POHACI: NYUGUH POHACI MEUNGPEUNG PUASA, POHACINA POHACI SANG HYANG DEWEK

ku Eddy Nugraha

Panganteur

I

Dina babasan kampung Pohaci asalna tina pwah jeung aci. Ari pwah unsur daya rido ti nu Maha kawasa supaya Jadi/mangrupa. Ari aci dina babasan sapopoe nyatana sari pati (nu alusna) tina dat contona nu teu bireuk nepi ka ayeuna nyaeta ngaran aci - tipung nu asalna tina sari pati sampeu. Aci oge mangrupa sari tina puji sabab hasil pagawean/olahan nu jadi kapujian hartina dipikaresep/dipikabutuh ku nu makena.

Jadi, pohaci dina babasan kabiasaan urang kampung mah nunjukkeun aci-aci ning dat nu dibarengan ku daya ti nu Maha kawasa nu murbeng alam supaya ngajadi/ngabantuan kaperluan/kabutuh/karesep jalma/mahluk.

Matak indung beurang lamun arek ngubaran budak nu gering atawa nu ngadat/ceurik wae, sok biasa ngaheungheum beas cikur atawa panglay, tuluy lamun geus karasa rasa aci-aci/sarina ku anjeuna –da diasupkeun kana bahamna- cikur atawa panglay the diburakeun atawa kadang saukur dilepehkeun bari terus ditempelkeun kana tarang nu gering/nu ngadat wae bari tuluy ngucap

…PUAH (pwah) CAGEUR siah!

Eta kabeh lir ibarat aci ngahiji jeung doa/itikad/program ti indung berang neneda ka nu maha kawasa make kecap Pwah....nya jadi Pwah kana aci….jadi Pohaci….nya tuluyna mah, nu ngan saukur cikur atawa panglay the boga daya mangfaat lain pakeun nyagerkeun atawa ngarepehkeun budak, sabab lain saukur aci cikur atawa panglay tapi jadi kaselir ku pohaci (na) cikur atawa panglay nu boga maunat nulung jelema.

Matak kangaranan pohaci diterapkeun oge kana sari rupa-rupa barang nu aya didunya. Kayaning- pare/ibu ngarana pohaci sang hyang sri, inten Pohaci terus patala, emas pohaci maya herang, barang dagangan pohaci wenis jati, Perak pohaci maya putih jrrd.

Malah geus kawicara dina tulisan bujangga oge, ayana tingkatan (pakeun ngabedakeun) tina sesebutan aci nepi kana pohaci, yen misalna wae; pikeun nyebutkeun sel sperma disebutna Aci putih maja herang aci putih tunggang herang (teu make pwah-atawa teu disebut pohaci tapi cukup aci); sel telur Aci putih maja hening aci putih tumpang lenggang; karek lamun geus ngajadi pembuahan/zygote disebutna ningkat jadi Pohaci nyatana Pohaci impun larang nu aya di gunung kembar.

II

Tangtu wae dina bag-bagan ulikan mah, engke dibagian satuluyna bakal leuwih katingali, yen aya bedana tingkatan nerapkeun sesebutan aci jeung pohaci -Sabab moal aya ngaran lamun euweuh barangna, moal aya ngaran mun teu boga sifatna moal aya ngaran mun teu boga usik/guna/manfaatna- antara aci acining barang nu aya di dunya jeung pohaci nu leuwih dijelaskeun ayana di alam kahyangan nu turunka dunya sasat saukur dipiwarang (Ngabdi-ibadah) ka Sunan Ambu. Kapanggihna alam katut panta-panta aci tepi ka pohaci the –saperti nu bakal kailo dina bagian satuluyna- lamun geus rajin daek wekel mutih, ngabeuti, ngalalab, ngatah, niis jrrd latihan meruhkeun aci supaya manjing jadi pohaci.

Leuwih jero deui Dina ulikan kasundaaan eusi. Pohaci the nu ngawarnaan RASA. Ku kawasana, Pohaci jadi panghurip nu nimbulkeun nyawa. Tuluyna, pohaci jadi SIR nyatana rupa rupa rasa nu jadi pangrasa.

Ari pangrasa nyatana nu jadi pangawasa nu hirup. Pangrasa matak jadi pangawasa sabab usik malikna jelema jeung sakabeh nu kumelip kumaha pangrasana. Nya pangrasa ieu jadi pangawasa dat na, pangawasa sifat jeung tingkah polahna.

