PANYAMPAYAN PANGÉMUT NGÉMUT (1)

GURISA
Mun pareng aya waktosna
Sok haji ka kabuyutan
Tapak luluhur nu mulya
pengeunteungan nu ayeuna
Pependakan didituna
Diguritkeun sahayuna
Disimpen dipabetekan
Sugan kabuka jagana

PANYAMPAYAN PANGÉMUT NGÉMUT


Dangdanggula

I

Dikabuyutan gunung rengganis
Leresan lelemah mumunggangna
Aya tempat matak ahêng


Cirina ukur batu
Ngan matak kêder rêmpan ati
Mun nyaketan kadinya
Bari baju tangtung
Belang ku lampah sorangan
Tanggarana: “kabêh tulis batik diri
Ngan ukur samet dinya”

Mung nu yarakin pikir jeung ati
Malah  hoyongna enggal nyaketan
Merenahkeun angen angen
Nu jadi têkad tangtung
Ulah kahijaban tutulis
Tapak lampah sorangan
Nya di ieu pamanggul
Disampaikeun sadayana
Ngudar anggoan sing tumekaning jati
Sangkan  sampurna  têkad

II

Saatos ngalangkung êta ciri
Sadaya nu bade ngadeuheusan
Tulisana ulah tembong
Sing bersih tina tangtung
Mung nyandak têkad lampah diri
Ku sadrah tumarima
Tasbih muji sukur
Ka anu maha kawasa
Margi sapanaekan lampah deui
Undak ka Susuhunan

Nu baha kana ugeran tadi
Teges tanggara di êta tempat
Nu teuing matihna temen
Lamun tulis taringgul
Moal panggih jeung nu sinêlir
Lampah kalah wowotan
Sang Sri pasaliru
Bima punta narayana
Madura suradipati moal murti
Panggih jeung lalamunan

III

Di eta lelemah kongas linggih
Pamuk nu ngajagi kabuyutan
Pangêran ti Nagri Banten
.......