Kalam Kasundaan (II)

Bag II

Rata PenuhKaterangan Sunda Eusi
Dina Ageman Urang Sunda Ayeuna (Agama Islam)

Sabagian katerangan tina Qur’an dina tulisan ieu dicutat lain rek saukur nyalindung ka Qur’an dina ngajentrekeun ulikan SUNDA eusi tapi utamana nuduhkeun yen ulikan SUNDA eusi, jero atawa jati dina Qur’an aya sanajan
sir’ah kalawan minhaj dina manggihan jeung nyimbolkeunana teu sarua.


Sunda teh Iman, Iman teh Sunda

Sunda dina harti sunda eusi nyeta Nur nu nyaangan ati nu kapanggih ku awasna ati (rasa) teh kanyataan Iman, sabab Iman dina (agama) Islam numutkeun Allah swt dina Al-Qur’an mangrupikeun Nur. Iman teh Sunda jati (Nur) nu mangrupakeun hidayah nu datangna ti nu murbeng Alam.
‘.…[Kitab jeung] iman teh Nur (Sunda) ti Allah, nu ku sunda eta Allah mere pituduh ka sing saha bae nu kuanjeuna dikersakeun, jeung saenyana ku sunda eta maneh bakal mere pituduh kana jalan –sirothol- mustaqim’ (As-syura, 42:52).

Dina disiplin kasundaan, saperti nu disebutkeun di bagian saencanna, Nur ieu kapanggihna lamun hiji jalma nyirnakeun pancadriana heula, oge tapak uteuk jeung angkeuhna sorangan heula nepikeun ka teu kumanehna manehna acan.

Nyunda Ciri nu Ariman

Lamun meunang iman Nur nya jadi nyunda. Hartina lamun nyunda caang cahayaan, Nur(sunda)na moncorong jeung pasti terus hayang tetep nyunda cahayaan. Numutkeun Firman Allah swt dina Al-qur’an ‘…Jalma jalma nu ariman mah nyunda (caang cahayaan), sundana (Nurna) tembong sumirat moncorong dihareupeun jeung dina (lebah) leungeun katuhuna, maranehna nu nyunda (nu caraang) nyarita: Nun Gusti, mugi Gusti nyampurnakeun kasundaan abdi sadaya…’ (At Tahrim, 66:8).
Jadi sabenerna lamun hiji jalma, hususna, urang sunda (etnis/genetis) iman terus bener ngulik jeung ngalakonan Islam kuduna bakal leuwih nyunda gumawang lain jadi ‘Arab’, Kuduna mah anu loba elmuna elmu lahir elmu batin kudu leuwih nyunda caang moncorong, lain jadi ‘bule’.

Kitab Mangrupa Sunda

Sunda eusi ngajadikeun, pancadria uteuk jeung angkeuhna kacaangan. Lamun tapis didinya nya jadi permana kana kamulyaan jeung kani’matan hirup hurip, saperti nu geus kaalaman ku jalma jalma saencana. Al Qur’an nu harti asalna bacaan bacaeun oge mangrupa sunda:
‘.… Kitab [jeung iman] teh Nur (Sunda) ti Allah, nu ku sunda eta Allah mere pituduh ka sing saha bae nu kuanjeuna dikersakeun, jeung saenyana ku Nur (sunda) eta maneh bakal mere pituduh kana jalan –sirothol- mustaqim’ (As-syura, 42:52).
Dina ayat nu lainna bisa ditingali yen ku kitab, nu mangrupa Nur (sunda) eta tea, Allah ngaluarkeun jalma jalma ti poek ka nu caang kalawan idinna jeung nunjukkeun ka jalan mustaqim (AL Maidah, 5:16).
Kitab Alqur’an oge aya dina hate nu nyunda: “kitab (Al Qur’an) teh ngarupakeun ayat ayat Nu Maha Kawasa nu nyata dina hate jalma nu ngelmu” (Al ankabut, 29:49). Ari elmu ngandung harti kanyaho, sedengkeun ari kanyaho teh unsur caang (sunda) nu mere jeung jadi tuduh ka tiap jalma dina pikir ucap jeung usikna nyanghareupan kabutuh hirup huripna.

Nu Nyunda Moncorong Cahayaan Tanda Sajatining SUNDA

Allah nurunkeun ayat ayatna ka abdi abdina lantaran seja nyundakeun [ngaluarkeun maranehna tinu poek kanu caang] (Al Hadid, 57:9).
Caang cahayaan sunda ieu ngarupakeun ciri nu ariman boh Lalaki boh awewe:
‘Mu’minin jeung mu’minat mah sumirat tembong Nur (sunda) dihareupeun jeung dina leungeun katuhuna, mareunang pangbagea kabagjaan surga keur maranehanana ..’ (al Hadid, 57:12).
Cahaya (sunda) Caang teh mangrupakeun rahmat jeung ampunan Nu murbeng Alam Allah swt lantaran maranehna pengkuh nyunda [mu’minin] (Al Ahzab 33:43).
Urang sunda sakuduna, ngalangkungan para budimanna, sing bisa katuduhkeun yen kayakinan sunda nu tembong dina pola pikir pola laku katut tapak budayana baheula teh nyumber tina pangaweruh ti Nu Maha Kawasa Allah rabbul ‘alamin. Ieu teh bisa kahontal lamun para budiman sundana bener nuduhkeun nembongkeun sunda (eusi) kalawan ENYA ka bangsana dina pola pikir pola lakuna.

