INOVASI MULUDAN DI SUNDA: Hasil Kapercekaan Kana Bid’ah Nu Geus Aya (I)

Muludan  -Arabna: ‘mawlid/ milad an-nabi’’ - nyaeta pangeling ngeling dibabarkeunana  Sang Rahmatan lil alamin tanggal 12 rabiul awal/bulan ka-3 tahun hijrah. Kusabab muludan karek diramekeun ratusan taun saatos anjeuna ngantunkeun, jadi tangtuna ieu teh mangrupakeun bid’ah / tambahan / inovasi hasil kapercekaan muslimin dina numuwuhkeun/ngeuyeuban  si’ar agama.

Di Arabna baheula mah mimitina ‘mawlid an nabi’ teh dieusi ku shalawat jeung pujian2 ngagungkeun. Tuluy kadieunakeun, di loba loba nagri nu aya umat muslimna -saperti nu diantarana bisa katingali di urang langsung- ditambahan ku poe pere nasional ‘official public holiday’, pawai/karnaval/arak arakan, pupujian (bari nyeungeut lilin, obor, petasan, buroqan), nyaritakeun/macakeun dongeng nabi, pangajian, dikir, hajatan (di urang numpeng), ngabagi bagi dahareun -kongas aya babasan kokoro manggih mulud-,  jrrd. Malah beuki kaayeunakeun mah, tumuwuh oge bisnis parasaben keur ngadodoho nu nyaahan & nu hayang derma.

Tulisan ieu, rek nyaritakeun sabagian inovasi di sunda dina ngeusian/ngeuyeuban muludan hususna nu geus rada arang dikanyahokeun komo dipigawe ku loba-loba urang sunda ayeuna nu kabeukina ukur manco ka beja jeung kabiasaan bid’ah ‘mawlid an-nabi’ ti  Arab/ti batur mungkul. Inovasi  di sunda nu dimaksud diantarana urang kumpulkeun kana 3 bagian :

1)      Nyipuh, ngabungbang, pajang jimat, jarah ka kabuyutan,….

2)      Ngawaris/ngajarkeun & tolab  elmu ulikan kasampurnaan: mulih ka jati mulang ka asal, ngahyang/ tilem langsung  & paeh biasa heula tuluy tilem, beda/saruana jeung jeung jelema jelema nu nganggap cangkang kana awakna/lain awak kanyataan hirupna jrrd.

3)      Ngurut nembrakeun sababaraha rasiah waktu/alam –khususna bulan ka 3 tanggal 12 (nu mere pertelaan ngeunaan robahan alam/pangaruh rotasi (bulan) jeung revolusi bumi ka manusa khususna make ulikan luluhur sunda-islam nu aya hubungana jeung kaidah innalillahi wa inna ilaihi rajiun. Kecap rabiul awal sorangan hartina waktu balik  rabi (menetap) al-awal (mimiti) – usum dimana  jalma2  lalaki balik ka imah/sarakan sanggeus ngumbara/nyaba- nu gening lain saukur kabeneran/dilelebah ninggangna wayah Sang Uswatun Hasanah melebet ka bumi suci mulih ka jati sampurna,  wewedalan & pangsurupan keur tepung pangjuruan, Kaasup naha teu maleman tanggal 14 pas bulan buleud pisan/purnama, sarua / bedana jeung Putra Gangga Bisma Dewabrata dina mahabarata nu keukeuh milih maot upami srangenge geus rada ngaler -wios ngantosan bari nongton turunan galungan (bharatayudha)- najan salirana tos rungseb ku panah.





I. Nyipuh-pajang jimat- ngabungbang - jarah ka kabuyutan

Ieu luluhur Quraysh teh  -Sayidina Muhammad saw- ajarana ngabenerkeun sareng nyaean ajaran ajaran sateuacana,  ngaberesihan nyampurnakeun (yujakihim) ummat di kamanusaan, papatah sareng tapak lacakna nyaangan nu keur dikajaliyahan, masihan conto jalan hirup -sareat- nu pangparatan hakekat jadi leuwih gampang/simple nutur nuluykeunana. Bakating ku ngarasa sugema nganuhunkeun pisan kana kanyaah  pituduh sareng ajarana nepikeun ka cahaya  Nur (energi) nu ngamimitian ieu alam dunya jeung saeusina (johar awal) ge disebutna Nur Muhammad malah geus dianggap deui teu perlu aya Nabi lain nu ngomean ngaleuwih alusan ajaran deui najan jaman robah robah nya kongas kaleler Sang Khataman nabiyyin.

--- Najan  tangtu ngan karek kaharti karasa tur kabutki kusorangan sanggeus diantarana teu neangan/diajar/hayang nyaho mungkul (thalab) tapi kudu muslim-kaffah aslamtu ka nu ngamurbana sorangan, leungit/paeh bodo/poek jahilna, paeh nafsu lahabna, ngiblat ka bait sorangan warisan luluhurna lain ka  qiblat milik batur (tingali: caritaan malik qiblat), ngadeg ajeg shalat/do’a/itikadna..jrrd jrrd… mun henteu mah nya hare hare teu ngaler teu ngidul ukur riweuh kunurutkeun titahan bari naruhkeun/mercayakeun hiruphuripna ka beja ceunah jeung euceuk--.

