KIAMAT sapapanjangna!: Geus bisa encan??.….waaah maenya? (II)

HARTI KECAP/ISTILAH jeung CECEKELAN

Supaya puguh nu jadi turus dina nuturkeunana, urang tetepkeun heula leuwih pertela maksud sababaraha kecap nu dipake jeung cecekelanana /referens-na:

III

HARTI KECAP/ISTILAH

Yaumil qiyamah (kiamat) jeung kiamat sapapanjangna

• Yaum hartina: poean, ‘rentang waktu’, wayah, periode, era, nu teu disebut pasti ukurana. Kukituna, bisa lila pisan triliunan taun, sajam dua jam atawa bisa saukur increment/delta ‘sesaat’ jrrd.

• Qiyamah tina qiyam nangtung ku suku sorangan nepi ka ajeg.

Yaumil qiyamah (kiamat) dimaksudkeun kana waktu dimana harirup narangtung (qiyam) deui sanggeus lila paeh ‘ngagoler’ di/ka kubur, kakurung kahijaban barjakh lalangse alam antara. Sakabeh mahluk alam jagad dunya rusak sirna nu aya tinggal nu murbana/khalikna.

Eta yaum/periode/ teh dicirian ku kaayaan 12 ciri dina surat at takwir kayaning panon poe ditilepan, bintang murudul, laut bitu, gunung rungkad, shuhuf maruka jrrd.

Tina eusi ayat 1-13 dina surat at-takwir ieu, tangtu moal/teu jadi aneh mun qiyamah/kiamat teh sok disebut/boga ngaran lain nu sawarna nyaeta: as sa’at (poean –waktu), hisab (balitungan), akhir (ahirna mahluk), din (nurut), fasli (putusan), Fathi (kaadilan), thalaq (pipisahan jeung mahluk lain), jam’i (ngumpul), khulud (langgeng angger), huruj (kaluar ti kubur/kurungan/hijab/antara/barjakh/lalangse), waqiah (kajadian rongkah), thammah, qariah, ghasiah, taghabun (ditembrakeun) jrrd.

• Kiamat sapapanjangna tara poho tara leupas ti kiamat.

IV

Dumasar kana harti nu ditepikeun/dipake diluhur, heubeul pisan, komo ngeunaan kiamat sapapanjangna, kana carita/dongeng agama ngeunaan poe ahir/kiamat ge sok:

• Loba,…. nu nganggap teu pati guna, padu percaya jeung ngahaminan bae tamba karunya ka nu “u-ustad-an /ki-kiai-an” nu keur ngabudah nyaritakeun kiamat jeung saukur nitipkeun maneh ti batur batur ameh dianggap bageur da ‘iman’ ka ‘carita’ agama,..

Kitu teh sabab....


nurutkeun itungan jelema, ieu Jagad teh mahluk/ciptaan nu geus umur bilyunan taun, jelema karek aya 100.000 taunan, tapi planet bumi masih bisa dicicingan ku jelema keur sababaraha bilyun tahun ka hareup. Hirupna jagad? komo deui masih sabaraha pangkat trilion taun ka hareup. Ari umur salaku jelema basariyyah ayeuna ngan sabaraha taun? Rata rata teu leuwih ti 100 taunan.

Hanas eta,….

Geus loba kajadian ti babaheula gunung bitu, lini oyag, dataran ngeser, banjir rohaka, laut ribut rongkah, pulo pulo di dieu karem diditu timbul hawa manasan,,..tapi eta mah nunjukeun hirup teh usik teu angger sasat kanyataan ayatullah yen mahluk moal aya nu tetep nu langgeng di hiji kaayaan pasti bakal diputer puntirkeun Sang Kala Cakra. Kawas Mo lila deui ge nusa jawa jeung sabagian tatar sunda katut eusina bakal ngalaman robahan gede.

Tapi… eta mah ukur obah obah usik ka usik usik cirining moal aya nu langgeng angger di dunya mah jeung ayak ayak beas ‘survival for the fittest’ nyatana ngan jelema nu bener tur hade amalna nu bakal ‘salamet’ bisa ngigelanana. Jelema loba nu paeh tapi loba nu lahir deui,..kitu jeung kitu….. geus rusak teh hiji kahirupan, nu lain nu anyar aya deui harirup deui,..rusak ajur tapi tuluy aya/jadi kahirupan nu lain deui,…. Kitu jeung kitu kitu jeung kitu robah robah pundah pindah….jadi, lain nu dimaksud ku caritaan ahirna jagad...nu kabeh mahluk/jagad rusak nu aya tinggal Allahna.