Ieu dadaran…pun sapun….

Rek nganepikeun yen kabiasaan sapopoe nu aya hubungana jeung kapercayaan kana pohaci di kampung, nu beuki kaayeunakeun beuki arang katarima ku jalma-jalma nu ngarasa ‘ngota’ jeung ‘educated’ ku ala barat jeung ala Arab, teh asal muasalna bijil tina falasifah kapercayaan sunda baheula nu empirik.

Para pohaci the ayana lain ngan saukur dongeng memeh sare tapi boga falasifah nu nuduhkeun kana ulikan tangtung jeung masih nerap dina babasan jeung kabiasaaan sapopoe nu boga ‘nilai aplikasi’/kagunaan nu alus tur daya guna malah tepat guna, kayaning dina metoda ngubaran, nyuguh, nyieun tumbal, teknik neluh & nolakna, jeung ngomean awak katut ngomean lingkungan, malah isik sering dipake pakeun nganteur pamaksudan dina usaha jrrd.

Ieu dadaran… pun sapun….

Rek ngajelaskeun ngeunaan Pohaci utusan sunan Ambu nu heubeul nulung seuweu siwi tedak pajajaran….nu ayeuna mah geus diapi lainkeun/dianggap pamusrikan/bidah jrrd ku kalolobaan urang sunda kiwari sabab bisa jadi bijil tina heureutna kanyaho inohong sunda –nu make jalan Arab (lain saukur jalan Islam) - dina masalah ageman, jeung heureutna kamampuh inohong sunda nu saukur ngarasa nyunda tapi teu tapis ngeunaan pamahaman Islam nu rahmatan lil alamin (nu lain saukur pamahaman Arab) oge teu wanoh kana kamajuan paradigma jaman.

Wah…siah…..
….timana asalna wani dodongeng jeung nyebut kitu? ….Naha saukur kirata wae ….dinyata-nyata ku kira-kira? Naha saukur ka teupuas kaum marginal?

Tapi,….Cik atuh kumaha enyana mun enya-enya enya mah enyana?

Ngan kade euy bisi neunggar pangrasa batur….
…. Hayoh matak kabur pang ACIan!
puah…pwah!
Hung…ahung!


III

Memeh ngadadarkeun hal nu empirik/aplikatif ngeunaan pohaci, Urang mimitian utamana ku dongeng nu jadi ‘framework’ ulikan ngeunaan Pohaci nu sok kapangih/katuliskeun nu bisa kabaca ku umum dina pantun- sabab saperti nu geus kajanapria, dina nyimpen atikan tur nganepikeunana falasifah turun manurun, di sunda mah loba nu di’kemas’ make media pantun:

Pohaci teh awewe nu aya di kahyangan (sok disebut oge bumi suci alam padang) nu ngabantu Sunan Ambu. Ngaran Pohaci diantarana nu kabukukeun SangHyang Sri, Wirumananggay, Rincik bumi, Karma Seda, jrrd. Pohaci –ngan pohaci mungkul- nu biasana sok dipiwarang ku Sunan Ambu turun ka Buana Panca tengah Lamun aya seuweu siwi boga maksud/kahayang (umumna mah ngan kacaritakeun lamun boga kahayang sabab boga kasusah/karererepet).

Kawas dina carita Mundinglaya nu (pernah) paeh sabab ngalawan guriang tujuh, nya bisa dihirupan deui (ditulung) ku disumpingan ku Pohaci Wirumananggay .

Naha bet ku wirumananggay ? lain kunu sanes?

Kadieunakeun, dina basa sapopoe –sab di sunda cenah kapangaruhan ku hindu- pohaci sok oge jadi disebut dewi atawa bidadari. Misalna pohaci sanghyang Sri jadi Dewi Sri. Ditambahan ku dongeng lamun Pohaci –bidadari- turun ka dunya ngadon mandi di leuwi ngaliwatan katumbiri jeung lamun kabawa karembongna ku batur teu bisa balik deui ka kahyangan.

