Haji ka KABUYUTAN Atuh!!: meh Jadi HAJI di Pakuan SORANGAN (II)

IV. haji ka kabuyutan di tangtung

Salian ti aya di Mekah baitullah teh aya di tiap jelema , nyatana, hatena bisa jadi kabuyutan asal nepi ka pangkat mu’minin kongas “qalbu mu’minin baitullah”.

Mu’minin hartina nu iman ari iman nyatana nur (sunda) nu dipasihkeun ku nu maha hirup ka nu daek aslamtu (islam) nyatana sumerah pasrah ka mantena. Iman mah rasul ge teu tiasa masihan komo guru resi ajar ustad kiai syech jeung sajabana eta mah –iman- hak nu maha hirup mere jeung teu merena. [Matak ulah gampang ngaku geus iman (mu’min) nurutan urang arab baduy… ..era ku nu moncongok. iman teh ni’mat nu pangede gedena….ngaku mah cukup muslim (sabisana) weh bari terus neneda sing kapasihan iman nur sunda nu maha suci. Can tangtu nu geus ngaku muslim meunang iman jadi mu’min]. Ngan, sabab aya jangjina Ar Rahman nu Maha suci lamun enya enya aslamtu bakal dipasihan iman nu mangrupi nur sunda rukun (islam)na kudu enya enya dipigawe…..nyatana (nu ka lima) Haji ka kabuyutan deuheus ka baitullah.

Deuheus ka hate nu nyunda caang (qalbu mu’minin baitullah) bisana ku tawaf museur keun maneh; Pancegan ihramna, tuluy munajat: denge nu lain salian ti itikad hate teu didenge, deuleu salian ti kana hate teu di deuleu ucap salian ti gerentes itikad du’a hate teu diucapkeun ambeu dieuweuhkeun; dua mata teu dipake neuleu dua liang irung teu dipake ngambekan dua liang ceuli teu di pake ngadenge liang sungut teu engab 7 lawang kadunya nutup…mateni patang (opat) perkara (pangdenge pangdeuleu pangangseu pangucap) angilo/ maca/ nimbang/ museur kana paesan tunggal… malikeun peta latipah ti talab ka qalbu ngaliwatan ruh sir nafi kahfi akhfa, unggah alam ti insan nu kamil, ka ajsam misal arwah wahidiyat wahdat ahadiyat di taratas disaliksik… ti amarah ka salwiyah ka lawamah ka mutmainnah ka rodiyah ka mardiyah ka kamilah (tawaf muter ngalawan putaran jam –malik malikeun deui alam nu kajamanan) make cai caina kahuripan kajayaan kawedukan kinasihan darma menceger anjlog ka (ci) paingan… lamun kaffah museur buleud nya tangtung masagi tubadil, munggah haji, naek, asup, ka alam sunda alam nur alam malak alam para hyang.

Nyata geura naon nu kapanggih waktu keur tawaf di baitullah di mekah SARUA jeung keur tawaf kana/dina hate nu geus caang –kapasihan caaang ku nu maha suci,

Urang saeutik bukakeun sababaraha lalangsena:





1. Manggihan hate nu caang qalbu mu’minin teh ku cara tawaf dina tangtung nu sawarna/sarua kawas waktu haji tawaf ka ka’bah baitullah di bakka.

Lamun urang ningali nu tawaf di ka’bah (misalna ti kaanggangan, tina tv, youtube dll)… tangtu katangen yen nu tawaf teh mangrupakeun warna bodas (nu ihram) nu ngurilingan warna hideung ( ka’bah-hajar aswad)….beuki uyek beuki katingali ngan tinggal cahaya/sunda warna bodas museur ngurilingan cahaya/sunda hideung di tengahna….bodas ngurilingan hideung.

Sabab nu tawaf teh jelema nu nyawaan, jadi hartina, tawaf teh nyatana ngurilingan/madep museurna sakabeh nafs jiwa & raga ka ka’bah baitullah.

