Shalat juma'at

Akur jeung batur ninggalkeun dudunya saheulaaneun,

Neangan rido nu ngamurbeng bari deuih ngabengbreng.


Lulumayana ku nu nareuleu sok disebut taat tur shaleh,

EUSINA mah....

Wallahu alam ngan Allah jeung sorangan nu nyaho.


Enyaan siloka agama bagja pisan para ahli waris,


Shahadatullah,

Shalawatullah,

Hakekatullah,

Kalimatullah.


Rebu rebu nuhun sun,

Teu kaduga nampi ku asta kalih ge...

Kabujeng cisoca mayunan.

Idul fitri…naha bet janten lebaran?


IDUL FITRI&LEBARAN.
Geus (m)unggah di alam puasa (takwa)
turun deui di kajalmaan;

Geus mampuh nahan/eureun shaum
dihaja runtag bobor(an) dibatalan deui;

Geus lubar nu enggeus (sab geus) balik/aya dina fitrahna deui
ayeuna seja ditulisan dirarangkenan deui;

Najan meunang sabulan ngalenteh puasa
nya ayeuna ngalelebar maneh deui ku kanafsuan kajelemaan.

Matak ge, sab geus qadar darma sorangan, dina lebarana ge
meh teu lebar teuing...
hayu euy urang shalat...
urang jadi lawang ampunan, ...

tanjeurkeun rahmat nu angger!

TAKBIRAN

Tanggarakeun euy!.

yen ieu Nungamurbeng
kawasa ngajadikeun nu usik malik
tur ngawenangkeun sakama kama teh
kawasa oge ngatur mulangkeunana;

Nya saenggeus dilembutan ku puasa,
geus wayah dibuka deui bari manjing sakamana sakamana.

Sab kitu darmana,...
dipaehan urang sirna,
diabur kagusur,

dipake?
kawas jalma deui,
Ngan mun jeung kakadalina...
tah eta manusa enya ...

Allahu akbar 3x wa lillahilham.

Shalat aya tilu, nu mana?

Shalat teh jungjunan saurna.... hartosna 3

mun ku jelema shalat teh ngadu’a neneda
mun malaikat nyuhunkeun ampunan keur mahluk sanes
mun Allah nu shalatna nya masihan rahmat

Pernah shalat kawas jalmi?

kantos shalat nyuhunkeun ampunan keur nu sanes?
...pan manusa teh aya langkungna ti malak

kantos shalat janten kasinugrahan kanggo umat?
pan ahlak teh kedah kawas Allah

Urang aya dimana nun?
Boa teu kalebet jalmi2 acan.

Purwadaksi, nu kumaha jungjunan?



Saurna purwa wetan daksi kidul
purwa wiwitan daksi wekasan…

Tapi saur saha jungjunan meni kedah wae mulih kawas jaman baheula
disebat terang ka purwadaksi teh?

Purwadaksi na urang mah ayeuna… dimana madhab?
ulah katalimbeng leungit pamilih....

Nu puguh mah
ka luluhur urang ngaub
ka sasama ngiring aub
katurunan sing tiasa ngauban
bagja mun janten pangauban....

Panginten teu awalan teu ahiran
langgeng bari mapay..

Tilem/Ngahyang di alam kami

Panganteur

Ngahyang atawa tilem lolobana dinisbahkeun ka cara
ninggalkeun alam dunyana Siliwangi jalma baheula di
jaman Pajajaran (lain jalma ayeuna). Harti jeung
maksud jalma sunda ayeuna ngeunaan kecap/konsep
ngahyang atawa tilem rupa-rupa, misalna, Dina
ensikolpedi sunda (2000) entri ngeunaan tilem euweuh.
Aya oge ngahyang – dina entri kecap hyang- nu
dihartikeun leungit jeung jasadna ngajadi hyang. Ari
Hyang di sunda mah luhureun dewa-dewa - ‘Allah’ di
sunda mah disebut diantarana Sang Hyang keresa ( nu
maha pencipta) jeung Hyang Seda niskala ( Maha Gaib).
Dina kamus LBSS (1992) kecap ngahyang euweuh aya oge
tilem nu dihartikeun ngaleungit jadi siluman---beu!.
Aya oge nu dinisbahkeun tilem/ngahyangna Siliwangi teh
teu dipercaya lain leungit jeung jasad tapi paeh biasa
mun teu salah mah ieu teh salah sahiji pamendak ti,
diantawisna, Pa Yosep Iskandar. Aya oge nu saukur
ngagolongkeun ngahyang teh mitos (tahayul) jadi lain
mang rupa hiji hal nu jadi kareueus da bohong. Kaasup
nu nyebutkeun sarua/beda antara tilem jeung ngahyang
ditambah bumbu ayana maung kajajaden.

Ari ieu tulisan… hayang ngajelaskeun sabisana yen
tilem/ngahyang teh lain mitos/tahayul tapi hiji
ulikan nu masagi…lain ngaleungit jadi siluman tapi
balik ka Allah swt nohonan innalillahi wa innailaihi
rojiun…sanajan baheula mah carana lain nganggo sareat
Muhammad…bari badan/jasad awak-awakana sampurna dina
harti sirna mulang ka asalna …jeung bisa wae
dilakukeun jalma ayeuna nu nuturkeun sareat Sang
Rahmatan lil alamin (islam) lain baheula wae…. bisa
henteuna nu nulis mere katerangan nu ENYA keur
ngadukung argumenna dina ieu tulisan gumantung kana
panilaian nu macana.

….. pangapunten bade dijujut ti ‘konsepsi’ jeung
paradigmana heula….sateuacan kana hal tilem/ngahyang…
eta ge upami pareng…nyanggakeun sun..



I
Innalillahi wa innailaihi rajiun….(kabiasaan)

Kekecapan innalillahi wa innailaihi roji’un nu
dihartikeun sacara awam mah asal ti Allah balik deui
ka Allah… loba/ilahar diomongkeun lamun aya/meunang
beja aya jelema maot [Sanajan dina qur’ana (Albaqarah)
mah nyebut kecap diluhur teh ciri mu’min lamun meunang
musibah]. Sigana pedah ditinggal maot teh kaasup
musibah kanu ditinggalkeun… Atawa hiji etiket nu
terkadang klise bijilna kecap kitu teh supaya kasebut
alus wae ku nu ditinggal maot yen urang ngilu
sedih/kaleungitan…bari saenyana mah bisa wae teu sedih
teu sing..he..he. kukuring teu diasupkeun kana
ngadu’akeun sabab jarang kaciri intonasi atawa
posisina siga ngadu’a lolobana intonasi na teh siga
‘statement’.

…nu jelas mah
nyawa na jadi arwah…sok dihadiahan illa arwahi..
badanna jadi mayit…. Dimandian, dikafanan, disolatan
terus Dikubur

Naha enya nu maotna mah harita manjing innalillahi wa
innailaihi rojiun?….wallahu alam… sabab lamun
nurutkeun katerangan tina qur’an. ..aya nu bakal keuna
siksa sapanjang langit jeung bumi … aya nu dikubur
heula…ngalaman padang masyar…aya nu meunang
rahmat/nikmat heula …aya nu lila rek tepina ….jeung
aya oge aya nu langsung (diistilahkeun ‘secepat
kilat’) meunang rido Allah bisa balik ‘panggih’ jeung
Rabbna…

Enya..enyana mah kabeh mahluk bakal balik deui ka
Allah…ngan can tangtu harita (pas maot) …teuing
iraha!!!!???? Boa sanggeus bumi langit rusak…beu lila
lila teuing.

Malah saenyana hayang bisa manjing innalillahi teh
manusa kudu usaha satekah polah salila hirupna pikeun
panggih jeung Rabbna ??!!

Wa’bud rabbaka hatta ya’tiyakal yakin….atawa lamun
lolong didunya lolong diaheratna….lamun teu apal
didunyana ka Allah…diaheratna ge tangtu lolong teu
apal…jrrd argumen nu bosen lamun dituliskeun
deui…..ah rek percaya we bakal balik ka
Allah….he..he..heueuh gampang pisan teu kudu
susah-susah …tapi pan sakabeh kayakinan teh kudu jeung
elmuna bener henteuna kudu kasungsi sabab bakal
dipenta pertanggungan jawabna.


II

Innalillahi wa innailaihi rajiun (ulikan)

Asal ti Allah balik ka Allah disunda (tiasa diaos
heula sunda nganggo tanda kutip) leuwih diteuleuman.
Paling henteu di sunda loba kekecapan nu ngajelaskeun
leuwih rinci ngeunaan maot. Salah sahijina
dijentrekeun ku kecap mulih ka jati mulang ka
asal…dilembur mah ditambah ku sampurna…sampurna ning
beak lebur papan karo tulis…kasalinan cahya …jeung
saterusna….

Naha ?

Baheula insan (urang) teh Laa syaian madzkuuran =
euweuh – lain nanaon nu bisa disebutkeun (Al insaan).
Nya terus dijieun jadi insan jelema make bahan nutfah
bari dibere ruh pangdenge pangdeuleu pangangseu
pangucap jeung hate. Ahirna dina basa sapopoe di sunda
mah eta kabeh….digolongkeun kana dua hal…kuring jeung
kurung.. jirim jeung jisim..jasmani jeung rohani… aya
jiwa jeung raga…aya nyawa aya badan …tah dina waktuna
balik ka nu maha suci…innalillahi wa innailaihi rajiun
teh..urang sunda nu ngulik..bisa
nganyahokeun…wanoh…jeung mampuh…ngabedakeun mana nu
kudu mulih ka jati mana nu kudu mulang ka asal.

Lamun nyawa/jiwa/jisim/kuring/ruhani …sing mulih ka
jati
lamun badan/raga/jirim/kurung/jasmani…sing mulang ka
asal

kumaha cara jeung kanyataanana?

III

Mulih ka jati

Ari mulih ka jati teh hartina asal euweuh balik ka
euweuh. Nu euweuh teh –ulah salah - ka manusaan/ka
insanan asal sirna balik deui jadi sirna. Asal laa
syaean madzkuraan balik deui jadi laa syaean madzkuran
(Al Insan). kainsanan ngan saukur dipake jeung aya
salila di dunya, dina paeh mah euweuh/sirna. Siga
kertas (jiwa) salila hirup ditulisan jadi jelema
(tulis salaus alusna). Tah dina ninggalkeun ieu alam
dina jiwa/nyawa/jisim/kuring dihapus deui supaya
kertas beresih deui euweuh tulisan kajelemaan nohonan
statement qur’an manusa laa syaean madzkurran. Urang
sunda nu ngulik teu Sieun leungit tulisan/kajelemaan
..da teu jadi sirna teu puguh. Sabab dina leungit
tulisan teh aya keneh kertasna nya bodas nya nyacas…
nu qadim balik jadi qadim.

Tulisanna urang sunda nu ngulik mah dihapusna teh make
cara ‘cut’ atawa ctrl-x.Jadi dina kertas papan jiwana
geus euweuh tapi lamun aya nu perlu ku tapak/kanyaho
salila didunya bisa di paste/ctrl-v ku jelema nu hirup
keneh. Siga kasus ngeunaan maung gaib nu bisa
ngabelegedeg lamun dipenta dina hubungana jeung jalma
nu tarilem baheula. Salila operating system dunya teu
rusak/robah ieu ‘instruksi’/elmu di clipboard dunya
moal leungit tinggal aya henteuna jelema ayeuna nu
daek/wani/bisa/nyaho nga paste/nga downloadna. Jelema
na mah geus balik ka jatina. Nu aya teh elmuna (lain
jiwa/jisim/kuring/nyawana) di langit dunya sunda tara
dibabawa paeh karidu ridu.


IV
Mulang ka asal

Ari mulang ka asal. Asal tina Nur (sunda eusi) balik
deui ka Nur (sunda eusi) nya eta nu jadi asal
kurung/jasmani/raga/badan/jirim.

Naha ?

Mimitina asal awak ngagedean asalna tina hasil
kadaharan..ari kadaharan asal tina sato/tutuwuhan…asal
tina aci-acining taneuh, ditambah cai nu diauban ku
hawa (baheula sok disebut angin) di usikeun ku berkah
na panonpoe/energi ( baheula sok disebut unsur
seuneu). Bari diingetkeun ku Que’an qur’an yen sakabeh
dunya jeung langit asalna tina Nur nu di jadikeun ku
Nurusmawati fil ardhi (SUNDAna langit jeung
bumi)..matak kongas Allah teh nurrun ‘ala nurrin.

Kajadian mulang kaasal

Nu maot biasa raga na jadi bangke, terus biasana
dikubur nya lila-lila terurai deui jadi taneuh
jst..jst tapi masih keneh mangrupa unsur dunya, da
masih keneh aya dina siklus atawa rantai makanan di
dunya. Aya oge nu diduruk, lebu na aya nu disimpen
aya nu diawurkeun ka laut ameh larut jeung alam tapi
eta kabeh masih dina unsur dunya …da masih keneh muter
di siklus dunya sanajan ari di awurkeun di laut mah
meureun ngilu kana siklus dunya nu leuwih gede. Mulang
ka asalna jalma biasa mah ngan nepi ka taneuh deui nu
eta ge prosesna dibikeun ka alam/batur.

Nu maot na ngulik mah raga na teu nepi ka jadi bangke,
sirna na eta raga ge teu jadi unsur ‘partikel’ dunya
deui tapi dibalikkeun deui ka Allahna. Sabab boga rasa
rumasa:
1. Nganuhunkeun ka raga/badan/jasmani/kurung nu ku
inyana teh urang sunda ‘nu ngulik’ bisa ngarasakeun
ni’matna dunya…nu ku eta bisa ibadah ka Allah swt…bisa
silih asah silih asih silih asuh silih getereng soloh
reheng silir rebut jeung sasamana jeung ku raga eta
‘nu ngulik’ bisa ngahontal ni’mat Allah di aherat nu
euweuh batesna nya gede nya langgeng.
2. Kusabab raga eta asalna tina roh-roh
hewan/tutuwuhan/taneuh jeung unsur-unsur dunya lainna,
nganuhunkeun ka raga ieu sarua jeung nganuhunkeun ka
eta kabeh nu geus dipake ku urang sunda nu ngulik (nu
teu ngulik mah can tangtu boga rasa nganuhunkeun).
Sabab sato jeung tutuwuhan ge ummat/mahluk nu hiji
waktu bakal ruksak jeung kabeh ge (kudu) balik ka
Allah wa ilaihi turja’un. Sedengkeun nu bisa ma’rifat
/ni’mat boga agama teh ngan jelema. Ari sato/tutuwuhan
mah henteu tapi ku dihakan teh mantuan jelema supaya
kuat/bisa ibadah/ma’rifat. Tah mulang tarima na ku
mawa maranehna innalillahi wa innailaih rojiun
sanggeus maranehna ibadah ku mantuan jelema hirup/usik
malik. Jadina runtut raut silih tulung..sok disebut di
lembur mah ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak.
3. Tina nu dua eta nu utamana mah nganuhunkeun ka nu
maha suci sabab sagala ge ti Mantena. Jadi dina
baralik teh, salah sahijina, diwangsulkeun deui
pamasihanana ka asalna sadayana teu kurang teu leuwih,
euweuh nu diaku aku nu disumput sumput nu diantep
dipoho poho teu diwangsulkeun ari dina waktuna kudu
balik.