Hayang Manggihan Jeung Meunang Sunda Teh Kudu Islam

Cara hayang manggihan sunda eusi teh euweuh deui kudu tumut turut sumerah (aslamtu) ka Nu Murbeng alam: ‘Jalma jalma nu dibukakeun ku Nu murbeng Alam hatena kana tumut turut sumerah (aslamtu) ka Gustina, manehna meunang Sunda ti Gustina’ (Az Zumar, 39:22).
Jadi lamun para budiman sunda baheula nyunda eta teh pasti lantaran pola laku lampah jeung pikirna Islam tunduk turut tumut ka nu Murbeng alam.
Sedengkeun Nu Murbeng Alam ieu cahayana langit jeung bumi ‘Allahu nuurus samawaati wal ardhi’ anu ‘Nurrun ‘ala nurrin’. Kanyataan Sunda eusi ieu sanajan ‘nyata’ da moal aya ucap lamun euweuh ‘barangna’ lain hiji ulikan nu sagawayah da teu bisa kahontal ku kamampuh jalma biasa nu masih teu daek, terus teu bisa bener aslamtuna.

Pangaweruh Sunda Eusi Tanda Kaluhungan Luluhur Tedak Sunda

Para budiman urang ‘sunda’ (etnis) ayeuna tangtos tos pada aruninga kecap Sunda, saperti nu diantarana diterangkeun dina Ensiklopedi Sunda, mimiti kapanggih karek di taun 736 dina prasasti Rakyan Jarupangambat sedengkeun karajaan Sundana karek ngadeg tahun 669 M.
Ngaran Sunda ieu nu mere ciri jeung sesebutan ngeunaan kahirupana hiji bangsa tangtu lain nu pangheulana aya jeung hirup di daerah jawa kulon, sabab didaerah jawa kulon keneh, kurang leuwih 500 taun saacanna (130 M) geus aya karajaan nu disebut Salakanagara, nu ngarupakeun karajaan pangmimitina aya di Nusantara, dimana salila ngadegna teh geus boga budaya, ‘beunta’, daragang jeung wawawuhan jeung bangsa lain nu ‘maju’ saperti India jeung China. Sanggeus karajaan salakanagara pareum, saacan Sunda kasebut – dina prasasti - malah aya karajaan Tarumanagara nu salila kurang leuwih 300 tahun neruskeun salakanagara (358-669). Tarumanagara geus sanggup mere bukti sajarah –diantarana batu tulis di Bogor - nu warta ayana eta kahirupan geus kacatet oge ku seler bangsa lain.
Saterusna, sanggeus Sunda aya, sanajan dina sajarahna dibere warna ku robah robahna pamarentahan jeung nagarana diantarana aya Kendan, Galuh, terus jadi Pajajaran, terus nepikeun jadi Sumedang larang, Banten, Cirebon - ngaran nu dijadikeun ‘sesebutan’ atawa ciri pikeun manusa, kamanusaan jeung budaya na tetep dipilih Sunda. naha lain urang Salaka, urang Taruma, urang Kendan, atawa urang indraprasta, urang Galuh, atawa urang Pajajaran ? (dua kecap panungtung, katingalina, ngan sering dipake piken ‘nostalgia’ ka ayana jaman kamulyaan baheula) naha bet ngaku jeung nyebut urang Sunda ?
Hal ieu teh tangtu aya ajen inajen nu hayang ditepakeun hayang ditepikeun jeung nu terus aya lantaran luhung jeung bener eusina. Ajen inajen ngeunaan SUNDA ieu dipiara jeung diwariskeun ti generasi ka generasi sabab ngeunaan kayakinan hirup hurip nu mulya nu datangna ti Nu murbeng alam.
Sunda ieu tangtu hasil ‘inovasi’ ti budiman luluhur sunda tina naon nu geus kapanggih dina nyanghareupan tantangan hirup hurip nu aya hubungan jeung kayakinan tangtunganana dumasar kana pola pikir pola laku saacanna. Kapan agama di tatar sunda teh ngarupakeun pengembangan tina agama hindu agama budha nu samemehna datang ka tatar sunda, istilah jeung jargon-jargon agama di sunda na ge pan rea nu beda jeung hindhu atawa budha.
Lamun ngarujuk kana Al Qur’an, nu sabagianna ditepikeun saencana dina ieu tulisan, sunda eusi sarua jeung nu didugikeun Qur’an. Kaluhungan budiman luluhur sunda baheula waktu can ngagem Agama Islam nunjukkeun yen aranjeuna teh parantos ngalampahkeun ‘bener.’
Kukieu teh bisa katingali yen Luluhur sunda baheula tangtu tos kasumpingan Rasul nu moal boa rasulna urang sunda sorangan. Komo deui numutkeun Qur’an yen tiap umat kapasihan Rasul kanggo nyundakeun jalmana nya hartina nyandak tinu poek kanu caang ku pangersana Rabbul Alamin.