Ahengna/buktina/sarua sawarnana…

Nu tawaf dina tangtung, lamun, make cara/teknik/tarekah nu geus proven:

Sanggeus ngaliwatan kaayaan henang heneng hening nu tawaf ngambah/nga manifest ka alam cahaya/sunda bodas nu museur muter ngurilingan cahaya/sunda hideung. Sunda/cahaya/nur bodas mangrupakeun sakabeh nyawa/nafs/kajelemaan nu museur manteng kana ati/qalbu nu tumarima aslamtu sumerah ngamanifest/ngawujud kanyataan/ jadi sunda/cahaya/nur hideung.

SINGGETNA,…..

boh di ka’bah boh di tangtung… tawaf nyatana museurna jiwa raga boh ka ka’bah boh kana hate nu caang/mu’minin. tawaf ngamanifest bodas (nyawa&raga) ngangliputi museur nuju hideung (qalbu mu’min, ka’bah).

JADI,..

Tawaf ka ka’bah baitullah di kabuyutan nu aya di Mekah SARUA ambahan/kajadiana jeung tawaf ka qalbu mu’minin di kabuyutan tangtung sorangan.

Ieu salah sahiji sabab/fakta naon margina Haji Hasan Mustapa (HHM) – nu kaayeunakeun ku nu raresep kana pamendak sareng hasil karyana sok disarebat bujangga sunda pangbadagna – ngadugikeun/nyerat yen Islam Muhammad sareat pangparatan hakekat, nyatana sareat nu bener ninggang/ngagambarkeun hakekat kanyataanana.

Waah ma enya?
Iih enya ma….Keur cecekelan mimiti mah kieu:

Lamun urang rek nanya ku cara ngadatangan/ngadeuheusan/h
aji kana hate nu beresih hayang meunang caaaaang hate nu jadi tuduh pikir tuduh lampah…biasana/leuwih gampang sok neangan waktu peuting (tahajud)..simpe euweuh atawa kurang dedengean dedeuleuan nu lain lain. Tuluy, sanggeus dzikir teh mata sok peureum…(dipeureumkeun)/atawa dina henteu na ge (mata beunta) tapi sakurilingna biasana poek (lampu dipareuman)….

NGAN….

Sanajan dinu poek nurutkeun inderawi….lamun enya bisa mampuh museur ka nu beresih.. …lamun tumarima enya enya…bisa/mampuh museur ka ati nu leutik alah manan leutik sok jadi kapanggih CAANG hate (sunda jero, tingali kalam kasundaan), jadi caang ati.

Nurutkeun papagah kampungmah: bulu manukeun euy… engkena jembar buana…nyatana museur madep ka ati leutik tapi sab nu leutik di jero tangtung ieu teh eusi ku caang/nurani….. engkena jembar buana.

TAPI,……

Mangihan hate nu caang iman nu saukur ngarupakeun hate leutik sab kalimpudan kasaput ku warna warna rupa jiwa/nafsu/piker/akal teh teu gampang, lir ibarat manggihan pulo leutik (karang kambang) di tengah sagara tapi perlu kapanggih sab eta hate nurani (hate nu caang). Sabab engkena, dimana caang hate tangtu caang piker nya tuluyna caang lampah meunang tuduh meunang hidayah (sanajan tangtuna lamun kanu geus pareng kapasihan tuduh ti nu maha suci/pareng manggihan mah teu hese hese acan).

Tarekah manggihan na teh euweuh deui iwal ti ku cara aslamtu sumerah pasrah tumarima ka nu ngamurbeng awak. Salah sahiji Rukuna sumerah pasrah aslamtu teh daek ngadatangan/ngadeuheusan/haji ka kabuyutan sorangan (lain saukur kabuyutan luareun awak).

Kukituna, aslamtuna teh tawaf (focus ngaleungitkeun piker nu lain lain teu kabawa ku angen angen) museurkeun heula piker/akal nafsu ku ititikad nu cengeng (itikad=ngaitkeun maneh) supaya teu GiNDI PIKIR (gindi= ngarancabang/mecah/buyar/teu mokus/goreng/midua mitilu jst; conto muncang gindi= muncang nu sikina leuwih ti dua…(tilu opat jst) ahirna jadi disebut muncang nu goreng sabab rupana teu buleud). Lamun bisa kitu -sanggeus kaleungitkeun jungkiringna nafsu nu peteng dhalimna si jonggrang kalapeteng- tangtu dina leuleutikna dina puseurna dina liang jarumna …kapanggih aya caangna.