Kumaha cara jeung kanyataanana ?

V
Kajadianana

Kajadianana mulih ka jati mulang kaasal…rupa rupa..
kumaha pamilih jeung kamampuhna

Aya nu heula mulih ka jati…mulang kaasalna nuturkeun
ku program/do’a/ itikad memeh maot. jadi katingali
ku batur mah siga paeh biasa.

Aya nu bareng sakaligus… nya nu iyeu nu di alam kami
mah nu disebut Tilem/ngahyang warisan turun manurun
seuweu sunda. Ngan kajadianna matak helok matak
ta’ajub.


VI cara (ringkesna)

‘Katerangan tina qur’an’ bagi I tea… urang gundukkeun
deui:

1. Ayana badan raga jasmani nu asalna ceunah ceuk
qur’an mah tina taneuh (caritaan ngeunaan adam), cai
(sakabeh mahluk dijieun tina cai), diauban ku nafas,
jeung kasorotan berkah panonpoe- di lembur mah sok
disebutkeun jasmani/raga/badan/kurung asal tina unsur
taneuh, cai, angin (nafas) jeung seuneu
(energi/panonpoe).
2. Ayana indra nu bisana nganyahokeun ngeunaan dunya.
pangdenge, pangdeuleu, pangangseu moal bisa
nganyahokeun Allah. Da cenah Allah mah moal
katingali…moal kadenge moal… kahontal ku akal.
3. Ayana Ruh nu jadi urusan Allah – jelema mah cenah
mun dibere nyaho ge saeutik…eta ge lamun dibere nyaho.
3. Ayana hate nu jadi panarima ngeunaan sagala hal ti
dunya – didieu di sunda bijil istilah ngeunaan RASA nu
dihartikeun awas na hate.

Jadi Insan/jelema nu dibekelan 4 hal tea nu singgetna
diwangun ku jasmani + indra+ hate + Ruh
Lamun panca indera euweuh nu aya dijelema tinggal
raga + hate jeung ruh.

Tah dina ieu teknik…lila..lila hatena beresih teu
kalimpudan kapangaruhan ku panca indera…da panca
indera na di leungitkeun (heula) teu mere signal
kadunyaan/mangruhan hate … nya si hate tinggal
ngarasakeun (kamampuan hate jadi panarima-ku sikep
aslamtu) si hate ahirna bisa ‘nganyahokeun’
urusan-urusan ruhaniah da nu katarima na tinggal
raga+ruh. Ari jasmani lamun indera na paeh (heula)
bakal breh mangrupa cahaya (sunda) (tos pernah
mendakan???). Pan kongas ningali Allah di dunya ku
awasna hate/qalbu (rasa) lain ku mata denge sirah,
Qalbu mu’minin baetullah…jrrd..jrrd…katasaufan nu
klise/hambar lamun saukur nyaho bari teu karasa teu
ka bukti.

Ieu nu ceuk kuring teknik empirik..saha wae nu bisa
migawe eta..bakal manggihan nu sarua (naha enya?).
Teknik na aya nu ti Islam.. aya nu ti luluhur sunda…
ceuk urang lembur mah lamun can mendak tinggal naros
ka nyalira…nepi kamana urang ngulik agama + kasundaan
???


Naha perlu kawas kitu ?

(urang teraskeun kapayun, insya allah)

Baktosna
Eddy Nugraha

Qulhu kami!?

Wakca sun.

Nampi…

Hirup nu satungkebing langit satangkaraking jagat
tunggal sakujur tangtung sawalatra rasa.

Hirup teh nyata disarengan hurip tempat gumantung
da nyawa mah mung gagaduhan banda mung sasampeuran.

Wios teu anakan teu indungan teu bapaan deui
da eta mah dangdosan kahirupan nu hirup.

Wios benten sareng nu sanes
da di hoyong-hoyong ge moal sami pisan.

Wios nun.

Ayana Aya!?

Saur saha dunungan... urang aya ngan satungtung ayana urang.

Cobi geura sirnakeun ayana urang,..

Soca tong dianggo ningal, cepil tong nguping, biwir tong ngucap, tong ngambu
ngambekan, akal budi tong janten pamilih, sari tong janten sir ras tong janten
rasa....

Metu lawang manjing lawang...

Aya keneh nun..... teras langgeng aya.
Aya tug dugi ka teu janten salira salira
acan.... moal kateuayaan ayana.

HAKANEUN jeung KUBURAN KAMI (2)

IV

Hakaneun nu asalna tina sato jeung tutuwuhan teh, asupna kana awak mantuan jelema jadi ngagedean, mere tanaga, bisa boga kahayang, mikir usik malik jeung rupa-rupa kamampuh hirup nu dina singketna dina basa di lembur mah hakaneun (sato jeung tutuwuhan) teh ibadah ka jelema sangkan jelema bisa hirup ibadah ka Allah. Jadi sasat maranehna mah ibadah ka Allah teh ku cara mantuan jelema.

Tapi eta hakaneun kadaharan teh oge mangaruhan jelema jadi kuburan/makam/kurungan jelema. Pan alus henteuna awak ge gumantung kana gizina? Nu lamun teu bisa ngontrolna jadi sistem tur antibodina teu kuat jadi panyakit…malah sok loba nu teu daek ka kontrol ku sistem saraf/kasadaran pusat misalna sel kanker jrrd. Jadi hirup keneh geus keuna ku ‘siksa’ kubur tina kadaharan nu datang tina kubur beuteungna…lin dina beuteung ge sarua bisa aya cacing…he..he.

Geus apal aya uga…jang engke mah jelema hirup-hirup geus dikubur…? Lain saukur pedah imah urang sunda geus robah tina kai kana taneuh nepi ka suhunan-suhunan tina taneuh sakuriling bungking ku (tina) taneuh kawas kakubur taneuh jadi kawas sare di jero taneuh wungkul.

Geus apal bisa na mikir teh gumantung kana alus henteuna gizi nu asup kana awak? Ari kamampuh mikir teh eta nu jadi wates jelema…ari wates lain jadi kurungan atawa ukuran hiji jelema…ari kurungan teh lin kuburan tea?

Dina jiwana..jadi mangaruhan karakter…nu bisa hade/bisa goreng…kongas aya riwayat nu kabukukeun hiji waktos Imam Zaenal Abidin sareng muridna nuju jarah ka baetullah. Teras muridna ningali saabrulan jelema nuju thawaf nya unjukan ka sang imam….ari saur sang imam (nu tos wacis) teh sanggemna nu jarah teh lain jelema tapi sato mungkul…sanajan lahiriahna mah jelema…pikiraneun!

Pangpaurna dina waktu ninggalkeun ieu alam dunya….nya hakaneun ieu nu nyiksa arek paeh…nu mangaruhan kasadaran dina sakaratul maot…malah tuluy jadi alam barjahna salila dunya aya lamun teu bisa nyampurnakeuna…

Wah ma enya?

Can pernah ningali jelema sesegor arek paeh?? can pernah manggihan lamun aya jelema cilaka…dimana aya getihna didinya ngajungjuriganana…matak sok menta disampurnakeun…..can pernah panggih jeung jurig? hayang bukti sok cokot taneuh di kuburan/komo wani nyokot tulang talengna/komo wani nyokot padungna…moal teu nuturkeun cirining didinya nyambungna…nu can sampurna mah.

Atawa can pernah ningali aya ririwa nu nyurup ka jelema terus menta-menta hayang endog hayang kopi hayang nyatu? Tah eta cirina ririwa teh masih keneh kabeungkeut ku hakaneun..hakaneun urut manehna baheula…sedengkeun lain nu kitu teh hijab ka Allah… teu bisaeun innalillahi wa innailaihi rojiun.

Ayeuna urang puntirkeun deui ka mimitina…

V. NYALIKSIK CARA NYAMPURNAKEUN HAKANEUN

Sang rahmatan lil alamin masihan conto yen lamun rek dahar kudu maca do’a nu intina neneda supados kenging berkah tina rijki nu geus katarima jeung nyuhunkeun ka Allah diraksa tina siksa naraka – allahumma baariklana fiima razaqtana wa qiina adzabannar (Hr. ibnu as Sani).

Tuluy….

Saatos tuang mantena mah sok nganuhunkeun kana tuangeun nu tos kateda ku muji ka Allah bari neneda supaya janten nu sumerah diri (muslimin) – Alhamdulillailladzi athamanaa wa saqaanaa wa jaalana muslimin- (hr abu daud). Do’a nu ngandung siloka prawira sasmita nu agung tur luhung.

Ngan nyaeta….

baheula mah keur budak dipapatahan do’a memeh dahar teh rada teu kiyeng…da cekeng teh…ih na rek dahar wae menta diraksa ti naraka, jauh jauh teuing, ------ pan saur Pa Ustad teh siksa naraka mah engke lamun geus paeh dikubur ... da jadi teu nikmat keur rek dahar ge inget naraka mah…..he..he.

Doa saenggeusna ge na jauh-jauh teuing lain nyuhunkeun kuat/nyuhunkeun sehat jeung dibere deui nu ngeunah…ieu mah kalahka neneda hoyong sumerah diri. Lantaran asa can pati perlu uing mah keur budak tara maca eta do’a cukup maca bismillah we eta ge ari inget…

Untungna…ngaapi lainkeun teh teu katutuluyan….kagedenakeun…..

Dilembur kaajarkeun do’ana urang sunda kampung (katambahan pangaruh Islam) lamun rek dahar. Asalna mah boga pangalaman teu pira--- waktu can dahar leuleus teu nangan ari geus dahar nepika seubeuh lain seger malah leuleus oge teu nangan…cenah ceuk kolot mah teluh kejo…he..he… penjelasan heureuy nu ninggang di enya. Nya tuluy we diajar ngapresiasi/meuli eta do’a, Kieu do’ana:

Bismillahirrahmanirrahiim
Pohaci sarining dat pohaci sarining puji
Dat kumpuling hurip sampurna
Sampurna kang nangan kang pinangan
Allahumma sir sadana sir sadani
Iman mafruting dat

Maksudna kieu
(hakaneun) teh aci-aci sari tina dat, (hakaneun) teh aci-aci (apal ari aci bijil ti naon??) sari tina puji (hasil jieunan kerah kerih). Dat (dina kuburan beuteung) (mangrupa) kumpulan (tina rupa rupa hakaneun nu asup kana beuteung) (nu sing) hurip (sing) sampurna. Sampurna daya jeung upayana (ulah jadi panyakit jadi siksaaan kana awak jrrd).
Ya Allah…. nu masihan sir warna warni (sadana sadani) (tingali legenda pare sri sadana sri sadani) (tina ieu hakaneun) (mugi) Iman (caang / uteuk/hate/ kayakinan ) ngontrol/ngawasa dat (sabab sir na nurut/sumerah/muslim).

Ari sir bijil ti rasa, rasa asal tina sukma/ jiwa sasatoan/tutuwuhan kadaharan nu dihakan –nu asup kana awak. pan di Islam mah teu meunang ngadahar bangke??)

Ti do’a diluhur tangtu katengetan yen:

Do’a ti kangjeng Nabi (hadis) jeung do’a urang sunda kampung teh nyatana sarua/sajiwa. Bedana nu hiji mah leuwih analitik. Do’a urang kampung bisa leuwih ngajelaskeun naon margina Ieu Tedak Quraysh panutan kaom muslimin teh ngadu’ana kitu memeh tuang sareng saparantosna.

Gening anjeuna masihan bimbingan yen hakaneun teh kudu –diprogram- ku do’a itikad niat jelema supaya hakaneun nu asupna alus (bismillah) dijero beuteungna ge alus teu jadi siksa (naraka) kanu ngadaharna. Jeung saenggeusna supaya eta kabeh roh-roh/karakter/sifat hakaneun teh nurut (da sumerah/muslmin) tea. Nurut didieu tong waka jauh jauh ka Allah….tapi sing kudu nurut ka jelema (katut sistem di jero awak) nu ngahakanna. Ulah ngalaman ka teluh ku kejo.

Matak engke lamun puasa –ngawarah asal da baheulana ge jelema mah teu barang dahar, daekna ge dipaksa/diolo ku indungna tapi tuluy deudeuieun- hakaneun gampang diatur supaya nurut - can waktuna (can buka) mah teu kudu roh sato (hayam, misalna) nu geus aya di jero awak…. panggih jeung baturna nu tiluar awak....gancang nurut da ti samemehna diprogram yen hakaneun teh kudu muslimin/sumerah kanu diibadahana nyatana jelemana….jst..jst…jst

Eta maksud kabeh saayeunaeun waktu jelema masih kakubur ku beuteungna sorangan… nu oge kudu salilana bisa dipake ibadah ka Allah…. Sok komo engke utamana diahir ninggalkeun alam dunya…..

Dina ulikan satuluyna (tingali bagian - medar rasa jati nu jadi lebaran tangtung-) …eta kajadian sing bisa disalikisik…keur nyiapkeun jelema nyanghareupan kakubur ku beuteung dunya (liang lahat)….supaya bisa leupas ti kuburan dunya…..kumaha supaya awak-awakan nu asalna tina roh sasatoan jeung tutuwuhan teh bisa terus nurut kana kahayang nu makena (jelema)…supaya teu jadi hahalang/hijab…pakeun madep ka Allah ….nu engkena supaya teu jadi antara barzakh dina mulih ka jati mulang ka asal…

…. pan kongas nu laluhung mah bisa masihkeun jiwa ragana dina waktuna kalayan ikhlas kalawan ragana langsung disanggakeun (dismpurnakeun) ka nu Maha suci (tilem).

…pan sasatoan tutuwuhan kabeh ge kawit ti Allah..cik kumaha mulang tarima ka hakaneun nu geus mantuan hirup….supaya teu kaasup nu teu bisa mulang tarima kana kahadean nu nyaah ka sorangan… nu sasatna sato tutuwuhan nu siga teu pira ???? jeung supaya eta hakaneun teh teu jadi kuburan urang salilana ?? geus bisa ngajak sampurna ??

Mun acan …..tingal tanya ka sorangan…geus sabaraha jauh ngulik agama jeung kasundaan??

Naon margina lamun hitut kedah wudu deui?

Pangapunten sun sim abdi ngadugikeun pamendak nu punten we ieu mah
teu nganggo dalil alam fikih estuning pamendak kampung dina alam kapribadian
tangtung.

====

Naon margina lamun hitut kedah wudu deui?