Supaya leuwih karasa-kaharti dina nga-apresiasina kana hal nu geus kajadian ngeunaan tapak lacak Sang khataman Nabiyyin, nya urang sunda nu palerceka baheula ngadamel ‘kagiatan’ nu sajiwa/sawarna boga sumanget  ngabenerkeun, ngomean, ngalusan, ngabersihan, nyampurnakeun, ngagampangkeun dina nguesian /ngeuyeuban  mieling Milad anjeuna nyaeta : Nyipuh-pajang jimat- ngabungbang -jarah ka kabuyutan.

Nyipuh hartina ngaherangan ngabersihan nga-alusan ngomean. Sedengkeun, Jimat/pusaka barang barang nu boga nilai tambah sabab geus diengineer ku installan-program/itikad/do’a jelema samemehna. Kawas ayeuna ku pangjiad ajengan cai herang biasa ge sanggeus di do’an /diprogram ku anjeuna –dumasar kahayang nu menta berkahna-bisa nyageurkeun nu gering bisa ngabantu ngabulkeun kahayangna –kualitas program dina caina kumaha luhung henteuna ajengan nu nyieuna. Kusabab ari pusaka/jimat mah lolobana jieunan jalma baheula nya keur kaayeunakeun mah loba nu geus teu up to date, geus  ‘corrupted’, teu cocok jeung  ‘hardware’ nu nyekelna ayeuna, salah masang ‘instruksina’, salah nyimpen ‘file’ pamorna,  jrrd jrrd ku sabab kabodoan teu apal kana manualna atawa mokahaan makena-  tungtungna sok matak rujit/moekan  kanu nyekelna/kawarisna.

TAPI, Pangalus alusna jeung pangamahal mahalna katut pangguna gunana  jimat/barang pusaka tempat nyimpen sakabeh program/itikad/amal/ELMU jelema nya awakna sorangan- lamun alus programna nya hurung mancur  awakna gede harkat jadi pusaka lamun goreng program goreng make/amalna nya jadi rujit poek euweuh hargana.

Didieu nyipuh muludan teh nu jadi pokona nyaeta  awakna kabawa beresih/alus/caang deui – barang/pusaka jalma baheula mah geus teu pati guna/teu usum sabab jaman geus ganti..ngeunah keneh boga jimat Toyota altis jeung blackberry tibatan mamawa keris..matak nubarijaksana mah ukur nyokot kamatihanana/pamorna…barangna disimpen deui ka tempatna/dikamusiumkeun/di kakolektorkeun nu daek resepeun miara…dikaluarkeun ukur pajang jimat mungkul….sabab nu pentingmah do’a/pamorna naha ngaresonansi jeung awak atawa henteu pakeun dipake gunana.
Ari symbol silib sindirna mah nyarieun deui we sorangan sorangan nurutkeun jaman da moal seubeuh ku simbol silib sindir tapi ku bukti kanyataan gunana-najan hurmat pisan ka nungdamelna eta barang sabab nu bisa nyieun teh lain jalma jore-jore istuning empu linewih.

Nya sabab awakna kalolobaana cai –kaasup uteukna- jeung cai gampang narima neruskeun program do’a/softwarena- nyipuh teh umumna bari mandi dipancuran, disusukan, disitu jrrd. Malah ku kamampuh cai dina nyimpen neruskeun program teh loba jalma agung baheula nyimpen do’a/program/itikadna teh disave na dina cai -cai lingkungan nu masih kajaga kaaslianana kayaning di kabuyutan kabuyutan matak sok loba cai/pancuran di kabuyutan boga ngaran/khasiat kayaning cikahuripan ciasihan jrrd–najan kitu keukeuh we sabab keur kaperluan jelema ayeuna kudu wae make ‘trigger’ du’a nu ngalapna mun henteu mah nya tiis cai kaporit/cai ledeng we- hartina hare hare.

Matak teu aneh -kajeun diulah ulah ku nu teu beukieun- di bulan mulud mah rame pisan nu ngahajakeun jarah ka kabuyutan2 ngalap berkah kaalusan bari mamawa buyutna sorangan arek ngakurkeun (Kabuyutan tempat suci boh nu aya diluar/dialam boh –utamana- ditangtungna sorangan).

Ari triggerna kudu wae dina nyipuh mah….

