Tutungkusan (II)

ISLAM nu tanpa wangenan

Naha ieu sareat/jalan agama ti Arab teh jadi agama tuturunan urang (urang sunda), salaku bangsa Ajam (keur arab) na teu boga sorangan?

Asal Kecap

Anaking,….

Islam, (asal kecap tina salima, salam, sundana rahayu salamet waluya wilujeng (kamus umum basa sunda-LBSS). Jadi, dina nuturkeun din/agama make jalan/sareat/metoda Islam teh nu dipalar dipiharep dina dijalan jeung jucung hasilna teh aya dina/kasinugrahan ginulur karahayuan ginanjar kawilujengan salamet waluya sapapanjangna saendeng endeng.

Sabenerna mah ti babaheula keneh, teu eureun eureun di lembur mah, ti orok keneh geus di do’a di parancahan ku nu jadi indung bapana supaya dina hirup bisa mulus rahayu berkah salamet sapapanjangna. Oge, ka papada batur lamun ngadu’akeun kudu we : ‘mugia ginulur karahayuan…. Ginanjar kawilujengan… sapapaosna jst jst – Anu lamun teu apal harti jeung rasa kecapmah sok jiga nu kurang ‘ngeunah/afdol’ tibatan do’a make basa Arab, Padahal sasat paneda/do’a luhung tina maksud ageman, sanajan ayeuna sareatna meunang/hasil nguyang ti Arab, matak teu kurang nu sok saukur marebutkeun kecap.

Kade urang mah,….

Ulah paciweuh kusut ku basa. Ari nyarita jeung/nulis jang batur mah saruakeun we jeung kahayang nu diajak nyarita/nu macana hayang arab bere arab hayang sunda bere sunda hayang english bere english moal (ulah) kurang pibasaeun keur mihapekun maneh – da kitu aturana alus/akur soteh ceuk nu sakaresep, ngan rek basa naon wae nulis nyaritana (sing bisa) kudu jeung hate, Ameh ENYA tangtu moal era POK eraTRET.

Naha sareat Islam dipake ?

Anaking,…



Ieu sareat Islam dipilih ku luluhur, urang mah untung ngan tinggal neruskeun (sing daek nurut nuluykeun nya!), sabab jalanna (sareatna) pakeun babalik nyaho di getih sorangan nangtung ajeg ku sorangan di urat sorangan teh ninggang hakekat/kanyataana bari deukeut tepina (Mustaqim, asal kecap tina qiyam hartina bisa nangtung ajeg/lempeng/lurus ku bitis suku sorangan- sok dihartikeun jadi jalan nu lempeng (straight), ari lempeng/lurus= jarak pangdeukeutna). Asal temen, bisa (sing bisa) ngahontalna sabab tools/teknik na lengkep jeung enya.

Tangtu nu disebut diluhur karasana ‘klise’ saliwat mah sabab geus loba/sering didongengkeun ku batur batur, Tapi,….., kieu geura sababaraha pertelaan mimitina saencan ku Apa dicaritakeun lalangse lalangse jalana bawa ka yakin,…

KAHIJI,….

Sanajan diturunkeuna baheula di tanah Arab jeung make basa Arab, Islamna Sang Mursalin mah nungtun supaya sumerah jeung gumantung (aslamtu, aslama) teh lain ka Pangeran nu baheula-baheula (jaman luluhur), lain ka nu aya di batur, atawa nu jauh jauh tapi Maha Hirup nu menceger (mandiri), akrab, dalit, awor galo jeung maneh sorangan.

Saurna ge pan “bisi aya nu hayang nyaho ngeunaan Kami, saenyana kami qarib/dalit …‘wa idzaa saalaka ibaadi anni, fa inni qariibun’ (Qur’an-Sapi bikang, 2:186). ….‘kholaqokum wa maa ta’ maluun’ mawa jeung bawa maneh (Quran-nu ngabaris 37 : 96) jeung deukeutna leuwih deukeut manan urat beuheung ‘wa nahnu aqrabu ilaihi min hablilwariid (Qur’an, Qaf:16).

Matak, sanajan meunang disebut (Asma) naon wae asal alus (Al husna), salah sahiji sabab, Pangeran teh disebat Allah lantaran: dibaca, diucapkeun, dibetuskeun, metuna ngantet galo awor ngahiji (make tasjid), Nu disebut galo jeung nu nyebut metukeunana. Tandaning ngaran terusing eusi, enya rasa jeung nyatana lamun maneh geus bener sidiq nyaksina (sahadat).