Shalat teh pan dina qur'an disebatkeuna piwarangan kanggo ngamahasucikeun nu
murbeng alam. Pan guruh ge cenah nurut migawe kitu (guguludugan mere kahariwang
jeung harepan ka jelema) sabab pagawean kitu teh ngamahasucikeun nu murbeng
alam; kitu deui kalangkang nurut kaditu kadieu tanda ngamahasucikeun nu ngadeg
dina arasy. Sagala piwarang kahayang Allah (Alif-Lam-Lam-He) diturut. Upami di
sunda mah solat nu rutin teh sok disebatna netepan...janten saparantos
sababaraha waktos dina sadinten sawengi si jiwa/raga robih robih
karakter/nafsu/tangtungana ku midamel/milaku warna-warna kepentingan hirup ku
sabab kahayang nyawa nya lima kali ditetepkeun deui kana fitrahna supados tiasa
tetep deui di asalna/fitrahna….. lir ibarat elastisitas karet…gusar geser
(robah-robih) kaditu kadieu mah si jiwa teu sawios tandaning hirup pan qalbu ge
hartosna bulak balik… asal teu ngalangkungan batas elastisitasna (ulah lebet ka
batas plastis sok potong pegat teu uih deui kabawa ku sakaba-kaba)… nya
carana….dikontrol…Ditangtungkeun dina nafs amar (amir perintah kahayang nafsu
ambisi/niat hidup dll) (katingali kawas hurup alif), didiukeun di
kahayang/kanimatan/kesadaran hirup ..robbigfirli dst ditutup ku attahiyat dst
(lam); disujud (he)/rukukeukeun (lam) dina ngamahasucikeun nu dikamudi ku tasjid
leungeun…sok aya nu nyebut trisula windu…sanyatana - tombak (awak nu
nangtung) nu congona tilu sirah jeung dua leungeun- kanyataan mustika nu aya
disorangan.. Kawas Allah (alif-lam-lam-he dikamudi tasjid)
deui…he…he..he pan saur sang rahmatan lil alamin ge kalakuan (akhlak) teh kudu
kawas Allah (tingali -Shalat kami netepan kaula netepkeun maneh).

Tah, kumargi raga teh gambaran jiwa – raga (kedah) nurut kana nyawa, nyawa
(kedah) nurut kana rasa/jiwa. tah lamun aya anggahota nu kaluar/usik diluar
kontrol jiwa (kayaning hitut : da hitut teh bagian raga/unsur hirup sabab hasil
tinu dihakan diasupkeun ka awak nu kudu jadi sampurna/nurut (sabab geus
ngarupakeun sub system awak - tingali do'a dahar- dina topik pohaci….). eta teh tandaning teu kabeh nurut nya tandaning
teu bener ngontrol/ngatur (siraga teh teu acan sabobot sapihanean teu
sa-jiwa/nafsi-nafsi). Pan ngobrol usik lian salian ti gerak salat eta teh
ngabatalkeun. Ku rinci-rincina ulikan kaislaman Sayidina Mursalin ka hitut-hitut
katengetan sabab `significant' pisan dina masalah kontrol jiwa dina kafah. Lamun
teu bisa ngatur awak/raga tandaning batal netepan; netepkeuna teu jadi teu hasil
netepkeun awak (cumah) -nya lamun hayang bener netepkeun kudu dibalikan deui
ameh hasil netepana.

Kumaha carana? Kieu….
Ari jiwa nu teu bener ngatur awak tandaning teu beresih jiwana (pan kongas dina
mushaf didongengkeun nu bisa macakeun qur'an karim mah ngan nu beresih jiwana).
Nya kudu diberesihan jiwana: Ari jiwa hasil pangalaman/informasi (kapangaruhan)
nu kaalaman ku raga nu utamana ngaliwatan nu asup ka panca dria nu dibarengan ku
leungeun jeung suku. nya supaya jiwa kabantuan beresih
diberesihan/dire-program eta panca indera suku jeung leungeun awak teh ku do'a
wudu bari make cai sabab cai paling gampang nampung program do'a (aos ngeunaan
kaajaiban air menerima do'a hasil tina foto kristal)nu terus nga re-program
tapak dina raga.…jadi lahir batin diberesihan deui tina program-program /tapak
/memori jiwa/raga nu ngajadikeun susah dikontrol ditetepkeun deui dipernahkeun
dihijikeun/ ditohidkeun/ ditunggalkeun/ didalitkeun/ diakrobkeun/ diwawuhkeun.
Sugan-sugan dina netepan netepkeun deui teh nurut kabeh kabawa madep
ngamahasucikeun nu ngamurbengna.

Perluna awak jiwa salulut sauyunan bengkung ngariung bongkok ngaronyok ku cara
beresih/suci teh penting pisan upami urang bade madep dina (shalat) da'im
(langgeng-saendeng-endeng)….lamun aya nu tinggaleun meureun lebar…bocor salah
madep. ..meureun na ceuk nu moncongok teh mani teu kafah silaing teh?…

komo deui dina balik ninggalkeun alam dunya ngeunahna lamun make do'a/program
un-install lain ku cara rusak/gering/kolot. Cik ari hawa nu bijil kaluar kajero
engkena di uninstall ka mana…maenya kaluar deui komo bijil kana bujur…meureun ka
dunya deui….he..he..he mun kitu teu apal balik…kadungsang2 ngumbara teu apal ka
lembur. Aya file nu `corrupted' teu bisa kabeh ka uninstall tina memori dunya.
Nya atuh kena hukuman turunan Adam..paeh hirup dihirupkeun deui di dunya…. Iraha
ka aheratna?? Mangkaning umur dunya rat jagat buana panca tengah teh sakitu
lilana…iraha ningali bidadarina…kesel..mangkaning pangsebel-sebelna lamun kudu
nunggu jaba KTP geus beak.

Tah skill dina supaya sakabeh anggota jiwa raga mampuh ngamahasucikeun nu
ngamurba manehna penting pisan ameh guyub merenah matuh nurut teu mara kayangan
(mara=pindah-pindah, kayangan =tempat/kahanan) …teu aya deui carana kudu
daek/bisa susuci….deui jeung deui lamun masih aya nu usik/ kaluar/bijil lain
dina haqna lain tina idin nu ngamurbengna.

wudu euy wudu…ameh kabeh nurut kudu.
Taharah euy taharah… ameh bisa kabeh jarah.

Dunungan…

Geus nurut mah mereun ngeunah….
Geus deuheus (jarah) mah meureun moal hese nitah…



Baktos
Eddy Nugraha

Lingga kabuyutan Tangtung: Sirathal Mustaqim Kami? (bag 2)

III

Naha bet kitu? Kumaha kayakinana?

Ngeunaan ka kabuyutan

Geus ditatanyakeun...

Maksud Kabuyutan teh nyatana tempat suci nu diparake
ku urang sunda baheula (jeung sabagian ayeuna) pikeun
ngalakukeun rupa-rupa hal nu sarua jeung
ngamangfaatkeun/ngama’murkeun masjid ayeuna. (Seratan
Prof. Edi S Ekajati nu nyarikeun tina naskah naskah
kuno nu kapanggih, dina PR 20 November 2004, ditambih
loba loba tulisan ngeunaan pengelolaan masjid tiasa
jadi rujukan). Di masing-masing kabuyutan diantarana
bakal kapanggih teh Lingga (batu nangtung, batu
Satangtung).

Ari ka kabuyutan teh carana mandi heula beberesih,
itikad kuatkeun sing cengeng ka nu Murbeng Alam bari
sila madep kana lingga, meleum menyan lamun aya,
(kaayeunakeun, nu geus nyekel syaret sang Rahmatan lil
alamin mah, ditambah hadiahan ka luluhur (ka asup ka
Nabiyyin) ku maca alfatihah).

Meuleum menyan mah ari aya, salah sahiji mangfaatna nu
ku dunya empirik quantitatif kapanggih (nurutkeun
panalungtikan Prof. Kusnaka Adimiharja ti UNPAD) mah
cenah supaya maehan virus/bakteri disabudeureuna. Jadi
meureun nu ngadu’a di kabuyutan bisa kajaga ku
panyakit, atawa teu kaganggu reungit da kabuyutan mah
sok diluar lain di jero wawangunan, (bisa oge) aroma
therapy (kanu cocok bauna, da kaurang ‘kota’ mah sieun
jeung mikiran jurig weh nu aya, menyan sunda mah
jarang nu mirosea, ngan dibali mah menyan teh geus
diropea seungitna nepikeun ka aya menyan nu bau
malati..saminggu kalangkung mendakan di kuta-bali).

Ngan... Nurutkeun pamanggih kokolot lembur tangtung
mah utamana, salian sacara lahir saperti nu disebut
diluhur, meuleum menyan dikabuyutan teh nyatana menyan
dina jiwa....cik kotretkeun tah kana bagian jiwa dina
tangtung nu lamun kakotretkeun teh jadi sengit
nyambuang, naon barangna menyan dina tangtung teh
nyatana? Naon nu tina pribadi mun kaluar teh nyengitan
awak?

Naha bet madep kana Linggga nu saukur batu nu
nangtung/satangtung?

..... yeuh ari hayang nanjer dina hirup tangtungan teh
kudu siga lingga....NANGTUNG SORANGAN teu luntur ku
usum teu laas ku jaman teu cueut kanu hideung teu
ponteng kanu koneng teu kabawa ku sakaba-kaba. Tah
dimana tangtungan geus ajeg bakal hirup bari hurip
rahayu meunang ni’mat tinu murbeng Alam. Malah
euy...tangtungan lingga mah gumantung tanpa cantelan
[dina sabagian kabuyutan aya lingga nu bisa nangtung
sorangan ku doa nu nyimpenna bari teu dihalangan atawa
teu dicecebkeun (ngangkang) nepi ka ayeuna ajeg].
Tangtungan na geus teu kakait tikait kana ruruntuk
dunya sabudeureunana. Tah matak kanu boga kahayang
kudu madep ka lingga ameh siga lingga nangtung ajeg
satangtungna.

Lain hayang bisa nantung ajeg dina hirup hurip??


IV

Ngeunaan Pagawean di Masjid/imah
Geus ditatanyakeun....

Salah sahiji “pagawean”/ibadah utama di masjid jeung
di mana wae keur muslimin mah nyatana shalat, hiji
tata cara nu geus puguh waktu jeungprak-prakanana,
salah sahiji nu wajib dilakukeun dina shalat teh
nyaeta maca Alfatihah bari NANGTUNG, dina shalat tara
maca alfatihah salian ti keur nangtung jeung teu sah
shalatna mun alfatihah teu dibaca. Dina bacaan
alfatihah aya “ihdinashirathal mustaqim” ayat nu
hartina geus umum disebut neneda ditiduhkeun kana
jalan nu lempeng tur bener. Urang jujut harti kecap
mustakim tina pamanggih nurutkeun ‘jaman’ jeung
nurutkeun ‘alam’ Kumaha tina sisi alam keur jelema
(jaman maksudna jaman ayeuna jaman baheula jaman jaga
jaman revolusi jaman reformasi –horizontal; alam
maksudna alam lahir alam batin alam pikir alam rasa
alam yakin alam mangmang jrrd-vertikal dina tangtung)


Tina sisi ‘jaman’...
Hartina neneda supaya ti mimiti ngado’a nepi ka
paeh/ahir hirup asup jalan (hirup) nu lempeng tur
bener. Ngan,....Lamun terus ditatanyakeun nu kumaha nu
lempeng tur bener teh lolobana tara meunang jawaban
pondok kalan kalan sok ngabuntut bangkong, malah aya
nu kieu ngajawabna “ani budzuuni haada ibadah weh ka
Rabb maneh (Yaasin, 61).” Kumaha ibadah teh? “turut
we papagon agama...”. “dina papagon agama aya (kudu)
shalat, dina shalat (kudu) maca alftihah nu eusina
maca/neneda ihdinasirathal mustaqim”.
he...he..he..he..... ceukeng teh (ngan wani dina
hate...tara terus tatanya mah sieun disebut
mahiwal...leuheung basa nu ditanya bijaksana orokaya
mun nanya ka kyai janggotna mungkul jeung disorban
mungkul meureun dianggap calutak teu turut ahli
masjid): geus migawe papagon agama (shalat) masih
keneh menta dituduhkeun kana mustaqim, nu kumaha
mustaqim teh? Ceuk Yaasin 61 ibadah ka Rabb
maneh....balik deui ka luhur ....mana tiheula mana
mimiti? Mana hasil mana usaha?. Atanapi pamendak Prof.
Quraish Shihab saurna jalan mustaqim teh jalan nu
mawa kana “kebahagiaan dunia dan akhirat” (hal 54).
Lamun diteraskeun, nu kumaha?....ahir jawabanna
...mangga teraskeun ku nu maca]
----

Tina sisi ‘alam’, .....

Urang jujut hartina dina harti asal (seratan Prof.
Qurais Shihab “tafsir Alquran al karim”, tiasa janten
rujukan): Ihdina hartina tuduh (neneda dituduhkeun),
Shirath: harti ka hiji neureuy, nu ka dua: Jalan nu
gede; Mustaqim tina qiyam: ngandelkeun bitis sorangan
kalawan temen nepikeun ka bisa nangtung ajeg (nangtung
enya-enya/bener) (ahirna saur ieu ahli tafsir teh
mustaqim dihartoskeun ku lempeng/bener).

Harti ihdinasirathal mustaqim dina ulikan tangtung
(make harti asal kecap) maksudna nu shalat neneda
dituduhkeun (kalawan dianteurna/hidayat) supaya (asup
(kateureuy) kana alam/maqam nu) bisa nangtung sorangan
(mandiri, menceger, teu gumantung kanu lian).

Jadi salila shalat teh nya neneda sapanjang jaman
saluhur alam teh hayang bisa nangtung ajeg sorangan
bari ditarekahan awak-awakan ge ajeg nangtung.


JADI.....JADI....

Di masjid/di imah/di tempat nu suci, Nu shalat neneda
ka Nu Murbeng Alam supaya hasil maksud bisa nangtung
sorangan mandiri meunang kabagjaan lahir batin dunya
aherat teu gumantung ka nu lian bari awakna sorangan
Nangtung ajeg (hakekat Alif). Dikepetan
neneda...Ihdinashiratal mustaqim.

Dikabuyutan nyatana tempat suci Nu madep neneda ka
nu Murbeng Alam supaya hasil maksud meunang kani’matan
lahir batin dunya aherat bari nyangharepan kana batu
satangtung ameh nu ngado’a kaberkahan (sing) jadi
nangtung ajeg sorangan teu gumantung ka nu lian
....ku dibarengan loba loba ngahadiahan luluhur nu
eusina neneda ihdinashiratalmustaqim.

Nu hiji....

make awakna nu nangtung satangtung-na kawas lingga
dikepetan ku wa anna minal muslimin (aslamtu) jeung
ngan madep ka Allah (laa syarikallahu jst). Dikamudi
ku neneda mustaqim.

.....Nu hiji deui mah...

Make batu madep hareupeun nu nangtung satangtung-na,
dikepetan supaya tangtungan nangtung. awakna sila
(sila keur ahli ngulik kasundaan mah maehan nafsu
pribadina supaya tumaninah bisa aslamtu madep ka
Allah). Komo ditambahan ayeuna ku hadiahan neneda
mustaqim.

V
Euleuh geuning sarua?!....ka kabuyutan jeung ka masjid
da shalat jeung madep kana linggga hiji sumanget nu
sarua!...

