Kalam Kasundaan (I):

Kalam Kasundaan (I):

Eddy Nugraha




Bubuka

Kanyaho urang sunda ngeunaan nu aya hubungana jeung ‘sesebutan’ sunda warna warna, timimiti nu nganyahokeun sunda dina harti kayakinan, budaya, karajaan, etnis, basa, tempat, sastra, seni tug nepikeun ka nu teu apal pisan naon ari sunda teh.
Salian ti warna warna kanyaho urang sunda ngeunaan ‘sesebutan’ sunda eta, harti nu dipake ku para budimanna ngeunaan sunda oge robah robah ti jaman ka jaman. Misalna, dina pustaka tahun 50-an harti sunda teh nepikeun ka leuwih ti 25 harti (Sajarah Sunda I, 1956). Satuluyna, dina kamus basa sunda [timiti citakan ka 1 (LBSS, 1975) nepi ka citakan ka 7 (LBSS 1992)] ngan dihartikeun sacara etnis sanajan ditambah katerangan ngeunaan harti asalna. Robah robahna ieu nunjukkeun robahna pangartos para budiman urang sunda dina ngama’naan sunda jeung dina ngajelaskeun ngeunaan tangtungan sunda ka bangsana.
Ka beh dieunakeun dina ensiklopedi sunda (2000), ku para budiman nu ngadamelna entri sunda dihubungkeun deui jeung budaya, tempat, etnis, karajaan, sastra jeung basa nu ngarupakeun ‘produk’ atawa tapak budaya nu geus kakumpulkeun, tapi acan nuduhkeun jeung ngajelaskeun kayakinan eusi atawa jati nu jadi, jeung nu kudu jadi, tangtungan urang sunda.
Ngeunaan kayakinan eusi atawa jati dina ensiklopedi sunda ngan saukur dihubungkeun jeung entri agama sunda wiwitan nu dibere komentar ‘hanya sedikit diketahui’, oge teu aya katerangan ngeunaan hubungan eusina jeung ageman ayeuna nyaeta Agama Islam. Padahal, di bagian sejen di sebutkeun yen dina pamahaman para budiman urang sunda, aranjeunna pernah garaduh pamadegan yen budaya sunda teh mangrupakeun ‘seluruh perwujudan gagasan, perilaku, dan hasil kegiatan manusa sunda dalam bidang-bidang;… , dan sistem religi (ensiklopedi sunda, 586). Tangtu ‘kecap’ religi teh nyoko kana kayakinan tangtungan eusi atawa jati.
Sedengkeun, pangaweruh ngeunaan sunda nu nuduhkeun tangtungan eusi atawa jati, lain ngan saukur ‘produk’ jeung tapak, diperlukeun pisan di ieu jaman global dina upaya miara jeung ngawariskeun budaya sunda ka generasi nu pandeuri.
Perluna teh lantaran kahiji, generasi sunda ayeuna geus rea manggihan budaya-budaya sejen nu ‘aralus’ jeung geus dipake nyampak dina kahirupan sapopoena, pangpangna budaya ti Jawa nu geus rea campur dipake di sunda, Arab nu jadi ‘baju’ Islam, ‘Indonesia’ nu jadi budaya formalna, jeung budaya barat nu maju elmu jeung teknologina, nu ku ‘kaalusana’ teh geus rea jadi bagian tina kabiasaan hirup sapopoena.
Tangtungan jati atawa asal ieu, nu lamun bener tur alus mah, bisa nimbulkeun kareueus ngeunaan asal usulna sorangan jadi urang sunda - boga ‘asal usul nu pantes diakukeun’ – jeung bisa jadi cecekelan dina kahirupan ngajajar jeung jajaran seler-bangsa lain. Lamun geus boga kareueus ka asal usul jatina tangtu daek kawaris, daek make jeung daek nanjeurkeunana.
Kaduana, budaya sundana sorangan nu rek diwariskeun ayeuna geus saru geus nyampur jeung budaya deungeun, jeung geus rea teu jadi pakean kalolobana urang sunda ayeuna, atawa ngan saukur jadi ‘pinggiran’ dibanding dominasi budaya ‘alus’ lainna. Kukituna tangtungan eusi atawa jati luluhurna bisa jadi payakinan jeung pamake dina milih budaya-budaya nu aya ayeuna, terus dina make jeung mekarkeunana keur ngajembarkeun tangtung.
Tulisan ieu ngarupakeun guaran panganteur ngeunaan sunda nurutkeun harti asal nu aya hubungana jeung kayakinan ngeunaan tangtungan sunda, utamana sunda eusi atawa jati malah mandar nanjeurkeun deui sunda.