Di kampung mah aya babasan ngahenang, ngaheneng, ngahening, ngahenung:

Ngahenang (euweuh pangaruh tiluar nu ngaganggu), ngaheneng (nafs piker jiwa na “cicing/teu usik/teu cus cos”), ngahening (simpe sirna beresih tiis), tuluyna ngahenung (teu jadi leungit/fana/rusak tapi purna jadi alif/lingga/ajeg/qiyam jst)....Ngan lamun teu bisa kitu (pikir/akal/nafsna gindi terus) teu bisa henang heneng hening…jadina engkena teh saukur renung (lain henung) ..loba pipikiran lalamunan cus cos….loba harewos tinu nafsuna.. kasukmaan nu gaib gaib…rarasaan nu minuhan pangrasana… nu ngalilieur ngabodokeun ngagorengkeun pikir nga belang keun bayah.

---
Matakna ka barudak teu eureun eureun dinasehatan ku kolot kolot, nepikeun ka jadi babasan:“tong sok Gindi pikir belang bayah” poek nafsna, tong boro bisa nyilakakeun batur nu mu’min caang hate malah malah ngusrukeun maneh tibabaradug jeung nu paroek hate deui. Sada sunda tapi sundel sada islam tapi eusleum.
---

Teknik/cara/metoda/jalan/tarekah nu geus proven


Kusabab sabab teu gampang neangan hate nu caang iman – loba kajadian nu dikir asmaul husna ge sanajan rebuan kali teu jadi mabrur malah mabur/gelo- dina tawaf dina tangtung ieu perlu pisan kanyaho, elmu, ulikan tina ageman nu geus PROVEN.

Haji Hasan Mustapa (HHM) – nu kaayeunakeun ku nu raresep kana pamendak sareng hasil karyana sok disarebat bujangga sunda pangbadagna – dina bab qurbah (tingali HHM: sasaka di kaislaman – lamun dina buku ‘HHM jeung karya karyana” kenging Ajip Rosidi mah hal 281) ngadugikeun aya 4 cara pakeun tawaf dina tangtung, dina qurbah anjeuna nyerat sacara ‘selintas’ carana –bari mung ngadugikeun salah sahiji hasilna mungkul nyaeta tiasa mendakan ruh idlofi, ruh al qudus (salah sahiji tina rukun iman ka 2- iman ka malaikat (malak=cahaya/sunda/nur).

1. Aya nu nyileuk nangkarak, samangsa geus aya nu ngalangkang, sapangadeg sorangan lebah manehna, ….
2. Aya nu maca salawat, tapi ulah make Rosululloh, madep …
3. Aya nu mencet kana sorangan, samangsa aya nu ngagulimeng bunder, beureum lain hideung lain, hejo lain. Lamun geus aya nu ngagulimeng bodas, cara ibun sakeclak,
4. Aya nu mepet napas, lar nu bodas sadedegan jeung sorangan,…

Opat metode/teknik/tarekah ngaliwatan proses tawaf ieu disebut proven sabab sanajan beda disiplin tarekahna tapi bisa manggihan hasil nu sarua (empiris).

Ku opat cara eta ku HHM ku anjeun kabuktoskeun tiasa mendakan/nyukmakeun roh idofi ruhul kudus ka nyalirana. Ieu alam pamanggih aya dina bab Qurbah –qarib, deuheus, deukeut, dalit- pangkat sasaka nu hasil tina HAJI (ngadatangana/ngadeuheusan/jarah ka imah/tempat/alam suci asalamtu ka kabuyutan nu ngamurbengna) nu aya dina alam rasa rasaning sampurna lain dina alam iman/islam/sahadah jeung sajabana…… TAPI JUSTRU, dina ngeunaan alam kayakinan (ageman) ieu, anjeuna parantos nunjukkeun sikep empirik/ilmiah.

Tangtu katingali, tiasana HHM nyimpulkeun ayana roh idofi ruhul qudus nu aya ditiap jalma teh dumasar kana pependakan (bukti) nu ngaliwatan leuwih ti hiji cara/pengumpulan data/tools -4 cara.