Tapi,....
Ku kitu teh euy...masih keneh can puas hate....sabab
nya keun bae lah sarua mah...sukur we. Tapi ari sarua
mah naha bet kudu migawe dua-dua geus we hiji,
kamasjid cukup shalat, atawa kakabuyutan we tuluy.
Keur naon teu efisien lah komo ayeuna loba tingalieun
loba gaweun loba bukakeuneun. Jeung deui wah bisa
wae....eta mah di kirata di kira-kira supaya nyata
supaya akur...ceuk paribasa ge jengkol aya usumna ekol
mah euweuh.
Komo deui euy... saalus-alusna teori teh ...lamun aya
buktina aya hasilna aya karasana...cik kumaha
hasilna???? Kumaha nyatana??? Boh ka masjid shalat boh
ka kabuyutan madep ka lingga??

===

Bagian saterasna ngeunaan ulikan rasa jeung kanyataan
tangtung waleran tina patarosan diluhur urang
kintunkeun upami pareng.

Lingga kabuyutan Tangtung: Sirathal Mustaqim Kami?

Lingga kabuyutan Tangtung: Sirathal Mustaqim Kami?

I
Panganteur

Waktu keur budak ku indung teh sok dijujurung supaya
daek ka masjid supaya ngaji jeung shalat. Kabeneran
imah teh teu pati jauh ka masjid. Telat saeutik wae
boh keu rdiimah boh keur di masjid digegebrag. Ari
Bapa sok tos tipayun tapi tara ujuk ajak. Anjeuna mah
sok di shaf pangpayuna bari tara seueur carios, lamun
pareng amprok ge di masjid siga nu hare-hare
sedengkeun barudak mah biasa we ditukang da resep loba
tingalieun loba suaikeuneun loba tukeurkeuneun bari
kaajar wanter ngagorowok dina nutup Alfatihah-na imam
ku ‘Amin’. Kusabab deukeut ka masjid ditambah ku
dijujurung jeung dicontoan ku kolot, nya jadi idek
liher di masjid, ‘kaajar’ shalat, ngaji jeung rupa
rupa dongengan katut titahan Agama.

Ngan,...

Lamun kabeneran nyanghareupan hal nu penting,
diantarana waktu rek disunatan, rek nyanghareupan naek
kelas jeung ujian kuring mah sok ngahajakeun dibawa
indit heula ka kabuyutan. Tempatna jauh ti imah
(Bandung), baheula mah lamun indit isuk-isuk tepi ka
kabuyutan teh beurang nuju ka sore, turun tina mobil
teh aya nu diteruskeun ku leumpang nepi kana 3-4
jamna, aya nu oge saukur sabaraha menit leumpang tapi
harita mah rarasaan teh tutumpakanna edas ku jauh.
Pagawean lamun geus tepi ka kabuyutan teh teu loba,
sanggeus reureuh, ukur meuleum menyan, hadiahan ku
maca Alfatihah bari sila kalawan tumaninah
nyanghareupan Lingga (batu nu nangtung, batu
SA-tangtung) nu aya di kabuyutan. Rengse kitu mah nya
terus wae balik deui ka Bandung.

II

Waktu Keur budak mah...
Saukur tuturut munding, boh ka masjid boh ka
kabuyutan, ngan aneh kahayang-kahayang kuring
sabalikna ti kabuyutan tinekanan [kunu ngaos tiasa
ditambihan janten kabeneran tinekanan]. Kawas:
disunatan alhamdulillah salamet, kanjut nyesa teu
kawas kajadian baheula di salam nunggal garut jeung
teu perlu gunta-ganti model topina; sakola naek bari
bisa asup ka sakola negeri da atoh pisan harita mah
asup ka negeri teh, mun ka swasta babaturan ge loba nu
era ngakuna sieun disebut bodo/males diajar, teu siga
ayeuna tibanan asup ka sakola negeri nu kurang
fasilitas diajarna loba barudak nuboga mah meuning
keneh langsung ka swasta tapi nu alus sanajan mahal.

Ngan Kagedenakeun...
Tara diaajak tara dijurung-jurung deui boh ka masjid
boh ka kabuyutan...nya ku kitu teh tidinya....ku
lantaran sosoranganan...mimiti resep mikiran kana naon
naon nu dipigawe hususna ngeunaan kayakinan jeung
kapribadian neangan guru harti malar bukti, sabab
sieun melengkung bekas nyalahan, salah madep komo
ayeuna loba pisan panggih jeung jelema nu warna warna
kayakinan/pamanggihna, informasi geus mahabu
dibarengan ku tafsiran nu loba-loba.
Sieun..ngalakukeun pagawean pamurtadan pamusrikan
pang-bid’ahan ngotoran patohidan. Sieun ngaenya enya
nu lain, nga lain lain nu enya. Komo ieu migawe nu
urang masjid (deukeut imah mah) tara.

Aeh..aeh ..da enya atuh, Dua kabiasaan keur budak
diluhur saliwat siga nu ‘kontradiktif’ [atanapi tiasa
oge salamina ngarupikeun hal nu kontradiktif kanggo
nu ngaos] ari ibadah sapopoe ku shalat lima waktu
ditambahan tahajud, ngado’a, ngaji di masjid jeung
diimah ari boga kahayang jeung karerepet lumpatna ka
kabuyutan bari ngan saukur mencrong/madep ka lingga.

Naha bet kitu? Kumaha kayakinanana? Mana dasarna?
Kumaha nyatana? Kumaha hasilna? ...Urang jujut
satepina, Insya allah. Dumasar kana pamanggih nu
nepikeun ka ayeuna dina aslamtuna teh (samampuhna)
nuturkeun Syareat Sang Rahmatan lil alamin.

teraskeueuneun

AJENGAN, HAYU URANG MUNJUNG ! JEUNG HUCUHKEUN KA SUNDA KABEH SUPAYA MARUNJUNG ENYA-ENYA!

Tina Sunda Nu Jaya Keur Jaya Na Sunda:


Panganteur Ulikan

I

Ku lajuna jaman, urang loba pisan ngalaman robahna pajamanan tur robah-robahana kayakinan jeung payakinan nu ngeusianana. Pangarti jelema-jelema khususna nu sok disarebut nyakola atawa parinter oge robah-robah.

Salah sahijina geus pernah ditepikeun di ieu rohangan nyaeta ngeunaan harti Sunda. Kamus-kamus tur buku-buku robah-robah ngahartikeun entri kecap sunda. Malah, misalna wae, Ensiklopedi sunda wae nu ngaku jadi “ensiklopedi” teu urung ngan nyebutkeun sunda teh saukur dina ‘level’ suku, basa katut nagara mungkul teu noel saeutik oge kana falsafahna, jrrd…jrrd.

Kitu deui oge ngeunaan Munjung (Muja atawa Muhit).
Dijalma rea, Kecap :

Munjung pasti boga rasa’ kecap nu goreng,……arang jelema nyambungkeun jeung kecap munjungan….naha eta mah (munjungan) dihartikeun na teh alus???

Muja,…. ieu kecap jadi boga ‘rasa’ kecap goreng malah tempat muja (pamujaan) oge jadi boga warna rasa
goreng…padahal pupujaan hate mah alus lin?

Muhit umumna goreng…. “Wah jang kumaha muhithna jelema mah muhithna ka maung jadi maung, muhitna ka dunya meunang dunya” padahal dina qur’an aya kecap Allahu ‘ala qulli syaiin muhit….kumaha lamun muhit ka Allah? He..he.. teu adil na tara disebut muhith (da muhith geus boga nilai rasa nu goreng).

Padahal nu sok muhit teh Allah, lin?? wallahu 'ala kulli syaiin muhith.

Tah pamanggih nu disarebut palinter ge sarua beda-beda:

Nurutkeun kamus R. Sacadibrata munjung sarua jeung muja, Ari dina Kamus LBSS Muja hartina ngagungkeun, Munjung muja lantaran hayang beunghar jste ku jalan kotor.

Ensiklopedi Sunda, ieu tim redaksi milih nyandak harti kecap munjung “menjunjung tinggi orang tua karena rasa hormat” (nilai rasa kecap hade). Dina entri hiji deui maksud kecap munjung nu lain, diteumbleuhkeun kana buku yasana Moh Ambri –jadi lain ceuk nunyusun ensiklopedi- nu nyarioskeun munjung hiji pagawean
goreng nu aya di masarakat sunda nu aya hubungana jeung hayang beunghar menta bantuan siluman-sileman.

Naha bet kitu? Naha nu parinter the beda-beda? Ah eta mah urang bikeun ka ahli basa we… kumaha sabenerna. Ieu bahasan mah ngeunaan kayakinan, payakinan jeung kamampuh. Kumaha eta muhit ka maung munjung ka bagong muja ka buaya jeung ka sato-sato lianna teh enyana jeung naha bet wani ngajak ka ajengan sagala???

Malah pan aya wejangan jalma bijaksana nu kieu saurna “jang ulah munjung ka gunung ulah muja ka sagara, tapi munjung kudu ka indung muja kudu ka bapa…(malah mah keur jalma nu ngulik ditambahan ku )...”jang kudu (munjung) tepi ka indung nu teu muguran (muja tepi ka) bapa nu teu ngarangrangan [pernah manggihan nu kitu kitu? Cik dimana Ayana?]”.



II. Munjung ka sato


Ku deukeutna kahirupan urang sunda baheula jeung
kahirupan sabudeureuna kayaning jeung sato margasatwa
nepikeun ka :

(1) loba ajaran tur sesebutan ngeunaan hiji hal/ngaran
nu di tepikeun loba nu make lambang sato supaya bisa
gampang kahartieun kunu narima, misalna bae:

Dina kadugalan:
sima maung, sima welang, Gerakan Pamonyet, pamacan,
belut putih, jrrd.

Dina cara neangan/ngumpulkeun rajakaya:
Kawas bagong, kawas ula (oray), kawas monyet jrrd

Dina kalakuan:

kawas jogjog mondok, kawas bueukmeunang mabuk, Leumpang lir maung teunangan, Ngahudangkeun
macan turu, (jawara nu siap nyanghareupan) maung  ngamuk gajah meta.. jrrd

Dina sopan santun jeung tarapti diri;
Kudu Tata (tatanan), titi (titinggi), duduga (uncal
jalu), prayoga (hap-hap)

Dina gelar:
Sweta Liman Sakti, Tajimalela, Badak pamalang, Kidang
pananjung, Gagak lumayung, Singaperbangsa jrrd

(2) Aya oge nu sabab nyilibkeun hiji kajadian ‘satire’ penting nu kaalaman ku luluhur supaya bisa kaharti ku
jalma-jalma budiman wungkul, ari ka jalma-jalma ‘bodo’ mah ‘dipiharep’ bakal dianggap sakadar dongeng ubar tunduh jadi moal aya nu ngarasa ‘dinyerikeun tur diuar-uar’, urang caritakeun salah sahiji conto nu kadua
dina carita sangkuriang:


Sangkuriang: hiji jalma nu bapana Anjing indungna Bagong.

Jalma umum mah geus teu bireuk deui kana Sangkuriang nu jadi carita. Malah pernah rame nyebutkeun yen
urang sunda cenah turunan anjing jeung bagong.

Ari maksud nu saenyana mah, nu kapanggih, kieu:

Baheula aya raja sunda nu hiji waktu ‘safari’ ka kampung-kampung. Hiji waktos anjeuna kaleresan
mendakan wanoja donto matak pantes dikias keun bagong (bagong oge sato leuweung nu dagingna ngeunah pisan –kalandepan jaman harita – ayeuna ge loba keneh nu moro bagong keur jadi daharan mahal pikeun nu beuki umumna urang tionghoa). Nya dasar raja sagala kenging. Teras weh ‘kiih’na di inum ‘bagong’ (saresmi). Gaduh putra istri geulis kasebat Dayang Sumbi.

Sanaos ahirna dicandak ka karaton diangkat janten putra, ieu putri teh ngaraos prihatin margi sanes putra ti menak - putra selir ti kalangan cacah- dugikeun ka dilingkungan karaton ge ‘kaasingkeun’seueur ‘kapoyok’. Ku papada putra sa Bapa ti istri-istri raja sareng kalangan karaton sok dibentenkeun, da umumna mah sanaos ti selir tapi paling henteu istri raja mah kedah ti putri raja daerah atanapi raja bawahan/patalukan.

Nya sadidinten gaduh ‘realm’ (pagawean umumna jaman harita keur awewe ninun) nyalira tara seueur ngumpul jeung kalangan karaton. Dibaturan ku para pangawal sareng emban wungkul. Diantara pangawal teh aya nu satia (silibna anjing sato nu satia kadunungana). Nya diantawis eta dua jalmi papada ‘akrab’ tur lungsur
asih, sanaos teu tiasa nembrak sabab benten pangkat.

Dugikeun ka dina hiji waktos gaduh kasesah nu nulungan teh teu aya deui iwal ti eta pangawal. Ahirna saparantos ngaraos linggih di karaton ge di’bentenkeun’ ku papada, nu karaos asih haat nulung sadidinten mung eta pangawalna nya terasnamah mutuskeun anjeun nikah sareng pangawal ngantunkeun karaton.

Sok sanaos kaputusan anjeuna ‘mahiwal’ nikah sareng pangawal, bari asalna oge putra raja mahiwal margi ti
‘cacah’, ku raja tetep dina ngantunkeun karaton teh dititipkeun di hiji mandala (patapaan) da gaduh
pangkat putri raja….di eta mandala mah Dayang Sumbi

kenging panghormat somah nu nyugemakeun….terasna mah hiji waktos putrana ge kakoncara gaduh gelar Sang Guriang lain sangkuriang (Guriang hartosna patapa lalaki, lamun awewe ngarana Indang = kongas istrina
Wong Agung Cirebon Pangeran Cakrabuana ti gunung marapi jenengan nu kawarti Nyi Indang geulis = patapa istri nu geulis) nu matih mampuh nepi ka ngawasa karaton…

.. jeung satuluyna (dina bab ulikan mepeg Sanghyang

Tikoro).

Catetan didieumah nyatana, anjing silib jalma satia,
bagong silib jalma cacah kampung tapi dipikabogoh
menak da ngeunah.
Urang balik deui ka no 1. nu jadi poko dina ieu carita:


Dina ulikan sunda nu penting kumaha carana supaya JADI
jalma satia, supaya JADI jalma alus sanajan lingkungan
goreng. Kumaha JADI bisa nyakar kawas macan bari
leungeun angger kawas ramo jelema. Kumaha beungeut
angger beungeut jelema tapi JADI boga ‘aura’ kawas
sorot na macan (lamun peru) jrrd. Aya oge nu
nepikeun ka kumaha supaya awak-awakan bisa robah JADI
macan. Kumaha supaya bisa JADI mampuh neangan rijki
nu jadi parijkian. Kumaha supaya JADI kawas tata kawas
titi kawas duduga siga peryoga. Lain kaasup jeung
ulah nepi ka kawas jalma nu nyaritakeun ajaran bari
teu bisa migawena.