Ku sabab kitu,...

Keur jalma budiman bijaksana mah (nu sing bisa katurut jadi adab sorangan),… aranjeuna tara sagawayah nyebatna – Nyebut ALLAH – teu sambarangan lalawora betus. sabab Tarapti asak dadasar,…

Aringgis ku bisi kabeneran ngabetuskeun Allah bari keur kajelemaan gede (‘kotor’ di kanafsuan); atawa bisi keur kaayaan nafsi nafsi nu nyebut jeung nu disebut; keur balangah ireug katalingeuhan; keur pareng kahijab; jeung keur aya dina poho, da jelema mah gudangna kaluluputan nu ku eta kabeh tangtuna bakal (sing) ngarasa ISIN, era, sabab deuheus ka nu galo marengan ngusik malikeun taya kendatna lamun seug dina nyarita, metakeun, ngabetuskeuna teh teu jeung enyana (qarib/dalit). Aranjeuna, hurmat ajrih ageung karumaosan sab tempat sumerah jeung gumantung saorangana teh nyatana dat Allah sanes geusan sumantana. Sanajan ku batur /ka batur pada pada jelema mah can tangtu kaciri, gampang/bisa nyumputkeunana.

Kataraptian keur pribadina teh dina netep merenahkeunana. Nu dina sapopoena mah kaciri sering ngabasakeun Allahna teh Nu Maha Suci. Ari Nu Maha Suci dijadikeun pilihan sesebutan/asma ku nu barijaksana, supaya sakalian ngelingan, bari nyalindung, tuluy waspada eling yen nu keur dicaritakeun/dihadiskeun/digero/dibetuskeun teh suci ning suci, maha suci tina ireug katalingeuhan kaluluputan kajelemaan nu keur metu metakeun.

Dina nyebut asma nu laina, aranjeuna mah kumaha butuhna wae, misalna, keur nu ngabdi nyebut maha nyaah maha asih jeung maha miara, keur nu ngudag elmu nyebut maha uninga maha adil maha bijaksana, keur nu mantangul nyebut maha gancang siksana maha kuat maha kawasa,… jrrd …jrrd pilihan, da moal kakurangan ngaran pibasaeun. Nu dipalar ameh jadi panglesu nafsu kabarahmaan/kaseuneuan jelema supaya leah daek kalayan sidiq ka jabaning langit nu lain di kajelemaan tapi galo jeung sorangana (engkena daraek aslamtu ka Allahna sorangan).

Umumna mah, karek lamun dina keur shalat, macakeun deui urut cariosan Allah baheula nu dikumpulkeun dina mushaf (ngaji Al-qur’an) -sanggeus wudhu susuci heula lahir batin- atawa ngado’a, eta kecap Allah disebut. Malah sok ditambahan jadi Allahumma nyatana ngagero bari sakabeh jiwa raga tiluhurna sausap rambut tihandapna sahibas dampal museur deuheus galo jeung nu dalitna, haji ka nu dalitna, lamun geus nyaho sundana. Salah sahiji cara nyaliksikna mah, rasakeun we lamun nyebut Allah jeung Allahumma kamana tungtung rasana dina jiwa jeung keketug (lengkepna tingali tulisan: ismudat sampurnaning tekad). Gening, dina basa Arab ge Allah teh sok ditambahan swt, subhanahu wa ta’ala, nyatana ngingetan yen ieu nu disebut Allah teh maha suci jeung luhur/agung (ari ngasucikeun sarua jeung nga nafikeun/ngalainkeun tina sagala sifat kajelemaan/kamahlukan/kadunyaan nu keur dirasa dipikirkeun dicaritakeun ku maneh harita). Tara (ulah) kawas nganggap Allah jaman keur disebutkeun ku urang Arab jahiliyah.

KADUANA,….

