KIAMAT sapapanjangna!: Geus bisa encan??.….waaah maenya? (I)

Catetan ulikan tina Surat At- Takwir di sunda.


Panganteur

I

Di lembur tangtung kampung karang adeg wewengkon samar taya nu aya di mumunggang sakawayana-na sunda mah geus jadi kabiasaan ti babaheula nepi ka ayeuna mun aya seuweu siwi nu geus dewasa akal/pikirna geus daek lampah agama jeung geus katingali keyeng ngadu’a “ihdinas shiratal mustaqim” nu jadi bagian bubuka kitabna (da ayeuna mah sareatna ku agama islam) sok digentraan ku kolot kolot para sasakana:

“Prak geura baca heula surat At- Takwir sa ….balikan”, atawa “puasaan ieu surat sakitu poe…..engke datang ka Aing,…..Aing aya bikeuneun”.

Atawa,...

“Euy tepungan Anu di Anu tapi kudu bari deuheus nepunganana…. sebutkeun ‘mugi keresa masihan tuduh ngeunaan maksadna ieu serat At-Takwir …...

(nu didatangan dasar geus pangkat satmata ulama enya ahli waris Nabi nu geus weruh ka jati… geus surti kanu dimaksud).

Mun pareng ditanya ku jalma nu alamna nyantri naha bet miwarang kitu walerana teh cekap ku: ’eh apan aya hadisna dina agama maneh,…mun hayang nyaho kiamat ku sorangan kudu maca ieu surat’ (mangga kunu ngaos tingal…HR Ahmad, At Tirmidzy & Ath Thabarniy ti Ibnu Umar).


Tapi, lamun nu nanya katimbang bener bener keyeng kayaning nanya: Naon peryogina terang ngeunaan kiamat? Nya keresa ngawaler: ‘heueuh mun nyaho kiamat meureun hayang…da ngan karek mun geus kiamat ‘Alimat nafsun maa ahdarat’ (At-Takwir, 81:14) nyatana tiap jiwa bakal nganyahokeun kana sagala rupa nu geus dipigawena/diagemna/dijadi
keun payakinanana moal ham ham deui da kapanggih kasaksi ku sorangan bari enya’.

Ari ayeuna mah,… lin dongeng poe ahir teh ngan mercayakeun ngandel ka euceuk beja/euceuk cenah? Kumaha mun maneh salah ngandel kana eta beja cenah?...salah ngahartikeun kana eta dongeng euceuk?….kumaha nimbang narajuna salian ti ngandel ka pamanggih batur deui?...
...tah mun bari hirup keneh tuluy pareng bisa kiamat ku sorangan meureun genah……


II

Nganyahokeun kiamat???.....

Rada kaharti sabab ari kiamat teh pan rukun iman hal penting ‘crucial’ nu teu meunang henteu dina agama islam, nya yaomil kiamat ieu nu jadi pamustungan ‘judgment’sakabeh amal didunya. Warna warna versi dongeng kiamat ayeuna mah geus pabalatak tinggal maca naon susahna sanajan bener henteuna pamanggihna lolobana nyebutkeun wallahu alam hartina teu nyaho teuing pastina.

Tapi,…

bisa kiamat keur hirup??...malah kiamat tuluy ?? tangtu rada beda lamun teu kasebut beda pisan.

Ieu ‘kabiasaan’ kampung diluhur, utamana ngeunaan ulikan nganyahokeun jeung bisa kiamat malah kiamat satutuluyna, rada hese manggihan nu sarua di tempat-tempat lain komo bisa nibanan tur ngajelaskeun maksud na mah – sanajan mun dek neangan natanyakeun nalungtik mah tangtu/pasti aya wae,… da ari elmu panemu mah rasiah pasihan nu murbeng alam dibikeun jeung henteuna lain hak ‘monopoli’ jelema/tempat/paguron, komo ieu geus jelas goler hadis ungkara ayat qur’anna.

Salah sahiji buktina,...