Dina neuleuman supaya bisa kawas diluhur ‘apresiasi’
diperlukeun. Apresiasi kana hiji hal bisa dipigawe
lamun aya sikep munjung (ngahargaan)…museurkeun ku
puja (muja) ..…supaya bijil sari..katelah puja sari….

Kumaha carana? Jeung naha kadieunakeun jadi aya elmu
ambatan?…malah nyampur jeung urusan nyembah dedemit?


bagian saterasna urang kintunkeun upami pareng

TAPA: SUMANGET KAUM AHNAF KEUR JAYANA SUNDA (2)

III

Naha perlu kitu tapa di nu singkur di jaman ayeuna ??


Nyingkurkeun maneh sawatara waktu saperti nu dipigawe
ku kaum Ahnaf jeung sajumlah jalma-jalma utama didunya
saperti nu katulis diluhur (tapa di mandala) dipigawe
dina upaya mitembeyan keur neangan
‘caang/tuduh/enlighting/hidayah’ bekel aranjeuna
pikeun babakti di masarakatna (tapa dinagara).

Kajadian nu kaalaman harita ku jalma-jalma rea tiap
jaman dimana eta jalma-jalma utama jumeneng
mangrupakeun kaayaan ‘problematik’, jaman poek, jaman
jahilliyah, jaman barodo (dina harti sok pinter tapi
kabalinger – sok ngaenya-enya nu lain ngalain-lain nu
enya), jaman bangsana loba jadi kekesed dina sagala
widang, jaman teu adil, jaman durgala, jaman kedeseh.
(ari nagri sunda jeung pangeusina keur jaman naon
ayeuna?)

Contona bae:
(1) Jaman Sri Krishna, nagara dikawasa deungeun/kangsa
dewa bari dulur-dulur/kolot Narayana aya dina berokan
agresor. Nya lolos ka leuweung nyingkurkeun maneh
kumereb ka Wisnu rabbul alamin. hiji waktu balik deui
ngelehkeun Kangsa bari boga lopian, kongas wijaksana
jadi panasehat pandawa dina perang wangsa Bharata
jeung gaduh dangiang kesawa.
(2) Jaman pangeran Sidharta, di jero istana subur
makmur, ari diluar masrakat loba nu susah, kareuna
panyakit, perang jeung rupa-rupa ka teungeunahan jeung
kateuadilan padahal pandita balatak, pangeran loba,
nagara jeneng. Lami nyingkurkeun maneh ujlah jeung
sajatining jati nu billa haefin billa makanin, matakna
kenging Ar-Rasyid kawijaksanaan Budhi. Tos kitu mah
bekel kawijaksanan eta dianggo ngomean nagara tur
masarakat sadunya.
(3) Jaman Musa, kumereb di nagara janten pangeran anom
suka senang suka betah, lami-lami apal bangsana di
kawasa bapa angkat, selerna di paraehan lalakina
diarantep awewena, oge kantos dhalim maehan
batur/kalepatan. Teras kabur numpi di dedengkot kan’an
Syuaeb as. Teras nyingkur ka lengkob Thuwa, ditambih
nyingkur ka Thursina ujlah sareng yahweh. Nya hasilna
dianggo ngabebaskeun bangsana kasinugrahan janten
Kalamna Yahweh.

Di sunda, diantarana:
(4) Kongas Sang Hyang dharmasiksa, memeh janten Raja
Sunda. anjeuna nyingkur ujlah sareng nu Galuhna Agung
ngagalunggung di kabuyutan Galunggung. Hasilna tiasa
ngadamel patikrama Siksakandang ing karesian, teras
weh nembe ka peto jadi Raja Sunda (mugi-mugi nyambung
sareng seratan Tapana Kang Oman, Asalamualaika..sun!).
Kongas diantarana nya anjeuna nu mutus supata turun
manurun empu Gandring keur raja jawa dina kerisna,
sabab ditelasan Ken Arok, nya ngadeg Majapahit.
Wewejangna kaanggo ku sakabeh raja-raja di tatar sunda
malah jadi cikal bakal ngahijina nagara sanusantara
nu ditaratas ku putuna kuanjeun Rakyan Wijaya.
(5) Pangeran Walangsungsang, nyingkur ka Marapi sabab
benten kayakinan ngeunaan ageman. Lami-lami ieu Sri
Cakrabuana wong agung cirebon teh kenging tuduh kangge
naratas ngabedah jati purwa cukup ku golok cabang nu
aya tulisan sahadat, nya jadi cikal bakal nagara islam
di tatar sunda.
(6) Oge tengetan kumaha wedalan Galuh Tajimalela
ngabedah sumedang; tingali Wiratanu ngabedah Cianjur;
kumaha ketak Sutawijaya ti mataram, akina Sultan Agung
nu ngajadikeun sunda patalukan, di basisir laut kidul;
jeung loba-loba deui loba-loba deui nu teu alus
didongengkeun kabeh sabab kitu keneh-kitu keneh
polana, kacape-cape ngabudah.
----
Eta kabeh conto di luhur ngarupakeun pagawean
‘inovator’, pelopor’, ‘inventor’, ‘pembebas’, tuturus,
gunung pananggeuhan jalma rea nu harita barutuh
tulung.


IV

Naha bet karitu heula?

Sakali deui eta para inovator, pelopor, inventor,
pembebas, tuturus, gunung pananggeuhan jalma rea
diluhur, saencan migawe tapa di nagara/di jalma loba
teh nyingkur heula. Saenggeus hasil karek turun deui
/asup deui/balik deui bari make eta hasil keur ngomean
jalma bangsana.

Nyatana nyingkurkeun maneh teh, bisa jadi,

Hiji upaya pikeun ngaleupaskeun maneh (heula) tina
pangaruh nu geus aya di lingkungan alam masarakat
jeung saniskara nu biasa aya. Lamun geus aya di luar
sistem biasana leuwih gampang, eces, ningali naon-naon
alus/gorengna kajadian di jero sistem, leuwih gampang
mikiran sabab teu kagugulung ku sistem/pola pikir nu
aya sapopoe.

Atawa,….
Kujalan ninggalkeun (heula) tina pangaruh nu sapopoe
aya, bisa leuwih khusu mikiran hiji hal sabab nyingkur
teu rea kaganggu.

Atawa,…

Kujalan ngaleupaskeun maneh (heula) tinu pangaruh nu
geus aya/diluar sistem paling henteu jadi boga tilikan
nu beda, nu lamun bari kapasihan hidayah ti nu murbeng
alam mah nya jadi boga ‘sulthonal nashira’ nu leuwih
bener jeung enya, leuwih kapake ku jalma rea, ngomean
dunya nanjeurkeun dangiang jaman.

Atawa,….

Kujalan ninggalkeun heula pangaruh nu sapopoe aya dinu
nyingkur, uteuk jeung jiwa na teu kabeungbeuratan
terus, memory bisa cukup deui teu beurat lir ibarat di
‘restart’. Ahirna jadi teu pakujut pikeun
narima/pagawean urusan lain.

Memeh leuwih jero neuleuman cara nyingkurkeun maneh
kaum ahnaf ieu, kayaning kamana madep jeung naon bae
pacambalana, urang tengetan heula conto-conto
leutikna:

Saenyana kabiasaan nyingkurkeun maneh ti ‘jalma
rea/pikiran jamak’ nu jadi
’masyarakatna/lingkunganana’ dina sawatara waktu teh
mangrupakeun hiji kabutuh jeung kabiasaan jalma modern
dina kahirupan sapopoe.

(1) Sakabeh jalma ayeuna aya dina rutinitas pagawean
sapopoe. Supaya bisa terus kuat jeung sehat teh dibere
waktu libur ninggalkeun pagaweanana. Poe libur
‘kaluar/nyingkur’ ti ‘masyarakatna/pagaweanana’
supaya bisa ‘rest’ jeung ‘refresh’, nu ku kitu teh
lamun bener migawena kakuatan tur kasehatan jeung
sumanget na ningkat atawa paling henteu timbul deui.
Nu teu bener ‘nyingkurna’ tina ‘suasana pagawean’ dina
poe sabtu/mingu, senenna sok masih cararape haroream
gawe kongas aya omongan “I hate Monday”.
(2) Ayeuna, keur urang kantor loba program ‘outbond’.
Ieu dilakukeun pikeun diantarana ningkatkeun gawe
bareng, refreshing jeung ngalatih kaahlian mutus
pasualana dina waktu nu samporet. Outbond ieu nyaeta
tea ninggalkeun rutinitasna biasa di kantor sawatara
waktu nyungsi ka tempat lain nu beda kayaning
pileuweungan/pagunungan. Lamun bener program jeung
ngiluanana dina balikna teh kabukti aya hasilna
ningkatkeun kamampuh pagawe di lingkungan tempat
gawena engke.
(3) Dilingkungan kampus, di luar nagri para lecturers
sok dibere waktu ninggalkeun ‘kampusna’
(masarakatna)/’sabbatical live’ sawatara waktu. Supaya
dina balikna deui teh aya karyana nu bisa ‘publish’
sabab lamun henteu diputus ‘perish’. Kitu teh sabab
kapanggih kunu palinter yen dimana dibere waktu
sabbatical ti lingkungan rutinitasna kamampuh
‘inner’na bisa ‘optimal’ jeung leuwih produktif dina
ideu timanan terus ngagugulung jeung kagugulung
‘urusan’ di lingkunganana.

Tapi naon bedana cara nyingkurna “Kaum Ahnaf” ??

Urang teraskeun upami pareng.

TAPA: SUMANGET KAUM AHNAF KEUR JAYANA SUNDA

Eddy Nugraha

Panganteur

I

Saha Kaum Ahnaf teh jeung naon ketakna?
Kaum Ahnaf teh sesebutan keur jalma-jalma jaman
baheula di Mekah nu nuluykeun ajaran Sang Hanif
Halilullah Ibrahim as. Ceuk cenah (tina sajarah) ieu
jalma-jalma nu harita kaasup kaum minoritas di Mekah
teh sok resep nyingkurkeun maneh ka gunung-gunung, ka
guha-guha, ka tegal-tegal keusik jeung ka
tempat-tempat lain nu jauh ti jalma rea (masarakat
Mekah jaman jahiliyyah harita) pikeun neangan
‘tuduh/caang/enlighting/pencerahan’ ti nu Murbeng
alam, di sunda mah sok disebut tatapa atawa nyepi.
Sang al Amin Sayyidina Muhammad kakocapkeun nuju anom
keneh sateuacan janten Nabi mangrupikeun salah sawios
diantawis kaum Ahnaf, mantenna sok resep nyingkur
khalwat di guha Hira nu aya di luhur gunung. Malih
saatos janten kaNabianana ge, ieu hataman nabiyyin teh
disebatkeun ku Allah dina Qur’an leres leres Millatu
Ibrahim (kaum Ahnaf).

Harita jaman kaum Ahnaf ieu kasebut, tanah Mekah jeung
Arab umumna disebut aya dina jaman jahilliyah (poek).
Kajahiliyahan ieu seuweu Semit (turunan putra Kahiji
Nuh as) teh lain pedah masih frimitif tapi malah
ekonomi jeung budayana kasebut maju tur geus
‘kompleks’. Mekah ngarupakeun puser agama/ekonomi keur
urang Arab. Sabab Kahiji, ngarupakeun tempat ayana
Ka’bah sesa-sesa ajaran tauhid Ibrahim as nu diaku ku
Yahudi jeung Nasrani. Ka dua, di Mekah aya Hajar
Aswad (batu hideung) nu jadi pusat ibadah batu bangsa
Arab Pagan, jeung umumna seuweu siwi Semit, nu percaya
yen guha-guha atawa batu-batu dianggap suci jeung boga
kakuatan atawa barakah, Sayidina Muhammad ge cenah sok
kersa nyiuman batu hideung eta. Sanajan kitu, ieu
bangsa Quraish harita dikepung ku pangaruh
bangsa-bangsa Ajam non-Arab sabudeureunna nu leuwih
maju/modern boh agama (Yahudi, Nasrani) boh
budaya/politikna (Romawi ti kulon jeung Persia ti
wetan).

Di Jaman Jahilliyyah (poek) euweuh cahara ieu, (1)
tatar Arab nu subur kayaning Yaman dikawasa ku bangsa
deungeun (Persia); (2) Budaya anyar nu asup ka
jazirah Arab ngarupakeun budaya individualisme nu
ngarusak tradisi komunal. (3) Urang Mekah leuwih agul
ka nu aya di deungeun-deungeun; loba saudagar/ urang
Mekah nu geus ulin ka luar nagri kayaning ka Thaif,
Suriah jeung Irak sok leuwih muji bangsa deungeun;
dina baralikna teh sok agul nyararitakeun dongeng
dongeng aheng ngeunaan leuwih majuna adab bangsa
deungeun ti bangsana sorangan. (4) Muru’ah atawa
aturan nu geus heubeul di Mekah aya jadi teu saluyu
deui jeung kabutuh + kahayang maranehna, bari
pacengkadan antara maranehna terus terusan aya (Perang
antar suku). (5) Urang Arab jeung sabangsa seuweuna
loba teu alakur, nu dina seuh-seuhanana
marentingkeun/ngaheulakeun dulur jeung baladna
sorangan (kasukuan). (6) Dulur bangsana loba nu jadi
budak ku bangsana keneh, ari Semah (pendatang, yahudi)
meunang tempat nu leuwih ngeunah/mulya (tingal di
Yathrib memeh Sayidina Muhammad sumping). (7) Sasama
bangsa sering rebutan cai jeung tempat cicing di
sagara keusik, jrrd nu Hal kitu teh bari (8)
ditambah-tambah ku mahabuna pamusyrikan dina kayakinan
tur payakinan masarakatna.

Untungna kaayaan Jahiliyyah di Mekah kasuaikeun ku
hasil padamelan salah saurang kaum Ahnaf nu jenengan
Muhammad. Tina hasil sering nyingkurkeun maneh
tatapa/nyepi di guha, Sang Al Amin Muhammad saw hiji
waktos kasinugrahan, kapasihan tuduh disarengan
kamampuh pikeun ngomean akhlak umat ningkatkeun
dangiang Nagri. Hasilna geus pada terang sadunya yen
dina waktu ngan 23 taun eta hasil tatapa di mandala
Hira teh hasil ditapakeun di masarakatna (tapa
dinagara). Ku kitu teh ngajadikeun jalma-jalma
jaratnika bangsa-bangsa ajam didunya kaasup di sunda
kabitaeun, anut nurut nuturkeun hasil tina tatapa Sang
Mursalin (agama Islam) di mandala hira, bari oge
nyebarkeun agemanna ka seler bangsana, atuh dangiang
Sang rahmatan lil alamin langkung-langkung kawangikeun
ampir ka sakuliah dunya tug dugi ka ayeuna.

Ari nu lain osok migawe tapa kawas kaum Ahnaf?