Sakali deui, Ieu conto empirik ngeunaan ulikan kapribadian nu aya teknikna aya indikatorna nu minuhan unsur kaharti karasa jeung bukti (PROVEN) jeung nu numuwuhkeun sikep keterbukaan/balabah elmu/ hanif jeung miceun benteng eksklusifitas aliran/sekte.

Sabab tangtu -lamun enya enya ngulik kasundaan jeung islam muhammad bakal tiasa apal nyaho yen ti nu 4 cara/teknik/metoda nu didugikeun ku HHM teh aya nu:

Asli ti Islam Muhammad, Aya nu asli ti Sunda (samemeh Islam Muhammad aya), Aya nu hasil modifikasi urang sunda dina ngadumaniskeun/ngamodifikasi cara/koncsep/teknik sunda jeung Islam muhammad (akulturasi).

Sanajan teu kudu make cara nu 4 eta wae – wenang/bebas kumaha karesepna masing masing dina milih/make- Metoda/tarekah/teknik nu didugikeun ku HHM ieu MASIH KENEH AYA disambung teruskeun nepi ka ayeuna, aya keneh di jalma jalma nu kabeneran pareng kawaris (detailna, tingali eddy nugraha: Panaekan warnaning tangtung). Lamun hayang jadi participant observer tinggal daek talab diajar ka guru/ajar/syechna nu aya dina pangkat satmata nu mampuh bisa ngajar mikeunkeun.

---
Keur nu ngulik kasundaan (lain susundaan), tangtu moal jeung ulah jadi hemeng kana ieu kajadian tawaf di tangtung, ieu teh mangrupa teknik/cara dina hayang leupas ti Alam para dewa (dev=cahaya=sunda) lokapala (Isora, Wisnu, Mahadewa, Brahma, Siwa) unggah ka Alam Hyang seda niskala (tingali Siksa Kanda ing Karesian, sewaka darma, jati niskala).

Sabab ulah kangeungeunahan di alam loka pala, dina ngaliwatan/ninggalkeuna teh euweuh deui iwal ti dileupaskeun pangobengna tumarima ka Sang Seda anu Niskala bari tawaf muter keun kanyataan isora brahma mahadewa wisnu ka tengah (siwa)….alam opat kalima pancer robah …museur madep ngamanifest kana bodas (sakabeh warna)…nu leungit arah jeung enggon…. (detailna tingali eddy nugraha: panaekan warnaning tangtung).
---

Ieu caritaan kampung urang ngoraan deui heula, ku dongeng leuwih rinci heula ngeunaan kumaha hate nu caang qalbu mu'minin kabuyutan nu jadi baitullah nu dihajian didatangan dideuheusan di jarahan di tangtung teh sadana:

2. Baitullah -Ati Putih (putih lain bodas)

Sabab Nu tawaf teh jelema/nu hirup /nu nyawaan/hayan..jadi hakekatna nu tawaf teh nyawa (jeung raga) nu loba loba tapi kabeh museur ngaanglipudan hate. Matak lamun pikir/akal eukeur gindi midua ngarancabang ….bayah ati sok belang warnana ‘gindi pikir belang bayah’..tapi lamun museur buleud ati (buleud=melingkar/keupeulan) jadi caang teu kaobeng ku pangdenge pangdeuleu.

Bisa nepi ka alam kitu teh lamun migawena kaffah buleud itikad …sabab warna bodas teh nyatana kumpulan sakabeh warna (tingali percobaan ‘cincin newton’)… ari hideung panarima nu kaffah tambleg (black hole)….euweuh hiji oge spectrum cahaya nur sunda nu di tolak/dipantul/teu diserap, kabeh ditarima ku hideung…tah panarimaning ati, nu teu milih milih tumarima teu ngabeda beda kana kadar papasten hade jeung goreng lillah naon wae ditarimakeun iraha wae kumaha wae (rukun iman nu ka 6).

Tilik tengetan geura, kajadian sifat fisis cahaya di alam (makro kosmos) ku cara make teknik/tarekah nu proven nu bisa leuwih ti 4 cara saperti nu ditepikeun diluhur- OGE mangrupa kajadian di alam mikro jero jerona tangtung.