Bag I

Sunda Dina Harti Sunda Asal jeung
Kayakinan Ngeunaan Tangtungan Sunda

Dina Kamus Umum Basa Sunda (LBSS) disebutkeun yen harti asal Sunda, teh caang, gumawang moncorong, kukituna Sunda teh mangrupakeun Nur atawa cahya.
Jadi, nurutkeun harti asal diluhur, kasundaan teh ngarunut kana sifat sifat Sunda, sifat sifat caang gumawang jeung moncorong cahya atawa Nur.
Ana kitu mah anu nyunda teh nyaeta anu caang anu gumawang anu moncorong cahayaan.
Sedengkeun Nyundakeun jadi ngandung harti nyaangan mindahkeun tinu poek kanu caang kana cahaya.
Harti sunda asal ieu saenyana nuduhkeun hiji ulikan tuturunan nu jadi dasar tangtungan jeung payakinan tedak sunda. Pustaka na ge aya dina sunda. Panganteur pikeun eta ulikan didugikeun saperti dihandap ieu:

Ulikan Kasundaan asal (wiwitan)

Sunda dina kasundaan asal ngawengku ka cahaya nu kapanggih ku kamampuh lahir jeung cahaya nu kapanggih ku kamampuh batin.
Pangaweruh ngeunaan Sunda, cahya atawa Nur ieu jeung kamatihan kamampuhan nu bijil tidinya dina pola pikir pola laku geus mangrupakeun ulikan anu masagi, sanajan kadieunakeun beuki teu populer malah karasa ‘asing’.
Ieu Sunda teh kapanggih, Aya, dina jeung jeroeun tangtung katut luareunana; Sunda nu kapanggih jeung aya dina jeung diluar tangtung disebut Sunda luar, ari Sunda nu aya dijero tangtunganana disebut Sunda jero.

Sunda luar

Sunda luar kapanggih pangheulana, mimitina ku parabot ngagunakeun awasna panca indra, angkeuh jeung uteuk kawas sunda panonpoe, sunda bulan jeung sunda bentang nu langsung kapanggih ku pancadriana nepikeun ka nu kapanggih ku uteuk jeung angkeuhna bari make parabot dhahir kayaning sunda seuneu, sunda lampu jll - katompernakeun ku pangaweruh nu kapanggih ku pancadria, uteuk jeung angkeuh teh nyata yen Sunda ieu aya ditiap barang dhahir (E=mc2)]. Kecap sunda keur nerangkeun sunda luar kadieunakeun jarang dipake cukup ku cahya/caang lampu, cahya/caang panonpoe jrrd.
Sunda luar ieu mere tuduh nembongkeun kana rupa rupa kanyatan hal/barang, nu cicing atawa usik, nu aya didhahir. Ti dinya terus mangaruhan nyaangan rasa rumasa inyana ngeunaan kahirupan jeung hirup huripna. Tina rasa rumasa ieu mekarkeun pola pikir pola laku budayana.