Pakeun nangtung ajeg ku sorangan di urat sorangan teu gumantung ka batur teh, BISA kalawan CUKUP. Sabab ieu nu maha suci nu galo dalit jeung maneh teh enya enya mampuh tiasaeun ngabulkeun ngayunkeun du’a/pamenta. Tanggarana ge pan asal dipenta ‘ud’uuni astajib lakum’ (QS, Al-Mu’min, 40:60), ‘ Ujiibu da’watad daa’I idzaa da’aanii (Qur’an-Sapi bikang, 2:186). Deukeut mentana teu kudu gogorowokan nyahoeun batur cukup maneh nu nyaho jeung nu geus nyahoeun/bareng ka Allahna sabab ‘Waallahu aliman bidati suddur’ nyaho uninga kana eusining hate geus apal sanajan henteu pok bari bisa iraha wae mentana da tara ka selang ku poho ari maneh inget mah.

Malah,… eta nu suci ning suci awas deukeut galo jeung maneh teh miwarang/ngakudukeun menta ka anjeuna wae hartina ngan gumantung/menta ka nu dalit jeung sorangana di sorangana sorangan, lain di batur.

Jadi,.. lamun boga kahayang teh cukup (sing bisa) ngurihit sorangan ka sorangan nyatana ka nu marengan miara maneh ulah ka luar kanu jauh jauh komo kanu teu bisa ngabulkeun pamenta mah….cacakan kanu sakapeung mere sakapeung henteu ge sok matak rudet ati, cape menta jeung nungguanana.

Matak gening dina nga du’a teh dua dampal leungeun sok di dipencrong kalayan enya enya bari rada dideukeutkeun kana beungeut. Dina keur kitu teh, hate lain (ulah) menta ka nu jauh jauh di batur luareun maneh – eta mah kawas tukang parasaben – ciri hirup henteu mulya, menta ka batur mah hina (ngahinakeun maneh) bari jeung can tangtu dibere.

Anaking,…

Menta ka nu qarib ka sorangan mah lain kitu, ku museurkeun cipta rasa karsa sorangan dina neneda ka nu maha ngabulkeun do’a, leungeun sorangan nu engkena jadi sagara panglejar lejar.
Nyatana nga hening henang heneng keun sorangan ka nu dalit disorangan nu enya enya bisa ngabulkeun paneda. Nu dina peta af’alna ka hontal/katulis/kacekel/kapigawe/ka dahar katarimakeun (Sing) ku leungeun sorangan. Nu kitu mah dina pareng meunang jadi kasugemaan dina henteu encan pareng jadi katumarimaan sab karek sakitu bisana. Ngeunah nyandang nyanding narimakeun ngauar uarkeunana (ni’mat) sabab sangeunahna ge pamere batur pada jelema, nu lain (kusabab) hasil gawe (leungeun) ‘jerih payah’ sorangan mah, moal ngajadikeun hirup menceger mulya kasebut alus hasil amal/gawe.

Cekel delegna,…

Lamun menta tuluy teu dikabul cirining teu bisa menta ka Allahna, cirining teu bener bener menta ka Allahna; cirining lain menta ka Allahna tapi menta ka berhala pikirna sorangan ngeunaan Allah; Angen angen, tahayul rekaan hate sorangan dumasar ‘euceukna’ ngeunaan Allah, da lamun bener menta Ka Allahna pasti di kabulna ‘Ujiibu da’wataddaai idzaa da’aani’.

Matak, gening, lamun pamenta teu di Kabul paneda teu kasubadanan, sok ngadenge dinasehatan, “kudu sabar, wayahna can waktuna, atawa can parengna,….” Eta caritaan nu jeung enyana, sanajan karasana ngan siga nu saukur ngabebenjokeun supaya angger daek menta dibibita di lelemu ku meunangna engke.

Saenyana mah bener pisan kudu kuat terus (sabar) deui, ngeureuyeuh wekel deui nga do’a museurkeun pamenta nangtungkeun seja sabab saencana dina waktu menta can pareng pamenta maneh bener sinelir Allahna. Harita lain dina waktuna can mampuh menta ka Allahna, can bareng kahayang jeung iradat nu dalit jeung maneh. Encan pareng teh nyatana can ngahiji can sarua, meureun ayeuna saeutik saeutik geus apal kumaha maksud ismudat rasa dina hate jeung keketug, lamun ngucapkeun RENG…nyatana kabeh ngahiji cipta rasa karsa jeung nu dalitna…matak ciduhna metu ucapna nyata.. saciduh metu saucap nyata.

