun/di bikeun kanyaahna teu jadi khuldina….hayang lugina tiis ceuli herang mata engkena….euweuh kabeungbeurat da geus jelas wasiatna, tarapti murak dadasar leupas teu angger katalibeng tapak kadunyaan…

Leuwih kongas deui luluhur nu ngawasa batara karang ditepakeun ditapakkeun ka sabudeureunana saperti nu katrigger ayeuna pustakana dikabuyutan kabuyutan….sadayana dileupas teu jadi khuldi anjeuna dina madep ka nu maha suci… da asalna ge teu naon naon…nya teu naon naon deui…kenging naon naon teh nuju keur naon naon di dunya… boroeun anu di dunya (jadi karamah jadi barokah jadi safaah kanu eukeur di dunya deui)….maungna di simpen keur nu butuh ngarajaan leuweung hirup…wedukna disimpen jadi tutunggul ….bedasna disimpen dina jajantung…mokaha aya dijero bekelna kasumedangan awak…

Lamun perlu awakna bisa ngawujud deui ( sok jadi kawenehan kanu tepungna)…

Lamun perlu nyieun awakna angger- teu ruksak kaurai mikroba- bari make trigger waktu ku itikad ke lamun geus kajadian anu atawa geus datang anu,... atawa geus robah jadi anu…karek lebur papan karo tulis…jll, ...jll,...jll... warnaning kawijaksanaan….moal jadi naon naon ka aranjeuna da naon naon teh kabeuki nu keur naon naon di dunya.

Kongas aya babasan patepang silih rawatan papisah silih pilali……datang jadi nur nu aen….tumarima dina ka-adaman sirna balik deui ka ka-adam-an.. sakeudeung salila di dunya..ukur gaganti…. gunta ganti sukma sinukma murbawisesa….indit buhung balik buhung pada pada buhung.

---

Make pamahaman saperti nu diluhur ayeuna urang ngoraan deui…nilik ulikan Batara karang tedak sunda…ngajawab inquiry nu ditepikeun dina bagian panganteur:…naon sababna (dina level batara karang makam mana) aya jasad nu masih beleger disebut ngawasa ajian batara karang?.....lebah mana onjoyna ti kajawaan?....kumaha tahapan/tingkatan makomna?…metodana? naon indikatorna? Ameh ngawengku kaharti karasa tur bukti…ameh jadi ulikan empiris tuturkeuneun (paling saeutikna bahan iloeun) nu daek ngulik Jadi kanyataan Karang nu pantes dina pangkat ka Adam-an.


BRAY SUNDA BRAY MANCUR DI BUANA TANGTUNG.

Bagian salajengna urang kintunkeun upami pareng…..

Ajian Batara Karang: Ageman Pakeun Jadi Khalifatullah Fil Ardhi !? (1)

Kecap petingan: Batara Karang, Adam, Khalifatullah fil ardhi, Kasumedangan, Sajaratul khuldi,

I. Panganteur

Puluhan taun katukang mun teu salah mah taun 80an di daerah Ujung Berung Bandung pernah geger aya tukang gali manggihan mayit nu geus ratusan taun beleger keneh. Harita teh keur usum mindahkeun kuburan umum keur dijieun perumahan, diantara tulang-taleng sesa awak jelema pas lebah tangkal caringin gede ka gali aya mayit lengkep keneh dibungkus kulit nepi ka buuk-buukna (digelung) bari kukuna paranjang...harita teu kaburu nyaho dikumahakeun eta mayit teh, ngan nu jelasmah ceuk cenah matak kitu teh sabab eta jelema baheula teh ngawasa elmu batara karang ...nyaeta cenah elmu kanuragan elmu weduk lir batu karang teu kuat dikadek nepikeun ka paeh ge angger awakna teu busik....hanjakal teu apal dikumahakeun eta mayit teh, nu jelas mah teu dikamusiumkeun.

Sabaraha taun saenggeusna,...

ditempat lain, di daerah Tasik pakidulan kabeneran manggihan hal nu sarupa. Waktu warga keur nugar tangkal manggihan deui jasad nu beleger....sarua deui geger...pada silih tanya saha nu ngagangguna ditambah balarea baroga kasieun ku tulah tina ngahudangkeun ’jurig’ jawara sabab perbawa tahayul rekaan atina nu cenah pasti baheulana ieu jelema boga ajian batara karang. Tapi, kabeneran papanggihan nu kadua ieu mah bari ditambahan ku nganyahokeun ’solusina’. Sore eta keneh aya kokolot lembur datang nganggeuskeun pasualan. Eta mayit diasupkeun kana munding –nu geus dipeuncit jeung dikaluarkeun jeroanana heula- bari saeunggeus diparancahan bur weh dipiceun ka laut.