Sunda jero

Sunda jero, nu jadi poko bahasan ieu guaran, kapanggih mimitina ku parabot ngagunakeun rasa - ari rasa teh mangrupakeun awasna Hate, Ati atawa dina basa arab mah disebut Qalbu - tapi rasana lain rasa rarasaan, rasa ieu rasa nu dijurung jeung boga rumasa kana katunaan panca indra, rumasa kana katunaan angkeuh jeung uteukna. Ku karumasaan ieu, rasana jadi awas kana ayana Sunda jero.
Sunda luar luas ambahanana da kapanggih aya di alam dhahir, sedengkeun Sunda jero nyamuni kapanggih ayana heureut di jero tangtung. Tapi, lamun geus kapanggih Sunda jero ieu luar biasa gedena (Sunda besar) jeung guna katut kamampuhna ngawengku jeung metakeun sakabeh alam katut eusina.
Ku pangaweruh ngeunaan Sunda jero katuduhkeun yen sunda nu aya di ieu alam dhahir, sunda luar, ngan mangrupakeun gambaran, tanda, usik, ciri jeung tuduh ayanana Sunda jero, matak Sunda luar disebut oge sunda kecil. Sunda luar disebut oge sunda Sajati lantaran ngarupakeun tanda kanyataan ayana Sunda jero nu jadi jatina. Ulikan ngeunaan sunda luar atawa sunda sajati sok disebut ulikan cangkang da sunda luar teh ngabungkus ngahalangan Sunda jati. Sedengkeun ulikan sunda jero (jati) disebut ulikan eusi sabab Sunda jati teh eusi poko sumberna sunda luar atawa sunda sajati.
Sunda jero leuwih hese kapanggihna timanan sunda luar, pareng bisa kaawaskeun jeung mermanakeunnana teh saeunggeus boga kanyaho ngeunaan sunda luar sabab nyamuni dijero tangtung, kapanggihna lamun bisa ngaleutikeun tug nepikeun ka nyirnakeun tangtung (heula) nyirnakeun (heula) kanyaho nu bijil tina angkeuhna, tina uteukna jeung tina pancadriana kanyataan naon nu sok di ‘jargonkeun’ paeh samemeh paeh, dina ulikan sunda eusi jadina paeh samemeh paeh teh ku cara tumut turut tunduk sumerah ka Nu Maha Suci (aslamtu).
Kanyaho Sunda eusi nu geus kahontal ku luluhur tedak sunda mangrupakeun kanyaho nu nepi ka hambalan luhur alam cahya (Nur), atawa alam malakut (malak = cahya), disimbolkeun ku jargon alam kaHyangan - alam kahyangan alam luhureun alam kadewaan (dewa=dev=cahaya). Jadi kanyaho sunda eusi ngeunaan ulikan dina hambalan cahaya luhureun cahaya - nurrun ‘ala nurrin. Alam Sunda (cahya Nur) eusi atawa jati tempat nganyahokeun ayana AYA, oge merenahkeun gambaran ka jatian mutlak panungtungan nu pangluhurna atawa pangjerona ngeunaan Nu Murbeng alam. Kapanggihna lamun mampu beberesih nepikeun ka geus teu ku manehna manehna acan.

