Tutungkusan (I): Bubuka -Agama

Bubuka

Wisnu anak Apa,….

Ngahaja Apa nulis seja papatah pulunganeun engke dina waktuna maneh butuh, ngahaja dikeureuyeuh sa patah sa patah tangeh keneh meungpeung salse, lain teu hayang langsung engke nganepikeun lisan da eta mah nu di ajam salilana hayang pareng mikeun langsung nepakeun jeung rasana, ngan sieun bisi engke dina waktuna maneh butuh urang teu kaparengan rineh atawa teu/geus teu bisa tepung/panggih cumarita. Waktu Apa ieu nulis (taun 2008, maneh karek 14 thn), tangtu sanajan urang sering bareng tapi dina pagiling gisik kaditu kadieu teh teu kabeh pareng dina wayahna, meureun can waktuna perlu eukeur meujeuhna boh Apa boh maneh bubulak keneh. Jadi, disareatan ti ayeuna itung itung nyieun payung mekelan memeh hujan.

Barina ge, ari maca tulisan mah engkena beunang ku dikeureuyeuh di bulak balik di ilo di timbang timbang bener henteuna pantes henteuna, jeung tangtu karek bisana maneh ngilo mun engke geus boga pangukur bisana maneh nimbang mun maneh geus loba loba ku eusi.

Ieu tulisan bekel maneh babalik pikir, sanajan sing katepi dina masih keneh angger bubulak akal, nyatana bekel keur nyaho di getih sorangan pakeun nangtung ajeg ku sorangan di urat sorangan. Sanajan ngeunaan iraha irahana mah maneh babalik pikir kumaha parengna sabab ari akal/pikirmah kumaha hate ari hate sipatna bulak balik sugan we dina engke peuting atawa isuk atawa iraha wae maneh maca ieu tulisan (nu muga sing sagancangna) pareng hate keur balik/malik meureun bisa saalam jeung maksud /eusi ieu tulisan nu bisa pakeun eunteung bekel marengan maneh sedeng bubulak.

Jeung deui, dikeureuyeuh dituliskeun teh
sabab karasa beuki lila bareng jeung maneh teh beuki gede kanyaah Apa nu bisina ngabeungeuratan urang mun teu dibikeunan ti ayeuna. Ulah dina waktuna maneh geus kuduna manjing dina haq, Apa moekan maneh sab kaburu beurat teuing ku kanyaah teu bener nuduh nunjukkeun.

Kahayang Apa mah muga nu maha suci ngersakeun teu boga kabeungbeurat kanyaah hartina dina waktuna maneh dewasa geus teu nyesa kanyaah salaku kolot pareng kabikeun kabeh. Engke teh hayang tinggal jadi sasama mungkul nu sa-iman sa-caang -nu mugia sing aya dina alam caangna para luluhur nu galentur tafakur harusu saumna jembar amal solehna nu teras kapasihan ni’mat- meureun lugina moal jadi kabeungbeurat bisa babarengan bakti diri ka nu maha suci. Ikhlas Moal anakan deui ka maneh, kitu deui maneh teu dianakeun deui ku Apa menceger nangtung sorangan teu kudu tuluy nungtung nuduhkeun. Merad kabeh di kamutlakan sagala kumaha maneh nyatana ku MAHA nu aya di maneh.

Dina jadina, caang maneh keur maneh caang Apa keur Apa. Da kitu kuduna.

AGAMA

Meureun ayeuna maneh, di sakola/diimah/di masjid meujeuhna eukeur diajarkeun diwarahkeun agama (basa jawa, basa arabna= din) nyatana rupa rupa panitah/pangdorong kanu pialuseun dunya (pondok) jeung aherat (panjang), panyaram/panghulag kanu picilakaeun. Pangbibita supaya daek ngahontal nu pikangeunaheun, panyingsieun ameh boga kaembung kasieun ku susah cilaka kateungeunahan.

Diwarah daek kuat/ sabar nunggu nu teu meunang saharita, ku caritaan pangbibita nu engke bisa meunang diahir, nu meujeuhna dina migawena teh sakapeung asa kapaksa sakapeung asa kasiksa asa kajurung asa katitah asa kahulag da memang maksud/gunana kitu (loba nu ngahartikeun agama kawas kitu).

Nu sanyatana mah, pikeun pangatik pangwarah panglesu nafsu, meresihan nyaangan hate, pakeun bekel nutup wiwirang ti pada jalma ku ngadalikeun kajelemaan nu heubeul mawa jeung bawa maneh, bisina kaburu ngaberung kaumbar kaabur teuing.

Loba loba bari terus paloba loba parame-rame paalus-alus ari carita dongengna agama-agama dunya mah (kaasup harti jeung maksudna), satungtung aya/panggih jeung jelema, sasat langit tara manggih tungtung bumi tara kaeuweuhan eusi sasat ngabeungharkeun akal budi, nu gunana eta kabeh saukur supaya maneh boga pamilih. Pamilih hade jeung goreng.

Anaking,…

Nu saenyana mah agama teh pangwarah/pangatik supaya bisa balik ka beresih wiwitan bekel hirup satutuluyna salila jadi jelema. Nu bisa hasil, lamun dikeureuyeuh ti leutik keneh (nafsu kajelemaanana). Lamun teu dilalanyah mah titah agama teh sok ripuh hese make engkena sabab geus biasa katumanan teuing kajelemaan dilajur, jadina sok melengkung bekasna nyalahan hese balik deui ka wiwitan, engkena warahna kaburu bangkar (bangkar warah) can asak kaburu buruk teu bisa ngahontal fitrah kanyataan nu jadi wiwitan maneh, anu beresih samemeh nafsu kajelemaan ngagedean, tuturkeuneun salilana nepi ka wekasan.

Ku daek temen migawena saeutik saeutik (didu’akeun sing) engkena biasa nurut nuturkeunana. Bisa sabab biasa.

Dina geus biasa mah moal asa kapaksa sabab geus jadi darma, nyatana laku lampah nu suka (rido) sorangan lain pedah dititah hayang diburuhan (ikhlas), geus jadi sang Hyang Siksa sorangan asak ajar pangguruan nu sok disindiran ti rebuan taun katukang make basa Arab ‘laa ikraa hafidin’ euweuh paksa dina tumut/din/nurut/taat mah sabab geus nyaho kalayan eces mana nu hade mana nu goreng (sapi bikang: 256), jadi balik/malik ka harti agama wiwitan nu remen ti babaheula dicaritakeun harayang tepi ka jadina –salah sahijina tos pernah diseratkeun ku Haji Hasan Mustapa dina tafsir qur’anul adhim- “agama asal kecap basa kama, ari kama hartina jawa: cai mani ngajadi manusa, dikecapkeun ku jawa haregem hegama, ditulis aksara jawa jadi agama. Hartina pisan: manusa gugon kana gerentesing ati beresih wiwitan” nepi ka wekasan maneh.
Wiwitan wekasan, wiwitan kalayan wekasan, tuluy wiwitan kalawan wekasan, kitu jeung kitu, kitu jeung kitu, wiwitan jeung wekasan langgeng mapay euweuh tungtungna, nepi ka teu wiwitan teu wekasan.