Ngaliwatan dongeng-dongeng jalma rea jeung papanggihan diluhur....

Harita, sakuringeun, kecap Batara Karang atawa batu karang (disaruakeun) boga rasa kecap nu goreng nyaeta kecap nu ngan dipikaneneh ku preman, garong, begal, jawara jeung sabaturna nu ngajarago sabab weduk, kalakuana kawas-kawas jauh ti jalma ’bageur’ jauh tina wawadi agama. Basa hayang nyaho tatanya ge kaburu kandeg dihuitan ku guru ngaji ”ulah ngelmu kitu jang...eta mah elmu teu matak sampurna... hirupna sok teu hurip komo aya guna keur papada mah....malah tingali we ku hidep.... geus maot ge awakna teu bisa ruksak teu bisa mulih ka jati mulang ka asal”.

Bisa jadi meureun sabab jasad nu lain mah lebur deui jadi taneuh (terurai ku mikroba jadi sirna) ari ieu mah angger teu ruksak...jadi we dianggap teu sampurna. Beu.... padahal lamun bisa teh meureun keun bae hirup mah kumaha aing weh... ngan geus pasti lamun paeh teh bakal kasohor, Fir’aun ge nepikeun ka ayeuna pada ngadeugdeug sabab aya bukti mayitna - bari manehna mah kudu di balsem...ieu mah teu kudu da kuat sorangan. Lumayan jadi aset wisata pakeun nagri nu loba hutang.

Tapi ketang,..... pas rek nambalang teh aya deui ingetan lain: kumaha mun dijadikeun ’percobaan’? jeung diera-era disebut kafir? wah meureun karunya anak incu susaheun bari nyirnakeuna ge kudu nyusahkeun batur sabab mahal kudu meuncit munding sagala..mending lamun mundingna aya keneh lamun ’punah’? meureun anak incu kabere geugeuleuhna...hanas saaingeun mah keun bae da geus paeh ieuh kasebutna.

Saur guru ngaji di kampung mah kieu ”urang mah kudu diajar bisa innalillahi wa innailaihi raji’un sampurna balik sampurna. Sampurna ning beak sirna raga sirna rasa. Malah kongas cenah luluhur baheula mah nepikeun ka barisa tilem-ngahyang. Jelemana jagjag keneh dina waktuna mulang ka kalanggengan teh bari langsung nyanggakeun badanna ku nyalirana ka nu Maha Suci teu kudu nungguan dibantuan ku alam” (tingali ngeunaan- ngahyang/tilem di alam kami).

Atuh niat tatanya ka kolot-kolot lembur tangtung sunda teh jadi pugag harita mah sabab elmu batara karang atawa sok oge disebut (disaruakeun jadi) elmu batu karang teh lain ngeunaan kasampurnaan nu oge cenah teu saluyu jeung ajaran agama (islam)....malah-malah di Jawa ge sarua, diantarana nu didugikeun ku Sunan Mangkurat IV, ieu sesepuh jawa teh masihan wawadi (tingali: Ma’rifat kejawen ) yen ulah diajar elmu Batu Karang sabab –singketna- lain elmu kasampurnaan nudipirido ku Allah swt.

Ngan.....

kadieunakeun aneh pisan.....

Dina ulikan kasundaan mah (nu ngaos kedah nganggap heula ieu kasundaan versi-sateuacan ngabuktoskeun ku cara empiris tina metoda/teknik nu didugikeun/dipendakan leres henteuna)....dina salah sahiji ulikan poko kasumedangan (elmu madangan/nyaangan batur –ulikan advance dina kapajajaranan) salah sahiji atikan pokona teh manusa kudu JADI Kanyataan Karang. Jadi kanyataan Karang teh cirining kasampurnaan hiji seuweu sunda... sasat-sasat hasil tina ngulik Batara Karang (salian ti jadi kanyataan Ujung Kulon jeung Ratu Galuh – (tingali: diantarana tulisan ”sasaka kabantenan jeung nanjeurkeun deui Pajajaran tangtung”).