Lamun make mediana cai nga scan proses urutan jadina awak tina tulang tina sumsum kana kulit kana getih kana beungeut  aya bbasan tulang sakersa dangan..rupana lintang johar jst ..jst…. …; Aya oge nu mimitina tina tali ari ari (plasenta asal muasal kurung/awak) –kanjut kunang- tuluy kana bujal tuluy kana mani madi maningkem…..dibenerkeun dialusan ditetepkeun pernah pernahna…… jst ..jst. Ari awak perlu disipuh sabab salila sataun dipake kaditu kadieu di dunya kudu we aya kurangna –jalma mah gudangna kaluluputan- kayaning salah amal, pola hirup teu bener, tunggul kararaud catang karumpak …jrrd jrrd jrrd…

Lamun kana barang/jimat pusaka di scan deui mimiti programna..make 7 pakalaman…kumaha nempa nyieuna…tuluy diurut bahana… discan pamorna jst…. Jst..jst

Lamun kabeneran euweuh cai….miitina diurut tina nafas (angin/O2)….ditahan nyaliara kana awak…dituturkeun ku rasa tuluy jadi keketug sumarambah kana…. pakeun dibenerkeun deui selang surupna… make conditioning mimiti nyatana  agungna ku Allahumma … jembarna ka Sang Rahmatan lil alamin … make referensi ka pohaci, ka batara, ka Sang Sulaeman tuluy make rujukan ti Kangjeng Nabi Khidir as jst jst …dua realm sunda-islam dipake keur silih nguat/nyeukeutkeun nyipuh nempa sorangan….(lain silih poyok silih rusak)

jst …jst… jst

Tuluy keur ngetest-ngaevaluasi hasil nyipuh dipake engke dina ngabungbang maleman 14 mulud kayaning kumaha buktina kumaha bedana kumaha pangaruhna hasil nyipuh…biasana bari jarah/aya dikabuyutan2-- ngabungbang maksudna nyaring tengah peuting di luar keur meujeuhna caang bulan langit nembrak cangra.-- Matak aya babasan teu geuneuk teu maleukmeuk…jalan gede sasapuan…caang bulan opat belas….jst jst jst….

--detail dihapus margi saukur bacaan ‘light reading’, peryogina ukur kanggo nu nyipuh----

singgetna, sanajan nyipuh jimat/pusaka teh –khususna awak kajelemaanana- bisa iraha wae, tapi dina raraga mulud  jalmi agung nu nyaangan/ngabersihan nyampurnakeun umat nya ngahajakeun pajang jimat/mandi disipuh diherangan/dibersihan/di-reform/dialusan deui babarengan katembong ku kabeh supaya karaseun ku umat berkahna mieling Sang khataman Nabiyyin teh barang/ bobogaana ge kabawa beresih/caang/alus deui -jadi dina maksud mieling ‘batur’ –sang Khataman Nabiyyin- hikmah/gunana mah keur nu mielingna...nu eta kabeh lain sakadar simbor silib sindir mungkul tapi mangrupa ulikan kamampuh/skill nu puguh protokolna / empirik- lain saukur symbol silib sindir nu saukur kacape cape mikiran kacape cape ngabudah.

II   Ngawaris/ngajarkeun & tolab  elmu ulikan kasampurnaan

Tanggal  12  Rabiul awal -Mawlid  An-Nabi-  nu disebut poe dibabarkeunana Sayidina Muhammad saw teh sabenerna ceuk batur mah dirunut tina pupusna. Nu geus pada ragem nyaho/dipercaya mah ukur dibabarkeunana the dina taun gajah bulan rabiul awal. Sedengkeun tanggalna ditangtukeun nurutkeun kaidah ‘Symmetry’ .

Yusuf Qardawi nyebutkeun:
As for the second part of the question [what is exact birth date of the Prophet (s)], the exact date of the Prophet's birth is disputed , but it is most likely to be on Monday, 9th Rabee`Al-Awwal (20th or 22nd of April, 571 AC), the same year in which the invasion of the Elephants took place against the Ka`bah. And he, peace and blessings be upon him, passed away on Monday 12, Rabee` Al-Awwal in the eleventh year of Hijrah.

Dina nangtukeun tanggalna, Gerard netelakeun, ( Microsoft Encarta): ” Since the precise date of Muhammad's birth is not known, the month was probably chosen because it is the most widely accepted date for his death and a symmetry between birth and death was assumed.".

Jadi kaidah symetri tina pupusna dipake pakeun nangtukeun pasti tanggal dibabarkeunana sayidina Muhammad saw….naha bet kitu?..kumaha gunana ieu kaidah? Nepikeun ka mana bukti symmetry ieu tepina,…kumaha prinsip/kaidah/ugeran  mulih ka jati mulang ka asal,  innalillahi wa inna ilaihi rajiun dina prakna…. Nangtukeun tempo/wayahna dina…ngahyang/ tilem langsung  & paeh biasa heula tuluy tilem? beda/saruana jeung jeung jelema jelema nu nganggap cangkang kana awakna/lain awak kanyataan hirupna jrrd? naha diajarkeun utamana dina waktu muludan?

(bagian salajengna urang kintunkeun upami pareng)…