II

Tatapa nyingkurkeun maneh dipilampah ku loba-loba
jalma utama

Kabiasaan tatapa Sayidina Muhammad ieu saenyana lain
kabiasaan kaum Ahnaf mekah mungkul, Sateuacan jeung
saatos Muhammad, sakabeh nabi-nabi bangsa Semit seuweu
Isra-El (yaqub) ge maridamel tatapa nyingkurkeun maneh
ti jalma rea dina sawatara waktu (Bible), diantarana
nu di dongengkeun rada loba dina qur’an nya ngeunaan,
Khidir as, Sang Kalamulah Musa as, Zakaria as miwah
Sang Rukhullah Isa as. Dedengkot Bangsa - bangsa di
beulahan dunya nu lain ge sarua maridamel tapa
nyingkurkeun maneh, sebut wae nu diantara nu
katuliskeun nyaeta Sang Sidarta Gautama, Sri Krishna
Sang Kesawa, Sri Rama Wijaya tedak Ayodya, Harjuna
seuweu Kuru, para wali boh nu di arab boh nu di jawa
malah kongas Sultonul auliya Abdul Qadir ti Zaelan mah
nyingkurkeun maneh na ge 25 warsih di tegal keusik
Irak. Malah Suharto ge cenah tatapa heula nyepi dinu
nyingkur di ‘pertemuan’ dua leuwi memeh jeneng janten
Presiden RI panglamina.

Di sunda khususna, ratusan tahun saatos Sayidina
Muhammad saw midamel tatapa di gua Hira, kabiasaan
mantena the oge ditaluturkeun kayaning arindit ka
kabuyutan sabaraha waktu, numpi di guha anu, di leuwi
anu, digunung anu balik balik lamun geus waktuna.
Sebut wae diantara nu katuliskeun Prabu Kean Santang
Sang Hyang Lumajang di gunung lumajang srg di
timbanganten, Pangeran Walangsungsang Sang Bayanullah
di gunung Merapi, jeung Syech Abdul Muhyi nu mokteng
ing Pamijahan di guha safarwadi, jeung Dalem Wiratanu
teureuh Wangsagoparana di leuwi kihiang. Kabiasaan
kitu ditarurutan the diantarana sabab saencan Islam
diagem ku urang sunda kabiasaan tatapa mah geus
lumbrah, matak aya istilah tapa di mandala
(Siksakandang ing karesian). Malah di jaman Pajajaran
ieu tempat - tempat tapa the dijaga di auban ku
Raja/pamarentah kawas katingali dina sababaraha
prasasti.

Ngan kadieunakeun, kabiasaan tatapa ka tempat nu
nyingkur the geus beuki ngurangan malah ampir kadenge
‘Aheng’ , teu dipikaresep jeung kapoyok ku kalolobaan
urang sunda komo lamun di adu renyomkeun jeung urusan
sareat. Loba nu nganggap pagawean teu luyu jeung
sareat agama.

Sanajan kitu, saenyana mah dina sareat agama Islam
kabiasaan tatapa ieu aya ngan istilahna nu kongas
kasebut I’TIKAF, pan dina harti kecapna ge I’tikaf teh
cicing ngurung maneh di hiji tempat. Itikaf dipigawe
ku cara meresihan jeung nyucikeun hate tina sagala
urusan dunya madep ka Allah swt. Mopohokeun urusan
dunya, batur, dulur jeung saniskara supaya tinggal nu
aya teh Allah swt jeung manehna pribadi (khalwat).
Ngan dina sapopoena Itikaf jadi boga harti nu leuwih
heureut nyatana cicing ibadah di jero masjid. Malah
kecapna ge jadi langsung ngantet ‘itikaf di masjid’
wae, jeung kalolobaana dipigawe jeung dipadungdengkeun
the lamun bulan Puasa. Kitu deui, dongeng itikaf nu
sering katepikeun teh ngan ngeunaan conto Kangjeng
Nabi nu sok itikaf di masjid di panungtungan ramadan,
nu kitu dianggap sunat sabab cenah ceuk hadis, ieu
Rasul teh sok midamel malah miwarang ka umatna (HR
Mutafaq ‘alaih). Ditempat lain mah kayaning nurutan
tatapa Sang Al Amin di guha/ atawa nu nyingkur tara
dihucuhkeun jeung geus dianggap teu perlu atawa
diulahkeun, malah loba nu megat ku omongan nu
nyakompet daunkeun jeung istilah munjung/muja muhit ka
werejit lamun numpi di nu nyingkur.

III
Naha perlu kitu tapa di nu singkur di jaman ayeuna ??
naha aya keneh tempat singkur dijaman ayeuna?? Kumaha
carana kamana madepna? Naon jampena?? Naon
pacambalanana?? Waaah dongeng baheula eta mah….. naon
gunana ??

HAKANEUN jeung KUBURAN KAMI (1)

Lantaran loba ningali, kalolobaan urang sunda –munhenteu disebut kabeh- nu umumna nyekel agama Islam pada nyaho yen lamun engke manehna paeh tangtu dikubur. Sanggeus diberesihan dishalatan dibungkus boeh. Dipendem jero taneuh. Awakna nu paeh euweuh nyawaan ieu disangirah ngalerkeun bari nyangigir madep ka qiblat. Eta kabeh keur muslimin/muslimat nu kafir musrik mah cenah ulah.

Malah sanajan can ngajaran oge, umumna pada percaya yen sanggeus dikubur teh nu maot bakal asup kana alam nu disebut alam barjakh (antara) nunggu-nunggu kiamat dunya. Salila di ieu alam antara teh jelema (rukhna) cenah meunang siksa atawa meunang ni’mat gumantung pagawean salila hirupna.

Dina luhureun kuburan, lila lila sok barijil tutuwuhan, mimitinaa jukut terus tangkal nu lainna harirup..biasana mah kamboja…atawa nu gede Caringin. Lir nunjukkeun…tinu paeh…dibijilkeun deui nu hirup…tukhrijul hayya minal mayyit wa tukhrijul mayyit minnal hayyi.

Ceuk nu harirup mah tempat na nu dikubur teh sok disebut (h)astana…nu nunjukkeun kana ukuran kapling nu salebar hasta (leungeun)na…jeung nu nunjukeun kana ukuran alus henteuna eta makam na nu ditangtukeun ku pagawean hasta na baheula salila hirup (amal salila hirup)….kongas di kawali aya ngaran Astana gede….tangtu hiji tempat sumarena jelema nu salila hirup amal hastana nya gede nya agung. Dina basa Arab harti piguratif astana sarua jeung makam, harti sajalantrahna tina astana kuburan.

Satuluyna upama eta astana teh loba/aya nu ngadeuheusan…tandaning boga anak atawa boga amal kahadean atawa boga harta nu diwakafkeun…eta astana sakali deui ceuk nu harirup keneh sok oge disebut pajaratan tempat jarah…tempat deuheus turunanana jeung saha-saha nu ngarasa kahutangan atawa ngalap berkahna.

Satuluyna upama geus kabuktian ku sasaha eta nu sumare di eta tempat jalma karamah (boga karamat = hartina sok barang bere kaalusan) sabab gede amal shalehna eta tempat sok disebut ku nu harirup keneh kabuyutan. Malah lamun kabuyutan na geus aya…jelema-jelema nu saroleh ceuk nu hirup sok dipendem di kabuyutan tempatna oge sok disebut pangjarahan.

Daratangna nu harirup keneh teh ka pajaratan mah sok mawa seuseungitan...(kembang/menyan) jeung cai ditambah do’a.

Ari kuburan nu baheulana teu baraleg mah malah eta astana teh disarebut tempat jurig…dedemit ..jrrd. boro-boro hayang jarah ngadeukeutan oge embung…nu sieunan mah cenah nepikeun ka maruringkak bulupunduk sabab tempatna teh geueuman naker.

Eta kabeh caritaan batur…..kumaha nu bakal kaalaman ku sorangan engke? Walahu ‘alam teu nyaho teuing pastina da kudu paeh heula meureun..he..he. Nya ayeuna mah karek percaya kana euceuk kana ceunah…

Tapi, caritaan dihandap rek ngaguar ngeunaan kubur sorangan bari ngeunteung ka kubur batur saayeunaeun nu sugan jadi cecekelan keur kayakinan nu jadi payakinan…(atawa bisa jadi ngan saukur cenah jeung euceuk keneh)


II

Eh euy….kajadian nu paeh dikubur teh sarua pisan jeung nu kaalaman sapopoe ku urang…dina waktu dahar euy…..walah…naha?

Enya…pan nu dididahar teh sarupaning nu paeh….boh sasatoan…boh…tutuwuhan….tuluy disimpen/dikubur dina beuteung…tuluy tidinya teh bijil tanaga…bijil usik malik….lain eta teh lir… tukhrijul hayya minal mayyit wa tukhrijul mayyit minnal hayyi.

Pek we euy pikiran…lamun nu paeh nu asup kana beuteung teu bener…sok jadi teu ngeunah di kubur (beteung) na…nu bener mah sok jadi ngeunah. Pan urang bisa mikir bisa ngagedean teh gumantung kana kadaharan/gizi nu asup kana beuteung. Lain gizi/kadaharan teh asalna tinu paraeh nu dipendem dina beuteung? Eta kabeh jadi alam barjakh/kubur urang ayeuna. Bisa mikir bisa nenjo bisa ngadenge bisa usik malik..eta kabeh sasat ibadahna nu paraeh dina beuteung urang euy…

Pek we uey pikiran…lain sakabeh nu paeh nu asup kana beuteung teh engkena supaya madep (nurut) kana qiblatna ---nu nyatana dina awak mah pan hate urang…tina hate bijil sir tuluy bijil nafsu tuluy biji akal pamilih….pan kongas qalbu mu’minin baitullah…..

…kusabab kitu hasil tina pependeman nu paeh dina kubur beuteung teh nya urang jadi usik malik migawe amal…lamun alus (gizi/amal karaktristik nu kadahar…nya urang jadi bisa mikir hade dina ngabedakeun nu goreng jeung alus…tah tidinya…bijil tangkal hartina…tangtungan …bisa jadi tangtungan urang teh (asta) pagawean teh jadi bijil kamboja…caringin …atawa…dedemit mungkul…

Teu kudu hese-hese….

Tina hasil nu paeh dikubur beuteung jelema teh pan (lamun alus gizina terus bisa dididik jadi jatnika) kaciri aya nu jadi pangjarahan….pada ngedeugdeug ku kulawrgana sabab butuheun….malah tangtungan teh aya nu nepikeun ka jadi panyaluuhan sakabeh pada hayang deuheus (jarah)…..tapi loba oge jelema nu embung deukeut….jalmana dijarauhan da pada ijid pada sieun ngadekeutanana.

Matak ge dina agama mah nepikeun ka rek dahar aya shalatna (do’ana)….hakaneun nu asup ka kubur urang ulah sambewara…teu bisa kabeh…pantangana diantarana getih.. babi.. dipeuncitna kudu make bismillah….(hartina nu haram, nu kafir nu musrik teu make asma Allah mah ulah).

Matak ge euy kudu daek nganteurkeun nu maot ka kubur tah engke reungeukeun aya nu talkin….tah eta teh tong jauh-jauh mikir nu maot…. nu kudu diingetkeun mah tumpah darah sorangan…

III

Tina guaran diluhur…muga-muga nu maca bisa nyangkem ayana hubungan makrokosmos jeung mikrokosmos…(nu engke bisa kabuktikeun lain sukur analogi asal daek ngulikna) jeung nu utamana yen atikan agama lain ngan saukur keur engke…lain ngan saukur narohkeun kayakinan nu nganut supaya percaya ka euceuk ka pijagaaeun, tapi bisa…disaliksik…dina awakna supaya jadi ageman nu haqul yaqin… da enya.

Tina do’a do’a arek dahar (paling henteu aya tilu hadis) …kajadian dikubur tangtung..nepikeun ka engke kiamatna jagat saghir…mere tuduh ngeunaan ulikan dasar/poko dina ulikan sunda ngeunaan tileum…ngeunaan sampurna sampurna ning beak…innalillahi wa innailaihi rajiun nu lain saukur engke mungkul…..

Wah siah….bener ieu teh…kumaha carana ???

Insya allah urang suaykeun saeutik lalangsena di bagian satuluyna ngeunaan elmu kasundaan (nu sarua jeung dina Islam) dina kuburan tangtung…. jeung cara-cara nyampurnakeunana…nu masih keneh tetep aya hubungana/bisa dirunut sacara empiris tina HAKANEUN nu diKUBUR ku urang sorangan dina beuteung sabab metodologina oge empiris pakeun nu daek jadi partisipan observer mah.

Ajian Batara Karang: Ageman Pakeun Jadi Khalifatullah Fil Ardhi !?

Ku Eddy Nugraha*)

Kecap petingan: Batara Karang, Adam, Khalifatullah fil ardhi, Kasumedangan, Sajaratul khuldi,

I. Panganteur

Puluhan taun katukang mun teu salah mah taun 80an di daerah Ujung Berung Bandung pernah geger aya tukang gali manggihan mayit nu geus ratusan taun beleger keneh. Harita teh keur usum mindahkeun kuburan umum keur dijieun perumahan, diantara tulang-taleng sesa awak jelema pas lebah tangkal caringin gede ka gali aya mayit lengkep keneh dibungkus kulit nepi ka buuk-buukna (digelung) bari kukuna paranjang...harita teu kaburu nyaho dikumahakeun eta mayit teh, ngan nu jelasmah ceuk cenah matak kitu teh sabab eta jelema baheula teh ngawasa elmu batara karang ...nyaeta cenah elmu kanuragan elmu weduk lir batu karang teu kuat dikadek nepikeun ka paeh ge angger awakna teu busik....hanjakal teu apal dikumahakeun eta mayit teh, nu jelas mah teu dikamusiumkeun.

Sabaraha taun saenggeusna,...
ditempat lain, di daerah Tasik pakidulan kabeneran manggihan hal nu sarupa. Waktu warga keur nugar tangkal manggihan deui jasad nu beleger....sarua deui geger...pada silih tanya saha nu ngagangguna ditambah balarea baroga kasieun ku tulah tina ngahudangkeun ’jurig’ jawara sabab perbawa tahayul rekaan atina nu cenah pasti baheulana ieu jelema boga ajian batara karang. Tapi, kabeneran papanggihan nu kadua ieu mah bari ditambahan ku nganyahokeun ’solusina’. Sore eta keneh aya kokolot lembur datang nganggeuskeun pasualan. Eta mayit diasupkeun kana munding –nu geus dipeuncit jeung dikaluarkeun jeroanana heula- bari saeunggeus diparancahan bur weh dipiceun ka laut.

Ngaliwatan dongeng-dongeng jalma rea jeung papanggihan diluhur....
kecap Batara Karang atawa batu karang sakuringeun harita boga rasa kecap nu goreng nyaeta kecap nu ngan dipikaneneh ku preman, garong, begal, jawara jeung sabaturna nu ngajarago sabab weduk, kalakuana kawas-kawas jauh ti jalma ’bageur’ jauh tina wawadi agama. Basa hayang nyaho tatanya ge kaburu kandeg dihuitan ku guru ngaji ”ulah ngelmu kitu jang...eta mah elmu teu matak sampurna... hirupna sok teu hurip komo aya guna keur papada mah....malah tingali we ku hidep.... geus maot ge awakna teu bisa ruksak teu bisa mulih ka jati mulang ka asal”.

