TAPA: SUMANGET KAUM AHNAF KEUR JAYANA SUNDA

Eddy Nugraha

Panganteur

I

Saha Kaum Ahnaf teh jeung naon ketakna?
Kaum Ahnaf teh sesebutan keur jalma-jalma jaman
baheula di Mekah nu nuluykeun ajaran Sang Hanif
Halilullah Ibrahim as. Ceuk cenah (tina sajarah) ieu
jalma-jalma nu harita kaasup kaum minoritas di Mekah
teh sok resep nyingkurkeun maneh ka gunung-gunung, ka
guha-guha, ka tegal-tegal keusik jeung ka
tempat-tempat lain nu jauh ti jalma rea (masarakat
Mekah jaman jahiliyyah harita) pikeun neangan
‘tuduh/caang/enlighting/pencerahan’ ti nu Murbeng
alam, di sunda mah sok disebut tatapa atawa nyepi.
Sang al Amin Sayyidina Muhammad kakocapkeun nuju anom
keneh sateuacan janten Nabi mangrupikeun salah sawios
diantawis kaum Ahnaf, mantenna sok resep nyingkur
khalwat di guha Hira nu aya di luhur gunung. Malih
saatos janten kaNabianana ge, ieu hataman nabiyyin teh
disebatkeun ku Allah dina Qur’an leres leres Millatu
Ibrahim (kaum Ahnaf).

Harita jaman kaum Ahnaf ieu kasebut, tanah Mekah jeung
Arab umumna disebut aya dina jaman jahilliyah (poek).
Kajahiliyahan ieu seuweu Semit (turunan putra Kahiji
Nuh as) teh lain pedah masih frimitif tapi malah
ekonomi jeung budayana kasebut maju tur geus
‘kompleks’. Mekah ngarupakeun puser agama/ekonomi keur
urang Arab. Sabab Kahiji, ngarupakeun tempat ayana
Ka’bah sesa-sesa ajaran tauhid Ibrahim as nu diaku ku
Yahudi jeung Nasrani. Ka dua, di Mekah aya Hajar
Aswad (batu hideung) nu jadi pusat ibadah batu bangsa
Arab Pagan, jeung umumna seuweu siwi Semit, nu percaya
yen guha-guha atawa batu-batu dianggap suci jeung boga
kakuatan atawa barakah, Sayidina Muhammad ge cenah sok
kersa nyiuman batu hideung eta. Sanajan kitu, ieu
bangsa Quraish harita dikepung ku pangaruh
bangsa-bangsa Ajam non-Arab sabudeureunna nu leuwih
maju/modern boh agama (Yahudi, Nasrani) boh
budaya/politikna (Romawi ti kulon jeung Persia ti
wetan).

Di Jaman Jahilliyyah (poek) euweuh cahara ieu, (1)
tatar Arab nu subur kayaning Yaman dikawasa ku bangsa
deungeun (Persia); (2) Budaya anyar nu asup ka
jazirah Arab ngarupakeun budaya individualisme nu
ngarusak tradisi komunal. (3) Urang Mekah leuwih agul
ka nu aya di deungeun-deungeun; loba saudagar/ urang
Mekah nu geus ulin ka luar nagri kayaning ka Thaif,
Suriah jeung Irak sok leuwih muji bangsa deungeun;
dina baralikna teh sok agul nyararitakeun dongeng
dongeng aheng ngeunaan leuwih majuna adab bangsa
deungeun ti bangsana sorangan. (4) Muru’ah atawa
aturan nu geus heubeul di Mekah aya jadi teu saluyu
deui jeung kabutuh + kahayang maranehna, bari
pacengkadan antara maranehna terus terusan aya (Perang
antar suku). (5) Urang Arab jeung sabangsa seuweuna
loba teu alakur, nu dina seuh-seuhanana
marentingkeun/ngaheulakeun dulur jeung baladna
sorangan (kasukuan). (6) Dulur bangsana loba nu jadi
budak ku bangsana keneh, ari Semah (pendatang, yahudi)
meunang tempat nu leuwih ngeunah/mulya (tingal di
Yathrib memeh Sayidina Muhammad sumping). (7) Sasama
bangsa sering rebutan cai jeung tempat cicing di
sagara keusik, jrrd nu Hal kitu teh bari (8)
ditambah-tambah ku mahabuna pamusyrikan dina kayakinan
tur payakinan masarakatna.

Untungna kaayaan Jahiliyyah di Mekah kasuaikeun ku
hasil padamelan salah saurang kaum Ahnaf nu jenengan
Muhammad. Tina hasil sering nyingkurkeun maneh
tatapa/nyepi di guha, Sang Al Amin Muhammad saw hiji
waktos kasinugrahan, kapasihan tuduh disarengan
kamampuh pikeun ngomean akhlak umat ningkatkeun
dangiang Nagri. Hasilna geus pada terang sadunya yen
dina waktu ngan 23 taun eta hasil tatapa di mandala
Hira teh hasil ditapakeun di masarakatna (tapa
dinagara). Ku kitu teh ngajadikeun jalma-jalma
jaratnika bangsa-bangsa ajam didunya kaasup di sunda
kabitaeun, anut nurut nuturkeun hasil tina tatapa Sang
Mursalin (agama Islam) di mandala hira, bari oge
nyebarkeun agemanna ka seler bangsana, atuh dangiang
Sang rahmatan lil alamin langkung-langkung kawangikeun
ampir ka sakuliah dunya tug dugi ka ayeuna.

