Surat At- takwir ku Durma

BAG I
(Kinanti)

Nyalindung ka maha agung, maha mulya maha suci, Allah nu maha uninga, tina poek sasar diri
alatan gogoda setan, nu nyiruruk nyiriwuri.

Kalawan asma Hyang Agung, marengan lampah sayakti, nu janten marga lantaran, sadaya usik ngajadi, nyaah asih taya kendat, nganteur mahluk nu kumelip.

BAG II

At- Takwir (digulung)
29 ayat
DURMA


------------
1. Itha ashshamsu kuwwirat
------------
Lamun sang surya caangna geus teu mubyar, beurangna poe leungit, hibarna geus musna, poek nutupan dunya, srangenge geus henteu bijil, geus ancur rusak, digulung teu ngajadi.
------------
2. Wa-itha annujoomu inkadarat
------------
Jeung mun bentang bentang nu caang baranang, nu sok tembong tipeuting, leungit cahayana,
dilebur sakabehna, henteu tingkariceup deui, ilang tur sirna, pada ragrag ti langit.

------------
3. Wa-itha aljibalu suyyirat
------------
Jeung mun gunung gunung nu ajeg tohaga, najan obah arusik, maku ieu jagad, geus rarosa aroyag,
bejad bareulah lastari, baritu rungkad, diancurkeun teu kari.
------------
4. Wa-itha alAAisharu AAuttilat
------------
Jeung mun onta nu reuneuh sapuluh bulan, lambang nyata kamukti, nambahna kaboga, harta dunya barana, jeung loba loba rejeki, geus teu hargaan, henteu dipalire deui.

------------
5. Wa-itha alwuhooshu hushirat
------------
Jeung mun sakabehna sato sato galak, nu tara akur rapih, gangas sili hakan, leupas sakama kama, geus pada pada maralik, bareng sarua, dikumpulkeun ngahiji.

------------
6. Wa-itha albiharu sujjirat,
------------
Jeung mun kabeh sagara gede di dunya, geus jadi ribut usik, lambak ngagulidag, seah galura motah, dimudalkeun ting jungkiring, baritu rosa, nyirnakeun sisi langit.

------------
7. Wa-itha annufoosu zuwwijat,
------------
Jeung mun diri geus tepung jeung pasangana, jirim jisim ngahiji, jiwa raga nunggal, awor pada saalam, digalokeun pada murti, di kamutlakan, kajatian sajati.

------------
8. Wa-itha almawoodatu su-ilat, 9. Bi-ayyi thanbin qutilat
------------
Jeung mun budak awewe nu diraruang, geus nyarita nyaraksi, waktu ditaranya, naon nu jadi sabab, keur hirup dialapati, dikaniaya, babar nemahing pati.

------------
10. Wa-itha assuhufunushirat
------------
Jeung mun lambaran lambaran tapak lacak, nu kacatet katulis, geus nararembongan, atra pada dibuka, kabaca mere pangwarti, mangrupa kitab, saksi amal pribadi.

------------
11. Wa-itha assamao kushitat
------------
Jeung mun langit uwung uwung awang awang, pangwates lapis lapis, nu mayungan dunya, nutupan ngalimpudan, geus ditilepan laleungit, kabeh maruka, pada eces kaciri .

------------
12. Wa-itha aljaheemu suAAAAirat
------------
Jeung mun naraka alamna kateungeunah, kasusah tur kanyeri, tina siksa dosa, nu lir seuneu ngalentab, geus harurung nganti nganti, janji subaya, keur ngahukuman diri.

------------
13. Wa-itha aljannatu ozlifat
------------
Jeung mun surga alam sagala kasenang, kanikmatan sajati, lautan ganjaran, sagara kasugemaan, geus didekeutkeun ka diri, kapangih AYA, teu jauh ti pribadi.

------------
14. AAalimat nafsun ma ahdarat
------------
Upama eta kabeh geus kajadian, tanda tanda ngabukti, tiap diri apal, kanu dipigawena, pasti nganyahokeun yakin, sagala enya, geus moal samar deui.

------------
15. Fala oqsimu bilkhunnas, 16. Aljawari alkunnas, 17. Wallayli itha AAasAAas, 18. Wassubhi ithatanaffas
------------
Nya kami sumpah demi bentang baranang, nu muter surup bijil, oge kami sumpah, ku peuting nu keur robah, ngeser ti janari leutik, Jeung ku balebat, nu keur bray brayan tarik.

------------
19. Innahu laqawlu rasoolin kareem, 20. Thee quwwatin AAinda theealAAarshi makeen
21. MutaAAin thamma ameen
------------
Sanyatana eta caritaan ENYA, ti utusan Hyang Widhi, nu mulya prakosa, kaselir pangawasa, ku anu gaduh arasy, diturut pisan, tur dipercaya pasti.

------------
22. Wama sahibukum bimajnoon, 23. Walaqad raahu bilofuqialmubeen, 24. Wama huwa AAala alghaybi bidaneen, 25. Wama huwa biqawli shaytaninrajeem
------------
Jeung sobat anjeun teh lain jalma owah, inyana geus ningali, utusan nu mulya, dilangit nu tetela, teu pedit ngeunaan gaib, jeung lain ucap, setan ditundung gusti.

------------
26. Faayna tathhaboon, 27. In huwa illa thikrun lilAAalameen,
------------
Kusabab eta anjeun arek kumaha, nya rek kamana indit, euweuh deui jalan, salian ti narima,
ieu kabeh ngan pepeling, kasakabehna, pangeusi bumi langit.

------------
28. Liman shaa minkum an yastaqeem, 29. Wama tashaoona illa anyashaa Allahu rabbu alAAalameen
------------
Nyaeta ka anu harayang milampah, dijalan nu mustaqim, ngan moal barisa, ajeg dina agama, mun teu dikersakeun gusti, Allah nu murba, alam anu sayakti.