Naha pohaci ayana di alam kahyangan, naha dialam kahyangan pohaci turunna kadunya kudu nunggu dititah?, jeung naha bet nitah pohaci, teu tiasa Sunan Ambu angkat nyalira? Naha pas ngalawan guriang tujuh bet paeh? Jeung naha dihirupan ku Pohaci? Jeung naha bet ditambahan ku caritaan sok ngadon mandi dileuwi dunya ngaliwatan katumbiri - lain lamun aya katumbiri mah wayah geus hujan meureun hawa leuwi jeung caina tiris - rada aneh resep mandi lain dina wayah panas/haneut??

Urang bukakeun saeutik lalangsena: urang jujut ti wiwitan, urang pake keur wekasan, didunya urang wanohan, ameh kaaasaan manis imbitna ameh teu giyung ku amisna. ameh teu katerap tai hyang karatan teu boga danghyang teu mulya di parahyang(an) sab geus teu apal naon ari kahyangan.



IV

Mimiti jalma dina jero beuteung indung, jadina Sang Pohaci Impun larang (zygote) nga anak sudang (janin) ngagedean tur lengkep sapuratina kusabab lengkepna/ayana sari sari kadaharan/hakaneun (gizi) nu dituang ku Indung jeung hasil tina (kuat/henteu, sehat/henteuna) bekel Aci putih maja herang aci putih tunggang herang (sel sperma) tina sari aci-acining kadaharan nu dituang ku Bapa.

Matak kongas kasebut lamun ngabasakeun ka budakna -jelema hurmateun nu diajak nyarita) sok bari ngahurmat kolotna, nyebutna urang teh pan ka indung/oge ka bapana make sesebutan TUANG IBU TUANG RAMA, hartina ngingetkeun kanu diajak nyarita yen jelema nu ayeuna mulya teh jadina sabab lantaran hese cape indung bapana. Ibu tuang (dahar) bapa tuang (dahar) acining dunya nu nampa narima nya budakna (ngajadi janin). Da lamun euweuh aci-acining hakaneun nu asup ka indung/bapa mah moal jadi mangrupa orok - budak katempuhan (mun goreng acina)/kabere untung (mun alus sarina)

Sanggeus sampurna aci-acining kahakanan pakeun ngajadikeun janin cenah ku nu murbeng alam dipasihan sukma (ruh).

Lamun dina Mushaf Utsmani loba aya ayat-ayat nu dicutat ku ulama nu ngadugikeun proses janin tina sudut pandang biologi nyatana: tina saripati taneuh, nutfah, ‘alaqah, mudhghat, izham tuluy disampurnakeun ku ruh Allah (diantarana-Al mu’minun 12-14).

Disunda mah analisana make sudut pandang kahanan (dimensi):

Kahanan mimiti dina jero kandungan saggeus dipasihan sukma (bulan ka 1) kasebutna Sang Sukma Mulya. Ku pangaruh aci-acining kadaharan nu asup kana ‘rahim’ ibu. Ieu kahanan kahiji teh robah jadi boga rasa (Sang Sukma rasa/bulan ka 2), Sang jati rasa, Sang sari rasa. Malah engkena jadi Sang terus rasa.

Ku kituna memeh asup kana tahapan Sang terus rasa (bulan ka 5) jeung geus jadi sari-sari rasana si anak sudang (janin) (bulan ka 4), nukagedekeun ku pola pikir sunda bihari mah sok salametan nu eusina ngadu’a -mere program kana aci-aci nu geus beuki ngajadi- ku acara 4 bulanan keur si utun inji dina kahanan Sang jati rasa nu nambahan sari-sari rasana. Sederhana na mah, diantarana, ku nyieun bubur beureum bubur bodas - ameh salamet….aci-aci ning kadaharan…ditambahan ku du’a/itikad/program supaya ngajadi pareng pohacina sinelir.

Ku salametan ngadu’a (program) teh, nu asalna ukur sari-sari acining dat jadi ditambahan ku sari-sari acining puji (do’a+ aci nu direkayasa jadi –diantarana-bubur beureum bubur bodas). Ngajadikeun ayana ‘interaksi’ antara aci-dijero-nu geus ngabaju jadi janin- jeung aci-aci diluar nu direka jadi puji diprogram pakeun kasalametan nu dijero. Tah ku kajadian didieu mimiti (dina bagian satuluyna) bakal kapanggih/ka-track ayana teknik neluh jeung nolakna. (he…he…he tong tebih-tebih tengetan we…teluh kejo)

Ayeuna geus kabuktikeun ku dunya medis yen aya hubungan antara anak sudang jeung emosional indung katut kondisi lingkungana kayaning ngadenge musik jrrd. Ku kituna, salian ti pantangan-pantangan lain ka indung bapa salila reuneuh, mere do’a/program ka anak sudang ku cara salametan dina bulan ka 4 (jeung oge bulan ka 7) sawarna jeung mere pangaruh kawas ku musik ka anak sudang. Malah ieu mah make resonansi aci-acining kadaharan bari husus diprogram supaya kaginuluran bagja, diantarana, Pohaci nyataning aci-aci nu aya Tuah/dayana/pwahna jadi di (bakal) anakna.