Jadi, tibatan mikiran enya enya kiamat rusakna ieu alam/jagad nu moal kaalaman salila hirup didunya, Geus we pigawe titahan agama bekel sorangan engke mun paeh jeung mending mikiran kumaha milaku kahadean migawe kautamaan kayaning ngarawat miara jagad jeung ngertakeunana supaya paling henteuna ieu buana panca tengah teh genah dicicingan salila hirup sukur sukur bisa ngawariskeun nu pikangeunaheun ka turunan.

Nya nanaonan atuh ieu agama haq teh resep/sering/loba nyaritakeun nepi ka detail ngeunaan Kiamat malah dijadikeun rukun iman sagala??? Euweuh deui caritaeun??? (nu tangtu kuduna aya maksudna ).


• Loba,….. nu saukur nganggap Kiamat ieu teh ‘bisa bisana jalma pinter’ dina nyingsieunan jeung meruhkeun hate jalma supaya boga kasieun ku siksa kasusah jeung ahirna daek nurut kana titahan agama. Migawe ngungumpul kahadean keur di ahir.

Da enya atuh tong boro ku kiamat dunya gede cacak ku lini 6 skala richter nu jauhna ratusan kilo ti urang cicing ge geus sakitu geunjleungna jeung jelema teu bisa naon naon ukur kabur pangacian lalumpatan kaditu kadieu teu puguh laku komo deui upama ngalamunkeun ngalaman dunya rusak ajur sapisan…

Tapi,…enya ari kudu boga kasieun ku picilakaeun mah..da eta teh cirining jalma perceka..ngan ari ageman nu diajarkeun ku cara nyingsieunan naon gunana naon hasilna naon ngarana?...loba hasil research nu nunjukeun jiwa jelema nu digedekun ku di singsieunan…..loba ngabohongkeun, loba kasieun teu puguh, ati mungkir beungeut nyanghareup, jrrd jrrd ka teu hadean.

• Loba,….nu hare hare komo lamun nu “u-ustad-an /ki-kiai-an” (kabeneran teu diparengkeun panggih jeung Ajar/Ustad/Kiai enya) dina nyieun alesan ngeunaan perluna ‘carita’ kiamat, kabeukina saukur ngalamunkeun kana sugan jeung bisi, ku nyebut yen “Allah mah maha kawasa mun ngersakeun bisa wae isuk atawa ayeuna keneh kiamat jagad”.

Argument kitu teh saliwat mah siga heueuh da nyalindung ka sifat nu kawasa. Tapi lamun ukur nepi ka dinya sabenerna naon cekeleuna da sakelas/sabobot jeung andelan/caritaan sabalikna, nyaeta mun ngersakeun bisa wae nepi ka paeh –jeung sakabeh homo sapiens di ieu planet geus paeh ge- moal kajadian keneh kiamat jagad”. Jadi ari ‘gambling’ babalagonjangan ku sugan jeung bisi mah teu pantes jadi cecekelan/andelan /argument nu enya dina ageman.

Malah nu geus jelas kabukti mah da gampang kaciri,…. Geus aya sabaraha generasi ‘ustad/kiai’ di urang ti babaheula ti rebuan taun katukang nu sok resep nyaritakeun poe ahir nepi ka maotna ninggalkeun alam dunya nu nyaksian/ngalaman kiamat ????

Nya ahirna sok loba oge nu lalumpatan ninggalkeun ‘da’wah/sareat agama’ tuluy ngadeukeutan/ milampah rupa rupa ulikan kapribadian, kabatinan, meditasi, kapercayaan, tarekat jrrd nu kadieunakeun dina dongengna loba nu siga leuwih bener tur mere ‘nutrisi’ ageman nu leuwih ‘siga’ empiris realistis/kahontal…padahal lamun teu make ugeran tina Qur’an ngeunaan eta (12 ciri kiamat dina at- takwir) BISA WAE lir ibarat asup ka labirin nu teu puguh lawang bijil malah beuki kasasar kadalon dalon teu apal jatining enya. (langkung detail tiasa ditingal di bagian metoda/ulikan/cara di bag salajengna).

V

TAPI ETA KABEH PIRAKU TEUING,…..

Sayidina Muhammad saw teh ngalungsurkeun ajaran nu haq nyata [for the sake of inquiry di bag ieu keneh mah ngaosna ditambih nu dilebet kurung] (nu kudu mangrupa) sareat nu ninggang hakekat -ari hakekat hartina kanyataan lain lamunan nu euweuh bukti-

JEUNG....

