Lingga kabuyutan Tangtung: Sirathal Mustaqim Kami? (bag 2)

III

Naha bet kitu? Kumaha kayakinana?

Ngeunaan ka kabuyutan

Geus ditatanyakeun...

Maksud Kabuyutan teh nyatana tempat suci nu diparake
ku urang sunda baheula (jeung sabagian ayeuna) pikeun
ngalakukeun rupa-rupa hal nu sarua jeung
ngamangfaatkeun/ngama’murkeun masjid ayeuna. (Seratan
Prof. Edi S Ekajati nu nyarikeun tina naskah naskah
kuno nu kapanggih, dina PR 20 November 2004, ditambih
loba loba tulisan ngeunaan pengelolaan masjid tiasa
jadi rujukan). Di masing-masing kabuyutan diantarana
bakal kapanggih teh Lingga (batu nangtung, batu
Satangtung).

Ari ka kabuyutan teh carana mandi heula beberesih,
itikad kuatkeun sing cengeng ka nu Murbeng Alam bari
sila madep kana lingga, meleum menyan lamun aya,
(kaayeunakeun, nu geus nyekel syaret sang Rahmatan lil
alamin mah, ditambah hadiahan ka luluhur (ka asup ka
Nabiyyin) ku maca alfatihah).

Meuleum menyan mah ari aya, salah sahiji mangfaatna nu
ku dunya empirik quantitatif kapanggih (nurutkeun
panalungtikan Prof. Kusnaka Adimiharja ti UNPAD) mah
cenah supaya maehan virus/bakteri disabudeureuna. Jadi
meureun nu ngadu’a di kabuyutan bisa kajaga ku
panyakit, atawa teu kaganggu reungit da kabuyutan mah
sok diluar lain di jero wawangunan, (bisa oge) aroma
therapy (kanu cocok bauna, da kaurang ‘kota’ mah sieun
jeung mikiran jurig weh nu aya, menyan sunda mah
jarang nu mirosea, ngan dibali mah menyan teh geus
diropea seungitna nepikeun ka aya menyan nu bau
malati..saminggu kalangkung mendakan di kuta-bali).

Ngan... Nurutkeun pamanggih kokolot lembur tangtung
mah utamana, salian sacara lahir saperti nu disebut
diluhur, meuleum menyan dikabuyutan teh nyatana menyan
dina jiwa....cik kotretkeun tah kana bagian jiwa dina
tangtung nu lamun kakotretkeun teh jadi sengit
nyambuang, naon barangna menyan dina tangtung teh
nyatana? Naon nu tina pribadi mun kaluar teh nyengitan
awak?

Naha bet madep kana Linggga nu saukur batu nu
nangtung/satangtung?

..... yeuh ari hayang nanjer dina hirup tangtungan teh
kudu siga lingga....NANGTUNG SORANGAN teu luntur ku
usum teu laas ku jaman teu cueut kanu hideung teu
ponteng kanu koneng teu kabawa ku sakaba-kaba. Tah
dimana tangtungan geus ajeg bakal hirup bari hurip
rahayu meunang ni’mat tinu murbeng Alam. Malah
euy...tangtungan lingga mah gumantung tanpa cantelan
[dina sabagian kabuyutan aya lingga nu bisa nangtung
sorangan ku doa nu nyimpenna bari teu dihalangan atawa
teu dicecebkeun (ngangkang) nepi ka ayeuna ajeg].
Tangtungan na geus teu kakait tikait kana ruruntuk
dunya sabudeureunana. Tah matak kanu boga kahayang
kudu madep ka lingga ameh siga lingga nangtung ajeg
satangtungna.

Lain hayang bisa nantung ajeg dina hirup hurip??


IV

Ngeunaan Pagawean di Masjid/imah
Geus ditatanyakeun....

Salah sahiji “pagawean”/ibadah utama di masjid jeung
di mana wae keur muslimin mah nyatana shalat, hiji
tata cara nu geus puguh waktu jeungprak-prakanana,
salah sahiji nu wajib dilakukeun dina shalat teh
nyaeta maca Alfatihah bari NANGTUNG, dina shalat tara
maca alfatihah salian ti keur nangtung jeung teu sah
shalatna mun alfatihah teu dibaca. Dina bacaan
alfatihah aya “ihdinashirathal mustaqim” ayat nu
hartina geus umum disebut neneda ditiduhkeun kana
jalan nu lempeng tur bener. Urang jujut harti kecap
mustakim tina pamanggih nurutkeun ‘jaman’ jeung
nurutkeun ‘alam’ Kumaha tina sisi alam keur jelema
(jaman maksudna jaman ayeuna jaman baheula jaman jaga
jaman revolusi jaman reformasi –horizontal; alam
maksudna alam lahir alam batin alam pikir alam rasa
alam yakin alam mangmang jrrd-vertikal dina tangtung)