Dina bulan ka genep, Sundana -bekel cahaya/nur- ti nu maha suci nurusamawati wal ardhi rek dicekapkeun matakna kongas ieu kahanan janin kasebut Sang Nurseda (sunda panungtungan pasihan rabbul alamin) nu engkena si anak sudang jadi Sang Aria Bumi. Supaya sampurnana kahanan Sang Aria Bumi/euweuh gangguan narima nurseda, deui-deui indung bapana ‘intervensi’ ku ngadu’a ka maha Suci mere program salametan ku acara tujuh bulanan.

Jst…………………..

(punten.... teu dikintunkeun ngeunaan dua kahanan panungtung, da saterasnamah mung cecepengan indung beurang (jeung nu hoyong apal cecepengan jadi indung beurang).

V

Utamana mah, 2 kahanan panungtung jadi trigger pakeun nga-uninstall diri balik ka asal lumenggang. Sabab lamun aya jelema gagah sakti make proses ‘rekayasa tina fitrahna’ ku ngopy jeung nga install rupa rupa tambahan program nu ngamodify wujud normalna –kayaning jadi weduk, pelet jrrd- terus dibacakeun ku indung beurang wincikan ‘track’ wiwitan nu jadi manehna –lamun bener-bener indung beurang- sok leungit pangawasana ‘anomali’na balik deui kana normal –.

Ieu teknik ‘System restore’ masih dipake pakeun ngaleungitkeun sabangsaning ‘kawedukan, kajayaan jrrd’ lamun geus teu diperlukeun atawa arek mulih ka jati. Sabab mulih ka jati bisana lamun geus bisa mulangkeun ka asalna sakabeh aci-acining nu ngajadikeun wujud. Kabeh kawedukan jrrd ‘engineering wujud’ diasupkeun ka jelema make proses intervensi/rekayasa aci-acining nu jadi sarina (tingal bagian XXI).

Sukuran/salametan 4 bulanan oge 7 bulanan diparigawe salaku upaya kontrol, ngarawat jeung ngomean ku ahlina sabab rea manggihan yen salila kakandungan the loba gangguan ka jabang bayi ngaliwatan pangaruh lingkungan, asupan gizi, stress kahariwang emosi indung, tingkah laku bapa (nu sok nyambung/aya pangaruh ka pamajikana nu ngandung nu jadina mangaruhan budak). Oge, sanajan sapopoena mah biasana indung bapana oge geus apal kana pantangan lamun keur kakandungan tapi pan jelema tea sok keuna ku poho, balangah jeung lalawora.

Bisana urang sunda nganyahokeun dimensi kahanan anak sudang/janin sabab disunda mah loba cai. Ku kajatnikaan luluhur sunda, ulikan sunda ku mrogram maneh bari teuleum di cai ngarupakeun ‘modelling’ dina upaya pendekatan ‘shahih’/teruji kana kaayaan janin dina jero kandungan (tingali we sarua kabeh kalingkupan cai). Loba bukti empirikna, da sanyatana memang ulikan ieu teh geus masagi, tinggal daek nanya ka ahlina.

Matak bisa jadi lamun lingkungan alam sunda beuki rusak ku diantarana jadi hese cai, hiji isarat yen kalolobaan urang sunda teu wanoh kana ulikan luluhurna. Da lamun wanoh mah meureun bakal heman ka cai jeung lingkungan nu jadi sabab cai cur cor. Lamun euweuh cai leungit metoda/teknik pakeun nganyahokeun bibit buit bekel lumenggang.


VI

Tina carita diluhur, beuki atra yen aci-acining kadaharan teh ku bantuan daya hirup (sukma) ti nu maha suci (pwahna/gunana) jadi pohaci - jeung tambahan doa indung bapa sab Allah mah ngabulkeun doa. Nya eta tea nu ngajadikeun janin jadi hirup bari hurip. Matak kudu hurmat pisan ka pohaci teh sabab enya manfaat tutulungna ka jelema.