Bisa jadi meureun sabab jasad nu lain mah lebur deui jadi taneuh (terurai ku mikroba jadi sirna) ari ieu mah angger teu ruksak...jadi we dianggap teu sampurna. Beu.... padahal lamun bisa teh meureun keun bae hirup mah kumaha aing weh... ngan geus pasti lamun paeh teh bakal kasohor, Fir’aun ge nepikeun ka ayeuna pada ngadeugdeug sabab aya bukti mayitna - bari manehna mah kudu di balsem...ieu mah teu kudu da kuat sorangan. Lumayan jadi aset wisata pakeun nagri nu loba hutang.

Tapi ketang,..... pas rek nambalang teh aya deui ingetan lain: kumaha mun dijadikeun ’percobaan’? jeung diera-era disebut kafir? wah meureun karunya anak incu susaheun bari nyirnakeuna ge kudu nyusahkeun batur sabab mahal kudu meuncit munding sagala..mending lamun mundingna aya keneh lamun ’punah’? meureun anak incu kabere geugeuleuhna...he..he..hanas saaingeun mah keun bae da geus paeh ieuh.

Saur guru ngaji di kampung mah kieu ”urang mah kudu diajar bisa innalillahi wa innailaihi raji’un sampurna balik sampurna. Sampurna ning beak sirna raga sirna rasa. Malah kongas cenah luluhur baheula mah nepikeun ka barisa tilem-ngahyang. Jelemana jagjag keneh dina waktuna mulang ka kalanggengan teh bari langsung nyanggakeun badanna ku nyalirana ka nu Maha Suci teu kudu nungguan dibantuan ku alam” (tingali ngeunaan- ngahyang/tilem di alam kami).

Atuh niat tatanya ka kolot-kolot lembur tangtung sunda teh jadi pugag harita mah saba elmu batara karang atawa sok oge disebut elmu batu karang teh lain ngeunaan kasampurnaan nu oge cenah teu saluyu jeung ajaran agama (islam)....malah-malah di Jawa ge sarua, diantarana nu didugikeun ku Sunan Mangkurat IV, ieu sesepuh jawa teh masihan wawadi (tingali: Ma’rifat kejawen ) yen ulah diajar elmu Batu Karang sabab –singketna- lain elmu kasampurnaan nudipirido ku Allah swt.

Ngan.....
kadieunakeun aneh pisan.....
Dina ulikan kasundaan mah....dina salah sahiji ulikan poko kasumedangan (elmu madangan/nyaangan batur –ulikan advance dina kapajajaranan) salah sahiji atikan pokona teh manusa kudu JADI Kanyataan Karang. Jadi kanyataan Karang teh cirining kasampurnaan hiji seuweu sunda... sasat-sasat hasil tina ngulik Batara Karang (salian ti jadi kanyataan Ujung Kulon jeung Ratu Galuh – (tingali: diantarana tulisan ”sasaka kabantenan jeung nanjeurkeun deui Pajajaran tangtung”).

Aeh naha jadi muter deui?... panggih deui jeung ajian batara karang ?? boa kasundaan teh memang enya lain ulikan kasampurnaan?? naha luluhur sunda teh ’kafir musrik nu belegug’? Naha nya....beda jeung ajaran seuweu jawa nu nyaram ngulik elmu batu karang?... tulisan ieu insya Allah rek ngaguar eta sakadugana.


II

Dina ulikan kasundaan hususna kasumedangan (elmu madangan nyaangan batur) saperti nu disebutkeun dina bagian panganteur aya ulikan utama (advance) jadi Kanyataan Karang. Saliwat mah –sabab geus katumanan ku rasa kecap karang nu hartina teuas/weduk /kanuragan/ nu teusampurna – ulikan batara karang nyoko/boga warna mangrupa ulikan kanuragan supaya jadi weduk.

Ngan sanggeus ditilik-tilik ditatanyakeun mah...

Ulikan hayang weduk mah, cenah, lain ku cara ngulik nepi ka batara karang tapi ku, biasana, cukup ku puasa/matigeni sababaraha poe - bari migawe hiji latihan, diantarana aya, ku make olahan napas make ritme husus supaya ngawangun hiji ’field’ kana awakna atawa wiridan nu prosesna pakeun bisa museurkeun saraf kana hiji ’koordinat’ rasa make metode tertentu jeung kudu wae di ’resonansi’ kunu geus bisa (utamana lamun teu make puasa) - nu diajar bisa weduk.

Bari nu kitu teh,...
sok baroga pantangan/mangaruhan karakter nu ngulikna/mangaruhan rijki (cara babandana) jrrd gumantung kana muhitna. Jeung utamana kudu apal cara ngaleungitkeunana deui -install jeung uninstall- aya nu install jeung uninstallna teh ku guruna, aya nu bisa kusorangan di uninstall ari rek paeh, aya oge -nu alus mah- bisa diinstall/uninstall ku sorangan iraha wae sakarepna) (tingali – bagian IV atawa tulisan ’Kanuragan kami naha enya kanuragan?’).

Na nu kumaha atuh ajian batara karang jeung jadi kanyataan karang teh?

Memeh ngadadarkeun kanyataan karang tina ulikan batara karang. Urang tepikeun heula caritaan ngeunaan naha jalma rea kaayeunakeun loba nu nganggap batara karang saperti diluhur?

Urang mimitian ieu ku guaran nurutkeun istilah nu dipake....

1. Harti Kecap karang

Lantaran kagegedekeun ku kabiasaan make Basa Indonesia jeung beja ti jalma awam yen loba jelema nu cenah weduk teu raheut ku bedog disebut ngabogaan aji batara karang kawas carita diluhur, kecap karang ku para ahli basa sunda ayeuna (punten bilih aya ahli basa sunda di di kisunda/urang sunda) leuwih di asosiasikeun kana kecap batu karang (Indonesia) batu nu teuas nu kapanggih di laut ( tingali - Kamus umum Basa Sunda LBSS 1992).

Matak tuluyna....
eta entri jadi siga teu nyambung pas nyaritakeun harti kecap karang dina maksud ’karangan’ jeung sajabana. ...tuluyna dadaran eta entri...pakarangan cenah, misalna, tanah sakuriling imah, ngarang nyieun carita, karangan hasil ngarang jeung pangarang nu ngarang.

Sabenerna di kampung mah harti kecap KARANG teh TANEUH. Karang kawas taneuh hideung dina kulit nu koneng/bodas. Ieu nu teu ditulis dina entry kamus jeung geus jarang ka sungsi ku umum. Ari taneuh mangrupa barang nu bisa diolah jadi naon wae (sabab bisa) jeung tempat hirup mahluk. Hartina kanaon wae bisa: dirawat subur, diruksak ngahgar, digali dieksplorasi bisa sagala aya nyampak pakeun sagala kabutuh mahluk tur pakeun ngaruksakna; Dipelakan bisa (jadi media ti sakabeh tutuwuhan), digahgarkeun bisa. Nu lembok hejo aya nu jadi sagara keusik aya. Nu paeh jeung nu hirup bijil, cicing jeung asupna (paeh) ka dinya. Pokona mah taneuh mah dikana naon jeung dikumahakeun ge bisa lir ibarat budak nu kawas kertas bodas dikumahakeun ge bisa kumaha nu nulisanana- Ari batu karang (basa Indonesia) sisi basisir mah di sunda sok disebutna batu cadas pan aya tempat kakoncara ngarana cadas ngampar!!??

Matakna...matakna....
Kecap pakarang ngandung harti barang (beusi umumna) nu geus diolah ditempa diseukeutan dido’aan (sabab bisa) nepikeun ka jadi seukeut atawa aya peurahan); Pakarangan taneuh sabudeureun imah nu geus diolah (sabab bisa diolah) ku sabangsaning tutuwuhan jeung rupa-rupa kumaha kahayang nu boga; Di Kuningan aya kecap Karang Asisten Wadana hartina imah camat. Sabab taneuhna geus dijadikeun tanah pamarentah dijadikeun milik camat (sabab bisa).

Saluyu jeung eta...
Harti kecap karangan mangrupa hasil olahan tinu bisa di olah (ide) jadi hiji susunan carita/karya (sabab bisa); Pangarang jelema nu uteukna bisa diolah/dipake nyusun carita (sabab bisa); Kawartikeun nepi ka ayeuna tempat sumarena Sang Manarah luluhur Galuh disebutna Karang Kamulyan sabab mangrupa taneuh kamulyaan hasil olahan (sabab bisa) eta seuweu siliwangi; Aya Karang pawitan di Garut nyatana taneuh tempat kumereb nu jadi ’modal/aset’ hurip (sabab bisa); Aya oge karang anyar di nagri Bandung (meureun baheulana mah) taneuh nu karek anyar dibukbak dijadikeun panganjrekan (sabab bisa). Aya deui karang kambang taneuh (pulo leutik) di sagara nu teu karem ku ombak laut kawas ngambang luhureun sagara.

Jadi sakali deui.....
Hartina karang di sunda mah taneuh.... matak tangtu pada nyaho naon ari banjar karang pamidangan?.

2. Harti kecap Batara

Kecap Batara aya sabaraha harti:

Kahiji, Batara diwancah tina Ba hartina 2, Tara kaahlian/’manifestasi’. Jadi hiji jelema di sunda boga gelar batara sabab ahli ngawasa atawa tapis dina 2 hal lahir jeung batin matak jadi panyaluuhan lir dewa (tingali ’Dewa Ruci’) kongas diantarana Batara Guru di Jampang jeung Batara Sakawayana.

Kadua, Bhaṭāra dina hindu cenah Rasulullah keur ngauban manusa, kawas Avatar (awatara) saperti Rama jeung Krisna. Batara ngawujud jelema, teu kabeh dewa jadi batara.

Katilu, Di Bali Kecap Batara disaruakeun jeung kecap Dewa.
(kadua jeung katilu tingali diantawisna dina - wikipedia)

Tiluharti tina kecap Batara diluhur masih sawarna nu bisa dijadikeun arahan yen Batara ngandung harti manusa nu geus bisa ngauban alam tur eusina sabab tepi lahir tepi batin bari lahir batinna waluya nangtung ajeg, nu kitu sok jadi panyaluuhan jelema da bari sok ngauban nu bakating ku dipuhitna ku nu butuh lir jadi wawakil Pangeran nu murbeng alam.


Ana kitu.....
Ajian Batara Karang nyatana ulikan/jampe/tips/ajaran nu ngajadikeun atawa ngarahkeun nu ngulikna ngawasa lahir batin ngeunaan sifat-sifat taneuh nepikeun ka ngarti jeung jadi atawa timbul hakekat sifat taneuh (bisa kana sagala jeung ku sagala bisa) eta dina dirina.

Ana kitu....
Ulikan kasumedangan nu diantarana supaya jadi kanyataan (hakekat) karang (lain jadi karang/taneuh) ku jalan ngulik batara karang – ulikan lahir batin supaya boga/ngawasa hakekat taneuh salila di dunya. Kanyataan karang ngandung harti jadi kanyataan (hakekat) taneuh lain jadi kanyataan batu dumasar kana arahan nu asalna ti nu Murbeng Alam. Ulikan na dumasar ti Nu murbeng alam Allah swt sabab dipakena pakeun ngauban manusa (hakekat ka-bataraan/ka rasulan..
Ari Batara Karang arahan tinu murbeng alam mah atuh tina agama ayeuna islam oge kudu aya ...mana saksina...?? kumaha carana/metodana/paradigmana ??


(Bagian III)

2. Lebah-lebahna makam Ulikan Batara Karang dina Qur’an


Samemeh asup kana bagian cara/metoda nu leuwih teleb ngeunaan ulikan kasundaan Batara karang supaya jadi kanyataan karang, urang susud heula saksi tina kaagamaan Muhammad, sabab:

Kahijina, nu nulis mah ngadeukeutan kasundaan teh sasat nutur-nutur syareat Sayidina Muhammad Sang Rahmatan lil alamin tedak quraysh (sakadugana - boa pantes boa henteu).

Kaduana, ameh dina asup kana disiplin ulikan batara karang karya tedak sunda nu ngawengku falasifah katut kamatihan kamampuhanana teh nu maca geus boga referensi nu bisa jadi saksi pakeun nyusud atawa saukur ngaenya henteukeun ieu ulikan.

Kieu dongengna........



Ulikan hakekat Karang/taneuh teh aya hubungana jeung Bapana manusa nu ngaran Adam nu dipilih ku Nu murbeng alam jadi wakilNa di dunya (khalifatullah).

Adam, diantara rupa-rupa mahluk (kaasup Malaikat (dijieun tina Sunda (Nur) jeung Iblis (dijieun tina seuneu), dipilih jadi wawakil Allah di dunya teh dijieunna ngan dicaritakeun ’bahan dasarna’ UKUR TINA KARANG/taneuh. Malah cenah dina mushaf utsmani disebutkeun karang/taneuh na teh likeut gampang (sabab bisa) diropea (dibentuk) - nyatana taneuh liat/tiin. (Al-A'raaf).

Hal ieu aya bedana – mun teu kasebut beda pisan- jeung kajadian jelema umumna nu dicaritakeunana dijieunna tina nuftah, turobun jeung saterusna nu lain saukur/ngabogaan unsur karang/taneuh tapi cai. Malah dicaritakeun keur yen sakumna mahluk (tangtu kaasup jelema da jelema ge mahluk) dijieunna asal-mualsalna tina cai (teu disebutkeun tina karang/taneuh mungkul).

Jadi ana kitu….

Harti Adam tina karang ieu bisa leuwih ngandung harti metaphore/figuratif/perlambang….yen maksudna… nunjukeun kana makam/pangkat/level/kualitas hiji jelema nu diangkat jadi wakil Allah teh sabab boga karakter karang. Hartina….. jelema nu gampang/bisa /narima diropea/diajar/dibere treatment/dibere nyaho rupa-rupa asma (informasi/data/elmu/pangalaman jrrd).

Nyatana…. Cenah saur Allah dina mushaf utsmani….

Adam mah pas diajarkeun rupa-rupa asma teh ku Allah bisa/mampuh nalar/nyangkemna. Pas dipiwarang nyaritakeun deui payunen malaikat teh bisaeun/apal/nyangkeum sagala rupa asma nu tos diajarkeun malah katalar/kacangkem kabeh..teu kacaritakeun ngan apal sabagian.

Malah-malah….
Pan malaikat ngawitan na protes da tos apriori –geus terang- yen jelema mah umumna tukang ngaruksak (tingali qur’an……) ngan Allah langkung terang yen jelema nu dijieun/boga karakteristik taneuh mah bisa dijieun wakil manteNa sanggeus diajarkeun/nyaho asmaNa.

Jadi ana kitu…

Ngan nu boga karakter karang nu bisa jadi wawakil Allah didunya da jelema umuna mah malaikat ge tos apal ngan saukur nyieun pacogregan jeung papaseaan/ngarusak dunya.