Nyunda Dina Tangtungan Sunda Eusi

Saeunggeus rasana manggihan Sunda jero, si rasa jadi leuwih awas dina nengetan jeung nangenan hirup. Lewih awasna rasa ieu ngajadikeun uteuk leuwih encer atawa sok disebut caang uteuk; panca indra na leuwih awas jeung leuwih mampuh malah ahirna, lamun permana jeung pengkuh, bisa mampuh ngawaskeun sunda jati; angkeuhna jadi leuwih merenah da boga rumasa kacaangan terus bisa mernahkeun tangtung, tungkul ka jukut tanggah ka sadapan bisa pindah cai pindah tampian. Nya usikna jadi nyunda caang gumawang (herang beresih) tanda Sajatina Sunda (eusi/jero).
Nu nyunda katingal katengetan ku batur moncorong tanda kanyataan sunda jati dina tangtungan. Moncorong teh kaciri leuwih caang jeung fokus ti sabudeureunana. nu moncorong teh teu kudu kabeh caang lir caang panonpoe tengah poe, tapi nuduhkeun hijidi ‘hal’ nu leuwih caang leuwih buleud leuwih padu ti sakurilingna. Lampu batere oge nu weuteuh bisa moncorong ari convergen jeung poek mongkleng mah sabudeureunaan. Mata maung moncorong lamun peuting mah, sabalikna panon poe ge karek disebut moncorong lamun keur isuk isuk.
Jadi, jalmana karek disebut nyunda lamun leuwih punjul ti nu lian tina sagala hal; bisa dina harti cahaya, aura, wibawa, sima, pola pikir, elmu, kamajuan, karir, seler jrrd; tapi punjul na teh nyaangan, jadi tuduh, conto, ngauban kanu lian.
Para budiman sundana, lain sunda dina harti etnis atawa genetis tapi sunda eusi, boh di menak boh di cacahna barisa nyararumput buni dinu caang hartina marampuh nyimpen angkeuh hawa nafsuna nepikeun ka teu bijil dina waktu masamoan, nu bijil tina tangtungan kaciri ku batur teh tinggal caang sunda jatina nu caang nyundakeun nyaangan batur jeung sabudeureunana.
Kadieunakeun harti nyumput buni dinu caang teh sok dihartikeun nyumput teu kaciri ku batur nepikeun ka hese kapanggihna. Ieu carita teh bijil ti jalma nu teu ngarti sunda eusi, komo manggihanana, jadi teu bisa nengetan ka nu nyunda (eusi) da lamun weruh ka semuna mah justru nu nyumput buni dinu caang teh gampang ka ciri da caang jeung moncorong. Caang ucapna caang lampahna caang uteukna moncorong tangtunganana gumawang eusina nya tandaning sunda tea.
Pikir, ucap jeung lampahna anu nyunda, diantarana katengetan ngaliwatan para budiman sunda eusi, tara kaluar kapangaruhan ku angkeuhna tapi pengkuh nurutkeun gerentes ati putihna.
Dina prakna katembong ku batur bijil nyari tina SIR na, kaatur nurutkeun kumaha RAS nu bijil tina rasana, nya sok disebut sir kusari ras kurasa kumambang di alam rasa, rasa sajatining rasa nya rasa nu caang kacaangan Sunda. Ringkig jeung rengkakna nuduhkeun jeung nembongkeun sunda eusi nu sok kaciri dina tata lakuna. Tapakna ayeuna bisa katengetan, diantarana, dina seni ‘kesenian’ baheula atawa dina gerak ulin penca eusi.
Lamun teu nyunda - teu jadi sunda, teu jadi caang – ngan saukur nyaho ayana caang, komo teu apal, teu karasa teu kapanggih mah tangtu Hirupna moal hurip, poek kabawa sakaba kaba kasasar tibabaradug. Nya disindirkeun salah sahijina make dongeng sangkuriang - nyaeta ngeunaan nu geus loba kanyaho jeung pangaweruh tapi henteu caang eusi henteu nyunda jati:
Lamun (gunung) sunda(Nur)na euweuh teu katangen ku diri, (Gunung) sunda(Nur)na geus musna teu kapanggih, ilang ngan kari dongengna. Nya tinggal burangrangna ngagunung ngajegir ngarangrangan, parahu hirupna teu bisa lalayaran da geus nangkub dina kabingung. Diri ngan jadi tunggul, tunggul nu jadi sagede gunung lantaran teu bisa nunggalkeun awak, lantaran teu bisa mendet (sang Hyang) tikoro, tikoro nafsu manehna sorangan nu tungtungna ngaberung nafsu ngumbar amarah. Henteu apal kana wayah, asa peuting asa beurang, katipu ku lisung batur. Jadina sok teu wayahnaan, teu nyaho ka wayah (waktu) teu bisa merenahkeun awak. Ajina jadi teu matih jampena jadi teu teurak, situ huripna teu jadi. Ngarungsing keur ngorana, kurunyinyi pakokolot, euweuh anu lalebareun, da saha anu lebarna ari lain nu ngarasana.
Dongeng sangkuriang tangtu ngarupakeun kapinteran budiman sunda baheula dina nyilibkeun eusi da gunung gunung jeung carita urut situ mah geus pasti aya memeh dongeng sangkuriang nangkubkeun gunung kacaritakeun. Kajadian alamna aya heula terus katengetan jalma budiman, nya hasil tina nengetan lingkungan teh tuluy dianggit di reka jadi carita bari ditambahan nyilibkeun eusi.