Pan kongas dulur-dulur urang kanekes mah dina ngawincik asal-usul luluhur teh ti mimiti indung-bapa tuluy ka aki-nini, buyut, bao,udeg-udeg, janggawareng, kakait siwur tuluyna/ahirna mah ka bapa Adam indung Hawa. Ieu nunjukkeun kawinekasan aranjeuna sabab ari Adam teh pan tina taneuh ari hawa teh pan di sundamah udara atmosphere (hawa teh mani seger, mani nyongkab, mani tiis jrrd). Nya tangtu heueuh pisan enyana da jadina jelema timimiti anak sudang teh asalna mah tina aci-acining taneuh nu bisa dihakan ku jelema kusabab aya Hawa nu ngabayuan nu ngajadikeun pohaci tiasa nyata/turun di buana pancatengah. Moal aya jelema di dunya lamun euweuh hawa nu ngajadikeun taneuh tempat hirup hurip bijil cai curcor tutuwuhan sasatoan manggapulia.

Di situs purba gunung padang Cianjur oge di undakan pangluhurna-luhureun/pengkeureun ‘makam/kedudukan’ Sang Siliwangi teh aya ‘batu’ makam/kedudukan Bapa Adam Indung Hawa-dihandapna aya taneuh nu sok dibekelkeun kanu jarah. Cenah aya maunatna lamun boga pamaksudan. Sacara wijaksana luluhur mere siloka nyaeta nu utama lamun boga kahayang hayang laksana nya omean taneuh maneh (awak teh asalna tina aci-aci taneuh) – kawas taneuh nu boga karamat- ameh nyari meureun payu.


VII

Lamun geus lahir……

Balina lumrahna dikubur deui hartina dibalikeun ka taneuh (nu jadi asal mula Adam) bari di program keun supaya ngahiji deui make aci-acining uyah panglay jrrd supaya jadi Pohaci Dangdayang Sari nganteur lebur jeung taneuh sa dunya sarina asup deui ka awak-awak jelema mantuan jelema.

Matak sabenerna kudu daek make parancah indung beurang supaya budak walagri ku ngado’a mere program nitip (ctrl-C, ctrl-V) dina ‘memory dunya’ ngaliwatan balina nu dileburkeun deui jeung taneuh. Ayeuna mah urang sunda loba nu teu wanoh ka pohaci Dangdayang Sari, ngaapilainkeun atawa dina nguburna sok teu pati ngajenan jeung nganggap ngan saukur sarat komo loba nu nganggap ngan saukur adat - buktina dina migawena teh Bapana nu boga tanggung jawabna nu TUANGna tara ngilu-ngilu acan. Padahal nu penting mah bapana mere do’a/program meungpeung balina ‘alus’ keneh bisa nyimpen memory program du’a memeh di lebur balik ka asal ngahiji jeung puseur asalna.

Bali budak teh, aya oge nu digantung jadi kanjut kunang pakeun dipake ubar/tumbal/jimat jrrd sanggeus ngaliwatan ‘program’ parancah khusus nu engke make setting ‘time-counted program’ nu bareng larut/leungit lamun budakna waktuna maot. Ayeuna aya beja ti rumah sakit di Singapore aya program nyimpen bali orok di hospital. Waragadna ratusan juta perak, cenah dokter-dokterna yakin yen ti eta balina bisa dipake sumber diagnosa jeung ubar pakeun sagala panyakit budakna kahareupnakeun mun katerap. Pan dina basa sunda mah aya paribasa nu geus nahun BALI GEUSAN NGAJADI. Baheula dipake ku urang sunda ayeuna di mangfaatkeun ku singapura (sanajan can tangtu beunang nanya ti indung beurang) …. sugema pisan…. nu sorangan dipiceun ari perlu mayar ka deungeun.

VIII

Kumaha timimiti orok nepi ka jadi jelema? Kumaha carita pantun nu di caritakeun timimiti teh nerapna..euy?
Jeung kumaha maksud tulisan nyuguh pohaci meungpeung puasa? Bari pohacina ngaku-ngaku wani nyebut pohaci sang hyang dewek sagala?? Teu sieun katulah??....puah…puah…

(Urang kintunkeun bagian salajengna upami pareng)