Singgetna: sundana/cahayana hideung keur awas na hate dina waktu rasana tumarima;

Sundana/cahayana bodas sab mangrupa nafs nyawa nuhirup, warna warna jiwa kabeh keur ngumpul tawaf museur nya jadi bodas ku awasna hate. Sakabeh nafs nyawa jiwa raga (bodas) museur tawaf kana panarimana ati nu tumarima (hideung)- Haji/deuheus/ ngadatangan ka sorangan. Nu tawaf bodas ngurilingan nu hideung kabah jeung batu hideung (hajar aswad).

--
Ti dieu,…tangtu bisa kaharti naon sababna aya carita dina agama (islam) keur di jannah hajar batu teh warnana bodas ari ka dunya (ditempel dina ka’bah/ati mu’minin) warna na jadi aswad (hideung)…..nu milarian cai nu bijil ti sela sela batu na ge (jenengan) Hajar/batu…. he he he prawira sasmitaning jalmi utama (ari di sunda batu the pohaci ratu ning taneuh/karang/adam nu gaduh jujuluk POHACI (…..)…)
---

Beuki lila -lamun bener migawena- (angka 7 ngagambarkeun loba/sering)…lamun terus tawaf madep kana hajar aswadna ngahurmat ‘nepi ka bisa nyium’na….euweuh antarana bari radiatan mardiah nyatana lamun ningali geus jadi tingali, ngadenge geus jadi denge, ngangseu geus jadi angseu, nyarita geus jadi peta narima geus jadi tarima manjing jerona imah Allah… manjing qalbu mu’minin…(tawaf mah diluarna keneh ngadeukeutan)

Asup kanu poek ceuk inderawi/aya dinu poek nu hideung euweuh (teu mancerkeun) cahaya…. tapi didinya PUTIH CAANG awas (aya nu geus ngasaan nyium hajar aswad di mekah? Nya sirah asup kana liang leutik) sanajan leutik poek hideung tapi lamun awas ka sakuriling tah eta disebut caang nyaho yen ieu teh poek euweuh cahaya nu katingal ku indria (mejikuhibiniu)- caang ieu disebut putih sab gumilang tu warna (mejikuhinibiu) teu rupa- sabenerna sakabeh warna cahaya aya dina hideung, Kanyataan Hideung teh kumpulan sakabeh warna (teu kaluar deui) suwung (ceuk indera dunya teu bisa kagambarkeun spektruma ku inderawi- billa haefin billa makanin- teu warna teu rupa)….tapi eusi kumpulna sakabeh warna sagala rupa…. kanyataan ayana bahrul hayat. di jero kabah ge kosong ceuk indriya mah..padahal imahna Allah nu ngamurbeng sakabeh niscaya....Suwung tapi eusi eusi tapi suwung.

Cirina nurutkeun awasna hate boga warna cahaya sunda putih (Ati putih) nu lain warna warna sunda jero loka pala…ari putih lain bodas..sakali deui lain bodas… aya basa putih mah beresih ari bodas mah nyacas. kalamna clik putih clak herang...lain clik bodas clak ngacay.

---
Puluhan taun ka tukang dina koran Pikiran Rakyat aya ‘komik’ nyarioskeun ki Rambut Putih.. (lamun teu salah nu ngagambar nyaritakeunana Gerdi WK) ngan sigana ku sabab putih sunda dianggap sarua jeung putih indonesia…ieu rambut luluhur sunda teh di gambarkeun lalaki nu huisan…..padahal kuduna warna rambutna hideung… ngan hideung caang (berkilau)… gumilang ….gambaran kamampuh ulikan nu tos manjing Putih beresih. Tawisna sacarios carios peta paripolahna na bijil ti clik putih clak herang nu bendra wakcana ngagarantang setra.
---

Kumaha saenyana kajadian Clik putih clak herang nu medal ti kasucian kabuyutan di tangtung jeung medalna Ayat (kitab nu aya dina hate mu’minin)? tuduh bacaeun dina keur karerepet boga kabutuh ku tuduh hidayah....? Kumaha ciri nyatana dina meletus bijil tangtung?.. naha kudu pageuh kana sareat?..Naon buyut haramna? kumaha nyusukna?…. ameh enya jadi haji di pakuan sorangan.


(bagian salajengna urang kintunkeun kapayun upami pareng)