Kasundaan Eusi Disimpenna Dina Sunda

Pustaka ngeunaan tapak tapak budiman sunda disimpen na lain dina daluang atawa barang tapi dina hambalan Sunda jati. Kukituna Aya jeung barangna eta sunda, katut tapak-tapak khasanah jeung kamampuh sunda mah ngan bisa kapanggih lamun jalmana mampuh nganjang ka hambalan sunda.Tapak barang jeung daluang mah ngan sabagian hasil pagawean tina make jeung kacaangan sunda eusi nu bisa jadi tuduh ngeunaan Sunda sagemblengna.
Pustaka ieu bisa kabaca katengetan ku nu mampuh nganjang ka hambalan sunda. Pustaka sunda eta satungtung dunya ieu aya moal keuna ku ruksak. Moal hese neundeun moal hese nyokot moal beurat mamawana da henteu maksa dina marenganana. ‘karakteristik’ ieu pustaka sok disindirkeun ku kecap diteundeun di handeuleum sieum di tunda di hanjuang siang paragi nyokot ninggalkeun. Eta kabeh lain tangkal nu ngajentul tapi tangkal diri nyaeta Handeuleum sieum nu ngahirupkeun Nur hanjuang siang nu ngahuripkeun rasa, kabeh alat jeung passwordna sabenerna aya di seuweu siwi tinggal nganyahokeun jeung makena, nepakeun jeung nuduhkeun kana ieu ‘konci’ jadi kawajiban budiman sunda tiap jaman supaya seuweu siwi teu poekeun tangtung, supaya seweu siwi sunda (etnis/genetis) mampuh maca eta pustaka terus katuduhkeun jeung jadi nyunda (caang).
Tempat nyimpen khasanah sunda eusi nu ayana di alam nur sunda sok dituduhkeun, diantarana, ku carita Mundinglaya dikusumah:
yen lamun hayang ngamulyakeun pajajaran (awak) kudu manggihan Layang salaka Domas = Layang =bacaan, tingal kecap asal Qur’an= bacaan) Salaka Domas = nu caang cahayaan lir emas sinangling), aya oge nu nyebut layang sasaka domas, sasaka=tihang, jadi maskudna sarua wae nyaeta bacaan nu jadi tihang tangtungan nu mangrupa Nur Sunda. Eta bacaan teh ayana di jabaning langit =langit nu sejen ti langit dunya nu kapanggih ku nu perluna harita. Ieu ngandung harti langit kanyaho lain nu aya di alam nur Sunda.
Bacaan di langit nu lain ti langit dunya nu sasari teh kapanggihna ngan ku Munding laya di kusumah (munding=hewan, laya=paeh, kusumah=kamanusaan; tangtungan kamanusan nu kahewanana geus paeh). Sanggeus ngelehkeun poek na hijab jungkiringna awak (jongrang kalapitung) terus meruhkeun guriang tujuh, tujuh patapaan panaekan awak nu kudu dihijikeun ditunggalkeun. Nya, jadi Guriang Tunggal nu boga ciri wisesa dina wayah.
Ahirna lamun bisa wisesa dina wayah, menang bacaan (layang) nu mangrupa sunda (nur) nu lir emas sinangling (salaka domas) atawa jadi tihang (sasaka) tangtungan. Ieu layang Nur (sunda) teh terus marengan kababawa jeung nu wisesana keur pakeun jeung bacaeun dialam dunya, jadi tuduh kamulyaan hirup.
Tuduh lain ngeunaan pustaka jeung kamampuh sunda eusi diantarana sok disimbolkeun ku caritaan ngeunaan Gunung Sunda. Gunung sunda hiji ngaran gunung nu rea diakukeun aya di hampir ditiap wewengkon dimana para budiman sunda eusi pernah nurunkeun jeung nepakeun eta ulikan misalna di subang, sukabumi, ciamis jrrd. Gunung Sunda eta dipake nunjukkeun ayana tempat caang (nur) sunda eusi dimana kamampuh luluhur aya, bari jeung Gunung Sunda geologisna mah geus euweuh.
Kanyataan jadi lobana akuan tempat ayana gunung sunda sabab harita mah komunikasi antara Wiku/Ajar jeung jalma-jalma nu diajarna teu saperti ayeuna. Jadi lamun ceuk hiji pandita dina hiji waktu ‘ieu yeuh ‘tempat’ manggihan Sunda eusi’, nya terus tempatna jadi disimbolkeun ngaran Gunung sunda. Terus lamun diwewengkon lain aya Ulama/Wiku lain nu nepikeun Sunda eusi, ‘tempat’na teh disebut deui gunung sunda, da dijaman harita leuwih ‘komunikatif’ nuduhkeun eusi make perlambang Gunung anu jelas kaciri ngeunaan ‘gede’ jeung ‘agung’ na eusi sunda.