Ngan ngarana jelema sabab aya oge ngandung karakter karangna jadi bisa eta karakter teh nguatan/dominan. Nu lamun geus diropea/diajar/ditreatment (sabab bisa) teh nya pantes ngaku/jadi seuweu na Adam nu kapeto jadi khalifatullah di dunya.

Naha perlu atikan keur jelema…. supaya karakter karang teh terus kuat??

Urang teraskeun salajengna upami pareng



Naha nu awakna weduk bisa bijil tina kamampuh Ajian Batara Karang? Naha nu jadi pamanggih umum ngeunaan batara karang salah kabeh? Naha nepikeun ka nu satingkat sunan Mangkurat IV ti jawa ngaulahkeun ngelmu karang ?? jadi naon atuh beda/onjoyna kasundaan jeung kajawan?? (bagian VII)

Ari Batara Karang arahan tinu murbeng alam mah atuh tina agama ayeuna islam oge kudu aya ...mana saksina...?? kumaha carana/metodana/paradigmana ??


SASAKA SAKAWAYANA

SAKAWAYANA KAMI SAKUMAHA EUY? DIMANA SASAKANA?

Eddy Nugraha


PANGANTEUR

I
Sasaka Sakawayana.

Kecap sasaka masih keneh asup kana entri kamus sunda nu hartina TIHANG atawa lulugu, aya oge nu nyebut pusaka ( kamus umum basa sunda LBSS). Ari sakawayana mah asana ku para ahli basa sunda formal ayeuna geus teu diasupkeun kana entri kamus atawa ensiklopedi sunda (Naha nya??)

Dina ayana oge, kecap sakawayana teh disambungkeun atawa aya hubungana jeung saukur ngaran nami gelar luluhur pajajaran teureuh talaga manggung baheula kongas kasebat Batara Sakawayana buyutna Prabu Niskala Wastukancana ti Ajar Kutamangu Kusumalaya sareng Ratu Simbarkancana (tingal diantawisna sajarah Jawa Barat nu dikempelkeun bahan-bahana ku Drs. Yoseph Iskandar) atawa ngeunaan sababaraha tempat di tatar sunda (misalna wae di sumedang jeung, nu geus teu bireuk mah nya, daerah Sakawayana di Sukabumi kidul) atawa di Garut (timbanganten).

Sakawayana –dina logat lokal sok jadi sokawayana/sukawayana- boga harti: kahiji, tina kecap sakawaya(H)na. diwancah jadi saka-wayahna, saka-waktuna. Harti kadua, nurutkeun basa urang kampung sapopoe sakawayana teh tina kecap sa-kawaya-na ari kawaya teh hartina SABUK, BEUBEUR, EPEK. Jadi lamun geus dicalana dibaju memeh indit saged rek kaluar teh sok nyarita kieu “ke atuh rek dikawaya heula” maksudna calanana rek dibeubeuran heula ameh teu morosot jeung leuwih pantes.

Tangtu geus pada terang yen guna na kawaya salian ti ‘accessories’ nu rupa-rupa model warna jeung bahanna supaya pantes (sakaresepna, sakahayangna), oge pakeun nyangcang calana supaya teu morosot/pas dina cangkeng da bisa diatur ku nyangreudna (ayeuna mah aya liangan) ameh aurat handapeun beuteungna (karesep, kasusah, kangeunah, kaerana nu dibabawa jeung ngilu) teu kaciri lain dina waktuna. Ari cangkeng utamana ngagedean ngaleutikanana kumaha beuteung sedengkeun beuteung nya kumaha eusi peujitna; aya nu leutik, gede nepi ka burayut nu ditangtukeun ku kabutuh pakeun hirupna (kayaning rupa rupa hakaneun jeung rea henteuna nyatu), jeung kabetah jelema salira hirupna (nu teu daek olah raga mah ku dahar wae teh beuteungna jadi burayut moal tuluy boga beuteung rata ‘six pack’ tuluy, da geus betah dina haroream ngusikeun awak). Jadi, kawaya mernahkeun calana (sakabutuhna, sakabetahna, sahirupna, sahuripna) supaya pas merenah alus ditiap cangkeng masing masing jalma nu bisa ngagedean /ngaleutikan -bari beda-beda ukuran (liang) kawayana- sabab tiap jelema ukuran beuteung (kabutuh/kabetah) eusi peujitna teu sarua jeung teu angger saban wayah saban waktu (saka-wayahna).

Ana kitu, hususna dina ulikan kapribadian di sunda, sakawayana boga harti sakabutuhna sakabetahna sahirup huripna masing masing (boh batur boh sorangana). Sedengkeun Sasaka sakawayana hartina tihang lulugu pusaka nu nahan nu ngauban nu nyaangan nyaharaan hirup hurip nu kumelip nurutkeun sakabutuhna sakabetahna sakadaekna sahirupna sahuripna saban wayah saban waktu sawayahna sawaktuna.


II. Ari sakawayana maneh sakumaha? kumaha nihanganana, ngaubanana, nyukupanana?

Naha bet natanyakeun kitu? Ih …. cik atuh peupeuriheun salila hirup ukuran kawaya (kabutuh, kabetah jrrd) sorangan the embung ge… dialukur batur wae (leuleutikanana diomongkeun, …. bari can tangtu bener ngukur dewek… da batur mah ngukur kawaya urang the aya pambrihna (moyok we mun ngewaeun komo asa kasoro mah, muji mun resepeun eta ge pedah sakabeuki sakabetah), lamun sorangan bisa ngukurna mah meureun genah … da nu sorangan ukuran sorangan. Moal cilaka katideresa dicalana morosot katingali kanjut ku batur lain wayah, arek ge make model morosot siga budak ayeuna taya bayana da nyaho bisa keneh katahan ku bujur sorangan teu kudu ku bujur batur…

Lamun geus nyaho kawaya sorangan meureun bisa ngarasakeun ngahargaan kawaya batur nu oge baroga masing-masing malah (mun bisa mah) daek wani nyaho ngauban nihangan nyukupan (jadi sasaka) kawaya batur.

Na kumaha nihangan, ngauban, kawaya batur ? meureun kudu apal liang, apal bahan, nyaho warna, nyaho model, nyaho kakantet kabutuh batur, jeung kumaha mikeuna ameh teu asa leungiteun nu sorangan? Kumaha nalianana ameh batur teu asa dipaksa dicangreud? Ameh bisa sa kabutuhna sakaresepna sahirup huripna. Lamun henteu da boro boro daek narima komo tumarima, nu aya mah meureun asa kacekek atawa angger susah era calanana morosot. Jeung mana atuh Sasakana pakeun nyukupan ngauban nihangan kawaya teh? boh nu di aing boh nu di batur?

Saluyu jeung ‘inquiry’ diluhur, Ieu tulisan rek nganepikeun yen disunda (baheula) ajaran atikan nu geus masagi ngeunaan Sakawayana jeung Sasakana mangrupakeun hiji ulikan poko dina ulikan kasundaan (baheula) nu diajarkeun diwariskeun turun manurun supaya dijadikeun tangtungan seuweu siwi.

Wah….mana saksina aya ajaran di sunda kawas kitu? Mana buktina? Tong asal nyarita tong sok kikirataan (dinyata nyata ku kira-kira)…. (teu usum komo dijaman alam pikiran jelema nu kagedenakeun na (lolobana) ku pola pikir positivis mungkul).



III. bukti jeung saksi ngeunaan sasaka sakawayana


Salah sahiji bukti tinulis ngeunaan ajen inajen ieu ajaran, ka-sakawayana-an aya disunda pernah diungkara diantarana dina hiji papatet. Ka-sakawayana-an ngahiji jeung ajaran poko kasundaan lianna, nyatana kasumedangan jeung kagalunggungan (ngeunaan kasumedangan jeung kagalunggungan tingali tulisan “tangtungan sunda eusi”):

Daweung Menak Pajajaran


Gunung Galungggung kapungkur
Gunung Sumedang katunjang
Talaga sakawayana
Rangkecik ditengah leuweung

Ulah pundung ku disungkun,
Ulah sungkan ku diteang,
Tarima raga wayahna,
Ngancik di nagara deungeun.

Singketna menak pajajaran mah kudu kagalunggungan (galunggung galuh nu agung, geus katukangan (pungkur=tukang, di Bandung jalan pungkur jalan tukangeun kabupaten (alun-alun ayeuna). Jadi lamun ditingal ti hareup, ti ieu menak teh kaciri cahayaan ngagalunggung nu mahal lir inten pohaci terus patala nu jadi galeuh galeuhna hiji jalma. Kasumedangana (elmu madangan nyaangan batur) geus katunjang katepi kacangkem tapis ngawujud dina tapak lacakna. (Jadi) talaga sakawayana. Tempat kahuripan, karahayuan, karongkahan nu nyukupan somah. talaga tempat nucaina loba, ari cai di jelema the pang diperlukeuna. Di sunda mah kahuripan, kajayaan, kinasihan, kawedukan, karongkahan, kamandirian (mencerger) sok bijil tina cai-caina hirup. Kongas di loba kabuyutan sok aya ci kahuripan, ciasihan, cikajayaan jeung rea-rea deui. (jadi) Rangkecik …..jst.


Tina papatet diluhur, saheulaaneun, nunjukeun yen kecap Sakawayana dihijikeun atawa aya dina kumpulan kecap kecap nu nuduhkeun ulikan kapribadian kasundaan poko/utama lianna nyatana kagalunggungan jeung kasumedangan nu jadi cangkeman menak pajajaran.

IV. Enya lah bisa wae eta carita diluhur teh enya…tapi maenya wae bisa hiji ulikan buktina saukur tina papatet (sastra) ?

Sabab teu cukup ukur ku bukti ulikan nu ngan ukur dumasar kana tulisan sastra (kawas buku “Sangkakala pajajaran” (H. Setia Hidayat & N. Syamsuddin Ch. Haesy numutkeun Ajip Rosidi). Komo nu diluhurmah ukur tina papatet nu pondok (saeutik), dina ieu bagian urang buka lalangse sabagian ulikan sunda ngeunaan ka-sakawayana-an.

Dihandap ieu, mimitina rek ditepikeun, panganteur ayana ulikan kasakawayanaan di sunda ti babaheula nepikeun ka ayeuna kawariskeun ku cara make warna post-positivis. Dibagian ahirna insya alllah kailo yen ayana ieu ulikan bisa oge kadongkang dumasar wanda empirik kaom positivis.

Dina hal elmu/realm ulikan kasundaan, kecap sakawayana aya dina tiap bacaan/du’a/’trigger’ kapribadian ngeunaan tangtungan kasundaan, diantarana wae : 1) Sahadat sunda, 2) Kasumedangan, 3) Karatu adilan ti gunung sunda,  jeung 3) kasiliwangian mandala jati sunda.

Trigger-trigger ulikan dihandap ieu teu disalin lengkep (punten dihapus sabagian) sabab katimbang lengkepna mah ngan ukur perlu pakeun partisipant observer.

1. Sahadat Sunda,

…………..
………….
…………. ya isun saseuweu sasaka sakawayana… satunggal….
………. jst

Ngeunaan sahadat sunda, jeung sahadat-sahadat lain (aya waktu jaman mimiti asupna islam di tatar sunda)- nu poko sahadat galuh, cirebon, banten, sancang, pajajaran, sahadat siliwangi - mangrupakeun metoda/teknik dina ulikan kapribadian nu nga-trigger - make artikulasi rajah-rajah pasword- rincikan rasa supaya mampuh nyaksi, ngabuktikeun, nyahadahkeun, ngalahirkeun, nganyatakeun lahir batin jiwa raga ayana hiji ‘tapak/memori/ upload program baheula dina clipboard kitab dunya supaya ka dowload nepikeun ka sah dat na kalawan enya lain saukur euceuk da ka install dina komputer jiwa raga sorangan.

Formulasi-formulasi ‘sahadat’ ieu masih aya dipake kaayeunakeun pakeun ngagampangkeun dina ngalelempeng proses browsing koordinat (alamat) eta upload program dina kitabin mubin. Ayana warna sahadat ieu -banten, cirebon, sancang, pajajaran, siliwangi - pakeun metakeun jeung mere ‘benang merah’, mainstream tangtungan kasundaan harita (baheula) ku mimiti diaranggona jalan (sareat) Sang Rahmatan lil alamin di tatar sunda ngalangkungan inovator anu mulya Kean Santang Gagak Lumayung Sang Garantang Setra. Supaya seuweu siwi teu kapalingan deuleu dina aslamtu.

Update rajah trigger jiwa eta ku cara payungna nganggo bismillah dipasieup ku sahadat rasul ari detail rincikan trigger rasana nganggo kecap kecap sunda asal (leuwih jelasna (atawa leuwih tingali eddy nugraha: sahadat kami: nyahadatan saha? Naha enya jadi sahadat?)

Dina ieu ‘sahadat’ sunda, seuweu sunda angger diajarkeun ka-sakawayana-an. pakeun bisa memener tangtungan yen salaku pribadi –saha wae- rumasa saseuweu (nu sing mampuh) JADI tihang sakawayana. Nyukupan ngauban kabutuh kabetah hirup hurip sa mahina sacukupna nu dimimitian ku nyaho ukuran kawayana sakawayana.

Lain ari di sareat sang khataman Nabiyyin sareng nabi-nabi sateuacana ge ngajarkeun umatna teh sing boga sifat Rabbaniyah (ka Allahan) jadi Rabbaniyyun?..lain ari akhlak teh kudu nurutan Allah? Ari Allah teh lain sasaka nu nyakupan ngauban kawaya mahluk satungkebing langit satangkaraking jagat?… jadi lamun diajarkeun supaya jadi sasaka sakawayana teh lain sarua diajarkeun…. supaya boga sifat rabbaniyah? Supaya boga akhlak sepertos nu diwulangkeun ku Kangjeng Nabi saw? (tingal, Islam dan Peradaban, Dr. Nurcholish Madjid)..

Masih keneh boga sifat hanif kawas Sang Khalililullah Ibrahim daek nyungsang nyungsang tangtung make metoda luluhur supaya leuwih bisa merenah nangtung nempatkeun karabbaniyyahan??

Meureun ari sa kabutuhna mah moal kadedemes keleuleuwihi. Sakabetahna mah moal asa hirup kapaksa. Hirup teu asa ngumbara da di bali geusan ngajadi di banjar karang pamidangan sorangan nu sorangan keur sorangan mawa jeung bawa sorangan. Rek nanonan sirik kabita ku kaboga batur da masing masing ge boga kawayana sorangan moal bisa injeuman bagja…jrrd…jrrd…(klise lamun dituluykeun).

Pek telek jeung tetek heula dimana deui di islam -keur muslim nu nuturkeun sareat Sang khataman Nabiyyin tedak quraysh- nu ngajarkeun ka-sakawayana-an lebah lebahna??? da ayeuna mah lolobana  ti dinya heula nunuturna/cecekelanana memeh urang leuwih tembrakeun ulikan turun manurun sunda pakeun tapis di ka-sakawayana-an ku mageuhan sasakana sasaka sunda.

2. Kasumedangan