Ngan ciri nu enya menta ka Allah mah - geus bener syahadatna- tara sapenta pentana tara sahayang hayangna tara sa do’a do’na, lain kawas pamenta nu keur dalit jeung hawa nafsuna sabab nyaho ciri wanci punjul, kahayang pamenta jeung do’na geus merenah dina haqna; diantara:
(1) cirina mahing tara menta nu teu nyaho pibalukareunana, teu nyaho hakekatna ..’rabbi innii a’’uudzubika an as’alaka maa laisa lii bihii ilmun’;
ka (2) Mantang sasanggupanan tara sabetus betusna tara saciduh ciduhna sabab sagala ge ‘illa maya’sa Allah’na, Kumaha parengna maneh jeung nu dalit/galo ka maneh dina dikabul henteuna pamenta.
(3) Neneda lain ku mewek sedih kingkin nafsu ngagugudug nyeri hate, keur gede kahayang atawa nyoba nyoba, eta mah nu jadi sabab, tapi ngahijikeun cipta karsa karya, hening henang heneng henung (lain jadi renung).(tingali: Adab menta ka nu dalit ka sorangan)

KATILU,…

Nu galo dekeut qarib tempat sumerah jeung gumantung teh ‘ala kulli syain muhith’ ngalingkupan saniskara, nu kamana wae maneh nyanghareup kapanggih AYA (Quran, Sapi Bikang, 2:115) bari gampang (sing bisa) ngabedakeunana sabab eces laesa kamislihi syaeun….

Eta ngandung harti, yen nu qarib jeung maneh teh, qarib jeung Apa, qarib ka (aya di) batur jeung oge di saniskara mahluk kumelip. Lamun geus sahadah kalawan sidiq bener –lain saukur sahadat euceuk (baca: sahadat JATI: tigang pati sahadat kabawa mati) - Bisa awas/weruh/nganyahokeun ka batur (kaasup ka Apa), Naha keur aya dina ka-Islaman, keur sinelir muslim ka pangersa Allahna, atawa keur nolak (kafir) ka nu ngamurbengna, keur nyamarutkeun jeung hawa nafsuna (sirik), atawa keur bodo (jahil) teu nyaho di sorangana jrrd.

Sabab sing ati ati saperti nu disebut dimimiti hate mah bulak balik ka islaman ka eusleuman ngan sakedet netra obah obahna (owah ing sir). Sanajan ari ku batur batur nu di alam kajelemaan (nu make mata ceuli hate kajelemaan na mungkul mah) moal katangen. Bisa kitu (sing bisa kitu) teh sabab Allahna mah sarua hiji-hijina euweuh nu nyaruaan -laesa kamislihi syaeun (Qur’an, as-syura 42:11).
Jadi mun geus kasaksi ku maneh dalit/deuheus na jeung sorangan eta nu galo jeung maneh nu euweuh babandingana teh…maneh jadi nyaho bisa ngabedakeun nu eukeur dideuheusan/ keur dalit jeung batur - Allah atawa lain (kayaning nu gaib gaib, setan nafsuna sorangan, akal fikirna jrrd ) sabab ayaNA di batur jeung di sorangan moal kasaruaan ku nu lainna.

Hal eta teh, mangrupakeun hiji “short cut”/ “by pass” nu bisa dipake diantarana pakeun ngabeda-nyuaikeun lalangse ngeunaan hikmah tina caritaan caritaan agama kahareupna, nu ditepi ajarkeun ku batur batur papada jelema. Supaya teu (ulah) taqlid ka jelemana, misalna wae ka….guru/kyai/ajar/pandita…Naha enya enya keur jadi ahli waris Nabi (harti asal kecap nabi nu nganepikeun beja ti Allah) nyatana ulama sinelir nu pangkat satmata, atawa naha keur ngan saukur jadi ulama euceuk tukang nyaritakeun beja, atawa keur jadi ahli waris kanafsuan kaberhalaan pikir akalna sorangan.

Eta the perlu pisan sabab, sanajan basana mah kadang sarua make basa agama pakena kawas guru agama jeung jalmana bisa eta eta keneh – ngan robah robah dina SIR-na. Bisa oge ka-Allah-an ngurangan, tetep, malah leuwih sinelir murub mubyar di hii jelema boh rupa ajengan boh rupa jalma biasa malah loba sinelir dinu teu siga siga acan.

Matak ulah aneh, lamun aya batur pada pada jelema nu luhung nu agung nu mulya nu matih mampuh da sarua baroga Allahna bari keur jaya pareng jeung (idin) Allahna, kitu deui sabalikna. Urang keur dina kabodoan nanya ka batur pada pada jelema sugan nu ditanya pareng jeung Allahna urang kabere caang, dinanteu parengna bodo keneh bodo keneh da kabobodo. Urang  menta tulung ka batur nu sugan pareng jeung Allahna bisa mantuan.