Tina sisi ‘jaman’...
Hartina neneda supaya ti mimiti ngado’a nepi ka
paeh/ahir hirup asup jalan (hirup) nu lempeng tur
bener. Ngan,....Lamun terus ditatanyakeun nu kumaha nu
lempeng tur bener teh lolobana tara meunang jawaban
pondok kalan kalan sok ngabuntut bangkong, malah aya
nu kieu ngajawabna “ani budzuuni haada ibadah weh ka
Rabb maneh (Yaasin, 61).” Kumaha ibadah teh? “turut
we papagon agama...”. “dina papagon agama aya (kudu)
shalat, dina shalat (kudu) maca alftihah nu eusina
maca/neneda ihdinasirathal mustaqim”.
he...he..he..he..... ceukeng teh (ngan wani dina
hate...tara terus tatanya mah sieun disebut
mahiwal...leuheung basa nu ditanya bijaksana orokaya
mun nanya ka kyai janggotna mungkul jeung disorban
mungkul meureun dianggap calutak teu turut ahli
masjid): geus migawe papagon agama (shalat) masih
keneh menta dituduhkeun kana mustaqim, nu kumaha
mustaqim teh? Ceuk Yaasin 61 ibadah ka Rabb
maneh....balik deui ka luhur ....mana tiheula mana
mimiti? Mana hasil mana usaha?. Atanapi pamendak Prof.
Quraish Shihab saurna jalan mustaqim teh jalan nu
mawa kana “kebahagiaan dunia dan akhirat” (hal 54).
Lamun diteraskeun, nu kumaha?....ahir jawabanna
...mangga teraskeun ku nu maca]
----

Tina sisi ‘alam’, .....

Urang jujut hartina dina harti asal (seratan Prof.
Qurais Shihab “tafsir Alquran al karim”, tiasa janten
rujukan): Ihdina hartina tuduh (neneda dituduhkeun),
Shirath: harti ka hiji neureuy, nu ka dua: Jalan nu
gede; Mustaqim tina qiyam: ngandelkeun bitis sorangan
kalawan temen nepikeun ka bisa nangtung ajeg (nangtung
enya-enya/bener) (ahirna saur ieu ahli tafsir teh
mustaqim dihartoskeun ku lempeng/bener).

Harti ihdinasirathal mustaqim dina ulikan tangtung
(make harti asal kecap) maksudna nu shalat neneda
dituduhkeun (kalawan dianteurna/hidayat) supaya (asup
(kateureuy) kana alam/maqam nu) bisa nangtung sorangan
(mandiri, menceger, teu gumantung kanu lian).

Jadi salila shalat teh nya neneda sapanjang jaman
saluhur alam teh hayang bisa nangtung ajeg sorangan
bari ditarekahan awak-awakan ge ajeg nangtung.


JADI.....JADI....

Di masjid/di imah/di tempat nu suci, Nu shalat neneda
ka Nu Murbeng Alam supaya hasil maksud bisa nangtung
sorangan mandiri meunang kabagjaan lahir batin dunya
aherat teu gumantung ka nu lian bari awakna sorangan
Nangtung ajeg (hakekat Alif). Dikepetan
neneda...Ihdinashiratal mustaqim.

Dikabuyutan nyatana tempat suci Nu madep neneda ka
nu Murbeng Alam supaya hasil maksud meunang kani’matan
lahir batin dunya aherat bari nyangharepan kana batu
satangtung ameh nu ngado’a kaberkahan (sing) jadi
nangtung ajeg sorangan teu gumantung ka nu lian
....ku dibarengan loba loba ngahadiahan luluhur nu
eusina neneda ihdinashiratalmustaqim.

Nu hiji....

make awakna nu nangtung satangtung-na kawas lingga
dikepetan ku wa anna minal muslimin (aslamtu) jeung
ngan madep ka Allah (laa syarikallahu jst). Dikamudi
ku neneda mustaqim.

.....Nu hiji deui mah...

Make batu madep hareupeun nu nangtung satangtung-na,
dikepetan supaya tangtungan nangtung. awakna sila
(sila keur ahli ngulik kasundaan mah maehan nafsu
pribadina supaya tumaninah bisa aslamtu madep ka
Allah). Komo ditambahan ayeuna ku hadiahan neneda
mustaqim.

V
Euleuh geuning sarua?!....ka kabuyutan jeung ka masjid
da shalat jeung madep kana linggga hiji sumanget nu
sarua!...

Tapi,....
Ku kitu teh euy...masih keneh can puas hate....sabab
nya keun bae lah sarua mah...sukur we. Tapi ari sarua
mah naha bet kudu migawe dua-dua geus we hiji,
kamasjid cukup shalat, atawa kakabuyutan we tuluy.
Keur naon teu efisien lah komo ayeuna loba tingalieun
loba gaweun loba bukakeuneun. Jeung deui wah bisa
wae....eta mah di kirata di kira-kira supaya nyata
supaya akur...ceuk paribasa ge jengkol aya usumna ekol
mah euweuh.
Komo deui euy... saalus-alusna teori teh ...lamun aya
buktina aya hasilna aya karasana...cik kumaha
hasilna???? Kumaha nyatana??? Boh ka masjid shalat boh
ka kabuyutan madep ka lingga??

===

Bagian saterasna ngeunaan ulikan rasa jeung kanyataan
tangtung waleran tina patarosan diluhur urang
kintunkeun upami pareng.