Jaman harita tangtu teu jadi masalah mere ngaran ka hiji gunung/pasir, jeung jadi teu asa pacorok jeung ngaran pasir/gunung diwewengkon lain nu (relatif) paanggang, bisa jadi dina waktu harita teu katepikeun katempat lain, bari komo ngaran eta henteu negrak da ngeunaan perlambang eusi. Nya terus eta ngaran turun manurun napak di dinya.
Tapi ayeuna, ku komunikasi nu geus sakitu gampangna jadi timbul pasualan naha gunung sunda teh bet jadi loba. Mana gunung sunda nu benerna ? Kabeh oge bener, da bisa jeung meunang wae, tapi nyata AYAna mah dina tangtungan nu manggihanana baheula jeung nu katepaan tur nanjeurkeunana ayeuna, da ngaran gunung sunda na mah ngan saukur siloka perlambang nu dibarengan tapak.
Mangga tengetan, eta teh sawanda jeung ‘dongeng’ gunung pasir di Arab nu disebut Jabal Nur (Jabal=gunung, Nur=Sunda). Eta gunung dingaranan gunung sunda lantaran tempat eta nu dianggo Kangjeng Nabi Muhammad saw khalwat teras mendakan Nur (SUNDA eusi/jati) bekel nyaangan (nyundakeun) umat.
Jadi perluna urang sunda dituduhkeun ngeunaan ulikan sunda teh sabab lamun teu wanoh kana aya tur barangna ulikan sunda eusi, can bisa nganjang ka eta hambalan sunda, bakal hese nuturkeun carita carita kasundaan (eusi) komo meunang pustaka sunda eusi keur bekel nyundakeun urang sunda (etnis/genetis), merenahkeun jeung nanjeurkeun deui budaya anu sundana, da disimpenna eta pangaweruh numere kamampuh teh ayana dina hambalan Sunda.
Lamun can pernah nganjang ka hambalan sunda, Kabinangkitan luluhur sunda dina nganepikeun tangtungan ngaliwatan simbol jeung perlambang nu nuduhkeun aya jeung barang dina hambalan sunda teh hese kahontalna, nya terus biasana nu can ngahontal ieu nganggap eta ‘tuduh’ teh ngan saukur mitologi nu teu cocok jeung paham Islam. Ku lantaran dianggap mitos atawa dimitoskeun ku budimanna [mitos=takhayul=ngahayal=supertisi] jadi we selerna ge teu bisa nyokot hikmah, teu bisa katuduhkeun, tina eta carita ngeunaan luluhurna, terus akibatna, budayana ge kagerus da teu kanyahokeun jatina [tengetan wanda pamendak Prof.Dr.H Dadang khamad, Msi dina Agama Islam dan budaya Sunda, KIBS 2001].
Tapi, Lamun geus nyekel jeung weruh kana eta ‘Aya’ jeung ‘barang’na ulikan tangtu kapanggih yen dina ‘dongeng-dongeng’ kasundaan aya ‘benang merah’ nu natrat ngeunaan tangtungan sunda, ulikan Sunda, nu rea dianggit dicaritakeun ku rupa rupa kabinangkitan luluhur tedak sunda keur nuduhkeun SUNDA jeung kamampuhna ka seuweu siwi seler bangsana.
Malahmah, dimana geus manggihan hambalan sunda tengtu engke bisa kabaca bisa katengetan ayana ‘teknologi’ sunda nu geus kapanggih ku budiman tedak sunda ti bihara ka bihari nu dipake pikeun nyundakeun alam katut eusina. Conto-conto ‘teknologi’ sunda eusi nu pinunjul -nu ngan bisa kapanggih, ka wacanakeun, kabukakeun diantara nu aya jeung keur dina hambalan sunda- sok rea dijargonkeun di wacana sapopoe ku istilah elmu kabuyutan galunggung (nyusuk tempat suci dina awak supaya jadi caang lir inten dina galuh nu agung), elmu kasiliwangian (elmu silih seungitan pada batur), jeung elmu kasumedangan (elmu madangan, nyaangan nyundakeun alam tur eusina) atawa Elmu kabantenan (elmu sasaka supaya jadi kanyataan ujung kulon). Jadi jargon soteh, lantaran dina hambalan sundana eta ‘teknologi’ teh geus jadi ulikan nu masagi tapi sifatna eksklusif ngan kahartieun ku nu kabeneran katepaan lantaran panggih jeung Ajar/Ulamana.