Qur’an teh lain jieunan tukang ngarang tukang ngareka basa diatur atur ngan supaya pantes kumaha rasa/pikir jelema, ..ieu mah pangkat wahyu nu diwahyukeun ….nu meletus bijil ti biwir mudal tina rasa nu clik putih clak herang nu lain dikira kira dipayus payus luhur handapan da sasat [di bag ieu keneh mah ngaosna ditambih nu dilebet kurung heula ] (lamun enya mah kudu mangrupa) sang garantang setra nu bendra wakcana.

CECEKELAN

Dina ngama’naan jeung mager ulikan ngeunaan ‘bisa’ kiamat, cecekelan dihandap ieu kudu jadi gugon tuhon cekel delegna meh teu melengkung bekas nyalahan –utamana dina metakeun bag XXI “metoda cara teknik”, diantarana:

KAHIJI,....

Ngan Allah nu murba wisesa anu nyaho pastina ‘ilaa rabbika muntahaahaa’ (An-nazi’at, 79-44), jelema (di- kajelema-an) mah moal nyaho, bisana ukur ngira ngira/ngalamunkeun –ari ngira ngira/sangka tara ninggang di enya.

Sedengkeun numutkeun Allah mah, waktuna kiamat keur manusa teu tebih/deuheus/deukeut ‘iqtaraba linnaasi hisaabahum’ beuki deukeut/deuheus/qarib kiamat (yaumul hisab) keur manusa tapi maranehna balangah jeung nukang nonggong (para Nabi, 21:1). Matak umur jagad ieu relative kumaha frame of reference nu jadi acuan nu nyaksina. Matak ulah jadi jelema nu balangah tur nukang nonggong ameh deuheus/karib ka kiamat.

Allah miwarang: “Bejakeun ka batur pada jelema nu hayang nyaho ‘wa ya quuluuna mataa huwa, Qul ‘asaa ayyakuuma qariiban’...muga muga we keur urang kiamat teh deukeut deuheus (qariib) (Al- Isra, 17: 51). Jadi kudu daek menta ngusahakeun meh bisa ngahontalna ku idin Allah.

KADUA,....

Ari Rasul Muhammad mah (Sang Uswatun Hasanah nu jadi contoeun turutaneun) tos weruh/nyaho yen antarana teh deudeus/qarib/deukeut/mo jauh -da dipasihan terang ku Allahna- saurna dina Hadis “deukeutna karasulan jeung kiamat lir ibarat deukeutna curuk jeung jajangkung”. (HR Sahal bin Saad ra)

KATILU,...

Muslim nyaeta lain jelema biasa / lain jalma jore jore tapi manusa nu geus bisa/mampuh nyaksi (jadi saksi) Allah jeung Rasul nu pangkat Muhammad (syahadat) rukun islam ka hiji. Matak ieu kiamat moal payu kanu/kabeuli kunu karek tuturut kana rarasaan aakuan asa geus sahadat atawa ngan saukur seubeuh ku mindeng macana komo nu teu hawar hawar acan mah lapur.

KAOPAT,...

Dina waktu poean saat kiamat eta manusa digentran ku Allah bakal ngagugu, nurut, tumut sarta muji nganuhunkeun, keur maranehna matuh di dunyana ukur sakeudeung (Al Isra, 17: 52). Engke ti dieu (sapertos bakal katingal di bagian salajengna) bijil caritaan ulikan /jampe pamake kiamat sapapanjangna. Da tara matuh lila di dunya, batur betah kangeungeunaheun tuluy sasar sasab kakurung kakubur dunya nunggu nunggu rusak jagad, manehna ukur ngumbara sakeudeung da tara matuh – teu resep hayang bubuara salilana. Bali-na ukur geusan ngajadi banjar karang-na ukur keur pamidangan. Pulang anting bari teu kaciri datang-inditna salian ti ku muslimin nu tos kasinugrahan iman da langgeng bari mapay.

KALIMA,....

Kiamat aya dua sughra jeung kubra; Sughra = kajadian ka jelema; kubra= kajadian ka jagad. Tapi dina At-takwir mah teu dicaritakeun bedana. Jadi, dina ieu tulisan 12 ciri kiamat (dina 13 ayat) surat At-takwir (kudu/sing) sarua kajadian/tumiba di duanana/teu beda boh sughra boh qubra. Jadi cekel delegna, lamun salah sahiji prasayarat/kondisi/kaayaan euweuh, wawarehan henteu/acan jadi kabeh, nya encan/lain/ teu pareng kajadian/manjing kiamat.

Ayeuna make harti kecap jeung cecekelan diluhur, urang wincik deui leuwih gemet pakeun ngahontal/ngabuktikeun enya henteuna: