KAMI (mah) REINKARNASI KAULA (III)

II. Sare - Hudang Kajadian Nitis Sukma Sinukma Nu Tuluy Tumuluy….Satungtung Awak Kuat

A

Nu nyukma ngareaan nyawa nguatan awak ngagedean. Gawena…
di lahir awak (jasad/badan) jadi kaula nyawa; di batin nyawa ngaulaan awak.

Sir anu piur jadi nafsu nyawa, dilahirna, awak nu nurut nandangan. Suku lempang leungeun ngaragamang mata neuleu ceuli ngadenge sungut engab biwir seuri nyengir sab nyawa nu hayangna. Ti dieu, bijil babasan kampung…..nafsu nu matak kaduhung badan (awak) anu katempuhan… (duhung =peso; kaduhung =pegat, misah, putus, eureun, anggeus ).

Kitu na teh enya pisan sab….kahayang nyawa lamun diturut mah anggeus kaluar tinggal badan nu ngarasakeun narimana; dahar kahayang nyawa…diturut…kaduhung hayangna..da dahar di turut..tinggal seubeuh, bunghak, gembrot, kuat, jagjag, nyeri beuteung, pantes jrrd awak nu nampa nyimpen mamawa; Sahwat..diturut..kaduhung hayangna….tinggal leuleus, reuneuh, relaxed, HIV/AIDS..sehat…jrrd jst jst…kabeh awak nu katempuhan. Diajar ngelmu kahayang nyawa duhungna ti kirik nepi ka jadi anjing awak kahese hese.


Ngan kade tong templang sabeulah…





Kajadian di batin beda deui…jasad/awak mangaruhan nyawa. Nu ditampa disimpen dibabawa jeung sakabeh nu geus dipigawe awak/badan di batina engkena mangaruhan nyawa; awak caharaan aya dangiang sab hasil ngelmu ngulikna nyawa; Nyeri huntu sapeupeuting nyawa nu nandangan ceurik/ambek ambekan teu bisa hees. Pernah ngadek nyarekan nipu batur ku sungut kahadean ku leungeun..kasimpen…dina awak….isuk jaganing geto sok nembongan mangaruhan deui kana nyawa sanajan sungut teu nyarita awak-awak nu lain nyaritakeun pagawean nu enggeus. Ka batur mah gampang bisa nutupan ku sungut, kapribadina mah moal bisa sab marengan bawa jeung mawa sorangan.


Beuki lila nyawa beuki kapangaruhan tapak tina jasad….pon kitu deui sabalikna jasad awak kapangurahan nyawa…. Naon-naon amal nyawa dilahir kabeh dicatet dina awak/jasad/badan, engkena di batin naon naon nu geus katarima ku awak mangaruhan deui nyawa…- nyawa mangaruhan awak…. awak mangaruhan nyawa…lahir batin…lahir jeung batin… kitu jeung kitu.. kitu jeung kitu… Kitu jeung kitu...kitu jeung kitu…



B

Untungna,….

Nu Maha Hirup…maha suci welas asih ngamurbeng reujeung ngauban saenyana, kaayaan ‘causa effect’ karma catetan kitab tingkah laku amal dina jasad dina nyawa teh dibere lolongkrang... aya eureuna aya reureuhna….aya dioemeanana… nyatana dibere sare….. PAEH nyawana… Jeung deui, saencan rusak awakna kasempetan PAEH terus nyawaan deui… teh tuluy tumuluy dibikeun ka jelema - henteu sakali – sigana, ameh daek mikir (lila lila mah sugan ngarti) pakeun manggihan jalan nalutur…

Atawa…

Sugan we kengeungeunahan kaedanan resep tuluy di dunya resep ka nyawa nu saukur bobogaan hese paeh teu daek leah ngaleupaskeun nyawa. Nu karitu teh pohoeun ka caritaan urang lembur nyawa gagaduhan/bobogaan banda sasampeuran….enya ukur narima nu nararitis nu nyarukma sab eukeur jadi jelema da samemehna mah henteu boga …nyampeur banda raja kaya didunya meungpeung eukeur.


1. Lamun Leutik keneh

Leuwih loba sare, sarena leuwih loba ngimpi (Rapid Eye Movemet/REM) bari poho.. Ngimpi keur “restorate” awak. Pules keur ‘restorate’ nyawa….tah kahayang hirup… nyawa keur meujeuhna dipikabutuh keneh…nyawa ngadominasi….da memang perlu ameh engkena lengkep jadi jelema…ameh kasebut jelema. Dipepende di do’an ku indungna..sing “mimpi indah”.. lila sare…tibra…he he he enya da indungna jelema.. hayang kabaturan engkena ku jelema deui.

2. Kagedenakeun (ti sawawa ka dewasa)-

Waktu sare ngurangan, ngimpi + poho “kaimbangan’ ku eling; Pili genti gumantung mana nu kuatna… Matak sok aya nu inget tadi peuting geus ngimpi..matak sok loba nyarita rupa rupa ngimpi teu puguh/teu runtut,..asa ngimpi tapi teuing naon/poho deui, aya nu kebluk hese hudang, aya nu keuna ku eureup eureup (pangaruh sukma ti luar nu hayang asup…tapi dina arek ‘beresonansi’ awak nyawa nolak/kurang cocok frekuensina)…aya nu keuna ku teluh/gendam/wisaya/hipnotis, aya nu meunang tuduh (ngimpi 1/6 ka nabian)…matak aya nu hese sare..matak aya nu sare lila tapi teu seger sare sakerejep tapi cukup…jrrd jrrd….[cat: detailna sab musabab + kontrolna..dihapus.. katimbang too technical - ngan peryogi kanu hoyong janten partcipant observer)….

Tuluyna, rebutan/perang di jero kurungan antara poho jeung eling. Perang sajero kurungan…....tah kahayang hirup …jelema didunya asup ayakan dipilih mana nu enya-enya ;




C

Kumaha ari kajadian kana jasad/awak/badan…..


Salira sare…sab hirupna masih aya….Jutaan sel dina awak/badan/jasad robah… aya nu diomean aya nu nambah nu ngagedean nu ngajauhan jrrd jrrd. Kukituna sanajan nu kaciri gampang mah robahna awak jadi ‘bentuk’ anyar teh ngan saukur: orok, budak, sawawa, dewasa, kolot. Sabenerna tiap peuting ngalaman robahan ditingkat sel nu sakitu lobana.

Kukituna pas hudang teh geus lain awak nu samemeh sare….tapi awak nu anyar (beda)...nu ngalaman robahan jutaan sel ti nu samemehna. “Fungsi integral” nu hirup sabenerna sab aya obahan jutaan “increment”. Orok, budak, sawawa, dewasa, kolot mah ngan tilikan ‘pengamatan’ sababaraha ‘milestone’ mungkul.

Jadi,… saluyu jeung nu ditepikeun diluhur….

Dina hudang deui sanggeus sare teh nyawa nyukma nitis deui kana awak nu anyar- jeung terus anyar tiap nitis. “the rebirth of a soul in a new body”; jeung kusabab sare hudang teh terus tuluy tumuluy saacan awakna rusak….nya sukma sinukma jadi tutuluyan “Passage of the soul through successive bodies”… ka awak nu anyar deui… anyar deui…anyar deui…itung we..lamun umur 63 tahun aya 63X12X30=22680 kali re-incarnate… sukma sinukma.

Tangtu lamun imeut ngararasakeun ku sorangan,….kasaksi yen..’kualitas’ patitisan saenggeus sare (paeh tadi peuting) ditangtukeun ku kualitas amal-tapak samemehna (samemeh sare),.:

Geus diajar elmu motivasi kamari…nyerep kana awak kana jiwa…isukna jadi jelema anyar nu pinuh sumanget (teuing isukna deui mah); meunang stress kasusah trauma kamari…isukna gering nangtung stroke maag gelo jrrd….……; nu dizkir asal dikir…kasarean (paeh)… pas hudang nitis jadi nu lain (gelo)- loba conto jaradi gelo sanggeus dzikir rebuan kali bari teu bener nu ngajarna; nu dzikir bener migawe jeung mursidna ..sare..isuk na (bisa sakali atawa sanggeus ratusan kali nyukma) nyukma tawadlu jrrd kaalusan…;

Tilikan urang gedean (rentang waktu tilikan)…

Leutikna geringan awak goreng cicing di kampung….kabeneran tuluyna kacukupan daek olahraga/kadidik elmu luhung cicing di kota…gedena…amal/tapakna jadi alus.. eta awak/nyawa ‘menjelma’ jadi titisan anyar nu mulya luhur darajat dangong menak…pada ngaharomat….moal nyarangkaeun baheulana ti kampung bau lisung-urang kotana nyahona lir titisan kusumah..nyahoeun soteh batur sakola keur SD-SMPna di lembur…eh gening si eta teh baheulana mah anu..anu anu…; kitu oge sabalikna….asal menak … goreng amal…isuk (jaga ning) getona kakolotnakeun patitis jadi jalma rujit awak euweuh nu ngambeuan tingggal ngambeuan padung…jsst jsst sukma sinukma causa effect amal tingkah laku…loba conto moal beak picaritaeun…

Kitu jeung kitu..kitu jeung kitu..kitu jeung kitu …


D

Moal anggeus anggeus.. moal aya eureuna muir muter di dunya kadunyaan –sanajan dina engkena diajar (kudu diulik heula) nitis ka awak batur (tingali bag 11 reinkarnasi ka awak batur –kumaha cara ka orok, ka nu geus boga ingetan jrrd)… Tah dihandap ieu caritaan qur’an…

Nu Ngamurbeng geus nangtukeun : Qaala Fiihaa tahyauna wa fiihaa tamuutuuna wa minhaa turjauna…….jelema mah di dunya (bumi) hirup, di dunya (bumi) paeh, didunya (bumi) keneh dihirupkeun deuina…(QS. 7:25)….

Matak lamun masih keneh jadi jelema nyawaan…nya tuluy di dunya. …… kitu jeung kitu..kitu jeung kitu…kitu jeung kitu….Satungtung can bisa (ngadeg) yaomil qiyamah keur manehna (bisa sorangan kalawan tulungna nu Ngamurbeng). Bongana deudeuieun ka bobogaan (nyawa)…

…ari kuduna….

Atuh sing bisa ngaleupaskeun nyawa meh teu jadi jelema…moal keuna ku kurungan dunya..
Ieu kabeh kudu diulik disaliksik waktu awak jagjag keneh….dikeureuyeuh…..sing keuna babasan di sunda yen nu ngulik dina kapribadian …usik malik teu asa ngumbara sanajan ceuk batur kawas jelema da KIAMAT SAPAPANJANGNA (jelema jeung lain jelema ukur sabarabat nyawa geus tapis pulang anting sakarat …

..mun teu kitu mah lapur moal leupas ti sukma sinukma…sok asaan… lain eukeur??? …..


….[tingali bag 15 atawa eddy nugraha-kiamat sapapanjangna)].


E

Ti dieu ….nuhun rebu rebu nuhun…di sunda di wariskeun turun tumurun ti babaheula ti rebuan taun katukang….atikan tuntunan ajaran ti nu marulya -kongasna -conto Sang Uswatun Hasanah….rahmatan lil alamin …teu eureun eureun aya wae nu nerus nyambungkeun, ahlak anjeuna, apik ka diri nyaah ka badan/awak,….diantarana:

1. Ari bade kulem anjeuna mah mrogram anjeun:

Bismika Allahumma Ahyaa wa bismika Ammutu…..

Nyawaan sareng henteuna lillah ku asmaNa. Tah ari sare teh paeh..hudang hirup deui nyawaan deui ..tara was was antara paeh jeung hirup... komo teu paeh teu hirup..laa yammutu fiiha wa laa yahya…sare henteu hudang henteu ge kumaha rasana??