Aeh naha jadi muter deui?... panggih deui jeung ajian batara karang ?? boa kasundaan nu ieu teh memang enya lain ulikan kasampurnaan?? naha luluhur sunda bet ngajarkeun batara karang/kanyataan karang? naha beda jeung ajaran seuweu jawa nu nyaram ngulik elmu batu karang?... tulisan ieu insya Allah rek ngaguar eta sakadugana.

II

Dina ulikan kasundaan hususna kasumedangan (elmu madangan nyaangan batur) saperti nu disebutkeun dina bagian panganteur aya ulikan utama (advance) jadi Kanyataan Karang, nu saliwat mah –sabab geus katumanan ku rasa kecap karang nu hartina teuas/weduk /kanuragan/ nu teusampurna – ulikan batara karang nyoko/boga warna mangrupa ulikan kanuragan supaya jadi weduk mungkul.

Ngan sanggeus ditilik-tilik ditatanyakeun mah...

Ulikan hayang weduk mungkul mah, lain ku cara ngulik nepi ka batara karang tapi ku, biasana, cukup ku puasa/matigeni sababaraha poe - bari migawe hiji latihan, diantarana aya, ku make olahan napas make ritme husus supaya ngawangun hiji ’field’ kana awakna atawa wiridan nu prosesna pakeun bisa museurkeun saraf kana hiji ’koordinat’ rasa make metode tertentu jeung kudu wae di ’resonansi’ kunu geus bisa (utamana lamun teu make puasa) - nu diajar bisa weduk.

Bari nu kitu teh,...

Sok baroga pantangan bari mangaruhan karakter nu ngulikna/mangaruhan rijki (cara babandana) jrrd gumantung kana muhitna. Jeung utamana kudu apal cara ngaleungitkeunana deui -install jeung uninstall- aya nu install jeung uninstallna teh ku guruna, aya nu bisa kusorangan di uninstall ari rek paeh, aya oge -nu alus mah- bisa diinstall/uninstall ku sorangan iraha wae sakarepna) (tingali – bagian IV atawa tulisan ’Kanuragan kami naha enya kanuragan?’).

Na nu kumaha atuh ajian batara karang jeung jadi kanyataan karang teh?

Memeh ngadadarkeun kanyataan karang tina ulikan batara karang. Urang tepikeun heula caritaan ngeunaan naha jalma rea kaayeunakeun loba nu nganggap batara karang saperti diluhur?

Urang mimitian ieu ku guaran nurutkeun istilah nu dipake....

1. Harti Kecap KARANG

Lantaran kagegedekeun ku kabiasaan make Basa Indonesia jeung beja ti jalma awam yen loba jelema nu cenah weduk teu raheut ku bedog disebut ngabogaan aji batara karang kawas carita diluhur, kecap karang ku para ahli basa sunda ayeuna leuwih di asosiasikeun kana kecap batu karang (Indonesia) batu nu teuas nu kapanggih di laut ( tingali - Kamus umum Basa Sunda LBSS 1992).

Matak tuluyna....

Eta entri jadi siga teu nyambung pas nyaritakeun harti kecap karang dina maksud ’karangan’ jeung sajabana. ...tuluyna dadaran eta entri...pakarangan cenah, misalna, tanah sakuriling imah, ngarang nyieun carita, karangan hasil ngarang jeung pangarang nu ngarang.

Sabenerna di kampung mah…

Harti kecap KARANG teh TANEUH. Karang kawas taneuh hideung dina kulit nu koneng/bodas. Ieu nu teu ditulis dina entry kamus jeung geus jarang ka sungsi ku umum. Ari taneuh mangrupa barang nu bisa diolah jadi naon wae (sabab bisa) jeung tempat hirup mahluk. Hartina kanaon wae bisa: dirawat subur, diruksak ngahgar, digali dieksplorasi bisa sagala aya nyampak pakeun sagala kabutuh mahluk tur pakeun ngaruksakna; Dipelakan bisa (jadi media ti sakabeh tutuwuhan), digahgarkeun bisa. Nu lembok hejo aya nu jadi sagara keusik aya. Nu paeh jeung nu hirup bijil, cicing jeung asupna (paeh) ka dinya. Pokona mah taneuh mah dikana naon jeung dikumahakeun ge bisa lir ibarat budak nu kawas kertas bodas dikumahakeun ge bisa kumaha nu nulisanana- Ari batu karang (basa Indonesia) sisi basisir mah di sunda sok disebutna batu cadas pan aya tempat kakoncara ngarana cadas ngampar!!??

Matakna...

Kecap pakarang ngandung harti barang (beusi umumna) nu geus diolah ditempa diseukeutan dido’aan (sabab bisa) nepikeun ka jadi seukeut atawa aya peurahan); Pakarangan taneuh sabudeureun imah nu geus diolah (sabab bisa diolah) ku sabangsaning tutuwuhan jeung rupa-rupa kumaha kahayang nu boga; Di Kuningan aya kecap Karang Asisten Wadana hartina imah camat. Sabab taneuhna geus dijadikeun tanah pamarentah dijadikeun milik camat (sabab bisa).

Saluyu jeung eta...

Harti kecap karangan mangrupa hasil olahan tinu bisa di olah (ide) jadi hiji susunan carita/karya (sabab bisa); Pangarang jelema nu uteukna bisa diolah/dipake nyusun carita (sabab bisa); Kawartikeun nepi ka ayeuna tempat sumarena Sang Manarah luluhur Galuh disebutna Karang Kamulyan sabab mangrupa taneuh kamulyaan hasil olahan (sabab bisa) eta seuweu siliwangi; Aya Karang pawitan di Garut nyatana taneuh tempat kumereb nu jadi ’modal/aset’ hurip (sabab bisa); Aya oge karang anyar di nagri Bandung (meureun baheulana mah) taneuh nu karek anyar dibukbak dijadikeun panganjrekan (sabab bisa). Aya deui karang kambang taneuh (pulo leutik) di sagara nu teu karem ku ombak laut kawas ngambang luhureun sagara.

Jadi sakali deui.....

Hartina karang di sunda mah taneuh.... matak tangtu pada nyaho naon ari banjar karang pamidangan?.

2. Harti kecap BATARA

Kecap Batara aya sabaraha harti:

Kahiji, Batara diwancah tina Ba hartina 2, Tara kaahlian/’manifestasi’. Jadi hiji jelema di sunda boga gelar batara sabab ahli ngawasa atawa tapis dina 2 hal lahir jeung batin matak jadi panyaluuhan lir dewa (tingali ’Dewa Ruci’) kongas diantarana Batara Guru di Jampang jeung Batara Sakawayana.

Kadua, Bhaṭāra dina hindu cenah Rasulullah keur ngauban manusa, kawas Avatar (awatara) saperti Rama jeung Krisna. Batara ngawujud jelema, teu kabeh dewa jadi batara.

Katilu, Di Bali oge dina wayang di sunda Kecap Batara disaruakeun jeung kecap Dewa. Dewa wisnu disebut oge batara wisnu, dewa siwa batara siwa jst.

Tilu harti tina kecap Batara diluhur masih sawarna nu bisa dijadikeun arahan yen Batara ngandung harti manusa nu geus bisa ngauban alam tur eusina sabab tepi lahir tepi batin bari lahir batinna waluya nangtung ajeg, nu kitu sok jadi panyaluuhan jelema da bari sok ngauban nu bakating ku dipuhitna ku nu butuh lir jadi wawakil Pangeran nu murbeng alam.

Ana kitu.....

Ajian Batara Karang nyatana ulikan/jampe/tips/ajaran nu ngajadikeun atawa ngarahkeun nu ngulikna ngawasa lahir batin ngeunaan sifat-sifat taneuh nepikeun ka ngarti jeung jadi atawa timbul hakekat sifat taneuh (bisa kana sagala jeung ku sagala bisa) eta dina dirina.

Ana kitu....

Ulikan kasumedangan nu diantarana supaya jadi kanyataan (hakekat) karang (lain jadi karang/taneuh) ku jalan ngulik batara karang – ulikan lahir batin supaya boga/ngawasa hakekat taneuh salila di dunya. Kanyataan karang ngandung harti jadi kanyataan (hakekat) taneuh lain jadi kanyataan batu dumasar kana arahan nu asalna ti nu Murbeng Alam. Ulikan na dumasar ti Nu murbeng alam Allah swt sabab dipakena pakeun ngauban manusa (hakekat ka-bataraan/ka rasulan..)

Naha nu awakna weduk bisa bijil tina kamampuh Ajian Batara Karang? Naha nu jadi pamanggih umum ngeunaan batara karang salah kabeh? Naha nepikeun ka nu satingkat sunan Mangkurat IV ti jawa ngaulahkeun ngelmu karang ?? jadi naon atuh beda/onjoyna kasundaan jeung kajawan?? (bagian VII)

Ari Batara Karang arahan tinu murbeng alam mah atuh tina agama ayeuna islam oge kudu aya ...mana saksina...?? kumaha carana/metodana/paradigmana ??