Sanajan lamun ditengetan nurutkeun tahun kapanggihna prasasti jaru pangambat eta, 700 M, teh ratusan taun sanggeus Agama Islam (Islam AL khusus= sir’ah sareng minhaj nu digelarkeun ku Kangjeng Nabi Muhammad saw) lungsur ka buana panca tengah (abad ka 6 M) nu mungkin aya pangaruhna tina Islam. Tapi, can aya bukti yen pangaruhna aya di tatar sunda. Atawa lamun aya pangaruh na ge hal ieu leuwih nunjukkeun yen para budiman luluhur sunda harita sir’ah jeung minhajna beda ti agama Islam ti tanah arab.
Sakali deui, konsep gambaran ngeunaan Sunda eusi nu sawanda saperti nu didugikeun ku Al-Qur’an ti agama Islam (Islam AL khusus) nunjukkeun yen urang sunda baheula, paling henteu para budimanna, geus gaduh pangaweruh ngeunaan kayakinan Islam (Islam Al umum nu dicandak sadaya Rasulullah di tiap umat).
Jadi, budayana ge tangtu nyumber tina falsafah kayakinanana falsafah tauhid falsafah kasundaan nu caang hasil pola pikir pola laku nu kacaangan ku Nu Maha Suci. Robah jadi Agama Islam (Islam al khusus) teh lantaran sir’ah jeung minhaj nu digelarkeun ku Kangjeng Rasulullah Muhammad saw langkung langkung sampurna nyampurnakeun sakabeh nu enggeus dipake samemehna, kaasup nu dipake di tatar sunda nu mun sacara praktek na mah eta jalan (sareat) teh lewih sederhana.
H.Hasan Mustapa (1930), nu numutkeun Ayip Rosidi tos dianggap Bujangga Sunda pangbadagna, ngadugikeun ngeunaan ‘tempat’na Agama Islam jeung tangtungan Sunda jati (HH Mustapa, Tafsir Quranul adhim: 293-294), yen Agama Islam nu digelarkeun ku Kangjeng nabi Muhammad saw teh ‘sareat pangparatan hakekat’, nu ngabuka rasiah sindir siloka prawira perlambang teori nu tiheula-heula dina nekanan Sunda ka Sunda deui. Ieu Hoofd Panghulu ngadugikeun yen eusi Al qur’an nu jadi sumber ajaran Islam ka buktikeun ‘nekanan saur karuhun [tedak sunda] hatamna Qur’an ti sunda ka sunda deui’. Ti (Nur) Cahaya caang ka caang (nur) cahaya kanyataan sunda eusi.
Jadi, ageman nu dipake ku urang sunda ayeuna, Agama Islam, teh ngan beda sareatna mungkul –leuwih sampurna- nu matak dina ngagem Islam nu datangna ti tanah Arab ieu teh H Hasan Mustapa gaduh kasimpulan: ”baheula ku basa sunda ahirna ku basa arab: jadi kaula nyundakeun Arab nguyang ka arab, ngarabkeun sunda tina basa Arab”.
Hanjakalna, kadieunakeun rea para budiman sunda, kulantaran henteu wanoh jeung henteu masagi kana tangtungan sunda eusi luluhurna, seueur nu ngajelaskeun ka selerna yen gantina ageman kana agama Islam ti tanah Arab teh kulantaran kayakinan luluhur sunda baheula goreng, ‘musrik’ atawa salah. Nya tangtu budayana oge jadi ‘musrik’, goreng atawa salah da nyumber tina kayakinan anu goreng musrik atawa salah tea. Jadina, budaya sunda na oge saeutik saeutik tapi pasti ditinggalkeun sabab maranehna kayakinkeun yen eta budaya teh nyumberna tina kayakinana anu ‘supertisi’ henteu ‘tauhid’ lain ti Allah swt jrrd. Terus, pola laku kabiasaan asal sapopoena anu masih dina budaya ‘sunda’ oge jadi loba kasieun kapaur kaera ku ka cap kolot, tahayul (mitos), bid’ah, syirik jrrd, lain ngakar ti Islam.
Matakna loba urang sunda nu neuleuman jeung make agama Islam jadi Arab budayana sabab manehna kayakinkeun yen budaya arab teh kasebutkeun nyumber tina Islam. Komo deui sanggeus jadi Indonesia terus patepung jeung budaya sejen –barat- nu keur nanjung, budaya sundana beuki kagerus da nu ngarora ngarasa teu boga nu alus ngeunaan asal usulna nu perlu dijadikeun tangtungan. Urang sunda ayeuna jadi rea nu teu reueus, teu hayangeun miara jeung make budaya sundana, lantaran nu normal mah tangtu mikir naon untungna miara jeung make –komo nanjeurkeun- pola pikir pola laku katut tapak-tapak anu sumberna mitos, musrik, salah atawa goreng ?