Diwincik deui di sunda:

Memeh sare….ngado’a mrogram heula…..(tingali do’a memeh sare di bagian panganteur –bag I).. meh enya enya ngalaman sare paeh nyawana…bari merenahkeun pantes saperluna jeung leuwih specific….badan (awak) nu sarena,…ari ati tanghi (nyaring-eling henteu keuna ku poho)… sukma (nyawa tinu nyarukma kana awak)…muji jst jst;

Lamun paeh nu nyesa hirupna…ari hirup tarakeuna ku poho…eling terus…

Lamun sare (keur) euweuh nyawaan, nya (keur) paeh tea ngarana. Disebut eukeur da hirupna aya keneh di jasad … Nafasna kaluar kajero keneh…atawa jajantungna ngetug keneh; kaayaan kitu teh bisa paeh tuluy…bisa hudang deui.

Kajadian kieu teh saluyu jeung nu diingetkeun ka urang rebuan taun katukang dina qur’an yen saenyana Allah nu ngamurbeng “yatawafa anfusa hiina mautiha wallatii lam tamut fii manaamihaa, fa yumsikul latii qadaa alaihal mauta wa yursilu ukhraa ilaa ajalin musamma…inna fii daalika la aayaatnin liqaumi yyatafakkaruun. Nu maha asih tur nyaah nyabut nyawa /maehan jelema dina keur maot sarua jeung kanu keur sare, (bedana) nu sare mah dihirupkeun/diasupkeun/dibikeun deui (ka na jasad), ari nu maot mah henteu, nepi ka mangsa nu ditangtukeun…..saenyana eta teh tanda-tanda keur nu daek ngalenyepan (abrulan, 39:42).

Sok ngado’a memeh sare?....lamun geus ngado’a bener bisa sare?... enya jampe teh di sorangan bareng jeung pamakena?...

2. Hudang tipeuting-..assolatu khairum minanaum…

Nu masih keneh di ka-jelema –an ‘sare’na ngalaman sababaraha panta nu bulak balik (cyclus pattern)..tiap 1,5 -2 jam. ….Singgetna rek les,…pules,..ngimpi (REM/Rapid eye movement) balik deui kitu jeung kitu. Lamun sare 8 jam ngalaman 3-4 cyclus. bijaksana asih nyaahna Maha hirup…jelema dibere kasempetan….sabagian keur ngaalusan nyawa sabagian keur ngaalusan awak da nyawa awak kudu diibadahan….sabagian keur ngabdi ka hirup.

Matakna …gening…

Sabagian di pake keur awak (REM-ngimpi), sabagian keur nyawa (pules-deep sleep), sare…(2/3 peuting) da keur jadi jelema…sabagian deui keur hirup (1/3)….tibatan di program ku bobogaan -nyawa tina sukma nu nitis terus (ngimpi)..mening leuwih alus mrogram sorangan bari nyaring ..matak aya tahajud,.. kasubuhnakeun aya nu ngingetan ..eusina assolatu khairum minanaum (mening ge shalat ti batan hees tuluy)….ieu panggeuing tara disada waktu isa.. . tara rek sare diguyah guyah salat..tapi ulah kajongjonan tuluy hees kawas bangke atawa kababawa impi… mening solat mrogram sorangan supaya teu ditulisan ku nu nyukma…sageuy ari ku sorangan mah.

..Dadasar kawijaksanaan Sang Rahmatan lil alamin…. nyaho pernahna ngabagi bagi kumaha kabutuh Sakawayana…

F

Kumaha nyaliksikna leuwih jero….kumaha cara nitis ka awak batur (reinkarnasi ka awak batur –kumaha cara ka orok, ka nu geus boga ingetan jrrd,…; naha eta teh ulah –nunjukeun kabodoan?...kumaha nu disebut kasampurnaan? Sampurna ning sampurna?......

==

Bagian salajengna urang kintunkeun ka payun,….