Ari nu lain osok migawe tapa kawas kaum Ahnaf?


II

Tatapa nyingkurkeun maneh dipilampah ku loba-loba
jalma utama

Kabiasaan tatapa Sayidina Muhammad ieu saenyana lain
kabiasaan kaum Ahnaf mekah mungkul, Sateuacan jeung
saatos Muhammad, sakabeh nabi-nabi bangsa Semit seuweu
Isra-El (yaqub) ge maridamel tatapa nyingkurkeun maneh
ti jalma rea dina sawatara waktu (Bible), diantarana
nu di dongengkeun rada loba dina qur’an nya ngeunaan,
Khidir as, Sang Kalamulah Musa as, Zakaria as miwah
Sang Rukhullah Isa as. Dedengkot Bangsa - bangsa di
beulahan dunya nu lain ge sarua maridamel tapa
nyingkurkeun maneh, sebut wae nu diantara nu
katuliskeun nyaeta Sang Sidarta Gautama, Sri Krishna
Sang Kesawa, Sri Rama Wijaya tedak Ayodya, Harjuna
seuweu Kuru, para wali boh nu di arab boh nu di jawa
malah kongas Sultonul auliya Abdul Qadir ti Zaelan mah
nyingkurkeun maneh na ge 25 warsih di tegal keusik
Irak. Malah Suharto ge cenah tatapa heula nyepi dinu
nyingkur di ‘pertemuan’ dua leuwi memeh jeneng janten
Presiden RI panglamina.

Di sunda khususna, ratusan tahun saatos Sayidina
Muhammad saw midamel tatapa di gua Hira, kabiasaan
mantena the oge ditaluturkeun kayaning arindit ka
kabuyutan sabaraha waktu, numpi di guha anu, di leuwi
anu, digunung anu balik balik lamun geus waktuna.
Sebut wae diantara nu katuliskeun Prabu Kean Santang
Sang Hyang Lumajang di gunung lumajang srg di
timbanganten, Pangeran Walangsungsang Sang Bayanullah
di gunung Merapi, jeung Syech Abdul Muhyi nu mokteng
ing Pamijahan di guha safarwadi, jeung Dalem Wiratanu
teureuh Wangsagoparana di leuwi kihiang. Kabiasaan
kitu ditarurutan the diantarana sabab saencan Islam
diagem ku urang sunda kabiasaan tatapa mah geus
lumbrah, matak aya istilah tapa di mandala
(Siksakandang ing karesian). Malah di jaman Pajajaran
ieu tempat - tempat tapa the dijaga di auban ku
Raja/pamarentah kawas katingali dina sababaraha
prasasti.

Ngan kadieunakeun, kabiasaan tatapa ka tempat nu
nyingkur the geus beuki ngurangan malah ampir kadenge
‘Aheng’ , teu dipikaresep jeung kapoyok ku kalolobaan
urang sunda komo lamun di adu renyomkeun jeung urusan
sareat. Loba nu nganggap pagawean teu luyu jeung
sareat agama.

Sanajan kitu, saenyana mah dina sareat agama Islam
kabiasaan tatapa ieu aya ngan istilahna nu kongas
kasebut I’TIKAF, pan dina harti kecapna ge I’tikaf teh
cicing ngurung maneh di hiji tempat. Itikaf dipigawe
ku cara meresihan jeung nyucikeun hate tina sagala
urusan dunya madep ka Allah swt. Mopohokeun urusan
dunya, batur, dulur jeung saniskara supaya tinggal nu
aya teh Allah swt jeung manehna pribadi (khalwat).
Ngan dina sapopoena Itikaf jadi boga harti nu leuwih
heureut nyatana cicing ibadah di jero masjid. Malah
kecapna ge jadi langsung ngantet ‘itikaf di masjid’
wae, jeung kalolobaana dipigawe jeung dipadungdengkeun
the lamun bulan Puasa. Kitu deui, dongeng itikaf nu
sering katepikeun teh ngan ngeunaan conto Kangjeng
Nabi nu sok itikaf di masjid di panungtungan ramadan,
nu kitu dianggap sunat sabab cenah ceuk hadis, ieu
Rasul teh sok midamel malah miwarang ka umatna (HR
Mutafaq ‘alaih). Ditempat lain mah kayaning nurutan
tatapa Sang Al Amin di guha/ atawa nu nyingkur tara
dihucuhkeun jeung geus dianggap teu perlu atawa
diulahkeun, malah loba nu megat ku omongan nu
nyakompet daunkeun jeung istilah munjung/muja muhit ka
werejit lamun numpi di nu nyingkur.

III
Naha perlu kitu tapa di nu singkur di jaman ayeuna ??
naha aya keneh tempat singkur dijaman ayeuna?? Kumaha
carana kamana madepna? Naon jampena?? Naon
pacambalanana?? Waaah dongeng baheula eta mah….. naon
gunana ??