TAPA: SUMANGET KAUM AHNAF KEUR JAYANA SUNDA (2)

III

Naha perlu kitu tapa di nu singkur di jaman ayeuna ??


Nyingkurkeun maneh sawatara waktu saperti nu dipigawe
ku kaum Ahnaf jeung sajumlah jalma-jalma utama didunya
saperti nu katulis diluhur (tapa di mandala) dipigawe
dina upaya mitembeyan keur neangan
‘caang/tuduh/enlighting/hidayah’ bekel aranjeuna
pikeun babakti di masarakatna (tapa dinagara).

Kajadian nu kaalaman harita ku jalma-jalma rea tiap
jaman dimana eta jalma-jalma utama jumeneng
mangrupakeun kaayaan ‘problematik’, jaman poek, jaman
jahilliyah, jaman barodo (dina harti sok pinter tapi
kabalinger – sok ngaenya-enya nu lain ngalain-lain nu
enya), jaman bangsana loba jadi kekesed dina sagala
widang, jaman teu adil, jaman durgala, jaman kedeseh.
(ari nagri sunda jeung pangeusina keur jaman naon
ayeuna?)

Contona bae:
(1) Jaman Sri Krishna, nagara dikawasa deungeun/kangsa
dewa bari dulur-dulur/kolot Narayana aya dina berokan
agresor. Nya lolos ka leuweung nyingkurkeun maneh
kumereb ka Wisnu rabbul alamin. hiji waktu balik deui
ngelehkeun Kangsa bari boga lopian, kongas wijaksana
jadi panasehat pandawa dina perang wangsa Bharata
jeung gaduh dangiang kesawa.
(2) Jaman pangeran Sidharta, di jero istana subur
makmur, ari diluar masrakat loba nu susah, kareuna
panyakit, perang jeung rupa-rupa ka teungeunahan jeung
kateuadilan padahal pandita balatak, pangeran loba,
nagara jeneng. Lami nyingkurkeun maneh ujlah jeung
sajatining jati nu billa haefin billa makanin, matakna
kenging Ar-Rasyid kawijaksanaan Budhi. Tos kitu mah
bekel kawijaksanan eta dianggo ngomean nagara tur
masarakat sadunya.
(3) Jaman Musa, kumereb di nagara janten pangeran anom
suka senang suka betah, lami-lami apal bangsana di
kawasa bapa angkat, selerna di paraehan lalakina
diarantep awewena, oge kantos dhalim maehan
batur/kalepatan. Teras kabur numpi di dedengkot kan’an
Syuaeb as. Teras nyingkur ka lengkob Thuwa, ditambih
nyingkur ka Thursina ujlah sareng yahweh. Nya hasilna
dianggo ngabebaskeun bangsana kasinugrahan janten
Kalamna Yahweh.

Di sunda, diantarana:
(4) Kongas Sang Hyang dharmasiksa, memeh janten Raja
Sunda. anjeuna nyingkur ujlah sareng nu Galuhna Agung
ngagalunggung di kabuyutan Galunggung. Hasilna tiasa
ngadamel patikrama Siksakandang ing karesian, teras
weh nembe ka peto jadi Raja Sunda (mugi-mugi nyambung
sareng seratan Tapana Kang Oman, Asalamualaika..sun!).
Kongas diantarana nya anjeuna nu mutus supata turun
manurun empu Gandring keur raja jawa dina kerisna,
sabab ditelasan Ken Arok, nya ngadeg Majapahit.
Wewejangna kaanggo ku sakabeh raja-raja di tatar sunda
malah jadi cikal bakal ngahijina nagara sanusantara
nu ditaratas ku putuna kuanjeun Rakyan Wijaya.
(5) Pangeran Walangsungsang, nyingkur ka Marapi sabab
benten kayakinan ngeunaan ageman. Lami-lami ieu Sri
Cakrabuana wong agung cirebon teh kenging tuduh kangge
naratas ngabedah jati purwa cukup ku golok cabang nu
aya tulisan sahadat, nya jadi cikal bakal nagara islam
di tatar sunda.
(6) Oge tengetan kumaha wedalan Galuh Tajimalela
ngabedah sumedang; tingali Wiratanu ngabedah Cianjur;
kumaha ketak Sutawijaya ti mataram, akina Sultan Agung
nu ngajadikeun sunda patalukan, di basisir laut kidul;
jeung loba-loba deui loba-loba deui nu teu alus
didongengkeun kabeh sabab kitu keneh-kitu keneh
polana, kacape-cape ngabudah.
----
Eta kabeh conto di luhur ngarupakeun pagawean
‘inovator’, pelopor’, ‘inventor’, ‘pembebas’, tuturus,
gunung pananggeuhan jalma rea nu harita barutuh
tulung.