Ditempat/dijalma lain di sunda, AYA. Malah ieu mah geus katulis/dituliskeun nyaeta tina pamendak/seratan Haji Hasan Mustapa (HHM) Bujangga sunda pinunjul (malah aya nu nyebutkeun Bujangga sunda pangbadagna) puluhan taun ka pengker nu ngahaja dibarukukeun ku nu raresep kana pamendakna tur geus jadi/bisa kanyahokeun/kabaca ku urang sunda sabab geus aya diantarana di pabukon umum (misalna di Perpustakaan Prof. Dr. Doddy - Buah Batu Bandung).

Kahiji, dina “patakonan jeung Jawabna”:

“Mana nu bener: ceuk pribadi atawa ceuk batur?

Henteu beunang disebut bener, lamun jalma rasana bener ceuk pribadi, sanajan salah ceuk batur. Henteu beunang disebut bener, jalma rasana anu bener ceuk batur, sanajan salah ceuk pribadi.
Anu kahiji, eta jalma beurat teuing ka aherat, nyaah teuing ka pribadi, kajeun dipikageuleuh batur.
Anu kadua, beurat teuing ka dunya, henteu nyaah ka awak pribadi, lamo ngeunah batur.
Tah anu matak guyur bae Saumur-umur jeung pada batur nya ieu, marebutkeun perkara ieu, loba nu cilaka dunya aheratna, sakur anu goreng timbanganana.
Nu matak Saumur umur taya putusna marebutkeun bener, euweuh anu mertelakeun, tepi ka yaomal qiyamah. Saha nu geus yaomal qiyamah, tangtu bisaeun nyarita.”

Tina nu dicutat diluhur,...

Tangtu bisa katingal, HHM gaduh pamendak nu sawarna ngeunaan perluna bisa kiamat sabab ngan nu GEUS KIAMAT nu moal tuluy marebutkeun bener da deus nyaho di bener nu enya jeung engkena bisaeun nyarita mertelakeun da ngalaman kiamat/geus nganjang ka poe ahir na mahluk. Sanaos dina ieu bag HHM teu nyebatkeun kumaha cara jeung referensina tapi nu disebatna teh sawarna pisan jeung ‘kabiasaan masihan kanyaahna’ Para Sasaka sakawayana, Hadis ti Ibnu Umar jeung maksud ayat Qur’an ‘Alimaat nafsun maa ahdarat’ dina surat at-Takwir nu disebut diluhur.

Kadua,...

Dina bagian nu lainna (Martabat Tujuh, no 95)., HHM nyerat ngeunaan Kiamat – nu lain sakali dua kali tapi satutuluyna sapapanjangna. ”Runtag ceuk nu liwat alamna. Pindah alam poho kana alam anu urut. Anu matak Kiamat sapapanjangna…” jst,…jst.- Bagian ieu mah malah leuwih ngajelaskeun sabagian proses ngama’naan ngeunaan bisa kiamat sapapanjangna nu kahontal/mampuh salila masih keneh hirup…atawa hirup deui/tuluy/ keneh kawas jelema.

Euweuh bukti tinulis ngeunaan hubungan HHM sareng para sasaka sakawayana. Jadi lamun dicaritakeun didieu ge ukur jadi omong ‘debatable’ teu guna komo kawas engke katingal di bagian satuluyna (bag XXI) proses/teknik/metodana dina “maca” surat at-Takwir nohonan buktos Kasauaran Sang Rahmatan lil alamin dina hadis ge loba bedana nu nunjukeun hasanah ulikan nu warna warna di sunda jeung (adumanisna) sunda-islam di sunda. Najan kitu, hasilna sarua nunjukeun pangkat metoda ulikan karibadian nu empirik nu bisa ditaluturkeun ku nu pandeuri.

Tulisan ieu,… rek mukakeun sababaraha lalangse ngeunaan ulikan diluhur kayaning perelean jeung pertelaanana, metoda/teknik/tarekah empirikna ngeunaan kiamat jeung kiamat sapapanjangna nu kapanggih di sunda -nu boga saksi atawa nyoko kana Qur’an surat At- Takwir nu ciri-cirina aya ditepikeun nepikeun ka 13 ayat na-, sabisana.