Matak jadina do’a atawa pamenta teh, sok kalan kalan bijil ti kajelemaan maneh, sok oge bijil ti pada batur nu jadi antarana da nu maha kawasa aya dimana mana ngauban ka saniskara nyatana keur jelema ngaliwatan mahluk deui. kumaha pareng kana maksud sapanejana wae matak kongas ari lawang rijki t nu maha asih hese katingali lawangna/ teu bisa kanyahoan bakal timana lawangna ku nu keur dikajelemaan. Misalna, Kawas hayang cageur; bisa make keris make batu make tasbeh make cai make obat apotek make alternatif, rek ku dokter ku dukun ku kiai kululuhur ku nu gaib gaib asal pareng jeung (idin) Allahna cageur keneh cageur keneh. Sabalikna lamun henteu paeh keneh paeh keneh.

Matak ulah teu nyaah ka batur, sabab dijadikeun ku Allah nu sarua jeung di maneh /ngajadikeun maneh. Kaalausan naon wae nu katampa ku manehna ti maneh, sanajan teu kanyahoan ku kajelemaan itu, bakal kasaksi wae ku Allah, da etakeneh eta keneh, itu keneh itu keneh, hiji di mancawarna ‘ala kulli syaein muhith’.

Matak kudu alus ka pada batur da sabab aya Allahna, kudu nyaah pada batur da aya Allahna ngan tong ngarepkeun ka baturna hayang wae bebenangan ti baturna tapi kudu ka Allahna sabab eta aya dimaneh aya diitu tempat ngatur mikeunkeun.

Matak, ulah ngahina ka sasama mahluk, ulah asa aing uyah kidul asa aing pang islamna pang diakuna pangdekeutna –komo nu asa mah jauh ka enya/tara ninggang di enya- da kabeh ge boga Allahna sorangan sorangan, samahina samahina ngan undak luhur kumaha usaha amal pagawean jelemana ‘lahaa ma kasabat wa alaiha maktasabat’.

Matak tong eureun di kajelemaan sabab eta ciri lawang Allahna asal enya sidiq sahadat. Allah mah kumaha panyangka jelema, nyatana kumaha manehna, nganteur sakahayang, moal dirobah mun teu ngarobah sorangan jeung Allahna.

Matak aya babasan aya Allah sabab aya jelemana euweuh Allah sabab geus euweuh kajelemanana keur eta jelema. Matak sok bijil babasan lamun alus kaallahna cirina alus kapada baturna sabab kabejakeun ka Allahna ti batur batur.

Matak tungtungna, Kongas aya babasan sareatna ti mahluk hakekatna ti Allah. Nu engke mun yakin jadi tibalik belah sareatna ti Allah hakekatna ti jelema (tingali: Ismudat sampurnanng tekad).

SINGGETNA,...

Sang Mursalin tedak Quraysh teh ngajarkeun nangtung sorangan ku cara mereketkeun maneh sumerah tumarima nurut tumut gumantunng ka nu dalit qarib marengan mantuan ngayunkeun ka sorangan nu puguh enyana. Teu ngaitkeun nyantelkeun maneh kana/jeung salian ti eta, kongas kasebut babasan sunda GUMANTUNG TANPA CANTELAN. Nyatana hirup bari nangtung sorangan ku bitis sorangan urat sorangan getih sorangan sabab boga sorangan nu ngauban bari bareng jeung batur batur nu oge kaauban saubna saubna tapi (sing bisa) silih auban (sing) salamet tur nyalamet keun (sing) ginulur karahayuan ginanjar kawilujengan.


IV. Ngahontal Islam nu tanpa wangenan

Na bet islam nu tanpa wangenan?..Ngahontal islam ku rukun nu 6 naha enya bisa?...naon cirina/tolak ukurna?; naha karek islam mun geus sahadat? Na dina sahadat aya sahadat rasul? Naha bet terus kudu nyaksi yen Muhammad rasulullah nepi ka paling saeutikna 9 kali sapoe ?...na ongkoh jalmi mulya bet kawas nukarooh hayang tuluy diaku?

( bagian salajengna urang kintunkeun upami pareng )