Lingga kabuyutan Tangtung: Sirathal Mustaqim Kami?

Lingga kabuyutan Tangtung: Sirathal Mustaqim Kami?

I
Panganteur

Waktu keur budak ku indung teh sok dijujurung supaya
daek ka masjid supaya ngaji jeung shalat. Kabeneran
imah teh teu pati jauh ka masjid. Telat saeutik wae
boh keu rdiimah boh keur di masjid digegebrag. Ari
Bapa sok tos tipayun tapi tara ujuk ajak. Anjeuna mah
sok di shaf pangpayuna bari tara seueur carios, lamun
pareng amprok ge di masjid siga nu hare-hare
sedengkeun barudak mah biasa we ditukang da resep loba
tingalieun loba suaikeuneun loba tukeurkeuneun bari
kaajar wanter ngagorowok dina nutup Alfatihah-na imam
ku ‘Amin’. Kusabab deukeut ka masjid ditambah ku
dijujurung jeung dicontoan ku kolot, nya jadi idek
liher di masjid, ‘kaajar’ shalat, ngaji jeung rupa
rupa dongengan katut titahan Agama.

Ngan,...

Lamun kabeneran nyanghareupan hal nu penting,
diantarana waktu rek disunatan, rek nyanghareupan naek
kelas jeung ujian kuring mah sok ngahajakeun dibawa
indit heula ka kabuyutan. Tempatna jauh ti imah
(Bandung), baheula mah lamun indit isuk-isuk tepi ka
kabuyutan teh beurang nuju ka sore, turun tina mobil
teh aya nu diteruskeun ku leumpang nepi kana 3-4
jamna, aya nu oge saukur sabaraha menit leumpang tapi
harita mah rarasaan teh tutumpakanna edas ku jauh.
Pagawean lamun geus tepi ka kabuyutan teh teu loba,
sanggeus reureuh, ukur meuleum menyan, hadiahan ku
maca Alfatihah bari sila kalawan tumaninah
nyanghareupan Lingga (batu nu nangtung, batu
SA-tangtung) nu aya di kabuyutan. Rengse kitu mah nya
terus wae balik deui ka Bandung.

II

Waktu Keur budak mah...
Saukur tuturut munding, boh ka masjid boh ka
kabuyutan, ngan aneh kahayang-kahayang kuring
sabalikna ti kabuyutan tinekanan [kunu ngaos tiasa
ditambihan janten kabeneran tinekanan]. Kawas:
disunatan alhamdulillah salamet, kanjut nyesa teu
kawas kajadian baheula di salam nunggal garut jeung
teu perlu gunta-ganti model topina; sakola naek bari
bisa asup ka sakola negeri da atoh pisan harita mah
asup ka negeri teh, mun ka swasta babaturan ge loba nu
era ngakuna sieun disebut bodo/males diajar, teu siga
ayeuna tibanan asup ka sakola negeri nu kurang
fasilitas diajarna loba barudak nuboga mah meuning
keneh langsung ka swasta tapi nu alus sanajan mahal.

Ngan Kagedenakeun...
Tara diaajak tara dijurung-jurung deui boh ka masjid
boh ka kabuyutan...nya ku kitu teh tidinya....ku
lantaran sosoranganan...mimiti resep mikiran kana naon
naon nu dipigawe hususna ngeunaan kayakinan jeung
kapribadian neangan guru harti malar bukti, sabab
sieun melengkung bekas nyalahan, salah madep komo
ayeuna loba pisan panggih jeung jelema nu warna warna
kayakinan/pamanggihna, informasi geus mahabu
dibarengan ku tafsiran nu loba-loba.
Sieun..ngalakukeun pagawean pamurtadan pamusrikan
pang-bid’ahan ngotoran patohidan. Sieun ngaenya enya
nu lain, nga lain lain nu enya. Komo ieu migawe nu
urang masjid (deukeut imah mah) tara.

Aeh..aeh ..da enya atuh, Dua kabiasaan keur budak
diluhur saliwat siga nu ‘kontradiktif’ [atanapi tiasa
oge salamina ngarupikeun hal nu kontradiktif kanggo
nu ngaos] ari ibadah sapopoe ku shalat lima waktu
ditambahan tahajud, ngado’a, ngaji di masjid jeung
diimah ari boga kahayang jeung karerepet lumpatna ka
kabuyutan bari ngan saukur mencrong/madep ka lingga.

Naha bet kitu? Kumaha kayakinanana? Mana dasarna?
Kumaha nyatana? Kumaha hasilna? ...Urang jujut
satepina, Insya allah. Dumasar kana pamanggih nu
nepikeun ka ayeuna dina aslamtuna teh (samampuhna)
nuturkeun Syareat Sang Rahmatan lil alamin.

teraskeueuneun