IV

Naha bet karitu heula?

Sakali deui eta para inovator, pelopor, inventor,
pembebas, tuturus, gunung pananggeuhan jalma rea
diluhur, saencan migawe tapa di nagara/di jalma loba
teh nyingkur heula. Saenggeus hasil karek turun deui
/asup deui/balik deui bari make eta hasil keur ngomean
jalma bangsana.

Nyatana nyingkurkeun maneh teh, bisa jadi,

Hiji upaya pikeun ngaleupaskeun maneh (heula) tina
pangaruh nu geus aya di lingkungan alam masarakat
jeung saniskara nu biasa aya. Lamun geus aya di luar
sistem biasana leuwih gampang, eces, ningali naon-naon
alus/gorengna kajadian di jero sistem, leuwih gampang
mikiran sabab teu kagugulung ku sistem/pola pikir nu
aya sapopoe.

Atawa,….
Kujalan ninggalkeun (heula) tina pangaruh nu sapopoe
aya, bisa leuwih khusu mikiran hiji hal sabab nyingkur
teu rea kaganggu.

Atawa,…

Kujalan ngaleupaskeun maneh (heula) tinu pangaruh nu
geus aya/diluar sistem paling henteu jadi boga tilikan
nu beda, nu lamun bari kapasihan hidayah ti nu murbeng
alam mah nya jadi boga ‘sulthonal nashira’ nu leuwih
bener jeung enya, leuwih kapake ku jalma rea, ngomean
dunya nanjeurkeun dangiang jaman.

Atawa,….

Kujalan ninggalkeun heula pangaruh nu sapopoe aya dinu
nyingkur, uteuk jeung jiwa na teu kabeungbeuratan
terus, memory bisa cukup deui teu beurat lir ibarat di
‘restart’. Ahirna jadi teu pakujut pikeun
narima/pagawean urusan lain.

Memeh leuwih jero neuleuman cara nyingkurkeun maneh
kaum ahnaf ieu, kayaning kamana madep jeung naon bae
pacambalana, urang tengetan heula conto-conto
leutikna:

Saenyana kabiasaan nyingkurkeun maneh ti ‘jalma
rea/pikiran jamak’ nu jadi
’masyarakatna/lingkunganana’ dina sawatara waktu teh
mangrupakeun hiji kabutuh jeung kabiasaan jalma modern
dina kahirupan sapopoe.

(1) Sakabeh jalma ayeuna aya dina rutinitas pagawean
sapopoe. Supaya bisa terus kuat jeung sehat teh dibere
waktu libur ninggalkeun pagaweanana. Poe libur
‘kaluar/nyingkur’ ti ‘masyarakatna/pagaweanana’
supaya bisa ‘rest’ jeung ‘refresh’, nu ku kitu teh
lamun bener migawena kakuatan tur kasehatan jeung
sumanget na ningkat atawa paling henteu timbul deui.
Nu teu bener ‘nyingkurna’ tina ‘suasana pagawean’ dina
poe sabtu/mingu, senenna sok masih cararape haroream
gawe kongas aya omongan “I hate Monday”.
(2) Ayeuna, keur urang kantor loba program ‘outbond’.
Ieu dilakukeun pikeun diantarana ningkatkeun gawe
bareng, refreshing jeung ngalatih kaahlian mutus
pasualana dina waktu nu samporet. Outbond ieu nyaeta
tea ninggalkeun rutinitasna biasa di kantor sawatara
waktu nyungsi ka tempat lain nu beda kayaning
pileuweungan/pagunungan. Lamun bener program jeung
ngiluanana dina balikna teh kabukti aya hasilna
ningkatkeun kamampuh pagawe di lingkungan tempat
gawena engke.
(3) Dilingkungan kampus, di luar nagri para lecturers
sok dibere waktu ninggalkeun ‘kampusna’
(masarakatna)/’sabbatical live’ sawatara waktu. Supaya
dina balikna deui teh aya karyana nu bisa ‘publish’
sabab lamun henteu diputus ‘perish’. Kitu teh sabab
kapanggih kunu palinter yen dimana dibere waktu
sabbatical ti lingkungan rutinitasna kamampuh
‘inner’na bisa ‘optimal’ jeung leuwih produktif dina
ideu timanan terus ngagugulung jeung kagugulung
‘urusan’ di lingkunganana.

Tapi naon bedana cara nyingkurna “Kaum Ahnaf” ??

Urang teraskeun upami pareng.