At- Takatsur dina Sinom


BAG I
(Kinanti)


Nyalindung ka maha agung, maha mulya maha suci, Allah nu maha uninga, tina poek sasar diri, alatan gogoda setan, nu nyiruruk nyiriwuri.


Kalawan asma Hyang Agung, marengan lampah sayakti, nu janten marga lantaran, sadaya usik ngajadi, nyaah asih taya kendat, nganteur mahluk nu kumelip.


BAG II
At-Takatsur 
8 Ayat

(Sinom)


1. Alhaakumuttakaatsur 2. Hattaajur tumul maqaabir

Pa loba loba ku dunya,
matak katungkulkeun diri, 
kaduyung kapahung sasar,
nu tuluy ajur kairid,
Saacan leah diri,
jarah ngadeuheusan  kubur,
makam nafsu nu sorangan,
kurungan  tong sina bijil,
ulah mangprung milepas sakama kama.

3. Kallaa saufata’lamuun 4. Tsumma kallaa saufata’lamuun 5. Kallaa lauta’lamuuna ‘ilmal yaqiin     6. Latarawunnal jahiim 

Kitu teh pasti enyana,
sab jaga bakal kapanggih
Poma masing sadar awas,
engkena bakal kabukti.
Jeung na baring supagi,
benerna enya katimu,
ku ilmu yakin pisan,
Keur nu katungkulkeun tadi,
naraka jahim bakal jadi alamna.

7.Tsumma latarawunnahaa’ainalyaqiin  8. Tsumma latus’alunna yaumaidzin ‘aninna’iim.

Tuluy sakabeh kasusah,
kapeurih siksaan jahim,
nu ngaduruk jalma sasar,
kasawang aenal yakin.
Nya pastina kasungsi,
bari jeung moal kapalsu,
yen bakal ditaranya,
dina poean nu yakin,
ngeunaan kani’matan anu geus aya.